You are on page 1of 1

Nyieun Endog Gulung

Dinten Minggu kamari, abdi sareng rerencangan ngadamel endog gulung. Abdi, sandi, sareng
fuad sasarengan minangka hiji kelompok. Tugas ieu kaitung gampil kusabab bahan-bahanna oge
kawilang babari dipilarian sareng hargana teu awis.

Abdi jeung sandi sasarengan angkat ka bumi fuad dinten Minggu sore kanggo ngadamel endog
gulung. Artos sadayana parantos disiapkeun samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.
Teu pati ngantosan lami, sandi jeung fuad angkat meser bahan-bahan ka warung sedengkeun
abdi ngantosan di bumi fuad sabari nyiapkeun alat-alatna. Tau kungsi lila, sandi jeung fuad
torojol uih ti warung.

"Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel endog gulung bisi kaburu maghrib!", ceuk abdi
make nada nu rada teges.

Singket carita, endog didadar ditambih bumbu-bumbu. Di tempat sejenna teu jauh ti abdi
ngadadar endog, minyak goreng luhureun katel geus panas. Ari geus kitu mah langsung bae eta
endog nu didadar teh diasupkeun kana katel tuluy digulung-gulung make kai samodel tusuk sate.

"Yeuh, jadi, euy," sandi surak lantaran endog gulung jieunan manehna geus jadi.

Kitu oge endog gulung jieunan A nu katinggalina ngeunah sabab dibere saos. Sanggeus rengse,
kabeh endog gulung nu geus kakumpul difotoan yen jadi bukti ka guru. Rasa endog gulung lain
jadi partimbangan nu dinilai ku guru kusabab geus diwanti-wanti panilaian diitung tina kerja
sama jeung hasil.

You might also like