You are on page 1of 2

"NGAMUMULE BASA SUNDA"

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

alamin, washolatu wassalamu ‘ala l ambiya’i wal mursalin, sayyidina wa habibina wa wa


maulana Muhammadin, wa ‘ala alihi wasohbihi ajma’in. Amma ba’du.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka nu mana kalayan hidayah
sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat ieu dina sehat walafiat.
Aamiin

Shalawat miwah salam mugia tetep ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.
Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna nu Insya Allah
taat kana ajarannana, Aamiin ya robbal alamin.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat

Dina ieu waktos, abdi baris medarkeun biantara anu jejerna "NGAMUMULE BASA SUNDA".

Basa teh mangrupa jandela dunya


Ciri tina jati diri manusa anu ngancik di hiji nagri. Mangrupa salahsahiji bagean tina budaya
di Indonesia. Basa nu mibanda kaendahan nu sampurna.Basa batin nu tiasa mangaruhan
ka unggal a nu ngalarapkeunna. Matak tengtrem kana ati nu ngaregepkeunna.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat Sakumaha anu ka ungina ku urang sadayana
sapertos ayeuna dimana loba rupa rupa budaya asing nu datangna ti luar, nu asup ka tatar
Sunda.

Ulah nepi ngajadikeun budaya Sunda jadi semah di lemburna sorangan nyaeta di Jawa
Barat.

Salah sahiji unsur dina budaya nyaeta basa. Basa Sunda jeung budaya sunda
mangrupakeun hiji hal anu raket patalina tur teu bisa dipisahkeun.

cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah diantarana nyaeta ku jalan ngamumule basa
sunda ku para rumaja arurang.

Lamun ditilik tilik dina kahirupan sapopoe, rumaja zaman ayeuna mah loba nu teu wanoh ka
basa boh ka budaya Sunda. Eta permasalahan kudu jadi urang sarerea.

Ulah katurunan urang bisa ngomong ngagunakeun basa daerah na sorangan nyaeta basa
Sunda Dina wangsa anu bakal kasorang lamun ayeuna eta basa teu di mumule.

Urang salaku generasi rumaja kedah muka panon sarta muka hate supados nganggo basa
Sunda dina sadidinten. Basa Sunda teh ulah eleh ku basa luar nu asup ka tatar Sunda.
Peran pamarintah aturan Kemendikbud sarta media oge dianggap penting pikeun ilubiung
ngamumule basa sunda dina wanci kiwari

Hayu urang ngajagi sarta ngamumule basa sareng budaya sunda. Tos janten kawajiban
urang di tatar Sunda micinta tur mikanyaah basa tur budaya Sunda.

Lamun teu ku urang sadaya salaku urang sunda nya deui atuh?

Basa Sunda teh milik urang


Milik urang Sunda
Milik nagara Indonesia
Maju mundurna basa Sunda
Mekar henteuna basa Sunda
ka urang para rumaja.
Kudu reeus janten Sunda
Nu boga basa indung sadunya

Para hadirin nu di pikahormat

Rupina sakitu wae anu tiasa kapihatur hapunten bilih aya basa anu kirang entep atanapi
kecap anu kirang larapna.

Urang Sunda kudu someah


Ngarah loba nu mikanyaah

Wabillahi Taufik Wal Hidayah Wassalamualaikum warahmatullahi h

You might also like