You are on page 1of 2

1.

Dihandap ieu anu kaasup kaulinan barudak nyaeta …


a. Olah raga c. luncat tali
b. Diajar d. balanja
2. Kaulinan anu dipaenkeun ku duaan nyaeta …
a. Sondah b. bèklen c. congklak d. luncat tali
3. Maman mawa kaleci warna-warni.
Anu kaasup caritaan nyaeta …
a. Maman b. mawa c. kaleci d. warna-warni
4. Dihandap ieu anu kaasup kalimah aktip nyaeta …
a. Cing pangmukakaeun panto!
b. Dimana imah anjeun teh?
c. Danu keur diajar ngaji
d. Saha ngaran presiden teh?
5. Karangan basa lancaran, anu bisa mere gambaran ka anu maca, ngeunaan hiji hal
kalawan tetela disebut karangan …
a. Narasi b. deskripsi c. makalah d.
menyenangkan
6. Lamun disakola teu diajar, kudu ngarasa rugi, sabab sarua jeung micenan …
a. Buku b. biaya c. kapur d. bekel
7. Kalimah pananya anu gunana pikeun nanyakeun waktu …
a. Kumaha c. iraha
b. Naon d. dimana
8. Dina kalimah pananya biasana sok ditungtungan ku tanda …
a. Tanya (?) c. panyeluk (!)
b. Kekenteng (“…”) d. titik
9. … anu dicandak ku Nina teh?
Kecap anu merenah pikeun ngaleungkeupan kalimah diluhur nyaeta …
a. Kumaha c. iraha
b. Naon d. dimana
10. Dikelas lima kudu dibiasakeun getol diajar.
Kecap sipat anu aya dina eta kalimah nyaeta …
a. kelas c. getol
b. kudu d. diajar
Hirup Sauyunan
Mungguh hirup di dunya masing alakur
Silih asah silih asih
Silih rojong silih asuh
Sangkan tingtrim ieu nagri
Raharja tangtos karaos
Ulah boga rasa aing uyah kidul
Ngarasa teu boga tanding
Asa jadi seler punjul
Nepi ka nyawad anu lain
Pasea lamun paamprok
Nagri ancur mun rahayat teu alakur
Usik malik tangtu risis
Raga lara sedih tangtu
Hate cape jisim nyeri
Balukar tina paketrok
11. Pupuh diluhur ngandung watek …
a. Pepeling/nasehat c. kuciwa
b. gumbira d. kahandeueul
12. Jumlah pada dina pupuh diluhur teh aya …
a. 1 b. 2 c. 3 d. 4
13. Cara ngucapkeun engang anu merenah nyaeta …
a. Hir – up c. ka – ra – os
b. Sau – yun – an d. du – nya
14. Guru lagu jeung guru wilangan dina padalisan “ Silih rojong silih asuh “ …
a. 12 – i c. 8 – o
b. 12 – a d. 8 – u
15. Jumlah padalisan dina tiap padana aya …
a. 5 b. 4 c. 3 c. 2

You might also like