You are on page 1of 4

1.

Dina sastra Sunda, aya novel bacaeun barudak anu dicitak deui ku PT Kiblat Buku Utama (2010),
anu judulna nyaéta...
A. Nu Ngageugeuh Legok Kiara karya Dadan Sutisna
B. Misteri Haur Geulis karya Dadan Sutisna
C. Rasiah Kodeu Binér karya Dadan Sutisna
D. Budak Teuneung karya Samsoedi
E. Budak ludeung karya Samsoedi
2. Novel asalna tina basa Latin, novus (anyar), robah jadi kecap novellus, terus robah deui jadi
novel, kukituna novel disebut ogé...
A. Fiksi
B. Roman
C. Prosa
D. Puisi
E. Latin
3. Di handap ieu mana nu teu kaasup kana ciri-ciri Novel?
A. Karangan nonfiksi
B. Tokohna loba
C. Alurna Panjang
D. Latarna laluasa
E. Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé
4. Ari nu disebut novel téh nyaéta prosa rékaan panjang dina wangun lancaran tur alur caritana
ngarancabang. Kecap anu dicirian di luhur miboga istilah séjén dina bahasa Indonesia nyaéta..
A. Fiktif jeung aktual
B. Kompléks jeung narasi
C. Fiksi jeung komlpéks
D. Kompléks jeung fiktif
E. Fiktif jeung kumplit

5. Novel sunda téh nyaéta novel anu ditulis maké basa Sunda. Novel, carpon jeung dongéng
mangrupa karya sastra wangun lancaran sanajan kitu pada-pada mibanda ciri masing-masing. Ieu
di handap anu teu kaasup kana ciri Novel nyaéta...
A. Karangan nonfiksi
B. Tokohna loba
C. Alurna panjang
D. Latarna laluasa
E. Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé
6. Novel mah biasana tokohna loba, alurna panjang, latarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun
kahirupan sapopoé. Langka novel nu eusina unsur......
A. Pamohalan saperti dongéng
B. Nyata saperti dina carpon
C. Teu asup akal saperti dina novel
D. Asup akal saperti dina dongéng
E. Pamohalan saperti dina carpon
7. Méméh medal novel dina sastra Sunda para pangarang téh ngarang dangding jeung wawacan,
kukituna dina kamekaran sastra Sunda, novel téh dianggap karya sastra sampeuran tina sastra......
A. Latin
B. Sansekerta
C. Yunani
D. Eropa
E. Walanda
8. Aya novel dina sastra Sunda anu medalna leuwih ti heula ti batan novel dina basa Indonésia anu
judulna Azab dan Sengsara karangan Mérari Sirégar anu mimiti medal dina taun 1920, nyaeta
novel dina sastra Sunda anu judulna.....
A. Baruang ka nu Ngarora karya D.K Ardiwinata (1419)
B. Agan Permas karangan Yuhana (1928)
C. Pangéran Kornél karangan R. Memed Sastrahadiprawira (1930)
D. Baruang ka nu Ngarora karya D.K Ardiwinata (1914)
E. Gogoda ka nu Ngarora karya M.A SALMUN (1940)
9. Dina kamekaran sastra Sunda, saméméh medal novel, baheula pangarang Sunda mah lolobana
téh ngarang wangun sastra saperti....
A. Sisindiran jeung dangding
B. Dangding jeung pupuh
C. Dangding jeung wawacan
D. Wawacan jeung carpon
E. Wawacan jeung pupuh
10. Ti saprak wanoh kana wangun novel, pangarang téh loba anu ngarang novel, leuwih mekar ti taun
ka taunna. Dina taun 1940-an nepi ka taun 1950-an, aya dua novel Sunda anu medal
diantarana......
A. Gogoda Ka Nu Ngarora karya M.A Salmun jeung Marjanah karya Suwarsih Djojo Puspito.
B. Agan Permas karangan Yuhana jeung Pangéran Kornél karangan R. Memed Sastrahadiprawira
C. Buron karya Aam Amalia jeung Cinta Pabaliut karya Edi D. Iskandar
D. Béntang Pasantrén karya Usep Romli H. M jeung Rini karya Yosep Iskandar
E. Baruang ka nu Ngarora karya D.K Ardiwinata jeung Azab dan Sengsara karya Mérari Sirégar
11. Upama nilik jéngglénganana, novel téh mibanda unsur atawa struktur intrinsik jeung ékstrinsik.
Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur intrinsik novel nyaéta....
A. Puseur sawangan
B. Amanat
C. Jejer
D. Setting
E. Kasang tukang pangarang

12. Novel téh mibanda unsur atawa struktur intrinsik, aya salah sahiji unsur anu wangenann nyaéta
jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita téh istilahna disebut....
A. Jejer
B. Plot
C. Setting
D. Puseur sawangan
E. Téma
13. Minangka sarana pikeun midangkeun tokoh, tindakan, latar, jeung peristiwa anu ngawangun
carita dina novel. Ungkara di luhur mangrupa katerangan tina istilah salah sahiji unsur nu
disebut...
A. Jejer
B. Plot
C. Setting
D. Puseur sawangan
E. Palaku
14. Aya sababaraha rupa jenis novel dumasar ka sasaran nu macana, kukituna ya nu disebut novel
barudak, rumaja, deawasa. dina sastra Inggris, novel barudak/rumaja disebutna teenlit, singgetan
tina...
A. Teen lecture
B. Ten literate
C. Then literature
D. Teen literature
E. Then lecture
15. Dina sastra Sunda aya nu disebut novel barudak/rumaja nyaéta novel anu eusi carita diajangkeun
keur bacaeun barudak/rumaja. Upama ditilik tina basa nu dipakéna, novel barudak/rumaja
biasana eusi caritana téh....
A. Teu gampang kaharti atawa kacangkem ku barudak. Kitu deui runtuyan kajadian dina carita,
teu jauh tina kahirupan barudak/rumaja.
B. Gampang kaharti atawa kacangkem ku barudak. Kitu deui runtuyan kajadian dina carita, teu
jauh tina kahirupan barudak/rumaja.
C. kaharti atawa kacangkem ku barudak. Kitu deui runtuyan kajadian dina carita, teu jauh tina
kahirupan jalma déwasa.
D. Teu gampang kaharti atawa kacangkem ku barudak. Kitu deui runtuyan kajadian dina carita,
teu jauh tina kahirupan jalma déwasa.
E. runtuyan kajadian dina carita, teu jauh tina kahirupan barudak/rumaja.
16. Dina puseur sawangan téh aya sababaraha rupa dumasar ka si pengarang nempatkeun dirina dina
eusi carita, upama puseur sawangan nu pangarangna milu asup kana jalan carita biasana
ciri-cirina nyaéta si pengarang ngagunakeun kecap gaganti jalma….
A. kahiji “abdi”
B. Kadua “kuring”
C. kahiji “kuring”
D. Katilu “manéhna”
E. Kahiji “manéhna”
17. Dina puseur sawangan téh aya sababaraha rupa dumasar ka si pengarang nempatkeun dirina dina
eusi carita, upama puseur sawangan nu pangarangna aya diluareun jalan carita biasana ciri-cirina
nyaéta kecap gaganti jalma….
A. kahiji “abdi”
B. Kadua “kuring”
C. kahiji “kuring”
D. Katilu “manéhna”
E. Kahiji “manéhna”
18. Salah sahiji hal tina unsur intrinsik téh biasana kapanggih ku nu maca sanggeus neuleuman eusi
caritana. Salahsahiji unsur intrinsik nu disebut…
A. Jejer
B. Plot
C. Amanat
D. Puseur sawangan
E. Téma
19. Upama dina sastra Sunda wangun lancaran hususna novel aya salah sahiji unsur intrinsic,
katerangan istilah waktu nu dipaké dina ieu unsur téh nyaéta mangrupa gambaran tina
kaayaan/suasana alam, contona: tangari, haneut moyan, carangcang tihang jsb. Katerangan di
luhur mangrupakeun pangjembar tina unsur intrinsik nu disebut…
A. Jejer
B. latar
C. Amanat
D. Puseur sawangan
E. Téma
20. Aya istilah nu disebut marélé jeung bobok tengah mangrupa jenis tina unsur intrinsik nu bagian
tina……
A. Jejer
B. latar
C. Amanat
D. Puseur sawangan
E. Galur
21. Tokoh-tokoh dina novel mah umumna mibanda watek atawa karakter sakumaha kahirupan
manusa biasa, aya nu sabar, barangasan, babarian, bageur, tukang linyok bohong jsté. Dina
kalimah di luhur aya dua kecap nu dicirian, pék téangan ku hidep sasaruaan kecapna!
A. bohong, pinter
B. beringas, sensitif
C. pemarah, baik hati
D. tegas, pemarah
E. beringas, jujur
22. Palaku téh salah sahiji bagian tina unsur intrinsik nyaéta tokoh anu ngalalakon atawa anu
dilalakonkeunkeun dina carita. Ari nu disebut palaku téh jenisna dibagi jadi…….
A. tilu: utama, antagonis jeung protagonis
B. hiji: tritagonis
C. dua: utama jeung tambahan
D. opat: protagonist, antagonis, tritagonis, utama
E. dua: utama jeung antagonis
23. Galur téh nyaéta jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita. Aya salah sahiji jenis galur
nu jalan caritana téh kudu ngaleunjeur/kudu sistematis ti awal tepi ka akhir carita. Dumasar
kana katerangan ungkara di luhur éta jenis galur téh disebut galur…..
A. maju C. mundur
B. bobok tengah D. campuran
E. flashback
24. Dina sastra Sunda, aya novel bacaeun barudak/rumaja, upamana waé: Nu Ngageugeuh Legok Kiara, Misteri Haur
Geulis, jeung Rasiah Kode Biner. Dumasar judul novel di luhur pék tataan ku hidep karangan saha waé jeung taun
sabaraha éta novel medal!
A. 1914, 2004 jeung 2011 karangan D.K Ardiwinata
B. 2001, 2004 jeung 2010 karangan Dadan Sutisna
C. 2000, 2004 jeung 2010 karangan Tatang Sumarsono
D. 2002, 2004 jeung 2010 karangan Dadan Sutisna
E. 2005, 1950 jeung 2000 karangan M.A Salmun
25. Di handap ieu mana nu kaasup kana unsur ékstrinsik dina novel?
A. Téma
B. Amanah
C. Galur
D. Gaya basa
E. Panokohan

You might also like