You are on page 1of 2

Assalamu’alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

Alhamdulillah wa syukrulillah wa sholatu wa sallamu ‘ala rasulillah sayyidina wamaulana Muhammadin wa ‘ala
alihi wa shahbihi wa mawwalah, amma ba’dah.

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi Alloh SWT, kumargi ku kersaning mantena urang
ayeuna tiasa kempel di ieu wewengkon kalayan aya dina rohmat salamet sadayana.

Salam miwah sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka jungjunan urang sadaya. Ka Habibana Nabiyana
Muhammad SAW, kasadaya kulawargina, ka para sahabatna, kasadayana Tabi’in ogé Tabi’ut tabi’ina, kasadayana
anu sami tumut manut kana ajarana. Kalayan mugia urang sadaya kénging syafaatna engké di yaumil ahir, Amin ya
robbal ‘alamin.

Haturan wilujeng sumping kasadayana Ibu ibu, Bapa bapa, nonoman istri sinareng pameget ogé ka sepuhna ti
rombongan calon pangantén pameget, anu ku simkuring dihormat pisan. Teu hilap ka sepuhna calon pangantén Istri,
ka sadayana kulawargina ogé sesepuhna anu sami dipihormat.

Simkuring salaku panata calaraga dina ieu kasempetan baris ngadugikeun naon rupi acara anu parantos
dibadantenkeun sateuacana, nyaéta:

Anu kahiji mangrupi bubuka anu sakantenan ku simkuring ayeuna nuju didugikeun

Anu kadua Maos ayat suci Al Qur’an


Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/ Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

Anu ka tilu mangrupi nyérénkeun ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Pameget
Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

Acara ka opat panampian ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Istri


Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

Ka lima acara Simbolis


Anu badé didugikeun ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén pameget, sakantenan langsung
ditampi ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén Istri

Ka genep mangrupi acara anu utami Akad Nikah/Ijab Kobul


Anu badé dipingpin ku patugas ti Kantor Urusan Agama (KUA)

Anu salajengna acara pamungkas dina ieu acara sérén tampi, mangrupi Du’a anu baris didugikeun ku
simkuring sakantenan nutup acara.

Hadirin anu sami lenggah dina ieu acara, hayu urang sami ngamangpaatkeun waktos. Acara urang kawitan
ku Maos ayat suci Al Qur’an. Ka pangersa Ibu/Bapa/Ustadz…(Sebutkan nama) mangga dihaturanan.

Setelah selesai pembacan ayat suci Al qur'an


Hatur nuhun ka pangersa Ibu/Bapa/Ustadz...(Sebut namanya), anu nembé réngsé ngadugikeun maos ayat
suci Al Qur'an. Mugia rohmah sinareng barokahnya dipaparinkeun ka anjeuna anu maosna, hususna ka dua
calon pangantén, umumna kanggo urang sadaya, Amin ya robbal 'alamin.

Alhamdulillah ayeuna nincak kana acara anu utama Ijab Kobul Akad Nikah. Namung sateuacana acara
dilajengkeun, simkuring umajak ka sadayana anu hadir. Urang sami nyakséni kalayan panyuhun
pangrojong du'a, mugia sagala rupina aya dina lungsur langsar.

Mangga ka calon pangantén pameget ogé ramana calon pangantén Istri dihaturanan linggih di tempat anu
parantos disayogikeun, ka para saksi ti kadua beulah pihak supados tatan tatan, ka kaméramén photo
sareng vidéo mangga milari tempat anu merenah kanggo ngadokumentasikeun ieu acara.
Ka parawargi sadaya hayu urang sami nyakséni lumangsungna ieu acara, namung hapunten anu kasuhun
ka wargi anu kagungan murangkalih supados ditertibkeun, ogé saéna hapé dipareuman atanapi
dijemplingkeun (Silence).

Hiji deui anu kalintang pentingna, sabadana Ijab Kobul Akad Nikah panyuhun ulah kaleprok DA SANÉS
JAPATI dikeprokan. (Mangga heureuy mung ulah nyéépkeun waktos :D)

Langkung payus kedal lisan ku du'a sakedikna Alhamdulillah Barokalloh.


Baarakallaahu laka, wa baaraka 'alaika, wa jama'a baynakumaa fii khair.

You might also like