You are on page 1of 6

Khutbah I

‫ َو ُنْو ِر َبَص اِئِر ِه ْم ِبُم َش اَهَدِة ُح ْك ِم َش ْر ِع ِه َو َب ِدْي ِع َص ْن ِعِه‬،‫َاْل َح ْم ُد ِهلل اَّلِذي َش َر َح ُص ُد ْو َر اْلُم َو َّفِقْي َن ِبَأْلَط اِف ِبِّر ِه َو آاَل ِئِه‬
‫ َو َت َب اَر َك َم ْن َر ٌب َو اِس ٌع‬،‫ َف ُسْب َح اَن ُه َم ْن ِإَل ٌه َع ِظ ْي ٌم‬،‫ َو َك اُنوا َأَح َّق ِبَه ا َو َأْه َلَه ا‬،‫ َو َأْلَهَم ُهْم َك ِلَم َة الَّتْق َو ى‬،‫َو ُمْح َك ِم آَي اِتِه‬
‫ َو َأْش َه ُد َأَّن ُم َح َّم ًد ا‬،‫ َو َخ ْي َر اِتِه‬،‫ َو َأْف َع اِلِه‬،‫ َو ِص َف اِتِه‬،‫ ِفي َأْس َم اِئِه‬،‫ َو َأْش َه ُد َأن اَل ِإَلَه ِإاَّل ُهللا َو ْح َدُه اَل َش ِر ْي َك َلُه‬،‫َك ِر ْي ٌم‬
‫ َالَّلُهَّم َص ِّل َو َس ِّلْم َو َب اِر ْك َع َلى ُم َح َّم ٍد َو َع َلى آِل ِه َو َأْص َح اِبِه ِفي‬،‫ َأْش َر ُف ُرُس ِلِه َو َخ ْي ِر َب ِر َياِت ِه‬،‫َع ْب ُد ُه َو َر ُسْو ُلُه‬
‫َغ َد َو اِت الَّدْه ِر َو ُروَح اِتِه‬
‫ اَّل ِذيَن آَم ُن وا َو َت ْط َم ِئُّن‬، ‫َق اَل ُهللا َت َع اَلى ِفي اْل ُقْر آِن اْلَك ِر ْي ِم َو ُه َو َأْص َد ُق اْل َق اِئِلْي َن َأُع ْو ُذ ِباِهلل ِمَن الَّش ْي َط اِن الَّر ِجْي ِم‬
‫ َأاَل َو ِإَّن ِفي اْل َج َس ِد ُمْض َغ ًة‬: ‫ َو َق اَل الَّن بُّي َص َّلى ِهللا عَلْي ِه َو َس َّلَم‬، ‫ُقُلوُبُهْم ِبِذ ْك ِر ِهَّللا َأاَل ِبِذ ْك ِر ِهَّللا َت ْط َم ِئُّن اْلُقُلوُب‬
‫ َص َد َق ُهللا اْلَع ِظ ْي ُم َو َص َد َق َر ُس ْو ُلُه‬، ‫ َأاَل َو ِهَي اْلَق ْلُب‬،‫ َو ِإَذ ا َف َس َد ْت َف َس َد اْل َج َس ُد ُك ُّلُه‬،‫ِإَذ ا َص َلَح ْت َص َلَح اْل َج َس ُد ُك ُّلُه‬
‫ َأَّما َب ْع ُد‬، ‫اْل َح ِبْيُب اْلَك ِر ْي ُم َو َن ْح ُن َع َلى َذ ِلَك ِمَن الَّش اِهِدْي َن َو الَّش اِكريَن َو اْل َح ْم ُد ِهلل َر ِّب اْلَع اَلِمْي َن‬
Hadirin sidang Jumah anu mulya Langkung ti payun hayu urang sami-sami
manjatkeun puji sareng syukur ka Alloh Robbul Gofur. Dzat anu teu liren-liren
ngalimpahkeun ni’mat ka urang sadayana, kalebet ni’mat taufik sareng hidayah-
Na. Sahingga dina waktos anu mulya ieu, urang sadayana tiasa ngalaksanakeun
salah sawios parentah-Na, nyaeta solat Jumat berjamaah.
Solawat sareng salam anu sampurna mugi salamina dicurahkeun ka Panutan Alam,
nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw. Sholawat sareng salam oge mugi
dicurahkeun ka para sahabatna, para tabi’in, tabi’it tabi’in, dugika urang sadayana
salaku umatna. Mudah-mudahan urang sadayana kenging taufiq hidayah kanggo
tumut kana ajaran mantenna kalayan di akherat kenging syafaatna. Amin ya robbal
alamin.
Sidang Jumah rohimakumulloh Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha
biasa, khotib seja wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka hadirin sadayana, hayu
urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Sabab,
takwa teh pang hade-hadena bekel urang, terutami bekel mayunan kahirupan lana
akherat tea anu disebat alam panjang poe panjang nagara tanjung sampurna.
Salajengna kedah kauninga ku urang yen kabagjaan dunya jeung akherat teh
gumantung kana sehatna hate, sedengkeun sehatna hate gumantung kana rupa-rupa
perkara. Di antarana pinuhna hate ku kayakinan sareng kaimanan ka Alloh,
euyeubna hate ku rupa-rupa sifat pinunjul, sareng bersihna hate tina rupa-rupa
panyawat sareng sifat tercela. Hayu urang sami-sami titenan salah sawios
pidawuh Alloh dina Al-Quran anu mangrupikeun petikan doa Nabi Ibrahim:
‫َأ‬ ‫ُث‬
‫ ِإَّال َم ْن َت ى َهَّللا ِبَق ْلٍب َس ِليٍم‬، ‫ َي ْو َم ال َي ْن َف ُع ماٌل َو ال َب ُنوَن‬، ‫َو ال ُتْخ ِز ِني َي ْو َم ُيْب َع وَن‬
Hartosna, “(He Pangeran abdi), ulah ngahinakeun ka abdi dina poe maranehna
dibangkitkeun. Nyaeta poe nalika teu guna deui harta jeung anak turunan, kecuali
jalma anu madep ka Allah kalayan nyandak hate anu salamet (beresih),” QS. as-
Syu’ara [26]: 87-89).
Tah ngalangkungan eta ayat tetela pisan yen nu salamet di akherat teh nyaeta jalma
anu nyandak hate anu beresih. Sanes kanten janten modal keur ngahontal
kabagjaan akherat, hate anu beresih oge janten sarana keur ngahontal caang jeung
legana hate anu janten modal keur ngahontal kabagaan dunya anu keur dirandapan.
Ku hal sakitu, hate janten bagian penting dina awak urang. Naha janten bagian anu
penting? Margi hate anu nangtukeun hade sareng gorengnya anggahota badan anu
sejen, sakaligus anu nangtukeun berharga sareng henteuna amal jalma anu
gaduhna. Kalih ti eta, hate jadi anggahota badan anu gampang kapangaruhan,
gampang robah, gampang gering, sareng hese diubarannana nalika tos gering.
Dumasar sadaya hal eta, para ulama tasawuf ngagaduhan perhatosan anu luar biasa
kana urusan hate. Imam al-Ghazali salah sawiosna. Numutkeun pandangan
anjeuna, sing saha anu hayang memeres amalna sareng tingkah polah dohirna,
maka pek mimitian ku meresan hate. Nanging, urang moal tiasa memeres hate
kalayan bener-bener, samemeh uninga kana lima perkara penting nu patali sareng
eta hate.
Kahiji, Allah maha uninga kana sagala hal anu disimpen, anu kabayang, oge anu
dirusiahkeun dina hate hamba-hamba-Na. Hal ieu dumasar kana pidawuh
Mantenna dina Al-Quran.
‫َو ُهَّللا َي ْع َلُم َم ا ِفي ُقُلوِبُك ْم‬
Hartosna, “Jeung Alloh uninga kana sagala perkara anu (disimpen) dina hate
aranjeun,” QS al-Ahzab [33]: 51).
Ayat-ayat anu sarupi oge parantos nyebatkeun, “Anjeuna uningan (pandangan)
mata anu khianat sareng naon anu disumputkeun ku hate,” (QS al-Mukmin [40]:
19);
“Jeung Alloh uninga kana sagala perkara anu ku aranjeun dirahasiakeun sareng
perkara anu dizohirkeun,” (QS al-Nahl [16]:19);
“Kawajiban Rosul teh teu aya sanes ukur ngadugikeun, sareng Alloh uninga kana
sagala anu ku aranjeun dizohirkeun sareng perkara anu ku aranjeun
disumputkeun,” (QS al-Maidah [5]: 99).
Sareng masih keneh seueur ayat anu sajalan sareng kandungan ayat di luhur.
Namung, intina saha wae anu tos dugi kana hakekat eta, moal wani nyimpan
atanapi ngarahasiakeun perkara anu teu hade dina hatena. Sabab, sadayana bakal
kauninga ku Alloh swt.
Hadirin sidang Jumah anu mulya, Kadua, Alloh teu mandang rupa, wajah, sareng
kulit hamba-Na. Anu dipandang tina dirina iwal hate. Hal ieu dumasar ka dawuhan
Kangjeng Rosul:
‫ َفَم ْن َك اَن َل ُه َق ْلٌب‬، ‫ َو َلِكْن َي ْن ُظ ُر ِإَلى ُقُل وِبُك ْم َو َأْع َم اِلُك ْم‬، ‫ َو اَل ِإَلى َأْم َو اِلُك ْم‬، ‫ِإَّن َهَّللا َت َع اَلى اَل َي ْن ُظ ُر ِإَلى ُص َو ِر ُك ْم‬
‫ َو ِإَّن َم ا َأْنُتْم َب ِني آَد َم َأْك َر ُم ُك ْم ِع ْن َد ِهَّللا َأْت َق اُك ْم‬،‫َص اِلٌح َت َح َّن َن ُهَّللا َع َّز َو َج َّل َع َلْيِه‬
Hartosna, “Saenya-enyana Alloh moal ningal rupa sareng harta aranjeun, tapi
ningal kana hate sareng pagawean aranjeun. Sing saha-saha anu ngabogaan hate
anu beresih, maka Alloh nyimpen simpati ka manehna. Aranjeun ukur anak incu
Adam. Maka anu paling mulya di antara aranjeun di payuneun Allah teh nyaeta
anu pang takwana,” (HR. Al-Thabrani).
Katilu, hate ibarat raja, sedengkeun anggahota badan anu sejen ibarat rahayatna
anu tunduk ka rajana. Lamun anu dituturkeunna hade, maka anu nuturkeun nana
oge bakal hade. Lamun pemimpinna alus, maka rahayatna oge bakal alus.
Ayakalana, pamimpin lempeng oge, rahayatna mah sok teu lempeng, komo deui
upami pamingpinna teu lempeng. Sing emut kana dawuhan Kangjeng Rosul anu
nganyatakeun:
‫ َأاَل َو ِهَي اْلَق ْلُب‬،‫ َو ِإَذ ا َف َس َد ْت َف َس َد اْل َج َس ُد ُك ُّلُه‬،‫أاَل َو ِإَّن ِفي اْل َج َس ِد ُمْض َغ ًة ِإَذ ا َص َلَح ْت َص َلَح اْل َج َس ُد ُك ُّلُه‬
Hartosna, “Sing emut yen dina jasad teh aya sagumpal daging. Lamun eta daging
teh sae, maka hade sakabeh jasadna. Namung lamun eta daging ruksak, maka bakal
ruksak oge sakabeh jasadna. Eta daging teh taya sanes nyaeta hate.”
Demi ngajaga satiap amalan supaya tetep hade, maka saha wae kudu ngajaga jeung
memeres hatena.
Hadirin anu mulya, Kaopat, hate teh gudangna sagala rupa permata berharga
sareng makna-makna penting sejenna. Permata kahiji nyaeta akal, sedangkan
permata paling mulia nyaeta makrifat ka Alloh, anu mangrupakeun sabab
kabagjaan dunya jeung akheratna. Permata salajengnya nyaeta paningali hate
atanapi nu disebat bashirah nu jadi modal keur ngadeukeutkeun diri jeung mayun
ka Allih.
Saterasna permata berharga dina hate teh nyaeta niat anu tulus dina kataatan,
sakaligus anu jadi faktor panangtu kahontal sareng henteuna pahala anu lana di
payuneun Alloh. Kalih ti eta permata dina hate teh nyaeta rupa-rupa elmu, hikmah,
wawasan, anu jadi faktor kamulyaan hamba, imma di payuneun Alloh atanapi di
payuneun makhluk. Permata terakhir nyaeta perangai atanapi sifat-sifat anu terpuji.
Maka demi ngajaga kaayaan permata-permata eta, hate kedah saterusna bersih
sareng dijaga tina rupa-rupa kotoran sareng penyakitna.
Kalima, hate ngabogaan sababaraha kaayaan. Salah sawiosna hate teh salawasna
jadi sasaran serangan lawan. Utamana nyaeta serangan setan. Setan anu saterusna
ngintey kelengahan hate urang. Nalika nu bogana dzikir, setan bakal ngajauhan.
Ngan, nalika nu boga hatena laley, setan balik deui ngagoda. Dina waktu nu sarua,
hate oge jadi tempat turunna godaan atanapi bisikan hade jeung bisikan goreng.
Bisikan hade mangrupakeun ilham lammah ti malaikat. Sedengkeun nu goreng
datang ti setan.
Sahingga hate moal leupas tina dua sumber bisikan tadi. Sanes ti eta, kesibukan
hati jauh leuwih loba tibatan kasibukan anggahota tubuh sejenna. Rek teu kitu
kumaha sabab akal jeung hawa nafsu aya di jerona. Teu heran hate jadi tempat
tarung antara dua pasukan gede, nyaeta pasukan nafsu miwah bala tentarana oge
pasukan akal miwah bala tentarana.
Saterasna, pangharewos atawa godaan anu datang kana hate jumlahna kacida
lobana. Tah godaan eta ibarat anak panah anu diarahkeun ka manehna. Eta godaan
ibarat cai hujan anu terus turun beurang jeung peuting. Salah sawios ulama
ngadugikeun, dina sapoe sapeuting, hate teu kurang narima tujuh puluh ribu
godaan atawa pangharewos, rek godaan anu hade atanapi godaan anu goreng. Teu
aya anu bisa nolak eta godaan.
Beda kaayaannana sareng anggota badan sejenna. Panon misalna. Panon mah bisa
istirahat ku cara dipeureumkeun, sedengkeun hate mah terus-terusan dihujanan ku
godaan. Nyakitu deui kanggo ngatasi sareng ngendalikeunnana hate mah kacida
sulitna. Sabab, kaayaan hate mah teu katempo. Naon anu terjadi di jerona
terkadang teu bisa dirasakeun, dugika akibatna benar-benar katempo. Penyakit
hasud atau dendam, misalnya. Teu gampang dikanyahokeun jeung dileungitkeun
ku urang. Matak dibutuhkan usaha anu keras, pandangan anu seukeut, sareng
timbangan anu asak, oge latihan jiwa keur ngubarannana.
Nyakitu deui karuksakan anu nimpa kana hate kacida gancangna. Kaayaannana
robah. Malah para ahli bahasa nguningakeun, kunaon hate disebut kalbu? Sabab
manehna berasal tina kata qalbu, anu dina bahasa Arab, hartina perkara anu
gampang pisan robahna. Mangga tingal kitab Minhajul ‘Abidin kagungan Imam al-
Ghazali halaman 34-35.
Mudah-mudahan Alloh salawasna maparin hate anu kuat ka urang. Kantena upami
pami hate urang tos kenging hidayah, mugi ulah rek dipengkolkeun kana
kasesatan. Sakumahan dina doa anu sok ku urang diaoskeun:
‫َر َّبنا ال ُتِز ْغ ُقُلوَب نا َب ْع َد ِإْذ َه َد ْي َت نا َو َه ْب َلنا ِمْن َلُد ْن َك َر ْح َم ًة ِإَّن َك َأْن َت اْلَو َّهاُب‬
Hartosna, “He Pangeran abdi sadaya, salira ulah rek ngajadikeun hate abdi sadaya
condong kana kesesatan saatosna salira masihan pituduh ka abdi sadaya, sareng
pasihan abdi sadaya rohmat ti sisi salira; sabab saenya-enyana salira teh anu maha
masihan (karunia),” QS Ali ‘Imran [3]: 8.
‫الَّلُهَّم َي ا ُم َق ِّلَب اْل ُقُلوِب َث ِّب ْت ُقُلوَب َن ا َع َلى ِديِنَك‬
Hartosna, “Ya Alloh, he Dzat anu mulak-malikkeun hate, tetepkeun hati abdi
sadaya netepan dina agama salira.”
‫َب اَر َك ُهللا ِلْي َو َلُك ْم ِفي اْلُقْر آِن اْلَع ِظ ْي ِم ‪َ ،‬و َنَف َع ِنْي َو ِإَّياُك ْم ِبَم ا ِفْيِه ِمَن ْاآلَياِت َو الِّذ ْك ِر اْل َح ِكْي ِم ‪َ ،‬و َتَق َب َّل ُهللا ِم ِّن ْي َو ِم ْنُك ْم‬
‫ِتَالَو َت ُه‪ِ ،‬إَّن ُه ُه َو الَّسِمْيُع اْلَع ِلْي ُم‪َ ،‬أُقْو ُل َقْو ِلْي َه َذ ا َو َأْس َتْغ ِفُر َهللا اْلَع ِظ ْي َم ِلْي َو َلُك ْم َو ِلَس اِئِر اْل ُمْس ِلِمْي َن َو اْلُمْس ِلَماِت‬
‫ْل‬
‫َف اْس َتْغ ِفُرْو ُه ِإّن ُه ُه َو ا َغ ُفْو ُر الّر ِحْي ِم‬
‫‪Khutbah II‬‬
‫َاْل َح ْم ُد ِهَّلِل اَّلِذْي َأَمَر َن ا ِبْاِالِّت َح اِد َو ْاِالْع ِتَص اِم ِبَح ْب ِل ِهللا اْلَم ِتْي ِن ‪َ .‬أْش َه ُد َأْن َال ِإَلَه ِإَّال ُهللا َو ْح َدُه َالَش ِر ْي َك َلُه‪ِ ،‬إَّياُه َن ْع ُبُد‬
‫َو ِإَّي ُاه َن ْس َت ِعْيُن ‪َ .‬و َأْش َه ُد َأَّن ُم َح َّم ًد ا َع ْب ُد ُه َو َر ُسْو ُلُه‪َ ،‬اْلَم ْبُعْو ُث َر ْح َم ًة ِلْلَع اَلِمْي َن ‪َ .‬الَّلُهَّم َص ِّل َع َلى َس ِّيِد َن ا ُم َح َّمٍد َو َع َلى‬
‫آِلِه َو َأْص َح اِبِه َأْج َم ِعْي َن ‪ِ .‬اَّتُقوا َهللا َم ا اْس َت َط ْع ُتْم َو َس اِر ُعْو ا ِإَلى َم ْغ ِفَر ِة َر ِّب اْلَع اَلِمْي َن ‪ِ .‬إَّن َهللا َو َم َالِئَكَت ُه ُيَص ُّلْو َن َع َلى‬
‫الَّن ِبِّي ‪َ ،‬ي اَأُّيهَا اَّلِذْي َن َء اَم ُنْو ا َص ُّلْو ا َع َلْيِه َو َس ِّلُمْو ا َت ْس ِلْيًما ‪َ ..‬و َص َّلى هللا َع َلى َس ِّيَد َن ا َو َم ْو اَل َن ا ُم َح َّمٍد َو َع َلى آِلِه‬
‫َو َص ْح ِبِه َو َس َّلَم‬

‫َالَّلُهَّم اْغ ِفْر ِلْلُمْؤ ِم ِنْي َن َو اْلُمْؤ ِم َن اِتَو اْلُمْس ِلِمْي َن َو اْلُمْس ِلَماِت َاَالْح َي اِء ِم ْن ُهْم َو اَاْلْم َو اْت ِإَّن َك َس ِم ْيٌع َق ِر ْيٌب ُم ِجْيُب‬
‫الَّد َع َو اِت َو َي ا َق اِض َي اْل َح اَج اِت ِبَر ْح َمِتَك َي ا َاْر َح َم الَّر ِحِمْي َن‬

‫الَّلُهَّم ِإَّن ا َن ُعوُذ ِبَك ِمْن َع َذ اِب َج َه َّن َم َو َن ُعوُذ ِبَك ِمْن َع َذ اِب اْلَق ْب ِر َو َن ُعوُذ ِبَك ِمْن ِفْت َن ِة اْلَمِس يِح الَّد َّج اِل َو َن ُعوُذ ِبَك ِمْن‬
‫ِفْت َن ِة اْلَم ْح َي ا َو اْلَمَم اِت‪ ،‬الَّلُهَّم ِإَّن ا َن ُعوُذ ِبَك ِمْن اْلَه ِّم َو اْل َح َز ِن َو َن ُعوُذ ِبَك ِمْن اْلَع ْج ِز َو اْلَك َس ِل َو َن ُعوُذ ِبَك ِمْن اْل ُجْب ِن‬
‫َو اْلُبْخ ِل َو َن ُعوُذ ِبَك ِمْن َغ َلَبِة الَّدْي ِن َو َقْه ِر الِّر َج اِل ‪ ،‬الَّلُهَّم َي ا ُم َق ِّلَب اْلُقُلوِب َث ِّب ْت ُقُلوَب َن ا َع َلى ِديِنَك ‪َ ،‬ر َّبنا ال ُتِز ْغ‬
‫ُقُلوَب نا َب ْع َد ِإْذ َه َد ْي َت نا َو َه ْب َلنا ِمْن َلُد ْن َك َر ْح َم ًة ِإَّن َك َأْن َت اْلَو َّهاُب ‪َ ،‬ر َّب َن ا آِتَن ا ِفي الُّد ْن َي ا َح َس َن ًة َو ِفي اآلِخَر ِة َح َس َن ًة‬
‫َو ِقَن ا َع َذ اَب الَّن اِر‬

‫ِع َب اَد ِهللا‪ِ ،‬إَّن َهللا َي ْأُمُر ُك ْم ِباْلَع ْد ِل َو ْاِإلْح َس اِن َو ِإيَت آِئ ِذي اْلُقْر َب ى َو َي ْن َه ى َع ِن اْلَف ْح َش آِء َو اْلُمنَك ِر َو اْل َب ْغ ِي َيِع ُظ ُك ْم‬
‫َلَع َّلُك ْم َت َذ َّك ُرْو َن ‪َ .‬ف اْذ ُك ُروا َهللا اْل َع ِظ ْي َم َي ْذ ُك ْر ُك ْم َو اْد ُعْو ُه َي ْس َت ِجْب َلُك ْم َو َلِذ ْك ُر ِهللا َأْك َب ُر‬

You might also like