You are on page 1of 3

Kidung

Nyukcruk galur ti karuhun Seni sunda pikeun suluk


Nutur lacak para wali Gambaran siloka diri
Nyambuang ka balaréa Hirup ulah kajongjonan
Titinggal ti nini aki Mawa diri sing taliti
Ngawaris kabudayaan Satincak maké pikiran
Seni sunda sawér asli Pikiran ieu pépéling
Pépéling jalan pituduh Répéh rapih nu salembur
Nuduhkeun diri sing lilir Kacai jadi saleuwi
Hahalang lugal disinglar Ka darat jadi salogak
Mun hayang salamet diri Pageuh pakuat-pakait
Di dunya ukur ngumbara Ulah ingkah balilahan
Peupeujeunh sing répéh rapih Ancrubna ngajadi hiji
Ngahiji ngajadi dulur Neda agung cukup lumur
Sadaya mahlukna Gusti Neda jembar pangaksami
Hubungan sabilulungan Bilih aya kalepatan
Kedalkeun katineung ati Wiréh ayeuna simkuring
Ka ibu sareng ka rama Nyawér anu panganténan
Neneda ka Maha Suci Nyanggakeun mugi ditampi .
Sawér Pangantén
Nyukcruk galur ti karuhun Asép mimiti diwuruk
Nutur lacak para Wali Dangukeun ku dua cepil
Nyambuang ka balaréa Simpen di manah nu jembar
Titinggal ti nini aki Ayeunamah béda deui
Ngawaris kabudayaan Jaman hidep lalagasan
Seni sunda sawér asli Teu aya anu meredih
Neda agung cukup lumur Ti wangkid ieu kapayun
Neda jembar pangaksami Asép kedah taki-taki
Bili aya kalepatan Nyubadanan kawajiban
Wiréh ayeuna simkuring Ngurus ngatur laki-rabi
Nyawér anu panganténan Anu kadada kaduga
Nyanggakeun mugi ditampi Geusan Asép hirup mukti
Ka hidep muga ditungtun Saur Rosululoh éstu
Pépéling tawis ka asih Rejekimah tetep puhit
Pibekeleun hidep jaga Kawas arék hirup lana
Ngarandapan laki-rabi Tapina kudu saimbang
Ngamudi ngarumah tangga Jeung ibadah nu tong pegat
Sangkan panggih tentrem ati Sing kawas ajal rék tepi
Ka Euis puputon kalbu Apa nyawér téh sakitu
Muga hirup sing rastiti Mugia hidep anaking
Kapan arék rumah tangga Runtut raut sauyunan
Ka panutan sing gumati Ka cai jadi saleuwi
Tuturkeun dunya ahérat Ka darat jadi salogak
Kitu kawajiban istri Jauh bala i parek rejeki
Piwuruk Euis sakitu Wur tawur jati rahayu
Catet dina sanubari Rahayu manjing walagri
Kantun ieu pamegetna Pang nepikeun salawasna
Aduh Asép deudeuh teuing Pinayungan Maha Suci
Ieu piwulang tarima Ginanjar sapapaosna
Regepkeun ku sanubari Amin Ya Robal Alamin
Run turun jati rahayu
Rahayu manjing walagri .
Garutan (kates) > Panambih gaya > Laras Pelog
Balungbung agung rahayu Turun ti Gunung gumuruh
Lumingjing manjing walagri (2x) Kahujanan ku malati
Bray caang bray narawangan Nya moyan di pamoyanan
Wangi diri sanubari Papanggih jeung urang dami
Goréjag saré kalintang Anu keur mener ngaraja
Rancagé haté anaking Madep ka Dayeuh ka wangi – Mung Ahung
Nempatkeun jalan laratan
Ka tampian geusan mandi
Ka leuwi sipat tahunan
Leuwi nu ngaruncang diri
Diri anu sakiwari
Rék muru nu lurung tujuh
Ngaliwat ka papajaran
Bongan hayang pulang anting,padugdegan-padugdegan
Jeung usikna pangancikan - Mung Ahung.
Sok hayang aya nu nyaah Paneda abdi dikabul
Anu nyari kana diri Meureun resep sasarengan
Nu béla geus sayaktosna Gandrung...geus moal sulaya deui
Anu sapikir jeung abdi Wantun sumpah-wantun sumpah
Nu matak naon mun manggih Abdimah narah papisah.
Diusir 1000 x carék wiwilanganana Ku indung sering-sring dikantun
Abdimah rék montél baé Tara matak nyeri ati ( 2x )
Mo benang diulah-ulah Ku bapa rajeun ditinggal
Haté luas bibilasan Tara matak rengat galih
Mo poho saumur-umur Naha ari ku gamparan
Moal weléh panasaran Mana nyeri-nyeri teuing.

Hayang nanjung kawas-kawas batur Sanggem abdi gening ti kapungkur


Meureun kahalangan bisi ( 2 x ) Badé tetep nyari asih (2 x )
Kulak canggem bagja awak Kana maksad moal baha
Kapan cenah mungguh jalmi Ka manage seja ngiring
Kasemper ku tutulisan Mung panuhun sing salamet
Meureun kitu tulis diri Ulah gampil luntur galih.

You might also like