You are on page 1of 1

Mikail Fadhil Syabani

3B

Biantara Bahasa Sunda

Assalamu’alaikum Wr.Wb

Alhamdulillaahi robbil ‘aalamiin, wabihi nasta’inu ‘alaa umuriddunya waddiin. Wassholatu assalamu
‘alaa asyrofil mursaliin, wa’alaa aalihi wa sohbihi ajma’iin. Amma ba’du.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka gusti Allah nu maha ghafur, anu
parantos masihan ka urang sadaya mangréwu nikmat, mudah-mudahan urang sadaya kalebetkeun
golongan hamba-hamba anu bersyukur sanés golongan hamba-hamba anu kufur kana nikmat Allah.

Shalawat sinareng salam mugia sapapaosna didugikeun ka nabi urang sadaya nu jadi panuntungan
sadaya nabi nyatana Nabi Muhammad SAW, sinareng kulawargana, sohabatna, mudah-mudahan dugi
ka urang sadaya salaku umatna.

Hadirin sadaya,

Sakumaha anu ku urang sadaya diuninga urang sadaya parantos nincak dina bulan suci Romadhon,
urang sadaya salaku umat Islam tangtuna wajin ngalaksanakeun salah sahiji ibadah anu aya dina
rukun islam nyaeta ‘puasa’.

Ibadah puasa wajib tiap taun dilakonan dina bulan anu mulia nyaéta bulan Ramadhan, bulan
Ramadhan ieutéh mangrupi bulan anu spesial kanggé umat islam tur bulan anu dianti-anti dina tiap
taunna.

Bulan Ramadhan jadi bulan spesial di kalénder hijriyah sabab ngagaduhan sababaraha kautamaan
salah sahijina jadi bulan umat islam ngalakonan rukun islam anu ka opat nyaéta puasa.

Kautamaan sareng kamuliaan bulan Ramadhan kangge umat islam anu ngalakonan puasa Ramadhan
nu salajengna nyaéta bisa janten panggugur dosa, sakumaha Hadits Riwayat Bukhori no, 38 anu
hartosna: "ngarep-ngarep ganjaran ti gusti Allah, maka dosana anu tos kalangkung bakal kénging
panghampura gusti Allah”

Seueur pisan kautaamaan bulan Ramadhan anu sanésna deui, kumargi bulan Ramadhan mangrupa
bulan anu dipinuhan ku kabarokahan.

Kalayan kitu, hayu urang siapkeun diri mapag bulan anu mulia tur suci tug dugika urang tiasa
ngajadikeun momentum bulan Ramadhan janten bulan anu pinuh kabarokahan pikeun urang sadaya.

Rupina, sakitu waé anu tiasa ku pribados didugikeun, mudah-mudahan urang sadaya tiasa nyandak
hikmah tina nu parantos di dugikeun.

Pungkasaning pihatur.

Billahitaufik wal hidayah.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

You might also like