You are on page 1of 3

Angel Meyka.

S 8B/3 CARPON BASA SUNDA


BARUANG KANU NGARORA.
Pangarang :D.K Ardiwinata
Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong, bet jadi
geulis kabina-bina. Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu
papanggih. Baréto mah can bisa ngomé manéh . Ngomong dina jero atina,
“Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan palay ka Nyi Rapiah, da
sakie geulisna.”

Cék Nyi Rapiah, “Calik Embi! Nyandak naon éta téh?”


Walon Nyi Dampi, “Rupi-rupi baé, Lis, aya sinjang, aya kekemben.
“Cing ninggalan. Ieu bogoh samping kebat. Sabaraha pangaosna?”
“Eta mah teu kirang deui Rp.25, mésérna ogé Rp.22,5.”
“Beu naha mahal-mahal teuing? Teu kénging Rp.15.?

“Teu kenging, Lis, mésérna og é tebih kénéh. Sareng ieu embi


ngabantun lélépan lucu pisanm pantes dianggo ku Elis. Geura anggo
dina jariji.”
“Tuluy, ninggang kana réma anu sakitu manisna. Geura tingali éta
berlianna mani enyut, cahayana kuwung-kuwungan. Mirah delima
anu di tengah sakitu lucuna, manis siga amis, kulit konéng kasipuh ku
watang emas, mani ngagempur.”
Cék Nyi Rapiah, “Edas, Embi mah ku tiasa mapantes téh. Sabaraha ieu
téh pangaosna?”
“Ari pangaosna mah Rp.25, dan berlianna enya ogé lalembut, tapi
aralus, teu aya nu paut; mirah delimana oge bangsana saé.”

Ah mahal teuing, Embi, teu gaduh artosna; ongkoh ari ali mah goréng-goréng
ogé, geus gaduh. Ngan éta baé samping, kuring meuli hiji, lamun dipaparinkeun
Rp.20.”

Mangga baé Lis dimurahkeun, étang-étang ngahaturkeun sawaréh; ka nu sanés


mah moal dihaturkeun. Ari éta lélépan, upami palay mah mangga baé montong
digaleuh.”

“Montong digaleuh kumaha? Méré?”

“Enya ngahaturanan.”

“Ah, Embi mah sok ngabobodo, kawas ka budak.”

“Ih, sanés kitu, ari sayaktosnamah mah Embi téh jaba rék dagang bari ngemban
dawuhan Aom Kusman ka Nyai, saurna palay wawuh. Upami Nyai keresa
wawawuhan sareng anjeunna, mangga éta lélépén ngahaturanan. Da saenyana
mah éta téh kagunganana, lain dagangan.”
Nyi Rapiah sajongjonan mah ngahuleng baé, teu ngajawab. Geus kitu pok
ngomong, “Saha Embi ari Aom Usman téh?”.
“Ah Nyai mah mamamdaluan, piraku teu uninga, kapan putrana Juragan
Demang.”
“His, Kuring mah daék lolong teu acan tepang. Ari jenenganana mah nya sok
nguping baé.”
“Naha da itu mah uningaeun ka Nyai.”
“Pantes baé, da pameget mah sok anclongan.”
Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potret Aom Usman tina pésak baju kutang;
sor disodorkeun ka Nyi Rapiah, bari luak liuk ka tukang, bisi aya nu
ngawaskeun. Ku Nyi rapiah ditampanan bari imut, tuluy diilikan didangdak
déngdék. Ngomong jero atina “Emh, sok komo teuing buktina, potretna
sakieu kasepna, surup jadi putra menak. Nya ieu lalaki nu matak
ngagegelokeun awéwé teh.”

Pikir Nyi Rapiah mimiti gedag rék kabengbat ku nu kasép.


Ceuk Nyi Dampi, “Kumaha, Lis, cocog?”
Nyi Rapiah seuri bari nyodorkeun deui potret ka Nyi Dampi.
“Kumaha, Lis kinten-kintenna?”
“Emh, Embi lain bangbang lain pacing, lain campaka kuduna.”
Nyi Dampi seuri bari nungkupan sungut, sarta tuluy ngomong, “Wah, Elis,
na kudu kumaha? Rasa Embi mah geus aduna pisan, nu geulis ka nu kasep.”
“Ih lain ki kituna Embi, ngan kitu waé, Embi langkung uninga, kapan kuring
rék lakian. Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah
nu teu pantes. Bongan teu tibareto, da ku abah ogé moal burung
dihaturkeun, lamun enyaan mah. Ngan éta ari menak ka somah téh sok
nyecepo, ngarurujit. Ayeunamah lajeungkeun baé, sugan jaga di ahérat
tepang sukma padasukma. Ari ieu lelepan lain teu nuhun, ngan kuring risi
bisi kauninga ku sepuh saé haturkeun deui baé.

Sabot keur kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka


pangkeng. Nyi dampi pahibut nyumputkeun potret, sieuneun
kaperego ku Nyi Haji. Cek Nyi Haji, “Naon nu rék dibeuli téh,
Nyai?”
“Omong Nyi Dampi, “Ieu putra téh palay sinjang,pangaosna
Rp.20.”
“Pek baé deui.”
Samping dicikot ku Nyi Rapiah, tuluy dibayar ka Nyi Haji,
ingdungna Nyi Rapiah. Kontan.
Nyi Dampi amit, tuluy balik gura-gitu, lantaran atoh dumeh
nampa ladang samping, batina gedé.
Tema : ngahasut atawa baruang.

Latar Tempat : dibumina Nyi Piah,Ujang Kusen,Aom


Usman,Abdullah,
didesa Nyi Piah sareng Ujang Kusen tinggal,sareng di kebon kopi.

Latar Waktu :sakabehan waktu aya.


Latar Suasana : bungah,hanjelu,tegang,ambek.

Palaku :
Nyi Rapiah.
Ujang Kusen.
Aom Usman.
Haji Abdul Raup.
Istri haji abdul raup.
Haji Samsudin.
Istri haji samsudin.
Haji banisah.
Nyi dampi.
Agan ali.
Abdullah.
Haji Tayib.

Amanat : Urang hidup di dunya téh tong gampang kahasut


kubatur, boh éta jalma anu deukeut jeung urang boh nu karék
kenal, ulah sampé urang kabawakeun ka jalan nu teu bener.
Lamun urang geus terjerumus kanu teu bener rugi jeung hanjakal
anu aya engkéna.”

Hatur Nuhun!!

You might also like