You are on page 1of 7

MAKALAH BAHASA SUNDA

“PANGWANGUNAN TEHNOLOGI”

Anggota Kelompok:

1. Ade Rehan

2. Siti Sadia’tul Hopipah

3. Raia Prisila

KECAP PANGANTEUR
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panata cala
gara anu parantos maparin kapercantenan ka sim kuring kanggo janten
panumbu catur dina ieu sawala, disarengan ku girang serat Sadérék Putri
Endah. Atuh salajengna, sumangga urang buka ieu forum ku sami-sami
maca basmalah: bismillahirrohmanirrohim.

Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat,

Sakumaha anu tadi didugikeun ku Pupuhu Panata Calagara, dina ieu


kasempetan urang sami-sami medar sareng nyawalakeun perkawis
"Pawangunan Tehnologi". Seueur anu nyebatkeun, (‘yén kajujuran téh dina
mangsa kiwari mah tos kalebet barang langka. Naha leres éta téh, atanapi
mung saukur sangkaan? Naha ari dina budaya Sunda aya ajén-inajén
kajujuran? Sareng kumaha deuih carana nuwukeun ajén-inajén kajujuran
dina kahirupan urang Sunda sadidinten?’(ganti)

Anu baris ngajejeran ieu sawala nya éta Ibu Siti Sadia’tul Hopipah salah
sawios panitén (budaya Sunda anu rajin medar sareng ngaguar perkawis
budaya Sunda dina sawatawis média massa, boh lokal boh na
sional’(ganti). Namung sateuacanna sim kuring badé ngadugikeun heula
riwayat hirup anjeunna.

(RÉNGSÉ NEPIKEUN RIWAYAT HIRUP)

Bu Siti badé ngadugikeun makalah anu jejerna "Pawangunan Tehnologi".


Aya waktos dugi ka tabuh sapuluh, dila jengkeun kana tanya-jawab. Ka
pangersa Bu Siti, sumangga dihaturanan

(RÉNGSÉ PANGJEJER NEPIKEUN MAKALAH)

Daftar Eusi
Kecap Panganteur

Daftar Eusi
BAB 1 BUBUKA

A. Kasang tukang

B. Tujuan

BAB 2 EUSI

A. Pawangunan Tehnologi

BAB 3 PANUTUP

A. Saran

B. Panutup

BAB 1
BUBUKA
A.Kasang Tukang

Téknologi mangrupa sakabéh sarana pikeun nyadiakeun barang-


barang anu dipikabutuh pikeun kasalametan jeung kanyamanan kahirupan
manusa. Sacara étimologis, akar kecap téhnologi nya éta "techne" anu
hartina runtuyan prinsip rasional atawa métode anu patali jeung pembuatan
hiji objék, atawa kaahlian tangtu, atawa pangaweruh prinsip atawa métode,
jeung seni.

B.Tujuan
BAB 2
EUSI

A.Pawangunan Tehnologi

Di jaman kiwari Teknologi tos jadi kabutuhan pokok kangge urang


sadaya ti mimiti budak sakola dugikakeun kolot tos teu bisa leupas dina
anu namina Teknologi. sabab Teknologi ngagaduhan mangpaat anu seuer
kangge kahirupan urang sadaya. mangpaat tina Teknologi dijaman ayena
contohna internet, ku ngagunakeun internet arurang tiasa komunikasi,
belajar, sareung nyiptakeun lapangan padamelan. dina komunikasi
contohna ayena tos seuer anu ngagunakeun aplikasi-aplikasi kangge
komunikasi online contohna whatsaap,facebook,BBM jeung sajabina,salian
ti jang komunikasi, internet oge bisa kangge milariaan elmu-elmu nu can
pernah didapatkeun sataacanna,jeung jaman kiwari mah milarian
padameulan teu kedah milarian kaitu kadieu,tinggal buka HP pilarian
lowongan padameulan di internet,arurang tinggal milih bade damel anu
kumaha sesuai jeung kamampuan arurang.Teknologi,lamun arurang
sadaya teu tiasa nga manfaatkeun teknologi kangge anu sae,arurang bisa
ngajeblos ka hal anu negatif tina teknologi,sabab ti eta,kedah pisan diajar
ngenaan teknologi ieu,bisa kasebat kedah benta teknologi.

Hadirin sadaya, Teknologi dijaman kapungkur tangtu jauh beda


sareng dijaman ayeuna,Nah teras kumaha teknologi dijaman kapayunna?
tangtuna pasti leuwih canggih tijaman ayeuna,maka ti kitu urang sadaya
kedah nyiapkeun kemampuan kangge nyaghareupan canggihna teknologi
di masa payun.Mulai ti jaman ayeuna,padameulan oge tos seueur anu
ngagunakeun mesin robotic, jadi padameulanna di dameulkeunn ku para
robot sanes ku jalmi,ti balik kamudahan ngagunakeun mesin
robotic,sabenerna dina ngagunakeun mesin robotic lowongan padameulan
jadi makin saeutik sareng kedah ngabogaan elmu anu tos tinggi.Komo deui
dijaman kapayun mah, meureun bisa jadi kabeh pagawaean tanpa
ngagunakeun tanaga jalmi sama sakali,sabab teknologi di jaman
kapayunna bakal leuwih canggih pisan.

Salian kudu nyiapkeun kabutuhan elmu kangge nyanghareupan


teknologi di masa payun,arurang sadaya anu tos gaduh elmu ngenaan
teknologi dijaman kiwari kedah tiasa nyiptakeun teknologi anu bisa mere
mangpaat kangge kahirupan sapopoe,sabab di Indonesia teknologi masih
bisa kasebat tinggaleun ti batan nagara nagara luar.Sabenerna seueur
pisan elmuan-elmuan anu tiasa nyiptakeun teknologi anyar kangge di
Indonesia,tapi sabab ku di Indonesia mah penunjang atanapi peralatan
kangge nyiptakeun teknologi anyar teh kirang lengkap bahkan kadang teu
aya,jadi para elmuan nyiptakeun teknologi anu canggih di luar
negeri.Nagara Indonesia saharusna nyiapkeun fasilitas anu langkung sae
kangge ngembangkeun teknologi-teknologi nu aya di Indonesia,lamun
teknologi dinagara Indonesia atos sae atanapi canggih,maka teu nutup
kamungkinan laun laun Indonesia bisa jadi nagara anu maju jeung kasohor
di dunia.

Jadi kangge urang sadaya kedah tiasa nyanghareupan jaman


teknologi anu makin canggih ieu,sabab lamun arurang teu bisa
nyaimbangkeun elmu sareng kacanggihan teknologi jaman ayeuna,bakal
sesah terutama tina milarian padameulan jeung bahkan bisa katinggaleun
jaman.

BAB 3

PANUTUP

A.Saran

Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat, parantos kakuping ku urang


sadayana pedaran anu kalintang munelna ti Ibu Siti. Sim kuring neda widi
seja ngadugikeun sawatawis kacindekan tina perkawis anu didugikeun ku
Ibu Siti nembé, anu ku urang tiasa dijantenkeun tata pakan dina ieu
sawala, di antawisna:

(POIN POIN)

B.Tanya Jawab

Sumangga, bilih aya anu badé naroskeun, nambihan, atanapi ngadu


gikeun kamandangna perkawis jejer sawala, sim kuring masihan kaser
petan dina sababaraha jirangan. Jirangan kahiji kanggo limaan. Téhnisna
patarosan atanapi kamandang ditampung heula limaanana, engké diwa ler
sakaligus ku Pa Asép. Dikawitan ti ayeuna Sumangga, ngacung baé. Tong
lali nyebatkeun jenengan sareng kawitna.

(RÉNGSÉ SÉSI SAWALA JEUNG TANYA JAWAB)


Hadirin, sim kuring yakin masih kénéh seueur kapanasaran perkawis ajén-
inajén kajujuran, utamina mah anu aya dina tehnologi ti bihari dugi ka
kiwari, sareng prakna dina kahirupan sadidinten kiwari. Namung hanjakal,
urang kawatesanan ku waktos, ayeuna parantos tabuh dua belas, parantos
dugi kana waktosna kanggo lekasan.

C.Panutup

Sugema teu sugema, kapaksa kedah sugema baé. Malih saé ogé
hen teu sugema, supados ieu sawala janten pangjurung laku kanggo urang
sadayana ngaguar deui pawangunan tehnologi, atuh ngkung jembarna
deui ajén-inajén moral sanésna anu aya dina tehnologi. Tétéla, masih
kénéh seueur guareun urang téh, guareun sakumna urang Sunda tina
kabeungharan tehnologi. Kacindekan tina ieu sawa la, sim kuring
masrahkeun ka hadirin sadayana.

Pamungkas sim kuring atas nami panumbu catur, girang serat,


sareng panata calagara seja ngahaturkeun nuhun ka Ibu Siti anu parantos
nga jejeran ieu sawala, nu kalintang munelna. Sasieureun sabeunyeureun,
asa piraku henteu aya mangpaatna kanggo urang sadayana.

Sumangga urang tutup baé ieu sawala ku sami-sami ngucapkeun


hamdalah: Alhamdulillahi robbil alamiin Akhirul kalam, wabillahi taufiq wal
hidayah wassalamu'alaikum warrohmatullohi wabarakaatuh

You might also like