You are on page 1of 1

sunda

judul : galuring gending


pangarang : tatang sumarsono
pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
taun medal : 2001
kandel : 388 kaca
pengajen :
Galuring Gending
Panji teh jalma anu asalna ti lembur, nyuprih elmu di kota Bandung. Ti barang lahir Panji
geus cicing jeung indung terena. Bapana Panji teh saurang pangsiunan tentara anu satuluyna
jeneng jadi Kuwu salila dua entragan. Kulawarga Panji rnangrupa kulawarga gede anu asalna ti
sababaraha bibit. Lanceukna nya eta Ceu Cacih, Kang Parman, Ceu Idah, jeung Kang Obing putra
ti Mimih sarta Kang Girang jeung Ceu Nunung Putra ti nu lian. Sedengkeun Panji, budak bungsu
anu indungna matuh di peuntas.
Sarah, wanoja kota turunan anak menak, ti leuleutik geus diajar ngibing nepi ka asup
sanggar sagala. Nya tina ieu dunya Sarah meunangkeun kasenangan dunya. Hiji poe kasenangan
dunya ieu teh kudu ditebus ku harga anu pangmahalna.pikeun hiji wanoja. Um Sar, guruna di
sanggar, geus ngaruksak harga dirina. Ti dieu Sarah mimiti wanoh kana dunya lalaki jeung materi.
Satuluyna Sarah reureujeungan jeung salasaurang pajabat di hiji instansi penting di nagri ieu.
Kahirupan Sarah sarwa cukup jeung sarwa genah, nepi ka hiji waktu aya anu ngendag-ngendag
kana kabagjaan anu dirasakeun ku Sarah.
Hiji peuting Sarah diparengkeun panggih jeung Panji dina kaayaan mabok. Satuluyna Sarah
dibawa ka kontrakan Panji. Nya ti dieu duanana mimiti raket. Panji hiji aktivis proreformasi anu teu
panuju kana pamarentahan Ordeu Baru. Nya pamadeganana ieu anu nganteurkeun manehna kana
pangberokan. Di tahan Panji nepikeun kahayangna pikeun ngawin Sarah, tapi Sarah can bisa
mere respon kana ieu pangajak. Sanggeus Panji kaluar ti tahanan, manehna kudu nungguan
Sarah di rumah sakit, tapi angger pangajak Panji tacan meunang jawaban. Nepi ka ahirna Panji
leungit tanpa raratan samulangna nungguan Sarah di rumah sakit.

You might also like