You are on page 1of 3

BUDAK PAHATU LALIS

Karya DadanSutisna

Budak pahatu lalis


andriprek lebah
trotoar
beungeut cérong dipulas
kekebul kota baju rangsak
direwég ku kateuboga tapi naha
biwirna teu weléh seuri tapi
naha panonna teu weléh
hurung

Budak pahatu
lalis hirup
dibaturan
karung ngincer
jalma-jalma
nu teu nyaho wadah runtah

Budak pahatu lalis


umat-imut hareupeun toko pakéan
nyérangkeun budak sapantar
keur ngajaran baju anyar

Budak pahatu lalis


neureuy ciduh di juru alun-
alun lalajo budak sapantar
ngahuapkeun roti bakar

Budak pahatu lalis


ngagibrig dikepung
tiris mapay peuting
jeung girimis teuneung
nyorang titis-tulis:
sanajan hirup
nunggelis dipahing
ragrag citangis
SOLAWAT
Karya NazarudinAzhar

Tina sapiker masigit

aya nu ngaleu
solawat sorana
ngalalar
ti lembur ka penclut pasir

Kolécér teu
kaanginkeun
ditiung layung
kasorénakeun

Aya budak lalaki


leumpang sarungna
disoléndangkeun
nangkeup kur’an
ngajingjing oncor
ngahariring nuturkeun
sora solawat nu
kadéngéna beuki deukeut

Imahna di pasir tonggoheun


lembur najan kudu nikreuh
jauh
manéhna teu kungsi
ngangluh ngincig miang
saban burit
rék diajar ngaji di masigit

Ba’da Isa manéhna


mulang bari angger
ngahariring batur
keueung mapay
galeng netek na
jalan satapak

sora solawat
teu elat
maturan dina
haténa
UCING
Karya Rinrin Candraresmi

"Méooong…. Méooooooong…."
"Méééééng…. pus pus puuuuuuuuus….”
"Méooong…. Méooooooong…."

Tah, aya nu éong-


éongan Patémbalan
teras-terasan
Ih, tuda ucingna seueur kapan

Nu ieu Euis
Nu itu Jaka
Saé nya namina Asli
nami Sunda

Tapi aya ogé nami Barat Nu


jalu Vigo
Nu bikang Chiko
Palinter henteu
barodo

Sadayana lalucu Tiasa


diajak ameng
Sok ocon udag-
udagan Sok
nunutur ogo
pisan
Sok ngaléndotan hoyongeun diusapan

Ucing téh mahluk satia


Ucng kedah dipiara enya-
enya Ucing batur ramé
rencang sepi
Ucing sato kameumeut Kangjeng Nabi

Bandung, Oktober 2013

You might also like