You are on page 1of 3

BARATAYUDA

Baratayuda téh hartosna perang Barata, perang sadulur antara teureuh Barata nyaéta Kurawa jeung Pandawa.
Kurawa téh paraputra Prabu Dréstarata ti Déwi Gandari. Pangageungna Duryudana, anu engkéna mangku kaprabon di
Astina. Putra Prabu Dréstarata sanésna, di antarana: Dursasana, Citrayuda, Citraksa, Citraksi, Durmuka, Satrunjaya,
Citrawana, Kartamarma, Durmagati, sareng nu sanés-sanésna deui. Ari Pandawa putrana Pandu Déwanata, raina Prabu
Dréstarata. Paraputra Pandu aya lima ti dua istri, nyaéta Yudistira, Bima sareng Arjuna ti Dewi Kunti Nalibrata;
Nakula sareng Sadéwa ti Dewi Madrim. Anu jadi cukang lantaran perang téh nyaéta parebut kalungguhan raja di
Nagara Astinapura.
Nalika Prabu Pandu Déwanata pupus, paraputrana téh barurey kénéh. Numawi karajaan Astinapura samentawis
dipasrahkeun heula ka Prabu Dréstarata. Namun saparantos putra-putra Pandu sawawa, anu mangku kaprabonan téh
kalah Duryudana, putra Dréstarata.
Perang Baratayudha tambah ragot. Korban ti dua pihakanana, boh ti pihak Kurawa, boh ti pihak Pandawa. Beuki
dieu beuki katara, pihak Pandawa rada unggul.
01. Cek ujaring carita, carita wayang Mahabarata ditulis dina wangun sair, anu panjangna 200.000 jajar atawa 100.000
sloka téh mangrupa anggitan/ jieunan…

A. Mpu Prapanca B. Mpu Tantular C. Begawan Abyasa D. Begawan Waalmiki E. Begawan Wyasa

02. Anu jadi lantaran perangna antara Pandawa jeung Kurawa dina carita wayang Baratayuda, nyaeta…

A. Marebutkeun kasaktén/ kasaktian.

B. Marebutkeun senjata pusaka Astina pura.

C. Marebutkeun nagara Astina anu mangrupa warisan ti karuhun sarta anu boga hakna pihak Pandawa.

D. Marebutkeun nagara Amarta anu mangrupa hak Pandawa Lima salila dipiceun 12 taun.

E. Lantaran ngabela kahormatan Déwi Drupadi anu diwiwirang ku Dursasana.

03. “Nalika Prabu Pandu Déwanata pupus, paraputrana téh barurey kénéh. Numawi karajaan Astinapura samentawis
dipasrahkeun heula ka Prabu Dréstarata.” Sasaruaan kecap anu didéngdékeun dina kalimah di luhur, nyaeta…

A. Laleutik B. Karolot C. Garedé D. Barolon E. Léléngkah halu

04. Kurawa paraputra Prabu Dréstarata ti Dewi Gandari téh jumlahna aya…

A. Sapuluh jalmi B. Lima jalmi C. Saratus jalmi D. Dua jalmi E. Lima puluh jalmi

05. Saumpama ditingali tina pancakakina/ silsilah katurunan, Pandawa jeung Kurawa téh perenahna…

A. Dulur patétéréan B. Adi-lanceuk C. Dulur sabray D. Dulur jauh E. Dulur pet ku hinis

06. Saupama diurut ti nu cikal tug dugi ka nu bungsu, paraputra Pandu Dewanata nyaeta Pandawa lima teh..

A. Yudistira, Bima, Arjuna, Sadéwa jeung Nakula. C. Bima, Yudistira, Sadéwa, Nakula jeung Arjuna.

B. Yudistira, Arjuna, Bima, Nakula jeung Sadéwa. D. Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa.

E.Arjuna, Bima, Yudistira, Nakula jeung Sadéwa.

07. Saupama ditingali tina eusi caritana, wacana carita di luhur nyaritakeun ngeunaan carita…
A. Wayang Klitik B. Wayang Ramayana C. Wayang Mahabarata
D. Perang Baratayuda E. Wayang Potéhi

08. Saupama ditingali tina guluyur caritana, jalan carita wayang di luhur ngébréhkeun kaayaan….
A. Wayang Klitik B. Wayang Ramayana C. Wayang Mahabarata
D. Perang Baratayuda E. Wayang Potéhi

09. Tokoh wayang Arjuna dina carita wayang di luhur kaasup kana tokoh…
A. Pandawa Lima B. Kurawa C. Astina D. Ramayana E. Denawa

10. Dina istilah pawayangan, anu dimaksud pamaen anu nabeuh gamelan dina wayang, nyaeta…
A. Bagedor B. Campurit C. Sindén D. Dalang E. Nayaga

11. Dina istilah pawayangan, anu dimaksud juru kawih/ sok ngawih dina pintonan wayang, nyaeta…
A. Bagedor B. Campurit C. Sindén D. Dalang E. Nayaga
12. Dina istilah pawayangan, anu dimaksud awi dina awak wayang anu dicekel ku dalang jeung ditancebkeun kana
gebog pikeun cicingna wayang, nyaeta…
A. Bagedor B. Campurit C. Sindén D. Dalang E. Nayaga

13. Dina istilah padalangan/ pawayangan, anu dimaksud campala teh, nyaeta…
A. Panakol tina kai paranti dalang keketrok kana kotak atawa nakol kekecrék.
B. Jejelemaan tina kai/ tina kulit, diibaratkeun nu ngalalakon dina mahabarata atawa Ramayana.
C. Perenahna wayang anu ngajejer dina gebog di sisi kenca katuhu.
D. Sanjata/ pakakas perang dina keur galungan.
E. Kakuatan gaib, kakuatan anu teu lumrah anu dipiboga ku hiji jalma.

14. (1)Béklen (3)Anjang-anjangan (5)Gatrik

(2)Langlayangan (4)Ngadu kaléci


Kaulinan tradisional barudak kanggo pameget nya éta ...
a. 1, 2, 3 b. 2, 3, 4 c. 4, 5, 1 d. 1, 3, 5 e. 2, 4, 5

15. Aya sababaraha hal anu ngabédakeun antara baduy jero jeung baduy luar, di antarana....
a. Baduy jero maké raksukan bodas, sedengkeun baduy luar hideung
b. Baduy jero maké iket, sedengkeun baduy luar henteu
c. Baduy jero euweuh adat kawalu, sedengkeun baduy luar aya
d. Baduy jero dicicingan ku awéwé kabéh
e. Baduy luar sok dagang madu, sedengkeun baduy jero dagang cupang

16. Ieu di handap henteu kaasup kana unsur Dasa pasanta (Panengtrem Haté) nyaéta….
a. Ramah b. Hook c. Cangcingan d. Nyecep e. Asih

17. Dina prosési kawinan adat Sunda ...., pangantén bakal diawuran ku koin, permen jeung béas.
a. Sawéran b. Meuleum harupat c. Nincak endog d. Huap lingkung e. Pabetot bakakak

18. Dina istilah-istilah pawayangan anu dimaksud parabot gagang leungeun wayang, paranti dalang ngigelkeun
wayang dina mentaskeunna, nyaeta…
A. Makuta B. Tuding C. Jantur D. Gugunungan E. Kuku Pancanaka

19. Dina ngajentrekeun atawa medar hiji perkara, aya sababaraha rupa tehnik anu dipake dina nulis karangan pedaran,
di antarana ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung medar ciri-cirina eta perkara atawa barang, nyaeta...
A. Téhnik idéntifikasi B. Téhnik klasifikasi C. Téhnik définisi
D. Téhnik ilustrasi E. Téhnik prosés

20. Dina ngajentrekeun atawa medar hiji perkara, aya sababaraha rupa tehnik anu dipake dina nulis karangan pedaran,
di antarana ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran kanaeta perkara atawa barang,
nyaeta...
A. Téhnik idéntifikasi B. Téhnik klasifikasi C. Téhnik définisi
D. Téhnik ilustrasi E. Téhnik prosés

21. Dina ngajentrekeun atawa medar hiji perkara, aya sababaraha rupa tehnik anu dipake dina nulis karangan pedaran,
di antarana ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran proses nyieunna eta barang, nyaeta...
A. Téhnik idéntifikasi B. Téhnik klasifikasi C. Téhnik définisi
D. Téhnik ilustrasi E. Téhnik prosés

22. Dina ngajentrekeun atawa medar hiji perkara, aya sababaraha rupa tehnik anu dipake dina nulis karangan pedaran,
di antarana ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere wangenan/definisi kana eta perkara atawa
barang, nyaeta...
A. Téhnik idéntifikasi B. Téhnik klasifikasi C. Téhnik définisi
D. Téhnik ilustrasi E. Téhnik prosés

23. Dina ngajentrekeun atawa medar hiji perkara, aya sababaraha rupa tehnik anu dipake dina nulis karangan pedaran,
di antarana ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung nyieun papasingan/ jenis kana eta perkara atawa
barang, nyaeta...
A. Téhnik idéntifikasi B. Téhnik klasifikasi C. Téhnik définisi
D. Téhnik ilustrasi E. Téhnik prosés

24. Dina istilah paharaman, mangrupa watek atawa karakter anu teu meunang dilaksanakeun jeung dipibanda ku urang,
mangrupa watek atawa karakter teu kaopan/ babarian, nyaeta...
A. Pundungan B. Babarian C. Kukulutus D. Humandeuar E. Cegékan

25. Dina istilah paharaman, mangrupa watek atawa karakter anu teu meunang dilaksanakeun jeung dipibanda ku urang,
mangrupa watek atawa karakter beungeut nyanghareup ati mungkir, nyaeta...
A. Pundungan B. Babarian C. Kukulutus D. Humandeuar E. Cegékan
26. Dina istilah paharaman, mangrupa watek atawa karakter anu teu meunang dilaksanakeun jeung dipibanda ku urang,
mangrupa watek atawa karakter luh-lah wae, tanda hengker jiwana, putus asa/ pegat harepan, nyaeta...
A. Pundungan B. Babarian C. Kukulutus D. Humandeuar E. Cegékan

27. Dina istilah pawayangan atawa pagelaran wayang, mangrupa suluk atawa siloka bubuka pagelaran anu
dikawihkeun ku dalang dina ngamimitian/wiwitan carita, nyaeta...
A. nyandra B. Kakawen C. Antawacana D. Murwa E. Nyindén

28. Sanggeus nangtukeun jejer, jieun rangka tulisan dumasar kana struktur tulisan bahasan, nu ngawengku....
a. Bubuka, eusi, panutup c. Salam pamuka, eusi, salam panutup e. Prolog, eusi, epilog
b. Bubuka, eusi, kacindekan d. Salam pamuka, pedaran, salam panutup

29. Ieu di handap anu henteu kaasup upcara daur hirup, nyaéta….
a. Adat nu nyiram c. Adat ngariksa nu ngajuru e. Adat nyalin
b. Adat ngariksa nu reuneuh d. Adat mulasara Bali

30. Anu henteu kaasup kana karakter goréng opat paharaman nyaéta….
a. Babarian b. Humandeuar c. Kukulutus d. Langsitan e. Pundungan

31. Anu henteu kaasup kana karakter Pangimbuhing Twah, nyaéta….


a. Emet b. Imeut c. Kandulan d. Rajeun e. Leukeun

32. Pangimbuhing Twah anu hartina “mibanda jiwa pahlawan atawa sikep nasionalisme tur gedé rasa tulung
tilnulungan” nyaéta….
a. Pakapradana b. morogol-rogol c. Gapitan d. Purusa ning sa e. Leukeun

33. Aing téh teu gawé lantaran gering.


Ragam basa hormatna ...
a. Abdi teu didamel kumargi udur. d. Abdi teu didamel kumargi teu damang.
b. Abdi teu didamel kumargi teu damang. e. Abdi teu didamel da teu damang.
c. Abdi teu didamel kumargi udur.

34. “Gera dahar heula atuh Pa, bilih teu damang”.


Kalimah di luhur téh teu saluyu jeung tatakrama basa Sunda, kuduna…
a. Gera neda heula atuh Pa, bilih teu damang d. Gera tuang heula atuh Pa, bilih udur
b. Gera lolodok heula atuh Pa, bilih teu damang e. Gera neda heula atuh Pa, bilih gering
c. Gera tuang heula atuh Pa, bilih teu damang

35. Ieu di handap mangrupa hal nu kudu diperhatikeun upama nyieun karangan bahasan. Iwal ...
a. Sistematis d. Ngagunakeun istilah nu maneuh
b. Ngawincik sarta mertélakeun kalawan tétéla e. Ngagunakeun bantuan ti kolot
c. Ngagunakeun bahasa nu lugas

36. Dina kecap rundayan, rarangken N- atu teu robah jadi nge- aya dina conto-conto kecap di handap, nyaeta...
A. ngemil B. Ngecor C. ngebom D. Ngelas E. Ngecét

37. Dina sistim kapamingpinan Sunda “ Tri Tangtu di Bumi”, Sang prabu kedah ngagaduhan palasipah ngagurat batu,
nyaeta...
A. Ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem.
B. Taat tur patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rékayasa.
C. Miboga watek nengtremkeun dina kaadilan.
D. Jeung bawahan boga watek silih asih, silih asah, silih asuh.
E. Kudu lumampah dumasar tékad, ucap jeung lampah.

38. Ngeunaan tipeu jeung gaya kapamingpinan Sunda baris kapanggih dina naskah Sunda kuno, nyaeta...
A. Sanghiyang Siksa Kandang Karesian B. Amanat Galunggung C. Sewaka Darma
D. Carita Ratu Pakuan E. Darmajati

39. Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilakukeun/ dilaksanakeun dina
pakumbuhan atawa kahirupan masarakat, disebut...
A. Folklor B. Budaya C. Tradisi D. Etika E. Tatakrama

40. Dina istilah kawinan, anu dimaksud salam sujud ka nu jadi kolot saméméh awéwé dirapalan/ dikawinkeun isukna,
nyaeta…
A. Narosan B. Saweran C. Seserahan D. Sungkeman E. Nincak endog

You might also like