You are on page 1of 3

Ceurik Nu Mahal

Kénging Deden Abdul Aziz

USIN kagét basa létahna ngarasa aya nu asin dina bahamna. Lain uyah, komo korong
atawa lého mah. Sidik asin cipanon. Rasa asin nu béda, lain pangsét siga karinget sanajan
sarua cai.
Usin kagét pacampur atoh. Reuwas ongkoh. Manéhna bisa ceurik. Bisa ngaluarkeun
cipanon. Cipanon enyaan, lain pedah heuay atawa kapireungpeunan. Aslina, cipanon nu bijil
tina panon. Ngeclak tina juru-juru mata. Aslina Usin ceurik, muragkeun cipanon.
Usin ngarasa kagét, héran, reuwas pacampur jeung atoh lantaran geus mangalam-
alam tara ngeclakkeun cipanon. Geus mangtaun-taun manéhna tara ceurik. Geus poho kana
ceurik jeung kumaha rasana ceurik. Manehna geus poho ka nu jadi marga lantaran muragna
cipanon.
Huleng deui. Usin ngarasa aya nu asing tina bijilna cipanon. Lain rasa asin nu katéwak
ku létahna, tapi Usin ngararasakeun haténa nyérédét. Gumeter. Rus-ras ka ditu ka dieu. Inget
ka nu geus euweuh dikieuna. Beuki pating sérését kana haté. Sésélékét kana jero sanubari.
Usin inget ka mangsa-mangsa ka tukang. Kana mémori nu tuluy narémbongan, nu salila ieu
mah nyumput buni pisan, nyalingker teuing di mendi.
Beuki yakin Usin bisa ceurik, beuki yakin ogé bisa muragkeun cipanon alatan rasa
sedih. Kasedih nu bisa maksa bijilna cimata. Usin jadi inget deui basa manéhna ngagukguk,
nyegruk, alatan ditinggal maot ku bapana. Cipanon Usin murubut harita. Usin ge kungsi
ceurik ngabangingik, nginghak, basa ditilar ku indungna. Cipanon Usin merebey maseuhan
pipina.
Usin nginget-nginget naon nu ngalantarankeun manéhna ayeuna ceurik sanggeus
sakitu lilana tara muragkeun cipanon. Usin rarampa kana haténa nu beuki tarik gumeter.
Geter nu mawa obah kana awakna. Tapi naha cipanon teu tuluy murubut. Henteu
ngalémbéréh. Kalah ngembeng, katahan ku kongkolak jeung bulu-bulu mata. Ngagéndang.
Juuh. Laju ngeclak. Sakeclak-sakeclak. Ngembeng deui. Gumeter deui. Awak kabawa oyag
deui, tapi cipanon angger teu kabawa nyurulung siga pancuran. Angger ngembeng, tuluy
ngeclak sakeclak-sakeclak.
"Kaka mah tong nangis atuh. Piraku pameget muragkeun cisoca. Isin ku huis, tah,"
ceuk Téh Empat, lanceuk cikal Usin, bari leungeunna ngusapan tonggong Usin.
Karasa ku Usin kanyaahna lanceuk. Dulur nu jadi gaganti indung.
Atuh kasedih Usin beuki nambahan. Beuki kangres. Cipanon Usin ngeclak deui. Murag
maseuhan pucuk irungna, laju mapay kana juru biwirna. Asin deui, gerentes Usin.
"Kaka tong sok ngareureuwas, ah. Pajarkeun kukumaha, kéh. Tara-tara Kaka sedih
nepika nangis kitu. Kaka mah kan mister hépi, tara aya sedihan," Wiwin, adi bungsu Usin,
ngecebrek gigireun bari satengah léléndéan kana awak Usin.
Teu keur bolon atawa geus ema-ema boga anak dua siga ayeuna, ogoanana mah
angger teu leungit-leungit, gerentes Usin.
Usin ngarasa kagagas deui waé. Ras manéhna inget Wiwin mah geus yatim piatu ti
lelembut. Ditilar ku bapa jeung mamah téh masih kénéh budak. Kakara sakola SD.
Kangres deui, atuh clak deui cipanon Usin ragrag. Nu ieu mah langsung diséka ku
leungeunna méméh ngalémbéréh mapay pipina.
"Ké, ké, Soni mah panasaran ari Mamang sedih ku naon nepika nangis kitu? Hayang
naon atuh Mamang ceria téh? Hayang kawin deui, lain? Atawa aya nu nganyenyeri? Saha
awéwéna nu wani-wani nganyenyeri Mamang? Sok bejakeun, urang téang ku Soni.
Tumanlah, tong disebutkeun Si Soni budak Pajagalan mun aya munduran ku wanita," ceuk
Soni, alo nu pangdeukeutna jeung Usin, tapi pangbadeurna.
Usin rada ngahuleng ku panalék ti alona. Enya, ku naon aing bet sedih? Naha bisa
ceurik deui? Usin kerung ku omongan alona. Asa-asa enya, gerentesna. Mun enya, naha nu
bisa nangkep geter kasedihna bet budak pantar alona?
Usin tungkul, bet asa kahongkeun ku bolon. Asa katohyan keur keuna ku kasmaran.
Usin hayang kéképéhan. Sanajan teu persis kitu, tapi ujung-ujungna mah enya teu jauh ti
kitu. Usin hayang ngaku, tapi aslina manéhna éra kana pilihan nu dijieun sorangan. Usin
hayang nyumput sing jauh. Kabur ka tempat nu moal panggih jeung nu wawuh.
Lain pédah dinyenyeri ku awéwé siga ceuk Si Soni, kasedih Usin mudal lantaran
didorong ku rasa nu campur-campur. Siga permén nano-nano. Pabaliut. Anéh. Antara hayang
tapi sieun, wani tapi éra, teu melang tapi angger nineung.
Umur Usin can manjing tengah tuwuh. Kakara nincak kapala opat. Masih kénéh dina
itungan golden age. Kungsi rarabi, najan telat, tapi teu lila. Saprak pepegatan jeung bojona
bari teu boga turunan, Usin siga nu betah ngaduda. Hirupna katungkulkeun ku karir. Nyekel
jabatan lumayan. Boga usaha ogé nu kawilang suksés. Ceuk barudak ayeuna mah duda
kerén.
Tara katingali sedih atawa murukusunu deuih. Salawasna hégar marahmay. Tara
kacaritakeun boga masalah anu daria. Nepika dulur-dulurna gé tara melang sanajan Usin
hirup nyorangan. Pokona mah hirupna istuning genah, merenah, tumaninah.
Matak basa Usin kanyahoan manggih kasedih nepika muragkeun cipanon, taya
saurang gé nu teu ngarasa hélok campur kagét. Nepika dulur-dulurna nepungan. Diriung-
riung siga nu keur nandang papait anu pohara. Padahal Usin sorangan ngarasa kagét
manggihan dirina bisa kénéh ceurik bari bijil cipanon.
Tandana aing téh masih kénéh normal, gerentes Usin.
Tapi ku naon? Naha make ceurik? Sedih ku naon?
Unggal soré mulang gawé Usin sok nyimpang ka hiji kafé nu teu jauh ti kantorna. Kafé
basajan nu nyadiakeun menu basajan. Tempat Usin ngaleupaskeun kacapé tutas gawé.
Ngadon nongkrong soré-soré méméh ngampih ka imahna. Menu nu sarua. Pelayan nu sarua.
Suanasa kafé nu sarua ti soré ka soré. Tara pati loba nu datang ka éta kafé. Tapi tetep
haneuteun. Nu datang biasana éta-éta kénéh. Langganan matuh, siga Usin.
Mangtaun-taun Usin ngalakukeun kabiasaan soré-soré di kafé. Méja nu sarua unggal
soré. Tumaninah nyérangkeun pagaliwotana kota nu tatan-tatan maju ka sareupna. Jalma
jeung patalimarga nu siga paheula-heula hayang téréh tepi ka tujuan. Ka imah sewing-
séwang.
Geus tilu bulan nu biasa ngalayanan Usin téh pelayan anyar. Ngaganti Ceu Mira nu
naék pangkat jadi supervisor kafé. Ku Ceu Mira ogé diwawuhkeun. Ngaranna Nona. Béda
jeung Ceu Mira nu kalem jeung anggun mun keur ngalayanan tamu kafé, Nona mah
katingalina salawasna gumbira. Galéhgéh ka unggal tamu kafé, kaasup ka Usin. Suasana
kafé nu asalna ayem tur linduk téh ayeuna mah jadi hégar tur beuki haneuteun.
Nyalsé tina ngalayanan tamu, Nona sok maturan Usin nu diuk nyorangan. Teu kaciri
kagok, tapi ogé teu cunihin. Nona maturan bari tetelepék sagala ditanyakeun ngeunaan
sagala rupa. Katingali sagala hayang apal. Usin gé teu ngarasa kaganggu sanajan biasana
resep ngeueung sorangan. Malah lila-lila mah resep. Resep ku wantér jeung galéhgéhna.
Resep ku lucuna. Nepika siga aya tali nu nganteng antara tamu kafé jeung pelayanna. Usin
jeung Nona. Lain hal nu anéh da jeung tamu nu séjén gé sarua pelayananana mah. Bédana,
Usin mah pédah salawasna datang sorangan, sakapeung mindeng dibaturan. Kitu téh bagian
tina pelayanan kafé.
Sakapeung mun keur peré gawé ogé Usin sok ngahaja ngadon ngalantung di kafé.
Menu biasa jeung pelayan nu biasa. Nona. Sakapeung ogé mun Nona pareng bagian off,
manéhna sok datang ka kafé. Sakadar maturan Usin. Ngabéjaan pelayan séjén nu kabagéan
ngalayanan Usin. Bisi aya nu salah. Bisi aya nu kurang.
Kitu, teu kurang teu leuwih. Tapi karasa pisan ku Usin kumaha geténna Nona. Mun
Ceu Mira mah nu tiheula, ngalayanan tamu téh karasa ku Usin semu ngayom. Taliti.
Sagalana teu weléh kudu sampurna. Béda Nona mah, kurang dina soal katalitian mah, tapi
aya hawa nu mawa hégar. Asa srek kana haté Usin. Nepika Usin sok ngarasa kurang lamun
nu ngalayanan lain Nona. Nepika Nona nu keur bagian off ogé sok ngahaja datang keur
maturan lamun jadwal Usin datang. Soré-soré.
Nepika dina hiji soré. Tilu bulan ti harita. Usin siga biasa nongkrong di kafé. Pesen
menu nu biasa. Diuk dina méja nu biasa. Tapi aya nu teu biasa. Nu jebul ngalayanan téh lain
Nona, tapi nu séjén, padahal Usin apal lain bagéan jadwal off poé éta téh.
Ceu Mira nyampeurkeun siga nu surti ka nu keur bingung. “Nona mah kaluar tos teu
damel deui di dieu,” cenah bari mantuan ngalayanan Usin.
“Naha?” tanya Usin halon.
“Mulang ka lemburna,” témbal Ceu Mira.
“Kunaon?”
Ceu Mira teu ngawalon. Ukur némbal ku gideug.
Sumanget Usin langsung kabur. Salila di kafé ukur ngahuhuleng. Menu biasa nu jadi
favoritna gé teu ditoél-toél acan. Laju kaluar muru kafé séjén di tempat séjén. Kasampak
Nona geus nungguan.
“Kaka,” cenah basa Usin geus diuk hareupeunana. “Nona yakin Kaka pasti ka dieu.
Nona ngahaja nungguan Kaka di dieu.”
Lila Usin teu lémék. Ukur neuteup Nona nu tungkul hareupeunana.
“Cenah rék mulang?”
“Enya, Nona dititah mulang ka lembur.”
“Naha?”
Nona gideug. “Kaka teu kudu apal. Kaka cukup apal ka Nona, tapi teu kudu apal kana
kahirupan Nona. Ayeuna Nona rék pamitan. Pamitan ka Kaka nu salila tilu bulan geus jadi
tamu istiméwa keur Nona.”
Nepika sasalaman. Sun tangan. Méméh jung, Nona sempet kénéh ngesun pipi Usin.
Kénca-katuhu. Najan ngan saliwat.
Aya nu ngolébat tina haté Usin. Aya nu usik dina lelembutan Usin. Rasa kaleungitan.
Naha make kudu ngarasa kaleungitan? gerentes Usin. Lain sasaha. Wawuh gé karék saliwat.
Tapi bet terus nyaliara dina mamaras Usin.
Panon Usin laju ngembeng. Aya nu ngeclak. Sakeclak. Karasa asin ku létah Usin.
Cipanon Usin.
Usin ceurik.***

Cianjur 2014

You might also like