You are on page 1of 3

PEMERINTAH KABUPATEN TASIKMALAYA

DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN


SD NEGERI SUKASETIA
Kp. Sukasetia Desa Sukasetia Kecamatan Cisayong Kabupaten Tasikmalaya

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS)


TAHUN PELAJARAN 2023/2024 NILAI
KELAS V

Muatan Pelajaran : Bahasa Sunda Nama :


Hari, Tanggal : No Absen :
Waktu :

I. Tandaan ku cakra (X) dina A, B, C atau D anu luyu jeung pananya !


1. Tengetan teks bacaan kawih dihandap ieu!
Cingciripit tulang bajing kacapit, kacapit ku bulu pare, bulu pare seuseukeutna
Jol pa dalang mawa wayang jrek-jrek nong.
Kakawihan di luhur biasana digunakan dina paripolah.....
A. Kaulinan C. Paparikan
B. Pupujian D. Sisindiran

2. Kaulinan anu osok dilakukeun ku barudak aya dua rupa nyaeta ….


A. Modern jeung nu rame C. Mahal jeung nu murah
B. Tradisional jeung modern D. Murah jeung anu teu rame

3. Baca sing gemet pedaran di handap ieu!


Calung nyaeta pakakas musik sunda anu hampir sarua jeung angklung ngan tangtu aya bedana. Beda jeung
angklung, cara maenkeun calung mah kucara nakol anu disusun nurutkeun tangga nada pentatonik da-mi-na-ti-
la. Calung jeung angklung cara ngagunakeuna ku di.....
A. ditiup jeung di kesetan C. diayun-ayun jeung dipetik
B. dikesetan jeung ditakol D. Ditakol jeung diayunkeun

4. “ halodo sataun lantis ku hujan sapoe”


Tina paribasa sunda di luhur, kecap halodo digambarkeundina kalimah ….
A. panas panonpoe taneuh gararing C. cai cur-cor di mamana loba pisan
B. loba cai kaayaan taneuh rujit D. Daun pare harejo jeung tatangkalan pucukna sarirungan

5. “ulah bodo katotoloyo kudu bodo alewoh”


Bandingan tina dua perkara anu aya dina paribasa diluhur nyaeta....
A. bodo alewoh leuwih goreng ti bodo katotoloyo
B. bodo alewoh leuwih alus ti bodo katotoloyo
C. bodo katotoloyo sarua gorengna ti bodo alewoh
D. bodo katotoloyo sarua alusna ti bodo alewoh

6. Dina raraga neruskeun cita-cita pahlawan, barudak sakola kudu.....


A. reueus jadi bangsa Indonesia C. mindeng ulin lalajo film perjuangan
B. milu perang ngalawan penjajah D. Ngarasakeun jadi warga anu bebas

7. Bangsa jeung nagara sakuduna dipikacinta ku . . .


A. barudak sakola C. guru jeung patani
B. tentara jeung pulisi D. Sakumna warga nagara

8. Tengetan sajak di handap ieu!


Unggal poe rebun ka sawah
Ngalengkah sumanget manggul pacul
Miara tur melak pepelakan kabisana
Harepan ususm bubuahan nu ngaleuyah
Bekel nafakah diri, kulawargi jeung sakumna
Sajak di luhur eusina nyaritakeun pagawean sapopoe....
A. Supir C. Patani
B. Guru D. masinis
9. “surup ka kulon tanda beurang geus leungit”
Tina kalimah kutipan di luhur, anu surup nyaeta ….
A. Bulan C. Panonpoe
B. Bentang D. planet-planet

10. “Imah Kang Yana ayeuna mah disisi gawir Ciloseh”


Harti kecap tina gawir nyaeta.....
A. taneuh anu nangtawing C. taneuh anu ngalegok
B. taneuh anu ngagantung D. taneuh anu muruluk

11. Bagian tina gunung atawa tonggong ginung, ku urang sunda mah osok disebut....
A. Mumunggang C. Lengkob
B. Puncak D. Kawah

12. Kegiatan anu melakan tur ngahejokeun deui lahan anu dugul kakayon....
A. Renovasi C. Revolusi
B. Reboisasi D. Regenerasi

13. Parung, leuwi, ruam jeung curug, eta istilah-istilah kecap tempat anu ayana di ….
A. Laut C. Gunung
B. Walungan D. Kota

14. Tempat tatanen anu biasana merlukeun cai tur dipelakan pare disebutna nyaeta ….
A. Sawah C. Kebon
B. Huma D. Leuweung

15. Kalimah sajak dihandap ieu anu cocok tur luyu ngagambarkeun maung nyaeta ….
A. ngapung nyuruwuk ngawang-ngawang ngajomantara
B. Ki Belang kiwari kaleungitan leuweung tempat dumukna
C. ngacleng lumpat ngabelesat kalawan bulu bodas nyacas
D. kongkorongok unggal isuk-isuk mere beja panon poe bakal datang

II. Eusian titik-titik dihandap luyu jeung pamenta soal!


16. Kaulinan anu polahna ngagunakeun bahan awi tuluy make panahan suku jangeun naekanna disebut …………
17. Wayang golek mah dijieuna tina …………
18. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi …………
19. Jajaran dina sajak disebutna …………
20. Kalimah “ ikhlas ngorbankeun jiwa raga keur nagara” ditujukeun ka …………

III. Jawab pananya atawa lakukeun panitahna!


21. Tulis ku hideup ngaran kaulinan jeung cara maenkeun kaulinan eta!
………………………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………………………

22. Naon bae anu bisa dilakukeun ku hidep dina ngeusian kamerdekaan!
………………………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………………………

23. Naon wae ngaran bagian-bagian atawa patempatan anu aya diwalungan !
………………………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………………………

24. Jelaskeun harti kecap tina istilah di handap ieu!


- Basisir = ………………………………………………………………………………………………
- Langkob = ………………………………………………………………………………………………
- Pasir = ………………………………………………………………………………………………

25. Kumaha wae cara anu bisa dilakukeun tina miara lingkungan disakola!
………………………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………………………………………
KUNCI JAWABAN
PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS)
BAHASA SUNDA KELAS V
SEMESTER 2 TAHUN PELAJARAN 2023/2024

I. PG
1. A 6. A 11. A
2. B 7. D 12. B
3. D 8. C 13. C
4. A 9. C 14. A
5. B 10. A 15. B

II. Uraian
16. Jajangkungan
17. Kai
18. Legok
19. Padalisan
20. Pahlawan

III. Essey
21. Diuihkeun ka guruna masing-masing
22. Diajar sing tekun, silih pikanyaah ka sasama, henteu mopohokeun jasa para pahlawan
23. Babantar, Bojong, Bobojong
24. Basisir = sisi laut, atawa tempat patepungan daratan jeung lautan
Lengkob= patempatan anu ngalegok anu ayana diantara dua lamping
Pasir = gunung leutik rada handap atawa teu jangkung jiga gunung
25. Miceun sampah kana tempatna, milah milah sampah organik jeung anorganik, ngajaga karindangan
tatangkalan nu aya dina lingkungan sakola, ngajaga kabersihan ruangan kelas jeung sakola

Skor Penilaian I 15 x 1 = 15
II 5 x 2 = 10
III 5 x 3 = 15
Skor Maksimal 40
Nilai Akhir (N.A) = Jumlah skor perolehan x 100
Skor maksimal

You might also like