You are on page 1of 1

DALEM BONCEL

Jaman baheula di hiji lembur aya budak ngarana Boncél. Pagawéan sapopoéna nyaéta ngurus
kuda di kadaleman. Boncél gawéna rapékan jeung getol. Salain gawé, Boncél ogé diajarkeun
rupa-rupa kabisa sarta disakolakeun. Atuh puguh wé dunungan Boncél beuki nyaah ka
Boncél, sabab Boncél gampang nginget kana rupa-rupa nu dipiwurukna. Beuki lila élmu
Boncél beuki loba jeung Boncél beuki pinter. Antukna Boncél diangkat jadi dalem. Hiji poé
aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu disangka-sangka, aki-aki
jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki
diusir ku Dalem Boncél. Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul.
Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén
pangna ngadak-ngadak teu damang téh lantaran doraka ka kolotna.

You might also like