You are on page 1of 3

PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG

SEKOLAH DASAR NEGERI BOJONGSOANG 2


Jln Raya Bojongsoang No. 21 Ds./Kec. Bojongsoang Kab. Bandung 40288

ULANGAN TENGAH SEMESTER GANJIL


TAHUN PELAJARAN 2023-2024

MATA PELAJARAN: BAHASA SUNDA NAMA SISWA : …………


KELAS/SMSTR : IV/I

I. Cakra ( X ) hurup a, b, c, jeung d dina jawaban anu bener !


Bacaan soal nomor 1- 4

DAUN SEUREUH

Pikeun urang lembur, daun seureuh téh geus teu anéh deui. Seureuh mah mangrupa
tangkal nu ngarémbét kana tangkal séjéna. Daun seureuh sok dipaké nyeupah. Kiwari mah,
sigana tradisi nyeupah téh geus Iangka. Daun seureuh bisa dipaké ubar batuk atawa panas
tiris. Ngala waé 5-8 lembar daun seureuh nu geus rada kolot, tuluy dirames-rames méh ancur,
asupkeun kana gelas, kucuran cai panas, ingkeun sawatara jam. Geus rada tiis caina, tuluy
inum atawa dipaké kekemu. Hasilna batuk ngurangan tug nepi ka matak cageur. Nyeuri huntu
nu matak nyanyautan ogé bisa cageur kekemu ku cai daun seureuh.

Salian ti eta, ngabiasakeun kekemu ku daun seureuh matak sehat kana huntu, nyeuri
gugusi matak cageur. Komo nu bau sungut mah leuwih mujarab ti batan obat bau sungut nu
disemprotkeun. Daun seureuh ogé bisa dipaké ngubaran panyakit bronchitis, gangguan
padaharan, ngaleungitkeun bau awak, rheumatik, sariawan,ngumbah bisul, arateul,
ngeureunan kaluar getih tug nepi ka ubar jajantung sagala. Nurutkeun Prof. Dr. H. Hembing,
daun seureuh téh geus diaku jadi obat tradisional nu gedé pisan mangpaatna pikeun manusa
Dicutat tina: Manglé Alit No. 1895

1. Naon nu jadi jejer bacaan tadi téh?


A. Daun seureuh keur ngubaran bau sungut.
B. Daun seureuh di sabudeureun urang.
C. AhIi kaséhatan Prof. Dr. H. Hembing.
D. Mangfaat daun seureuh

2. Naon waé ari mangpaat daun seureuh téh?


A. Ngubaran gondongeun, nyeuri panon, jeung nyeri huntu.
B. Ngubaran sariawan, nyeuri panon, jeung ngabersihan totombé.
C. Matak ngahideungkeun buuk, ngubaran nyeri cangkéng, jeung nyeri huntu.
D. Ngubaran bronchitis, sariawan, jeung nyeri beuteung

3. Daun seureuh sok dipaké ... ku kolot baheula mah.


A. Kadaharan B. Lalab C. jajamu D. nyeupah

4. Dicutat timana eta bacan teh?


A. Urang lambur
B. Ahil kaséhatan Prof. Dr. H. Hembing
C. Mangle Alit No. 1895
D. Rumah sakit
5. Abdi kamari ... di bumi nini.
A. hees B. sare C. ngendong D. mondok
6. Tukang nyieun korsi, lomari, meja jeung sajabana, disebut ....
A. tukang tani B. binatu C. tukang meubeul D. panday
7. Nyimpeun duit sesa atawa ngahaja nyimpen dina wadah, ngaranna ....
A. tunggul kuras B. nyengcelengan C. neundeun poho D. sisimpeunan
8. Empang teh hartina sarua jeung ....
A. solokan B. susukan C. wahangan D. balong
9. Beja atawa katerangan disebut oge ….
A. lelepon B. informasi C. internet D. computer
10. Andi nuju … kaligrafi
A. gambar B. digambar C. ngagambarkeun D. ngagambar
11. “Upami bade … buku mah ka Yani we atuh!
A. Tambut B. nambut C. Nambutan D. nambutkeun
12. Jeng, upami solat teh atuh kedah … prak prakanana.
A. Leres B. kaleresan C. Leres-leres D. leresan
13. Abdi resep pisan kana olahraga, sabab olah raga ……… awak urang.
A. ningkatkeun B. nyehatken C. ngadatangkeun D. Manjangkeun
14. Budak téh meni mantangul-mantangul teuing kecap mantangul sarua jeung...
A. Pinter pisan B. Bodo pisan C. Nurut pisan D. Tara nurut pisan
15. Carpon nyaeta singkatan tina …
A. Carita panjang B. Cara Nyarita C. Carita Pondok D. Carita polah
16. "Budak teh.... bureuteu, mereun cacingan". Kecap nu merenah keur ngalengkapan eta
kalimah nyaeta....
A. Awakna
B. Sirahna
C. Bujurna
D. Beuteungna
17. Alat komunikasi nu bisa dibabawa ka mana wae disebut….
A. Handphone B. Telepon C. Telegram D. Telegraf
18. Pami aya PR nu rada sesah Rini sok naroskeun ka Téh Irma. Kecap sesah sarua hartina jeung
kecap ….
A. Gampil B. Bagja C. Babari D. Hésé
19. Mawa peti dina sundung,
dibawa ka Nusa Jawa.
Pangarti teu beurat nanggung,
kabisa teu beurat mawa.
Sisindiran di luhur mibanda sifat....
A. Silih asih
B. Sesebred
C. Piwuruk
D. Silih asah
20. Si Jalak Harupat Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung, 31 Maret 1897. Ari pupusna di
Tangerang, sasih Désember 1945. Tanggal sabaraha Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun?
a. 31 Desember 1945 b. 31 Maret 1897 c. 31 Maret 1945 d. 31 Desember 1897

BEWARA

Dina mieling Poe Kemerdekaan Republik Indonesia nu ka-70, di SD Negeri Mancagahar 1


baris diayakeun pasanggiri basa Sunda, nu ngawengku :

a. Maca sajak basa Sunda


b. Ngarang basa sunda
c. Biantara basa Sunda,

Ka murid-murid nu aya rek ngiluan, bisa daftar ka panitia atawa ka ketua kelas masing-
masing. Pendaftaran satelat-telatna dina kaping 5 Agustus 2015. Prungna pasanggiri kaping 10
dugi ka 16 Agustus 2015. Tempatna di ruang kelas 1. Anu pinunjul jadi juara baris dileler hadiah
ti Bapak Kepala Dinas Kecamatan Pameungpeuk, sareng ti Kepala Sakola SD Negeri
Mancagahar 1. Kajuaraan diumumkeun dina kaping 17 Agustus 2015 dina upacara Mieling Poe
Kamerdekaan Republik Indonesia

I. Jawab sakur pananya di handap ieu !

1. Naon eusina bewara teh ?


2. Iraha rek diayakeunnana pertandingan teh ?
3. Perlombaan teh dina pasanggiri raraga mieling naon?
4. Kusaha nu jadi juara bakal di bere hadiahna ?
5. Iraha diumumkeunna anu meunang juara teh ?

You might also like