You are on page 1of 23

Delicious Food

Kadaharan
& Inuman
Tatar Sunda
Read More
9C/31/Vincent Ferreri Heradi Wijanarto
Delicious Food

Bajigur
Inuman nu rasana amis, dijieun
tina cipati dicampur jeung gula
kawung jeung cengkaleng.
Diseungitan ku daun pandan
cara nyieunna digodog
Delicious Food

Bandrek
Inuman nu rasana amis lada,
dijieun tin acai dicampuran gula
kawung jeung jahé. Nyieunna
digodog
Delicious Food

Cendol
Inuman sabangsaning dawet,
dijieun tina aci kawung jsb.
Digéréntel-géréntél, didaharna
make peueut dicipatian.
Delicious Food

Cingcaw
Inuman nu dijieun tina daun
caumcauh didaharna campur
make sirop jeung és
Delicious Food

Goyobod
Sabangsaning dahareun inuman
tina tipung aci jeung ager,
didaharna make alpuket, sirop
jeung és.
Delicious Food

Lahang
Cai amis tina leungeun kawung,
kalapa sabangsa palem sok
dinum jeung dijieun gula.
Delicious Food

Sakoteng
Ngaran sarupaning kadaharan
tina aci samoeu sina pasagi
sarta dipulas siga delima
ditinyuh ku gula jeung cipati
panas ditambahan ku roti
meunang ngeureutan sagedé
dadu
Delicious Food

Cireng
Kadaharan nu dijieun tina aci
jeung cai make uyah saeutik
ngasakkeuna
Delicious Food

Combro
Kadaharan nu dijieun tina
sampeu diparud, diemplé-emplé
sangkan buleud dijerona
dieusian oncom beureum tuluy
digoréng.
Delicious Food

Gegetuk
Kadaharan nu dijieun tina
seupan sampeu tuluy ditutu sina
lemes atawa digiling dicampur
gula sarta diaprulukan kalapa
Delicious Food

Katimus
Kadaharan nu dijieun tina
sampeu parud, dijerona make
gula beureum dibungkus ku
daun cau cara ngasakeunna
diseupan.
Delicious Food

Misro
Kadaharan anu dijieun tina
parud sampeu, diemplé-emplé
jerona dieusian gula beureum
ngasakeunna digoréng.
Delicious Food

Ongol
Ongol
Kadaharan nu dijeiun tina aci
kawung meunang ngagodog
dicampur gula beureum
dipurulukan ku parud kalapa.
Delicious Food

Bacang
Kadaharan sabangsaning
leupeut, dijieun tina béas
biasana make jeroan daging
jeung sayuran dibungkus ku
daun awi.
Delicious Food

Buras
Kadaharan nu dijieun tina béas
nu digigihan heula dibungkus
ku daun cau cara ngasakkeuna
nyaéta diseupan.
Delicious Food

Leupeut
Kadaharan nu dijieun tina béas
ceré atawa ketan dibungkus ku
daun kalapa cara ngasakkeuna
diseupan.
Delicious Food

Awug
Kadaharan anu dijieun tina
tipung béas diseupan
dibéré gula beureum tuluy
dipurulukan parud kalapa.
Delicious Food

Cuhcur
Sabangsaning kuéh nu rasana
amis, dijieun tina tipung béas
dicampur jeung santen gula
kawung, wangunna buleud cara
ngasakkeunna digoréng.
Delicious Food

Papais
Kadaharan nu dijieun tina
tipung béas dicampur cipati
dibungkus ku daun cau
ngasakeunna diseupan.
Delicious Food

Dodol
Kadaharan nu dijieun tina ketan
dicampur jeung cipati digodog
nepika liket warna na coklat.
Delicious Food

Gemblong
Kadaharan nu dijieun tina
adonan tipung ketan bodas
digoreng tuluy dibalur ku gula
beureum.
Delicious Food

Wajit
Kadaharan nu dijieun tina ketan
dicampur gula beureum jeung
parud kalapa dibungkus leutik
dibungkus ku daun jagong
atawa kertas.

You might also like