You are on page 1of 1

HARIRING KURING

Tengah peuting keur jemplang


jempling
Kuring nyaring teu genah cicing
Hate melang sumoreang
Buah ati lawas teu patepang
Cuang-cieung abdi sorangan
Nunggelis di pangumbaraan
Lieuk deungeun lieuk lain
Taya pisan geusang pamuntangan
Rek sasambat ka saha nyanyambat
Suwung dulur walura sobat
Sangsang badan titipkeun nyadiri
Iwal ti ka Gusti nu yang widi
Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Kajungjunan nu ngantosan
Kawih ati nur keur rungsing pusing

You might also like