You are on page 1of 3

Assalamu’alaikum wr wb

Alhamduillahilladzi aHHalannikah wa harrama Sysyifa


ُ ُ ْ ُ َ َ ُ ُ ْ َ ً َّ َ ُ َّ َ ُ َ ْ َ َ ُ َ َ ْ ََ َ ُ َ ْ َ ُ َّ َ ٰ َ ْ َ ُ َ ْ َ َ
‫ن محمدا عبد ُه ورسول ُه‬ ُ ‫ك ل ُه وأشه ُد أ‬ ُ ‫شي‬ ِ ‫للا وحد ُه َل‬ ُ ‫َل‬ ُ ‫َل ِإل ُه ِإ‬
ُ ‫ن‬ ُ ‫وأشه ُد أ‬
َ َ َ َ
ٰ َ َ َ َ َ ْ َ ْ َ ْ ُ َ ْ َّ َ ُ َ ِّ َ َ َ ْ ِّ َ َ ِّ َ َّ ُ ّٰ َ
‫ل ا ِل ُِه َو َص ْح ِب ُِه َصَلةُ َو َسَل ًما ك ِث ْ ًيُا‬ ُ ‫ق والورا ُو ع‬ ُ ِ ‫ل الخل‬ ُ ‫ل سي ِدنا محمدُ أفض‬ ُ ‫مع‬ ُ ‫ل وسل‬ ُ ‫مص‬ ُ ‫الله‬
ٰ َ ُ َ َ َ ْ َّ ُ ْ َ َ ْ َ َ ْ َ ْ ْ َ َ ْ ُ ْ ْ ُ َ ْ ُ َ ْ َ ُّ َ َ َ ُ ْ َ َّ َ
ُ ‫للا ت َع‬
ُ ِ ‫ال‬
‫ف‬ ُ ‫ال‬ ُ ‫نق‬ ُ ‫از المت ِقو‬ ُِ ‫س ِبتق َوى‬
ُ ‫للا فق ُد ف‬ ُ ‫م ونف‬ ُ ‫ن أو ِصيك‬ ُ ‫أما بع ُد فياأيها الحاضو‬
َ ْ ُ ْ ُّ ْ ُ ْ َ َ َّ َّ ُ ْ ُ َ َ َ ٰ ُ َّ َ ِ َِ ّٰ ُ َّ ُ َ ٰ َ ْ َّ ِ َ ُّ َ ٰٰٓ ْ َ ْ َ
ُ ‫م مس ِلمو‬
‫ن‬ ُ ‫َُل وانت‬ ُ ‫ن ِا‬ ُ ‫َل تموت‬
ُ ‫ق تق ِىتهُ و‬ ُ ‫اّلل ح‬ُ ‫ن امنوا اتقوا‬ ُ ‫يايها ال ِذي‬: ‫م‬ ُ ِ ‫ِكت ِاب ُِه الك ِري‬
َ َ ُ ْ َّ َ َ َ َ ْ َ َ ْ َ َ َ َ َ َ ْ َّ ْ ِّ ْ ُ َ َ َ ْ َّ ُ ُ َّ َ ْ ُ َّ ُ َّ َ ُّ َ َ
ُ‫ث ِمنهما ِرجال‬ ُ ‫ق ِمنها زوجها وب‬ ُ ‫ن نفسُ واحدةُ وخل‬ ُ ‫مم‬ ُ ‫ي خلقك‬ ُ ‫م ال ِذ‬
ُ ‫اس اتقوا ربك‬ ُ ‫يا أيها الن‬
ً‫م َرق ْيُبُا‬ُْ ‫ان َع َل ْي ُك‬َ َ َ َّ ِ َ َ ْ َ ْ َ َ ْ ُ َ َ َ ْ َّ َ ْ ُ َّ َ َ َ ً ْ َ
ِ ُ ‫للا ك‬
ُ ‫ن‬ ُ ‫ام ِإ‬
ُ ‫ن ِب ُِه واْلرح‬ ُ ‫ي تساءلو‬ ُ ‫للا ال ِذ‬
ُ ‫ك ِثيا و ِنساءُ واتقوا‬
Qoola Rasulullah saw :
َ َ َ ْ ْ َ َ َ َ َّ َ ْ ُ َ َ ْ َ ْ ُ ْ َ َ َ ْ َ ُ َ َ ْ َ َ َ َ ُ ْ ْ َّّ
ُ‫ن كرام ُة اْلوَل ُِد ِعبادة‬ُ ‫م ف ِإ‬
ُ ‫ج بركةُ والول ُد رحمةُ فأ ك ِرموا أوَلدك‬ُ ‫الي ِوي‬

Shodaqallahul’adziim wa shodaqo rasuluhul habibul karim wa nahnu ‘ala dzalika..


1. Kalayan maksad muji, puji kasanggakeun ka Mantena Allah subhanahu
wata’alaa,ُanuُparantos nyiptakeun makhluk papasangan, tina papasangan ieu
ngabuahkeun pertikahan, tina pertikahan ieu ngabuahkeun rundayan, media
kangge bakti ka Mantena Allah swt.
2. Rahmat sinareng kawilujeungan muga Allah netepkeun sapapaosna ka
Jungjunan Agung, Pamingpin urang sadaya, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad
saw. Anu parantos naratas jalan kahirupan geusan tuturkeuneun urang sadaya
nuju ka geusan bagja.
3. Teu hilap ka para kulawargina, para sohabatna, oge urang sadaya anu sami
tunduk tumut kana ajaran Mantena.
4. Ku Barokah Pamuji sinareng sholawat, khusus kangge panganten sakalih,
umumna kangge urang sadaya anu sami hadir, mugia Allah ngalungsurkeun
pituduh, pitulung, rahmat sareng maghfirohna. Mugia urang sadaya diangkeun
janten umat kanjeng Nabi tur kenging syafaat ti Mantenana. Aamiin.
5. Para sepuh lelencer turus turunan, para pupuhu payung iye wewengkon,
utamina pinisepuh ti pihak panganten pameget, saderek kadang mitra
sadaya anu ku pribados dipihurmat.
6. Jisim kuring ngabantun asmana Pun Uwa, kersana Wa Asam kalih istri,
langkung tipayun nyanggakeun lemek pangrampes, jagong tuhur meunang
ngunun haturan wilujeng sumping ka rombongan calon mempelai panganten
pameget ti cikoneng, tutut gunung keong reuma sumangga geura caralik.
7. Bingah amartasuta bingah ka giri giri, bingah anu taya papadana, wireh anu
dianti-anti ti kamari, diantos-antos ti bareto, alhamdulillah parantos sumping,
bari dina kaayaan wilujeng.
8. Kabingah simkuring sadayana didieu moal tiasa kagambarkeun ku lisan, moal
tiasa ka reka ku tulisan, paripaos sepuh Gunung luhurna tanpa tutugan
kujangkungna, sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawi raos,
kabingah simkuring sadaya didieu langkung tikitu.
9. Mung rupina bingah teh mung dugikeun ka bingah wae, anapon kedah males
budi kana kasaean wargi sadaya, bawi raos moal tiasa, mung nyanggakeun ka
pangkuan Allah muga-muga sadayana anu terlibat dina ieu kaayaan kenging
imbalan ti Allah kalayan ganjaran anu berlipat ganda. Aamiin.
10. Salajengna neda laksana hapunten tina sugri kakirangan, tata titi tindak
tanduk duduga sareng peryoga nu teubih tina kautamian.
11. Oge hapunten dilinggihkeun sanes di rorompok sanes dina gedong anu
agreng, sanes maksad simkuring sakulawargi ngamomorekeun mung patali
kaayaan kamampuan jisim kuring sakulawargi mung dugi kaleresan dieu,
sakali deui mugi luntur galih kersa ngahapunten, jembar manah mukakeun
lawang panghampura anu saageung ageungna.
12. Salajengna panginten ngawaler naon rupi hal anu tadi parantos disanggakeun,
bade to the poin wae, garis ageungna anu katampi ku simkuring nomer kahiji
maksad silaturahmi nepangkeun tali kawargian nyangreudkeun tali
kadeudeuh antawis keluarga ti cikoneng sareng keluarga ti Baginda ieu.
13. Hatur sewu nuhun laksaketi kabingahan, muga muga janji Allah tepat keuna
ka urang sadaya, urang sadaya dipanjangkeun uswa dina kato’atan bari
digampilkeun milik srg rizki urang sadayana.
14. Dupi pamaksadan anu kadua kakupingna seja nyanggakeun tuang putra anu
jenenganana kang ………….ُkanggo diakad tikahkeun ka pun lanceuk, nyaeta
teh Enung. Ieu ge katampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda, teu bade
disimpen dihandap-handap disimpen dina mbun mbunan, mung panginten
Kang ……ُsakieuُkaayanana.
15. Ayeuna kang ……..ُbade mileleheungkeun ka teh Enung, hatur nuhun, muga
muga wae sing juuh ku rahmat tur barokah ti Allah swt. Asmana Pun Uwa
sakali deui nampi disanggaan calon panganten pameget kanggo diakad
tikahkeun ka teh Enung, muga muga aya dina kalancaran tur kabarokahan
mungguh Allah swt.
16. Anu katiluna atuh kakuping senah make janjang jinjing, sagala rupa dicandak,
panginten eta mah tos adat kabiasaan, da panginten tipayun ge muhun
parantos katampi, ari ayeuna katambih deui ku rebo cacandakan, hatur sewu
nuhun tawis kadeudeuh katineung ti Kang …..ُsakulawargiُkanggeُteh Enung
didieu, katampi Kang ….,ُmugiaُnaonُrupi hal anu parantos disanggakeun
manfaat kangge bekel mayunan rumah tanggi.
17. Daun jengjing jeung sanawa aya hileud dina karanjang saleresna mah
sanajan teu jinjing bawa ge teu naon naon nu penting mekel nu buleud tur
panjang.
18. Punten buled didieu sing buleud cinta kasihna, buleud kaimnanana, buleud
paniatanana
19. Panjang teh, sing panjang lengkahna, panjang pangaharepanana, panjang
jeujeuhanana, mudah-mudahan ku eta bekel, hasil naon rupi anu dipimaksad.
20. Terakhir panginten nyangkut sareng ieu pangiring sadaya, alhamdulillah
maksad bade nyakseni sareng ngadu’akeun ka dua mempelai di tempat
pangakadan, pangharepan urang sadaya tangtos kitu, mudah-mudahan naon
rupi anu dipimaksad ku shohibul hajat diijabah ku Alloh swt.
21. Pur layung kasinugrahaan bray siang banjaran bagja, sakitu dialap cekap,
hapunten anu kasuhun, wallahu muwaffiq illa aqwamittariiq.
Wassalamu’alaikum wr wb.

You might also like