You are on page 1of 19

DR. KH. ASEP RIFQI FUAD, M.

Ag

‫ُﺧ ْﻄ َﺒ ْﺔ ِﻋ ْﻴ ِﺪ ْاﻟ ِﻔ ْﻄ ِﺮ‬


IMAN JEUNG TAKWA BAKAL NGAȆNDAHAN
KAHIRUPAN URANG
MAJELIS ULAMA INDONESIA
KABUPATEN BANDUNG BARAT
M / 144 5 H 4 202
1
1
‫‪KHUTBAH KAHIJI‬‬

‫َ اﻟﺴ َﻼ ُم ََﻠ ْﻴ ُ ْﲂ َو َر ْ َﲪ ُﺔ ا ّٰﻠ ِﻪ ََو ََﺮ ﰷُﺗ ٗﻪ‬


‫َا ُ ْﻛ َ ُﱪ ‪َ x 3‬ا ُ ْﻛ ْ ُﱪ ‪َ x 3‬ا ُ ْﻛ َ ُﱪ ‪ٓ ٰ x, 3‬ا ٰ َ اﻻ ُﷲ َو‬
‫ُﷲ ْﻛ َ ُﱪ ‪,‬‬
‫ُﷲ ْﻛ ِ ُﱪ َِو ّٰ ِ اْﻟ َﺤ ْﻤ ُﺪ ‪.‬‬
‫َ اْﻟ َﺤ ْﻤ ُﺪ ِ ّٰ ِ ا ِ ْي َﻫ َﺪا َ ِﻟ ْﻼ ِﺳ َﻼ ِم َوا ْﻻْﻳ َﻤﺎ ِن َوا ْﻻ ْﺣ َﺴﺎ ْن ۞ َو‬
‫َﺧﺺ َﺑ ْﻌ َﺾ‬
‫ِﻋ َﺒﺎ ِٖد ﻩ ِ ﻟﻄﺎ َﺎ ِت َوَﺑ ْﻌ َﻀـُﻬ ْﻢ ِ ْﻟ ِﻌ ْﺼ َﻴﺎ ِن ۞ ْﺷَﻬ ُﺪ ْن ٰ ٓا ٰ َ اﻻ ُ‬
‫ْاﻟ َﻜـ ِﺮ ْ ُﱘ‬
‫اْﻟ َﻤﻨﺎ ْن ۞ ْﺷَﻬ ُﺪ ن ُﻣ َﺤﻤﺪ ًا َﻋ ْﺒ ُﺪ ُﻩ َو َر ُﺳ ْﻮ ُ ُ َﺻﺎ ِﺣ ُﺐ اْﻟ ُ ْﱪ َﻫﺎ‬
‫ْن ۞ َا ّٰﻠـُﻬ ﻢ‬
‫َ ﺻ ِّﻞ َو َﺳ ِّﻠ ْﻢ َو َ ِر ْك َ ٰﲆ َﺳ ِّﻴ ِﺪ َو َ ِ ْد َ ْن ۞ ُﻣ َﺤﻤ ٍﺪ َو َ ٰﲆ ِٰٓ ٖ‬
‫َو ْ َﲱِﺎﺑ ٖﻪ‬
‫َ ٰﲆ َﻣ َﻤـ ِّﺮ ا ْ َْز ﻣﺎ ْن ۞ ﻣﺎ َﺑ ْﻌ ُﺪ َﻓ ٰ ٓ ﻳـَﻬﺎ اْﻟ َﺎ ِ ُﴐ ْو ْن ۞ ْو‬
‫ِﺻ ْ ُﻜ ْﻢ َوا َي‬
‫ِﺑ َ ْﻘـ َﻮى ِﷲ َﻟ َﻌﻠ ُﻜ ْﻢ ُﺗ ْﻔ ِﻠ ْﺤ ْﻮ ْن ۞ ُﻋ ْﻮ ُذ ِ ِ ِﻣ َﻦ اﻟﺸ ْﻴ َﻄﺎ ِن اﻟﺮ‬
۞ ‫ِﺟ ْ ِﲓ‬
‫ِ ْﺴـــــــ ِﻢ ِﷲ اﻟﺮ ْ ٰﲪ ِﻦ اﻟﺮ ِﺣ ْ ِﻢ ۞ َﻳ َٓﳞﺎ ا ِ ْ َﻦ ٰٓ َﻣ ُ ْﻮا ُﻛ ِﺘ َﺐ‬
‫ََﻠ ْﻴ ُ ُﲂ اﻟ ِّﺼ َﻴﺎ ُم‬
۞ ‫َ َ ُﻛ ِﺘ َﺐ َ َﲆ ا ِ ْ َﻦ ِﻣ ْﻦ َﻗ ْ ِﻠ ُﻜ ْﻢ َﻟ َﻌﻠ ُﻜ ْﻢ َﺗ ُﻘ ْﻮ َن‬
Al-Hamdulillâh, puja sinareng puji urang
sanggakeun
ka Gusti nu Maha Suci, şolawat sareng salam
mugia
disanggakeun ka Jungjunan Alam, Kangjeng Rosulloh
,.Saw
kulawargana, sohabatna mugia kasurambahan .

1
Geder dulag munggah ȇar, dipirig ku takbir
“Allohu
Akbar”, di kota, di dȇsa jeung di lembur -lembur,
rabeng,
rancleng tina biwir kaom muslimin, Allohu Akbar wa
lillâhil
Hamd, tanda sukacita, bagja jeung gumbira, mapag
lebaran,
Idul Fitri, jadi tanda tamatna bulan romadon jeung
datangna
bulan sawal. Teu aya deui kalimah anu pantes
diucapkeun
kajabi kecap Al-Hamdulillâhi Rabbil- ‘âlamin .
Hadirin Jamaah Idul Fitri anu mulia !
Dina saat ieu, dina momentum ieu,
dina ieu
kasempetan, teu aya deui kecap anu pantes diucapkeun,
kajabi
ucapan Al-Hamdulillâhi Rabbil- ‘âlamin, margi
Alloh Swt.,
teras-terasan ngawurkeun rohmat sareng karunia-Na ka
urang
sadaya, dugi ka urang teu mampu ng ȇtang, aya
sabaraha hiji
karunia Alloh nu tos ku urang ditarima ?
Salawios rohmat sareng nikmat Alloh nu tos ku
urang
katampi tȇh, nyaȇta nikmat sȇhat, ku ayana kasȇhatan
urang
ayeuna tiasa ngumpul, ngariung, bongkok
ngaronyok,
ngalaksanakeun Şolat Idul Fitri sasarengan,
silaturahmi,
diwuwuh rasa bungah, sukacita, bingah amarwatasuta,
bingah
kagiri- giri. Tah ayana rasa bungah, sukacita jeung
gumbira tȇh
lantaran urang dipasihan kasȇhatan. Cobi tingali wargi
atanapi
2
tatangga urang anu teu damang, tingali wargi nu
rawat di
Rumah Sakit, seueur pisan nu hoyongeun siga urang
tȇh, tong
boro tuang atanapi leueut, cacakan ngagolȇr
wungkul o gȇ
aranjeuna mah tos nyareri, pupuringisan .
Aya deui jalmi anu sȇhat, tapi teu gaduh
kamampuhan
keur biaya lebaran, budakna careurik nginghak di juru
imahna,
teu wanieun ulin jeung tatanggana, sabab ȇra, teu
kabeuli baju
lebaran, jaba teu kabeuli keperluan.
Alloh Akbar wa lillâhil-hamd .
Aya deui wargi urang anu tos teu aya
dikieuna,
aranjeuna cicing di Alam Barzah, ningali urang suka
bungah,
ari aranjeuna mah careurik nginghak, hanjakal waktu
hirupna
teu bener kalakuanana. Kukituna, kacida pantesna
upami
urang ayeuna ngucapkeun Al-Hamdulillâhi Rabbil-
‘âlamin .
Teras ieu karunia sȇhat ku urang
dimanfaatkeun dina
pikiran, ucapan, sikep jeung kalakuan anu dipikarido
ku Alloh
Swt., margi upami ni’mat sȇhat tos dicabut ku Alloh,
kakara
ku urang karasa hanjakal, geuningan sehat tȇh pohara
mahalna
jeung kacida pentingna .
Dawuhan Alloh Swt., QS. Ibrohim (14) : 7

‫ْﰊ َﻟ َﺸ ِﺪْﻳ ٌﺪ ِ َﺬا َ ْﰎ ان ُ ْﱧ َﻛ َﻔـ ْﺮ ِ ِزْﻳ َﺪﻧ ُﻜ ْﻢ َوَﻟ َ ْﱧ َﺷ َﻜـ ْﺮُﺗ ْﻢ ِ َﻟ‬
...
3
…lamun aranjeun syukuran kana kani’matan, pasti
Kami bakal nambahan, tapi lamun aranjeun teu boga karep
syukuran, saȇstuna siksaan Kami pohara beuratna.
Allohu Akbar wa lillâhil-hamd.
Hadirin anu mulia.
Saba’da Şaum Romadon, hayu urang ronjatkeun
takwa urang sadaya ka Alloh Swt., margi pangna Alloh
marȇntahkeun şaum tȇh sangkan katakwaan urang
nambihan, sangkan urang bisa ngaronjatkeun takwa urang
sadaya ka Alloh Swt.
Dawuhan Alloh Swt., QS Albaqarah (2) : 183.

ِ ْ ‫ِﻠ ُﻜ ْﻢ ْ َﻦ ِﻣ ْﻦ َﻗ ْ ِ َﲆ ا َ ُﻛ ِﺘ َﺐ َ َ ُﲂ اﻟ ِّﺼ َﻴﺎ ُم ُ ْﻮا ُﻛ ِﺘ َﺐ ََﻠ ْﻴ ُ َﻣ ٓ ٰ َﻦ‬


‫ﻳـَﻬﺎا َٓ َﻳ‬
‫َﻟ َﻌﻠ ُﻜ ْﻢ َﺗ ُﻘ ْﻮ َن‬
Hȇ jalma anu ariman, geus diwajibkeun ka maranȇh
ibadah şaum, sakumaha geus diwajibkan ka umat-umat
mȇmȇh maranȇh, sangkan maranȇh tarakwa.
4
Hadirin rohimakumulloh !
Urang tȇh makhluk Alloh anu lemah, hina, teu daya,
teu upaya, sabab urang diciptakeun ku Alloh tina taneuh
anu lemah, hina, kotor jaba ledok.
Dawuh Alloh Swt., QS. QS. Almukminun (23) : 12.

‫ٍﲔ ْ ِﻣ ْﻦ ِﻃ ٍ َ َﺴﺎ َن ِﻣ ْﻦ ُﺳ َﻼ ْ َوَﻟ َﻘ ْﺪ ََﻠ ْﻘ َﺎ ا ْﻻ‬


Saenyana Kami geus nyiptakeun manusa tina saripati
taneuh…
Tina taneuh jadi dahareun, jadi cimani, jadi darah,
daging, terus diciptakeun jadi manusa anu sampurna,
akhirna urang dibȇrȇ kasadaran, yȇn urang tȇh saha ? ti
mana ?, di mana ? jeung rȇk mana.
Ayat di luhur ngageuingkeun urang, yȇn urang tȇh
ciptaan Alloh nu Maha Mulia, urang salaku makhluk-Na
anu kacida lemah tur hinana, naon atuh anu rȇk
dipakereueus ku urang ?, awak urang anu sakitu
belewukna, beuki lila beuki mȇotan ?, malah akhirna awak
urang bakal dikubur, ancur dihakan rinyuh, naon atuh anu
rȇk dipakareueus ?.

5
Alloh Akbar wa lillâhil-hamd !
Dawuh Alloh Swt., QS. Arrum (30) : 54

‫ْ ي ََﻠ َﻘ ُﻜ ْﻢ ِﻣ ْﻦ َﺿ ْﻌ ٍﻒ ُﰒ َﺟ َﻌ َﻞ ِﻣ ْﻦ َﺑ ْﻌ ِﺪ َﺿ ْﻌ ٍﻒ ُﻗﻮ ًة ُﰒ ِ ا ُ ّٰ َا‬


‫ ًﺔ َ ْ َﺟ َﻌ َﻞ ِﻣ ْﻦ َﺑ ْﻌ ِﺪ ُﻗﻮ ٍة َﺿ ْﻌ ًﻔﺎ َو َﺷ‬...
Alloh anu ngayugakeun maranȇh tina lemah, terus
sanggeus lemah jadi kuat, sanggeus kuat maranȇh
dilemahkeun deui bari ting pucunghul huis
Ieu ayat ngageuingkeun urang, mȇrȇ kasadaran ka
urang, sihorȇng urang tȇh asalna mah euweuh, terus
diciptakeun jadi manusa anu asalna tina taneuh,
dikandung ku indung urang masing-masing, satuluyna
dilahirkeun hiji manusa anu lemah kacida, nyaȇta orok
be ureum roroȇsan, ngagolȇr teu walakaya, ukur ceurik
jeung ceurik, beuki lila bisa nangkuban, ngorondang, bisa
diuk, akhirna urang bisa leumpang, beuki lila umur urang,
beuki nambahan kakuatan, dewasa, jadi manusa anu
sampurna, tapi sanggeus kuat sampurna, urang balik deui
jadi lemah teu walakaya, mata beuki lamur, ceuli jadi torȇk,
huntu muruluk, huis ting parentul, kulit mȇotan, leumpang
rarampȇolan, malah akhir na maot dikubur, beuki lila di
6
kuburan, beuki loba jalma nu teu apaleun ka urang,
pohoeun ka urang, malah teu mustahil buyut atawa bao
urang teu apaleun ka saha ngaran urang ?. Naon atuh nu
rȇk dipakeureueus ?
Alloh Akbar wa lillâhil-hamd.
Saleresna jalmi anu pangmuliana mungguh Alloh,
nyaȇta jalmi anu pangtakwana.
Dawuhan Alloh QS. Alhujurot (49) : 13

... ‫ان ْﻛـ ََﺮ ﻣ ُﻜ ْﻢ ِﻋ ْﻨ َﺪ ِﷲ ْﺗ ٰﻘ ُﻜ ْﻢ‬


Saȇstuna pangmulia diantara maranȇh, mungguh
Alloh mah, jalma nu pangtakwana.
Aya ieu nȇtȇlakeun, yȇn muliana manusa, nyaȇta
hamba Alloh tȇa, henteu ditingali tina jabatanana, ȇlmuna,
harta, rupana, turunana, wawanȇna, jumlah babaturanana
jeung sabangsana, tapi kamuliaan manusia ditingali tina
takwana, jeung mangfaat kahirupanana ka sasama
manusa.

7
Kukituna !
Mudah-mudahan, urang dipasihan anugerah
kasempetan kanggo ngaronjatkeun iman, sareng
ngaronjatkeun katakwaan sareng ngamanfaatkeun
kahirupan ka sasama.
Sareng mudah-mudahan urang ditebihkeun tina
kalakuan aniaya ka sasama, boh pikiran, ucapan, sikep
atanapi ku kalakuan urang, sabab ngan ku cara kieu hirup
urang bakal bagja suksȇs dina kahirupan, boh hirup di
dunya fana atanapi akhirat anu langgeng.

‫ُﻜ ْﻢ ِ َر َك ُﷲ‬ ‫ ِﱘ ْ ٰٓﺮ ِن ا ْﻟ ِﻜ ِﺮ ْ ْﰲ اْﻟ ُﻘ ِ ْﱄ َوَﻟ‬, ‫ِﻪ ِﻣ َﻦ ْ ْﲏ َوا ُﻛ ْﻢ ِﺑ َﻤﺎ ِﻓ ِ َوَﻧ َﻔ‬
ْ ٰٓ َ ‫ِﻜ ِّ ِت َوا‬ ‫ َوَﺗ َﻘ َﻞ ُﷲ ِﻣ ْ ْﻛـ ِﺮ اْﻟ َﺤ‬,‫َ ْﲂ ِﺗ َﻼ َوَﺗ ُﻪ اﻧ ُﻪ ُﻫ َﻮ ُ ْ ْﲏ ِِوﻣ ِّ ِﻢ‬
‫ا ُﻢ ْ اﻟ ِّﺴ ِﻤ ْﻴ ُﻊ اْﻟ َﻌ ِﻠ‬

8
‫‪KHUTBAH KADUA‬‬

‫َ اﻟﺴ َﻼ ُم ََﻠ ْ ُﻜ ْﻢ َو َر ْ َﲪ ُﺔ ِﷲ َوَﺑـَﺮ ﰷُﺗ ﻪ َا ُ ْﻛ َ ُﱪ ‪َ x 4‬ا‬


‫ُ ْﻛ ْ ُﱪ ‪ٰٓ , x 3‬ا ٰ َ اﻻ ُﷲ َو ُﷲ ْﻛ َ ُﱪ ‪ُ ,‬ﷲ ْﻛ َ‬
‫ُﱪ َِو ّٰ ِ اْﻟ َﺤ ْﻤ ُﺪ‪.‬‬
‫َ اْﻟ َﺤ ْﻤ ُﺪ ِ ّٰ ِ اﻟﺮ َزا ِق اْﻟ َﻔ َﺎ اْﻟ َﻌ ِﻠ ْ ْﻢ ۞ َو ُﻫ َﻮ اْﻟ ُﻤ ْﻮ ِﺟ ُﺐ اْﻟ‬
‫ِح‬
‫َﻮا ِﺳ ُﻊ اْﻟ َﺤ ِﻜ ْ ْﲓ ۞ ْﺷـَﻬ ُﺪ ْن ٰٓ ا ٰ َ اﻻ ُﷲ َو ْ َﺪ ُﻩ َﻻ َ ِﴍْﻳ َﻚ‬
‫َ ُ ا ٰ ٌ َﻋ ِﻈ ْ ْﻢ ۞ َو ْﺷَﻬ ُﺪ ن ُﻣ َﺤﻤ ًﺪا َﻋ ْﺒ ُﺪ ُﻩ َو َر ُﺳ ْﻮ ُ ُ َﺻﺎ ِد‬
‫ُق اْﻟ َﻮ ْ ِﺪ ا ْﻟ َﻜ ِﺮْﻳ ْﻢ ۞ َا ّٰﻠـُﻬ ﻢ َﺻ ِّﻞ َو َﺳ ِّﻠ ْﻢ َو َ ِر ْك َ ٰﲆ َﺣ ِ ْﻴ ِ‬
‫َﻨﺎ اْﻟ َ ِﻠ ْ ْﲓ ۞ َﺳ ِّﻴ ِﺪ َ ُﻣ َﺤﻤ ٍﺪ َو َ ٰﲆ ِٰا ٖ َو ْ َﲱِﺎﺑ ٖﻪ َ ٰﲆ َﻣ َﻤـ ِّﺮ ا ْ‬
‫ِم َوا ْ َﻗِﺎﻟ ْ ْﻢ ۞ ﻣﺎ َﺑ ْﻌ ُﺪ ‪ ,‬ﻳـَﻬﺎاْﻟ َﺎ ِ ُﴐ ْو ْن ۞ ْو ِﺻ ْ ُﻜ ْﻢ َوا‬
‫َي ِﺑ َ ْﻘ َﻮى ِﷲ َﻟ َﻌ ﻠ ُﻜ ْﻢ ُﺗ ْﻔ ِﻠ ُﺤ ْﻮ ْن ۞ ُﻋ ْﻮ ُذ ِ ِ ِﻣ َﻦ اﻟﺸ ْﻴ‬
‫َﻄﺎ ِن اﻟﺮ ِﺟ ْ ﻢ ۞ ِ ْﺴـــــــ ِﻢ ِﷲ اﻟﺮ ْ ٰﲪ ِﻦ اﻟﺮ ِﺣ ْ ْﻢ ۞ َون‬
‫اﻟﺴﺎ َ َﺔ ٰا ِﺗ َﻴ ٌﺔ َﻻ َرْﻳ َﺐ ِﻓ َْﳱﺎ َون َﷲ َﻳ ْ َﻌ ُﺚ َﻣ ْﻦ ِ ْﰲ اْﻟ ُﻘ ُﺒ ْﻮ ِر‬
‫۞‬
‫! ‪Hadirin rohimakumulloh‬‬
‫‪Ĥutbah‬‬ ‫‪kadua‬‬ ‫‪ieu,‬‬ ‫‪sanȇs‬‬ ‫‪mung‬‬ ‫‪sakadar‬‬
‫‪panyampurna ĥutbah anu kahiji, tapi ngarupikeun‬‬
‫‪kawajiban anu diwajib dibaca sareng wajib dikupingkeun‬‬
tur regepkeun ku para wargi sadaya !

9
Para wargi anu mulia !
Salami sasasih urang dididik, disakolakeun di
Sakola Romadon , nyaȇta dididik, dilatih ngeker hawa
nafsu, ngadalian syahwat, sabab nafsu jeung syahwat
ngarupakeun panto asupna syetan ngagoda urang.
Jalan ngajug- jug ka Alloh tȇh pohara jauh jeung
tarahalna, poȇk jeung loba cucuk, ditambah ku nafsu jeung
syahwa anu aya, nyampak dina diri urang, matak pantes
loba nu cilaka ogȇ, bongan urangna balangah, teu mampuh
ngadalian nafsu syahwat.
Syȇĥ Ab dul Muhyi Pamijahan, nganamian lemburna
sanȇs “Pamijahan”, tapi “Sapar Wadi”, hartosna “Jalan
Gawir”, atanapi “Leumpang dina Gawir”, maksadna
Anjeungna masihan pangajaran ka urang “Yȇn hirup di
dunya tȇh lir ibarat leumpang dina gawir, balangah
saeutik, ura ng bakal tikosȇwad, ngajumpalik, tigorobas,
rag-rag, matak urang kudu ati-ati, tah , “ati - ati” teh basa
Arabna “Takwa”. Cindekna, bekel nu pangpentingna
kanggo hirup di dunya anu siga gawir tȇh, nyaȇta takwa.
10
Alloh Akbar wa lillâhil-hamd.
Kanggo panutup ĥutbah ieu, mangga urang
sasarengan ngadu’a, munajat, neneda ka Alloh Swt.

‫ٰ ﲆ ِٰاﻟ ٖﻪ َ َو ۞ ُﻣ َﺤﻤ ٍﺪ َ ٰﲆ َﺳ ِّﻴ ِﺪ َ ِر ْك َ َا ّٰﻠـــُﻬ ﻢ َﺻ ِّﻞ َو َﺳ ِّﻠ ْﻢ َو‬


‫َ ُ ْﺴَﺌ َ َو ۞ ِّﰻ َﺎ ٍل َوْﻧ ْﻌ َﻤ ْﺔ ُ ٰﲆ َ ِ َاْﻟ َﺤ ْﻤ ُﺪ ۞ َﲔ ْ َﲨ ِﻌ ْ َﲱِﺎﺑ ٖﻪ ْ َو‬
‫۞ َﲯ ِﻄ َﻚ َواﻟﻨﺎ ْر َ َوَﻧ ُﻌـ ْﻮ ُِذﺑ َﻚ ِﻣ ْﻦ ۞ ِر َﺿﺎ َك َواْﻟ َﺠﻨ ْﺔ‬
Yâ Allôh !, Yâ Rabbal ‘Izzati !, abdi sadaya danget ieu
sumujud ka Gusti, ngaharep rohmat sareng ampunan
Gusti.
Yâ Allôh !, Yâ Mujibad- da’wât !, mugi badan abdi,
kulawarga sareng warga nagara abdi dilungsuran rohmat,
diraksa tina balahi musibat, aman tengtrem, subur,
ma’mur, walatra ka sadayana umat.
Yâ Allôh !, Yâ Robbanâ !, mugi ditampi amal solȇh
abdi sadaya, şolatna, şaumna, zakatna sareng sajabina,
sanaos seueur kakiranganana, kamampuhan abdi mung
sakitu buktosna.
Yâ Allôh !, Yâ Gofûr !, mugi dosa abdi dilebur, nu
ayeuna sareng nu kapungkur, anu seueurna hamo kaȇtang,

11
moal kaukur, sareng dosana pun biang miwah pun pun
bapa, anu masih jumeneng sareng anu tos pupus dikubur,
abdi rumaos teu acan mampuh mulang tarima kana jasana
anu pohara sapanjang umur.
Yâ Allôh ! , mugi ais pun bapa pun biang ku rohmat
Gusti, Yâ Allôh !, mugi lahun pun bapa pun biang ku
ampunan Gusti.
Yâ Allôh !, mugi ayun pun bapa pun biang ku karunia
Gusti, kitu deui para guru sareng kadang warga, muslimin
muslimat sadayana.
Kalayan berkahna Idul Fitri, Hari Raya anu Mulia,
Mu’jizat Rosululloh kakasih urang sadaya, para rosul
sareng anbiya, karomah para aulia kalih para ulama,
rohman rohim Gusti nu taya hinggana.
Yâ Allôh !, mugi Gusti nga- ijabah kana du’a abdi
sadaya.

‫َﲔ َواْﻟ ُﻤ ِْﺆﻣ َﺎ ِت ْ ِ َﲔ َواْﻟ ُﻤ ْﺴ ِﻠ َﻤﺎ ِت َْو ا ْﺆ ِﻣ ْ َا ّٰﻠُﻬﻢ ا ْﻏ ِﻔ ْﺮ َوا ْر َﺣ ِﻢ اْﻟ ُﻤ‬
‫ْﺴ ِﻠ ِﻤ ۞ ْﰲ ا ْﻧ َﻴﺎ َﺣ َﺴَﻨ ًﺔ ِ َا ّٰﻠ ـُﻬ ﻢ َرﺑُﳌ َﻨﺎ ٰا ِﺗ َﻨﺎ ۞ ْا َﻻ ْﺣ َٓﺎ ِء ِﻣ ُْﳯ ْﻢ َْو ا‬
‫َﻻ ْﻣ َﻮا ِت ْر َﺣ َﻢ ٓ َﲪ ِﺘ َﻚ َﻳ ْ ِﺑـ َﺮ ۞ َﺬا َب اﻟﻨﺎر َ ﺎ َ َِوﻗ ۞ ٰﻻ ِﺧـ َِﺮة َﺣ َﺴَﻨ ًﺔ‬
‫ْ ْﰲ ا ِ َو ۞ َﲔ ْ َر ِّب اْﻟ َﻌﺎَﻟ ِﻤ ِ َواْﻟ َﺤ ْﻤ ُﺪ ۞ َﲔ ْ ِﲪ ِ اﻟﺮا‬
12

You might also like