You are on page 1of 3

Budak buncir

Dina hiji poe, hyang nyarekan pandawa yen eta pandawa jeung kurawa teh ti leuleutik hayoh
we silih arah pati, ti lelembur silih arah umur pan ceuk batur mah eta teh salah guruna,
hyang. Tah, solusina mah kieu weh, pandawa jeung kurawa bebesanan. gatot kaca urang
tikahkeun jeung putri astina, dewi lesmining puri. tapi teu di tarima ku gatot kaca. saurna
mah gatot kaca teh can hoyong gaduh bojo, da can beger. padahal umur na tos 30 taun.
sebenerna mah gatot gaca teh ngarasa paur, di balik pajodoan ieu aya maksud anu lain ti
kurawa.
ari hyang jeung kurawa keukeuh gatot kaca kudu kawin. terus semar mamatahan pandawa,
tong sok mamaksa batur, pek teh semar di ciduhan, terus di tajong. daripada di paksa kawin,
gatot kaca milih kabur. hyang nitah arjuna ngudag gatot kaca, paksa deui kadie. ahirna gatot
kaca ka panggih ku arjuna. arjuna jeung gatot kaca duel. arjuna eleh ku gatot kaca. gatot
kaca kabur deui. kaburna teh ka partapan tutugan gunung parasu. sesepuh di partapan eta
teh namina merakgaca. merakgaca mamatahan gatot kaca yen ancurna hiji negara teh
kusabab budayana tos ancur. jati kasilih ku junti. jadi aki merakgaca ngadirikeun pasantren
supados negara ieu teu ancur. si aki merakgaca nyarios kitu kusabab ngira yen gatotkaca
bade newak aki gara-gara gaduh pasantren. padahal mah gatotkaca ka partapan aki teh bade
nyuhungkeun panawarangan, bade ngabuktikeun dugaan gatotkaca yen aya maksud laina
tina pajodoan gatotkaca jeung dewi lesmining puri. pek teh bener, tina hasil panarawangan
aki merakgaca, gatotkaca teh sebenerna mah dek di racun ku kurawa.
"Tuh nya pan bener firasat teh"
ceuk gatotkaca. terus gatot naros ka si aki "Saha atuh pijodoeun abdi teh ki" si aki ngajawab
yen jodo na gatotkaca aya di kidul, di nagri tirta dahana. namina teh dewi dahana wati, putri
raja dahana dewa. tah di negri tirta dahana. nuju diayakeun sayembara, saha anu bisa
ngelehkeun jago sayembara rek di tikahkeun jeung dewi dahana wati. jago sayembarana teh
patih negara tirta dahana, namina tirta sakti tapi gatotkaca ragu keneh bener teu sih jodo
abdi teh eta. supaya bener-bener nguji kabeneranana, gatotkaca di sulap ku aki merakgaca
jadi pendek, hideung, hina, tapi jago keneh gelutna, namina ge diganti jadi budak buncir. teu
lila, cepot jeung petruk datang, nengan gatotgaca. tapi da gatotgaca na tos robah
rupa, jadi cépot jeung Petruk teu kenaleun. terus si aki ngabejaan cepot jeung Petruk yen
gatotgaca keur di kidul, di nagri tirta dahana, sigana mah keur lalajo sayembara anu
diayakeun di tirta dahana. terus cepot jeung
Petruk bade nyusul ka tirta dahana. “engke heula, aki bade nitipkeun putra aki, ieu, si budak
buncir. Hoyong lalajo sayembara ceunah”.
“hayu atuh, asal tong ngerakeun”, ceuk si cepot jeung Petruk. Tiluan arangkat ka tirta
dahana.

si gatot kaca na teu jadi di racun ku si kurawa kusabab manehna indit ka nagri tirta dahana
bade ngabuktiken eta teh bener jodo na aya di nagri tirta dahana atanapi hente.

You might also like