You are on page 1of 24

BUBUKA MANQOBAH

Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem sagemblengna, eta tetep kagungan Allah anu mikawelas
ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna. Rahmat sareng salam anu utami muga
tetep ka pangafdol-afdolna Nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu parantos dikiatan
kalawan mu’jizat, anu diutus jadi rohmat kasadayana alam, sareng kakulawargina, sareng kasadayana
sahabat, sareng kasadayana auliyana Allah anu parantos diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang
karomat. Amma ba’du Mangka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun manaqibna
Sulthonul Auliya Wa Imàmil ‘Ulama Assayyid ‘Abdul Qodir Al-Jailani qsn, kenging metik tina kitab
‘Uqùdul Lalali Fi Manaqibil Jaelì, sareng tina kitab Tafrìhul Khòtir Fì Manàqibis Sayyid ‘Abdul Qòdir.
Mudah-mudahan aya mangfaatna ka sadayana dulur-dulur anu kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan
ngagungkeun kanu kagungan ieu manaqib. Mudah-mudahan kuberkahna anu kagungan ieu manaqib,
Gusti Nu Maha Suci ka urang sadayana nurunkeun rohmat sareng nulak tina bahla dunya akherat,
dihasilkeun pamaksudan diwuwuh kasalametan.

Amin.

MANQOBAH KA 1 NYARIOSKEUN NASABNA SAYYID ABDUL QODIR

Ari Sayyid Abdul Qodir teh nyaeta putrana Abi Sholeh Janaki Dasti putra Abdulloh putra Yahya Azzahid
putra Muhammad putra Daud putra Musa Ats-Tsani putra Abdulloh Tsani putra Musa Al-Jun putra
Abdulloh Al-Mahdi putra Hasan Al-Mutsanna putra Sayyidina Hasan cucu Kangjeng Rosululloh SAW
putra Sayyidina Ali bin Abi Tholib k.w. sareng putra Siti Fathimah binti Rosululloh SAW. Jadi ayeuna
tetela pisan yen nasabna Sayyid Abdul Qodir teh nasab anu kalintang luhurna sareng agungna, sahingga
satengah ulama ngadamel tawasul ku Sayyid Abdul Qodir ku rama-ramana dina ngahasilkeun rupi-rupi
pamaksudan, sepertos ieu: “yà robbanà bilhaikalin nùrònì, albàzi abdul qòdiril jailànì, usluk binà nahjal
hhidàyati wakhminà, ming syarri kulli ma’ànidin awjàni, bi-abìhhi ‘abdillàhi farrij karbanà, waqdli hawà-
ija ‘abdikal walhhàni, wa bijinnika dumta ilàhhì aghninì, waj’alnì fì bahril mahabati fàni, bilquthbi
‘abdillàhi dàwi ‘illatì, wa biyahyà uhyil qolba bil’irfàni, bimuhammadiw wa abìhhi dàwuda iksinì, tawàbal
bahà walwuddi fil ajmàni, bi abìhhi ‘abdillàhi ashlih sya-nanà, waliwàlidìnà fahfazh minan nuqshòni,
walthuf binà fì kulli mà qoddartahhu, biljùni mùsà jud bikhoiri jinàni, walmahdli ‘abdillàhi lil-ihsàni
mahdlòriqinì tsummàksitì bima’ànì, bil-anwàril hasanil mutsannà nawwiròn, ‘aqlì walà tatruknì lil-
akwàni, wa abìhhi awwala quthbim bàhhiri, sibthinnabiyyil mushthofàl ‘adnàni, hasanij-jakiyyibnil
imàmil murtadlò, hàmìl wagho ghoitsin nadàl hattàni, yassirlanà kulal umùri wa’àfinà, ming kulli
hhammin awbalà aw’àni.

MANQOBAH KA 2 NYARIOSKEUN DIPEDALKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR

Ari dipedalkeunana di nagara Jailan, nyaeta 1 nagara bawahan Thobristan, dina wengian kaping 1 sasih
Romdon taun 471 Hijrah. Ari pupusna di nagara Baghdad kaping 10 Silihmulud taun 561, jadi yuswana
mung 91 taun. Dina wengian dipedalkeunana aya 5 karomah. Karomah nu ka 1: Ramana Sayyid Abdul
Qodir nyaeta Abì Shòlih Mùsà Janakì ngimpen kasumpingan Kangjeng Nabi diiring ku sahabatna sareng
ku imam-imam mujtahidin sareng kupara aulia. Teras Kangjeng Nabi nimbalan ka ramana Sayyid Abdul
Qodir, dawuhanana: “Heh Abù Shòlih, maneh ku Gusti Allah dipaparin anak lalaki, eta teh anak kaula
jeung kakasih kaula jeung kakasihna Gusti Allah, jeung bakal meunang pangkat anu luhur dina pangkat
kawalian seperti kaluhuran kaula dina pangkat kanabian. Karomah nu ka 2: Nabi-Nabi oge saba’dana
Kangjeng Nabi pada ngabubungah ka ramana Sayyid Abdul Qodir, yen bakal kagungan putra anu bakal
jadi Sulthònul Auliyà, sareng sadayana wali-wali salian ti imam anu ma’shum eta di bawah putrana,
sareng dampal sampeanana bakal didampalkeun kana pundakna wali-wali, sareng sadayana wali-wali
anu tunduk ka anjeuna bakal naek pangkatna, anu henteu tunduk ka anjeuna bakal dilepas ku Gusti
Allah tina kawalianana. Karomah nu ka 3: Henteu aya nu dipedalkeun dina wengian dipedalkeun Sayyid
Abdul Qodir di nagara Jailan, anging sadayana pameget, ari seueurna 1100, sadayana jadi wali, sapaos
jadi pangiringna. Karomah nu ka 4: Sayyid Abdul Qodir tibarang dipedalkeun henteu kersaeun nginang
siang dina sasih romdon, ana nginang sok dina waktos boboran. Karomah nu ka 5: Dina walikatna Sayyid
Abdul Qodir katingali tapak dampal sampean Kangjeng Nabi SAW, nyaeta tilas munggu anjeuna bade
tunggang kana buroq dina wengian mi’roj, sareng waktos medalna disarengan kucahaya anu pohara,
sahingga jalma-jalma henteu aya anu kuat ningali, ari yuswa ibuna waktos harita yuswana 60 taun, eta
oge hiji perkawis anu luar biasa.

MANQOBAH KA 3 NYARIOSKEUN NGAOSNA SAYYID ABDUL QODIR

Saparantos anjeuna ageung, lajeng ngajugjug ka guru-guru anu laluhur, ka alim-alim anu utami. Didinya
anjeuna ngalap pirang-pirang elmu sareng sifat-sifat kautamian. Sadayana guru anjeuna pada
nyarioskeun kana calakanana. Ari ngaosna elmu fiqih ti Abil Wafa Ali Bin Aqil sareng ti Abil Khothob Al-
Kaludi sareng ti Abil Husain Muhammad Ibnil Qodli. Ari ngaosna elmu adab ti Abi Zakariyya At-Tabrizi.
Ari ngaos elmu thorekat ti Syekh Abil Khoir Hamad Bin Muslim Bin Dzirwati Ad-Dibas. Ari anggoan ku
anggoan shufiyahna ku Qodli Abi Sa’id Al-Mubarok. Anjeuna henteu liren-liren nerekel hanjat kana
pangkat kasampurnaan anu luhur kalawan pitulungna anu Maha Agung, sahingga anjeuna calik dina
luhur-luhurna kapangkatan. Anjeuna singkil kalayan pamaksudan anu tetep sarta kiat, yen bade nyepeng
sareng ngangkek kadali nafsu anjeuna, bade dipengkolkeun tina karesepna, sahingga anjeuna kenging 25
taun calik dina tegalan Iroq henteu patepang sareng jalma.

MANQOBAH KA 4 NYARIOSKEUN BUDI PEKERTINA SAYYID ABDUL QODIR

Ari akhlakna Sayyid Abdul Qodir, tegesna talajakna eta banget sieun ku Allah, sahingga gampil pisan
kaluar cisocana, sareng diijabah du’ana, pohara barahanana, tebih tina kaawonan, kalintang caketna
kana kasaean, barani sareng kukuh dina haq, bengis dina perkara mungkarot, tara bendu karna hawa
nafsuna, tara nulungan anu lain karna Allah, tara nolak kanu jajaluk, sanajan anu nyuhunkeun
anggoanana. Anjeuna kawaris akhlakna akhlak Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Kasepna kawaris
kakasepan Kangjeng Nabi Yusuf as. Benerna bener Sayyidina Abu Bakar Shiddiq ra. Adilna adil Sayyidina
Umar ra. Hilimna, tegesna kashobaranana shobar Sayyidina Utsman ra. Kagagahanana sareng
kabaranianana Sayyidina Ali kw.
MANQOBAH KA 5 NYARIOSKEUN ANGGOAN SARENG KATUANGAN WAKTOS NYANTRI

Ari panganggona nyaeta jubah nu didamel tina bulu domba anu kasar. Dina mastakana dibeulitan ku
saceuwir lawon. Ari angkat-angkatan, sanaos nyorang cucuk oge tara nganggo tarumpah atanapi sapatu.
Ari katuanganana cekap ku bubuahan bae sareng dangdaunan sisi wahangan. Ari wengi seseringna tara
kulem. Hiji waktos anjeuna parantos sababaraha dinten henteu tuang leueut, jol aya hiji jalma
ngadeuheusan. Piunjukna eta jalma: “Ieu jisim abdi seja babakti, nyanggakeun artos. Ari artosna
diwadahan dina kanjut kundang. Hatur lumayan keur ngagaleuh katuangan”. Dawuhan Sayyid Abdul
Qodir: “Nuhun”, sareng eta artos ditampi. Teras Sayyid Abdul Qodir ngagaleuh roti keur katuangan.
Barang anjeuna parantos calik bade tuang roti, guprak aya serat anu ragrag ti awang-awang. Ari unina
eta serat kieu: “innamà ju’ilatisy syahhwàtu lidlo’afä-i ‘ibàdì liyasta’ìnù bihhà ‘alàth thò’àti, wa ammàl
aqwiyà-u famà lahhum walisy syahhwàti”. Hartosna: “Pikeun abdi aing anu lembek, memang dipaparin
syahwat kana barang dahar, supaya bisa nulung kana tho’at. Ari pikeun jalma anu gagah mah naon
perluna nurutkeun syahwat?”. Tidinya roti teh dilesotkeun deui, henteu teras dituang. Teras anjeuna
angkat deui kategalan, margi anjeuna uninga yen eta teh samata-mata pepeling tinu Agung kana
salirana.

MANQOBAH KA 6 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR DISARENGAN KU NABIYULLOH KHIDIR DI IRAK

Waktos Sayyid Abdul Qodir calik di tegalan Irak, anjeuna disumpingan ku Kangjeng Nabi Khidir as. Sareng
teras Kangjeng Nabi Khidir nyarengan calik di Irak sawatara lami. Saur Nabiyulloh Khidir: “Upami salira
palay disarengan, ulah nyulayaan, margi ari nyulayaan teh eta sok matak papisah”. Saparantos kitu, teras
Kanjeng Nabi Khidir mulih, mung jangji ka Sayyid Abdul Qodir bade ngalongokan sataun sakali. Ari Sayyid
Abdul Qodir calik dina tempat panuduhan Kangjeng Nabi Khidir. Sataun sakali sok dilongokan, kenging 3
taun.

MANQOBAH KA 7 NYARIOSKEUN IBADAHNA SAYYID ABDUL QODIR

Dawuhan Syekh Abù ‘Abdillah Muhammad Al-Hirowi: “Jisim kuring ngarencangan Sayyid Abdul Qodir
kenging 40 taun. Dina lebet sakitu, anjeuna sok netepan shubuh ku wudlu isya. Upami anjeuna parantos
netepan isya, teras lebet kapangkeng, teras nyepen dipangkeng dugi ka shubuh. Malah sok sering pisan
bangsa raja-raja anu bade nepangan ka anjeuna, upami wengi mah tara tiasa nepangan, kapaksa sok
ngantos dugi ka shubuh”. Dawuhan Syekh Muhammad Al-Hirowi: “Hiji wengi jisim kuring nyarengan ka
Sayyid Abdul Qodir henteu mondok sakerejep-kerejep acan. Ari damelna sonten keneh netepan sunnat.
Ari kawenginakeun teras dzikir. Ari parantos ngalangkung sepertiluna wengi teras ngaos: “almuhìthur
robbusy syahhìdul hasìbul fa’àlul khollàqul khòliqul bàri-ul mushowwir”. Tidinya salirana beuki alit-beuki
alit, dongkap ka alit pisan. Henteu lami, salirana ngageungan deui, sepertos tadi. Ari parantos ageung,
teras ngajungjung, beuki luhur-beuki luhur, dugi ka les henteu katingali. Ari parantos lami, jol deui
sumping, teras ngadeg deui netepan, sareng kalintang lamina dina sujud. Kitu bae damelna, dugi ka
duapertiluna wengi. Ari parantos ngalangkung duapertiluna wengi, teras ngadep ka kiblat, ngaos pirang-
pirang du’a. Tidinya jol cahaya, nyorot ka anjeuna, dugi ka anjeuna henteu katingali salirana, kabulen ku
eta cahaya, sareng kakuping henteu liren-liren anu uluk salam ka anjeuna dugi ka bijil fajar”.
MANQOBAH KA 8 NYARIOSKEUN NU DIDAMEL DADASAR PADAMELAN SAYYID ABDUL QODIR

Sayyid Abdul Qodir ditaros: “Naon anu ku tuan didamel dadasar dina padamelan?”. Dawuhan Sayyid
Abdul Qodir: “‘Alash shidqi wa mà kadzibtu qoth”. Hartosna: “Ari tangtungan kaula jeung dadasar
kalakuan kaula, nyaeta bener pantrang bohong”. Dicarioskeun waktos anjeuna murangkalih, dina ping 9
Rayagung, anjeuna ngagiringkeun onta, bade diangon di tegalan. Barang eta onta keur digiringkeun, eta
onta ngomong, pokna: “Heh Abdul Qodir, anjeun mah didamel teh sanes pikeun ngangon onta!”.
Anjeuna kaget aya onta ngomong kitu. Teras eta onta dilesotkeun. Ari anjeuna teras angkat ka loteng, ka
ibuna, teras unjukan. Saurna: “Ibu, tadi onta anu bade diangon ku abdi teh nyaram ngangon ka abdi,
sanggemna: maneh mah Abdul Qodir, didamel ku Gusti Allah teh lain calon kana ngangon onta. Kumargi
eta, manawi ibu rempag mah, abdi bade masantren ka Baghdad”. Ibuna ngadangu unjukan putrana,
kalintang bingahna. Saurna: “Atuh nuhun ari ujang hayang masantren mah, ibu kacida ridona. Tah ieu
keur bekelna 40 dinar. Engke, di mana-mana aya ontan-ontan anu rek ka Baghdad, ujang milu, nurut
ludeung. Tapi ibu wasiat, kudu bener dina sagala ucap-ucapan jeung kalakuan”. Saur Sayyid Abdul Qodir:
“Nyuhunkeun hibar ibu bae”. Henteu kantos lami ti waktos harita, Sayyid Abdul Qodir teras ngiring
sareng ontan-ontan anu ka Baghdad. Henteu kacarioskeun lamina, Sayyid Abdul Qodir parantos ngaliwat
nagara Hamdan. Barang dongkap kadinya, burubul aya 60 rampog tarumpak kuda, sarta sadia parabot-
parabotna, teras sadayana sodagar dirampog. Barang meneran ka Sayyid Abdul Qodir, ceuk hiji rampog:
“Silaing boga naon?”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Boga 40 dinar, dikaput dina handapeun kelek
kaula!”. Ceuk rampog: “Kitu patut boga 40 dinar, jor bae kaditu mantog!”. Tidinya teras Sayyid Abdul
Qodir liwat. Gok deui jeung rampog sejena, teras nanya deui cara tadi, ku Sayyid Abdul Qodir
diterangkeun cara kanu tadi. Eta rampog henteu percayaeun deui bae. Tidinya kabejakeun ka kapalana
rampog, yen aya nu ngaku boga 40 dinar, tapi henteu dipercaya ku sarerea oge. Ceuk kapalana: “Coba
barawa kadieu, silaing mah kawas anu burung, lain dibuktikeun, boa teuing enya bogaeun 40 dinar”.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir dibarawa ku rampog teh ka kapalana. Barang sumping ka kapalana
rampog, teras ditaros cacandakanana. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Boga 40 dinar ceuk kaula oge, tah
ieu dikaput handapeun kelek. Lamun anjeun henteu percaya, urang buktikeun!”. Teras kawayna dibuka.
Artosna dibilang anu 40 dinar teh hareupeunana. Sajongjonan mah kapala rampog teh ngahuleng bae.
Tidinya teras naros ka Sayyid Abdul Qodir: “Naon pangarahan anjeun nu matak ngaku sabenerna? Kapan
deungeun-deungeun mah, sumawona loba-loba kitu, boga sadinar oge tara ngabejakeun ari acan ditakol
mah?”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Kaula mah henteu boga pangarahan naon-naon, ngan indung
kaula miwarang kudu bener. Kaula moal nyulayaan kana wasiat indung”. Tidinya segruk eta kapala
rampog teh ceurik, bari ngomong kieu: “Eumh, salira mah, dina tempat nu sakieu weritna henteu wani
ngarempak larangan indung. Naha ari kaula, geus sababaraha taun gawe teh ngan wungkul ngarempak
larangan Pangeran bae. Mana teuing Pangeran benduna ka kaula. Tah, ayeuna saksian ku salira, yen
kaula tobat ka Gusti Allah ditangan sampean”. Tidinya rampog anu 60 teh pada tobat. Barang-barangna
anu kenging ngarampog, teras dipulangkeun kanu gaduhna. Ari saparantos kitu, teras anjeuna angkat ka
Baghdad. Harita yuswana 18 taun.
MANQOBAH KA 9 NYARIOSKEUN NEMBEAN SAYYID ABDUL QODIR MITUTUR KA JALMA-JALMA DINA
LUHUR KORSI

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir, dina memeh dzuhur poe salasa tanggal 6 bulan Syawal taun 521: “Kaula
ningali Rosululloh SAW, teras nimbalan ka kaula. Dawuhanana: “He anak Kaula, naha maneh henteu
geura muruk mitutur ka jalma-jalma?”. Teras kaula unjukan: “Kumaha rek tiasa muruk mitutur, kapan
abdi urang Ajam, ari ulama-ulama Baghdad anu sakitu parasehatna”. Dawuhan Rosululloh: “Coba
bukakeun sungut maneh!”. Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan 7 kali. Saurna: “Jig, maneh geura
muruk mitutur. Geura ngajak kana jalan Pangeran kalawan hikmah jeung pitutur anu aralus”. Saparantos
kitu, tuluy kaula sholat dzuhur. Henteu kungsi lila, burudul jalma-jalma daratang kacida seueurna. Kaula
ngadegdeg, jeung hate kaula ngageter, henteu bisa pok nyarita. Tidinya jol sumping Sayidina Ali ngadeg
hareupeun kaula. Dawuhanana: “Naha lain geura pok muruk mitutur teh?”. Unjukan kaula: “Ieu da hate
abdi ngageter wae, gado noroktok.” Dawuhan Sayidina Ali: “Coba calangap!”. Tuluy kaula calangap.
Tuluy diludahan genep kali. Ceuk kaula: “Kumaha margina henteu tujuh kali?”. Dawuhan Sayidina Ali:
“Karana adab ka Rosululloh”. Tidinya les deui Sayyidina Alì henteu aya. Ari saparantos kitu mah, tuluy
hate kaula caang, henteu aya naon-naon. Tuluy kaula muruk mitutur.

MANQOBAH KA 10 NYARIOSKEUN KUMPULNA 100 ULAMA BAGHDAD DI MAJLIS SAYYID ABDUL


QODIR SARTA MASING-MASING PADA BOGA MASALAH

Dicarioskeun ku Syekh Abu Muhammad Al-Mufarroj: “Waktu kaula milu hadir dina majlis Sayyid Abdul
Qodir, sarumping 100 ulama Baghdad. Sadayana pada kagungan masalah, sarta eta masalahna henteu
sami. Barang eta ulama-ulama parantos caralik dipayuneunana, teras anjeuna tungkul, tuluy bijil cahaya
tina leresan manahna. Eta cahaya teras ngaliwat kana dadana 100 ulama tea. Saparantos ulama-ulama
kaliwatan ku cahaya, teras ulama-ulama eta sadayana pada bingung, ngadaregdeg, sing jarerit, teras
maruka sirahna. Anggoanana disosoek, teras haranjat kana korsina Sayyid Abdul Qodir. Teras sampean
Sayyid Abdul Qodir diteundeun kana sirah ulama-ulama ku aranjeuna. Sareng majlis harita kalintang
cekcokna, ngaguruh henteu aya daratanana. Ari saparantos kitu, teras eta ulama-ulama anu 100 teh ku
Sayyid Abdul Qodir ditangkeupan saurang-saurang. Ari parantos sadayana ditangkeupan, teras masalah
saurang-saurangna dicarioskeun ku Sayyid Abdul Qodir sareng jawabanana. Sadayana ulama pada kaget
ku kapinteran Sayyid Abdul Qodir dina ngajawab masalah sareng karomatna.

MANQOBAH KA 11 NYARIOSKEUN NGADAMPALNA KANGJENG NABI KANA PUNDAKNA SAYYID ABDUL


QODIR

Dicarioskeun ku Syekh Rosyid Bin Muhammad Al-Junaidi: “Dina wengian mi’roj Kangjeng Nabi, sumping
malaikat Jibril nyandak buroq. Ari talapokna eta buroq ngagebur cara bulan. Ari paku-pakuna cara
bentang. Barang disanggakeun ka Kangjeng Nabi, eta buroq henteu daekeun cicing. Timbalan Kangjeng
Nabi: “Kunaon buroq, numatak maneh henteu daek cicing, naha maneh teh embung ditumpakan ku
kaula?”. Tuluy eta buroq unjukan. Pokna: “Nyawa abdi jadi tetebus taneuh gamparan Gusti. Abdi sanes
henteu purun ditunggangan ku Gusti, mung abdi aya panuhun ka Gusti, nyaeta dina dinten kiamah,
nalika Gusti bade lebet ka surga, ulah nunggangan nu sanes”. Dawuhan Rosululloh: “Heug, dikobul
pamenta maneh”. Unjukan deui eta buroq: “Mugi Gusti kersa nyepengkeun panangan Gusti kana
punduk abdi, supaos jadi tawis dina dinten kiamah”. Teras panangan Kangjeng Nabi dicepengkeun kana
pundukna buroq. Kumargi eta buroq kalintang bingahna, dugi ka jasadna eta buroq henteu cekap pikeun
wadah ruhna. Kapaksa eta buroq harita keneh ngajangkungan dugi ka 40 hasta. Tidinya Kangjeng
Rosululloh ngadeg sakedap, wireh ningali buroq sakitu jangkungna, tawaquf kana titihan anu saneh.
Tidinya teras sumping ruhna Ghoutsul A’zhom Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani, teras unjukan: “Gusti,
mangga ieu punduk abdi titih ku Gusti”. Teras Kangjeng Nabi nitih kana punduk Ghoutsul A’zhom. Teras
Ghoutsul A’zhom ngadeg. Teras Kangjeng Nabi tunggang kana buroq, sareng ngadawuh Kangjeng Nabi:
“Ieu dampal suku kaula nincak kana punduk maneh. Ari dampal suku maneh eta nincak kana pundukna
sakabeh waliyulloh”.

MANQOBAH KA 12 NYARIOSKEUN NYAKSIANANA GURU-GURU SARENG WALI-WALI KALUHURAN


MARTABATNA SAYYID ABDUL QODIR

Dicarioskeun dina kitab Roudlotun Nazhir Fi Manaqibisy Syekh Abdul Qodir, dina bab ka 6, ti zaman Abi
Ali Al-Hasan Al-Bashri dongkap kalahirna Sayyid Abdul Qodir, henteu aya hiji alim anu muruk agama
islam anging pada nyarioskeun kabingahan bakal zhohirna Sayyid Abdul Qodir. Sareng eta ulama-ulama
pada ngaku kana kawaliyanana Sayyid Abdul Qodir. Sareng ulama-ulama pada nyarioskeun Sayyid Abdul
Qodir bakal ngembarkeun, yen dampal sampeanana bakal nincak kana pundukna wali. Sareng wali-wali
narima kana eta embaran, kajaba hiji wali di nagara Ashfahan henteu narima kana eta embaran.
Kumargi henteu narima kana eta embaran, eta wali anu sakitu luhungna dilepas tina kawaliyanana. Jadi
Sayyid Abdul Qodir teh ampir 300 taun deui kalahirna, parantos masyhur kawaliyanana. ***

MANQOBAH KA 13 NYARIOSKEUN RUKSAKNA JALMA-JALMA ANU NYEBUT JENENGAN SAYYID ABDUL


QODIR HENTEU GADUH WUDLU

Dicarioskeun dina kitab Kalzaril Ma’ani, dina nembean Sayyid Abdul Qodir kenging pangkat kawalian,
anjeuna kabuleun ku sifat Jalaliyah, tegesna sifat kagagahan. Tina margi kitu, jenenganana oge kalintang
ahengna, sahingga upami jenenganana disebut henteu kalawan adab, nyaeta henteu gaduh wudlu,
mangka pegat beuheungna jalma nu nyebut henteu gaduh wudlu tea. Saparantos kitu Sayyid Abdul
Qodir tepang sareng Kangjeng Nabi SAW. Dawuhan Kangjeng Nabi: “Hey Abdul Qodir, eta pagawean
maneh ulah dipigawe, karunya ka jalma-jalma di akhir zaman, sabab jaga mah pirang-pirang jalma anu
nyebut jenengan Allah jeung ngaran kami oge henteu kalawan adab”. Teras eta padamelan ditilar, margi
ulama-ulama Baghdad pada ngadareuheus ka Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun supaos eta padamelan
ditilar, margi hawatos ka jalma-jalma. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Ieu teh lain kahayang kaula. Kaula
meunang timbalan ti Gusti Allah: “Maneh geus ngagungkeun kana jenengan Aing, jadi ngaran maneh
oge diagungkeun ku Aing. Dawuhan satengah ulama: “Numawi jenenganana kalintang sangetna,
anjeuna sok ngamudawamahkeun ngaos Saefi Hirzil Yamani karangan Sayyidina Ali kw ‘anhu.
MANQOBAH KA 14 NYARIOSKEUN JALMA NU HADIAH KA SAYYID ABDUL QODIR DIHASILKEUN
MAKSUDNA

Dicarioskeun ku guru-guru anu laluhung, saha-saha jalma anu nyebut jenengan Sayyid Abdul Qodir
henteu boga wudlu, mangka eta jalma ku Gusti Allah dirupekkeun rizkina. Sareng saha-saha jalma anu
nadzar hadiyah ka Sayyid Abdul Qodir, eta kudu dilakonan, supaya ulah kasebut jalma bedegong, matak
kawalat. Sareng saha-saha jalma anu ngahadiyahkeun amis-amis dina malem jum’ah, teras maca fatihah
dihadiyahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, terus eta kadaharanana dibagikeun ka fakir miskin, sarta eta jalma
nyuhunkeun syafa’at sareng karomatna Sayyid Abdul Qodir dina ngahasilkeun maksudna, tangtu eta
jalma meunang pirang-pirang pertulungan ti Gusti Allah kalawan karomahna Sayyid Abdul Qodir. Sareng
saha-saha jalma nu maca fatihah rek dahar, tuluy dihadiahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, tangtu eta jalma
dibukakeun, dikaluarkeun tina kahesean dunya akherat. Jeung saha-saha nu nyebut jenengan Sayyid
Abdul Qodir bari boga wudlu tur ikhlas anu sampurna, ngaagungkeun ka anjeuna, mangka eta jalma ku
Gusti Allah dibungahkeun dina eta poe sarta dilebur dosana.

MANQOBAH KA 15 NYARIOSKEUN JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR CARA ISMUL A’ZHOM

Dicarioskeun dina kitab Haqoiqul Haqoiq, aya hiji awewe ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, teras
unjukan pokna: “Gusti, abdi teh gaduh anak mung hiji-hijina, ayeuna ti teuleum di laut. Dupi abdi gaduh
kayakinan, yen Gusti tiasa ngabalikkeun anak abdi sarta hirup. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Enya, jig
bae balik. Anak maneh geus aya di imah”. Tidinya teras eta awewe gura-giru balik. Barang dongkap ka
imahna, anakna henteu aya. Tidinya berengbeng deui awewe teh ka Sayyid Abdul Qodir bari ruwuh-
riwih ceurik, unjukan yen anakna henteu aya. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Ayeuna mah tangtu geus
aya”. Deregdeg deui eta awewe balik. Ari dongkap ka imahna, anakna teu acan aya keneh. Gowak deui
ceurik. Teras ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, bari ceurik mamandapan, nyuhunkeun anakna
hayang hirup deui, hayang aya deui. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nungkulkeun sirahna. Barang
cengkat, ngadawuh. Saurna: “Ayeuna mah moal salah deui, anak maneh geus aya”. Tidinya teras eta
awewe balik. Barang dongkap, anakna geus aya di imahna sarta salamet. Tidinya teras Sayyid Abdul
Qodir munajat. Piunjukna: “Jisim abdi kalintang isinna ku eta awewe, dugi ka tilu kali nembe aya anakna.
Kumaha margina, sareng naon hikmahna numawi dielatkeun, dugi ka abdi kawirangan dua kali?”.
Dawuhan Gusti Allah: “Omongan maneh ka eta awewe kabeh oge bener. Barang mimiti disebutkeun aya
teh bener, tapi kakara dikumpulkeun ku malaikat jiwa ragana nu geus pabencar. Ka dua kali oge bener,
tapi kakara jejeg anggahotana sarta dihirupan. Ka tilu kalina eta awewe datang ka imahna, geus
dihanjatkeun ti laut, didatangkeun ka imahna”. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir unjukan deui: “Gusti
mah ngadamel makhluk anu sakieu poharana henteu kalawan kasusahan. Nya kitu deui dina ba’atsna
ngumpulkeun sakabeh jiwa raga makhluk nu sakitu seueurna mung sakedet netra. Ari ieu mah hiji
budak, naon hikmahna Gusti numawi sakitu lamina?”. Dawuhan Gusti Allah: “Abdul Qodir, maneh
entong jadi raheut hate. Ayeuna pek geura menta, maneh hayang naon, tangtu dipaparin ku aing?”.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir sujud sarta unjukan. Saurna: “Gusti kholik anu ngadamel, ari abdi
makhluk anu didamel. Naon-naon oge paparin Gusti, abdi kalintang nuhunna”. Dawuhan Gusti Allah:
“Saha anu nenjo kamaneh dina poe juma’ah, ku aing didamel wali. Jeung lamun maneh nenjo kana
taneuh, tangtu jadi emas”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Gusti, ieu duanana oge henteu pati aya
mangfaatna ka abdi. Abdi nyuhunkeun anu agung ti eta, sareng tetep mangfaatna saparantos maot
abdi”. Dawuhan Gusti Allah: “Ngaran maneh dijieun seperti ngaran kami dina ganjaranana jeung
manjurna. Saha-saha anu maca kana ngaran maneh, ganjaranana sarua jeung maca jenengan kami”.

MANQOBAH KA 16 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN HIJI JALMA TI JERO KUBUR

Dicarioskeun dina kitab Asroruth Tholibin, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalangkung kana hiji tempat.
Anjeuna mendak jalma islam keur paadu paloba-loba omong jeung bangsa nashroni. Teras ku Sayyid
Abdul Qodir dipariksa sabab-sababna papaduan. Ceuk bangsa islam: “Eta Gusti, paalus-alus nabi.
Sanggem abdi, utami Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ari sanggem ieu nashroni, utami Nabi Isa”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir ka nashroni: “Eta maneh nyebutkeun utami Nabi Isa, naon dalilna?”. Ceuk
nashroni: “Eta, Nabi Isa mah sok tiasa ngahirupkeun jalma nu geus maot”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Maneh nyaho kaula lain nabi, ngan saukur anu anut jeung nyekel agama Nabi Muhammad?”. Ceuk
nashroni: “Kantenan bae terang mah”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Lamun kaula bisa ngahirupkeun
anu geus maot, maneh rek iman ka Nabi Muhammad?”. Jawabna: “Kantenan bade iman”. Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: “Coba urang neangan kuburan anu geus heubeul”. Nya manggih kuburan anu kira-
kira geus 500 taun lamina. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Nabi Isa ari ngahirupkeun anu geus maot,
kumaha pokna?”. Ceuk nashroni: “Qum bi idznillàh”. Hartosna: “Hudang maneh kalawan idzin Allah” .
“Geura kami mah dengekeun kieu: Qum bi idznì”. Hartosna: “Nangtung maneh kalawan idzin kami!”.
Tidinya tuluy eta kuburan beulah. Tuluy eta mayit teh bijil ti kuburna bari nembang. Tadina eta jalma
tukang tembang, Teras eta nashroni asup islam

MANQOBAH KA 17 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NGAREBUT NYAWA KHODAMNA TI


MALAKAL MAUT

Dicarioskeun ku Abbil Abbas Ahmad Rifa’i: “Salah sawios khodamna Sayyid Abdul Qodir maot. Teras
pamajikanana ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, keukeuh nyuhunkeun salakina hayang hirup deui.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir muroqobah, mangka ningali anjeuna dina alam bathin, malakal maot
keur hanjat ka langit nyandak roh nu dicabut dina poe eta, diwadahan dina wadah ma’nawi sarupi
zambil. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Heh Malakal Maut, eureun heula, jeung kadieukeun roh bujang
kaula si anu ngarana !”. Saur Malakal Maut: “Moal tiasa masihkeun, margi kaula nyabutan arwah teh lain
sakarep-karep kaula, tapi kalawan parentahan Pangeran, sarta kudu disetorkeun ka anjeuna”. Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: “Enya, kaula oge terang. Tapi eta mah roh bujang kaula, kadieukeun bae”. Saur
Malakal Maut: “Moal tiasa !”. Keukeuh anu nyuhunkeun sareng keukeuh anu henteu maparinkeun.
Tungtungna dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Kalawan kamahabbahan kaula ka Gusti Allah, kadieukeun
eta roh bujang kaula !”. Bari teras eta wadah arwah teh direbut ku Sayyid Abdul Qodir. Teras
diucutkeun. Atuh budal sadayana roh anu kenging nyabutan ti isuk teh laleupasan, baralik deui kana
jasadna. Tidinya teras Malakal Maut teh unjukan ka Gusti Allah Anu Maha Suci. Piunjukna: “Beu Gusti,
Gusti langkung uninga kana kaayaan kakasih Gusti, wali Gusti Abdul Qodir”. Dawuhan Gusti Allah: “Enya
eta Abdul Qodir teh kakasih aing. Bongan roh bujangna kumaneh henteu dibikeun, jadi bae roh anu
sakitu lobana mawur. Ayeuna maneh hanjakal henteu dibikeun”.
MANQOBAH KA 18 NGAJADIKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR BUDAK AWEWE JADI LALAKI

Dicarioskeun ku Syekh Hawad Al-Qodiri: “Aya hiji lalaki ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, unjukan
hayang gaduh anak lalaki. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Maneh menta barang anu gholib, heug moal
henteu boga”. Tidinya eta jalma saban dinten henteu petot-petot hadir di majlis Sayyid Abdul Qodir.
Barang parantos lami, eta jalma kalawan kapastian tinu Maha Kawasa gaduh anak, tapi anak awewe.
Teras eta anakna dicandak ka SAQ. Piunjukna: “Gusti, kapungkur abdi nyuhunkeun anak lalaki. Dupi ieu
gening awewe?”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Eta orok buntel. Jig balik. Tangtu engke jadi lalaki !”.
Teras eta orok dibuntel dibawa balik. Barang dibuka di imahna, eta budak jadi budak lalaki kalawan idzin
Allah Ta’ala.

MANQOBAH KA 19 NYARIOSKEUN SALAMETNA 1 JALMA PASEK KU JAWABANANA ABDUL QODIR KA


MALAIKAT MUNGKAR WA NAKIR

Kacarioskeun di jaman Sayyid Abdul Qodir, aya hiji jalma pasek. Tapi eta jalma kacida mahabbahna ka
Sayyid Abdul Qodir. Saeunggeus eta jalma maot, di jero kubur disual ku Malaikat Mungkar wa Nakir.
Henteu aya deui jawabna eta jalma ngan Abdul Qodir. Tidinya sumping timbalan ti Gusti Allah: “He
Mungkar wa Nakir, eta jalma bener pasek, siksaeun. Tapi kulantaran manehanana mahabbah ka kakasih
aing, ayeuna dihampura ku aing”.

MANQOBAH KA 20 NYARIOSKEUN MANUK NGALUHURAN KA ANJEUNA TERUS PAEH

Hiji waktos SAQ nuju abdas, aya 1 manuk hiber kaluhureun anjeuna.Barang eta manuk ditingali,guprak
eta manuk teh ragrag, paeh.Tidinya teras anjeuna nyeuseuh kawayna,teras eta kawayna
disidkohkeun,saurna: “Bisi kaula dosa,tah ieu baju kifarat dosa”.

MANQOBAH KA 21 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN DEUI ALAP-ALAP

Dicarioskeun hiji waktos anjeuna nuju ngawuruk di madrosahna, ari angin nuju ngagalebug. Kalayang
aya alap-alap bari hantem disada kokoreakan, dugi ka anjeuna kapaksa liren, margi baribin ku sora alap-
alap. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “He angin, cokot hulu alap-alap nu ngagandengan teh!”. Tidinya bet
eta alap-alap teh pegat beuheungna, huluna papisah jeung awakna. Guprak ragrag kapayuneun Sayyid
Abdul Qodir. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir turun tina korsina, nyandak alap-alap tea. Teras eta alap-
alap diusap kupananganana, bari ngaos: “bismillàhir rohmànir rohìm”. Geleber eta alap-alap teh hiber.
Sadayana santri-santri pada naringali.

MANQOBAH KA 22 NYARIOSKEUN NGAMERDEKAKEUN ABID SARENG ANGGOANANA

Dicarioskeun dina sapalihna kitab, Sayyid Abdul Qodir dina saban-saban lebaran sok ngagaleuh pirang-
pirang abid. Kenging ngagaleuh teh teras dimerdekakeun, sareng sadayana sina wushul ka Allah. Ari
anggoanana kalintang saraena. Ana nganggo sok anu pangaosna 10 jene saelona. Ari dasterna pangaos
70 rebu jene. Gamparanana ditaretes ku inten, jamrud sareng berlian. Pakuna perak. Nanging
anggoanana anu sakitu seueurna teh, upami aya anu nyuhunkeun, sok dipasihkeun.
MANQOBAH KA 23 NYARIOSKEUN TURUN KADAHARAN TI LANGIT

Dicarioskeun waktos Sayyid Abdul Qodir tapa 40 dinten, anjeuna moal ngadahar sareng moal ngaleueut
kadaharan dunya, kajabi upami turun kadaharan ti langit, sareng kajabi cai dina waktos boboran. Barang
2 dinten deui ka 40 dinten, bray lalangit bumina molongo. Jol hiji pameget nyandak wadah kenca
katuhu, sareng pinuh ku rupa-rupa buah anu araneh. Teras diteundeun, disanggakeun ka Sayyid Abdul
Qodir. Dawuhanana Sayyid Abdul Qodir: “Ti mana ieu teh?”. Saur anu nyandak: “Ti alam malakut,
tuangeun salira”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Jauhkeun ti kaula, sabab wadah emas-perak
diharamkeun ku Rosululloh!”. Teras wadah emas sareng perak duanana dicandak deui. Barang parantos
boboran, sumping malaikat nyandak baki pinuh ku kadaharan. Saurna eta malaikat: “Heh Sayyid Abdul
Qodir, ieu pangjamu ti Gusti Allah!”. Teras eta baki ditampi, sareng teras dituang sareng rencang-
rencangna.

MANQOBAH KA 24 NYARIOSKEUN CALAGEURNA JALMA2 KU NGADAHAR JUJUKUTAN SARENG


NGALEUEUT CAI MADROSAHNA SAYYID ABDUL QODIR

Dicarioskeun ku ulama-ulama, di jaman Sayyid Abdul Qodir aya tho’un, nepi ka aya ratus rebuna jalma-
jalma anu maraot dina sapoe-sapoena teh, teras arunjukan ka Sayyid Abdul Qodir, dawuhanana: “Saha-
saha jalma anu ngahakan jujukutan madrosah kaula, dicageurkeun ku Allah tina tho’un”. Tina margi
seueurna jalmi, jadi henteu cekap jujukutan pikeun ubar anu ku tho’un. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Saha-saha anu nginum cai madrosah kaula, dicageurkeun ku Gusti Allah”. Teras eta jalma-jalma
ngaleueut tina cai madrosahna, sareng sadayana daramang, sareng leungit eta tho’un.

MANQOBAH KA 25 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR KANA HAYAM

Dicarioskeun, aya hiji istri ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir masrahkeun putrana sina masantren. Teras
ku Sayyid Abdul Qodir ditampi sareng dipernahkeun dina tempat kholwat, tempat anu sepi. Parantos
rada lami, eta awewe teh ngalongok, kasampak anakna keur ngadahar bubur kunyit, awakna kuru, teras
ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir. Kasondong nuju tuang sareng opor hayam. Teras eta istri unjukan:
“Gusti, ari Gusti mah tuang sakitu sayagina, dupi anak abdi dugi kakuru, margi nedana mung saukur
bubur kunyit. Teras Sayyid Abdul Qodir ngumpulkeun tulang hayam, dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Qum bi idznillàh, hirup maneh kalawan idzin Allah”. Teras eta tulang jadi hayam hirup deui. Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: “Tah, lamun anak maneh geus bisa kieu, meunang dahar sakarep-karep, asal anu
halal”. Saur eta istri: “Mugi Gusti henteu bendu. Eta anak abdi nyanggakeun kumaha kersa Gusti”.

MANQOBAH KA 26 NYARIOSKEUN ANJING ANU TUNGGU ISTALNA GEUS MAEHAN MAUNG

Dicarioskeun, Syekh Ahmad Zandah, ana sumping ka aulia-aulia sok tunggang maung, sareng sok
disaruguhan 1 sapi parab meongna. Barang sumping ka Sayyid Abdul Qodir, teras miwarang marabkeun
sapi paranti nimba. Barang eta sapi rek dirontok ku maung, di dinya aya anjing dina lawang istal, gabrug
maung teh dirontok ku anjing dipaehan. Tidinya teras Syekh Ahmad Zandah ngadeuheus ka Sayyid Abdul
Qodir sareng nyium kana pananganana.
MANQOBAH KA 27 NYARIOSKEUN NGAGALEUH 40 KUDA ANU SARAE NYAWISAN NU TEU DAMANG

Dicarioskeun aya hiji jalma ti nagara anu anggang ka Baghdad, sarehna eta jalma teh ngadangu kana
kamasyhuranana Sayyid Abdul Qodir, teras anjeuna ngadeuheus sumping ka Baghdad. Barang sumping
ka Baghdad, ningali istal kagungan Sayyid Abdul Qodir anu kalintang saena. Tatabanana emas sareng
perak, sebrak sareng selana sutra anu kalintang saraena, kudana aya 40 anu moal aya bangsana saena.
Tidinya eta jalma teh ngomong dina hatena: “Cenah ieu teh Waliyulloh, tapi buktina tukang Hubud
Dunya, piraku aya wali resep-resep teuing kana dunya, anu kieu petana mah henteu pantes disebut
Wali”. Tidinya eta jalma teh goreng sangkana. Teras manehna nyemah di hiji jalma, henteu kersa
ngadeuheus ka Sayid Abdul Qodir. Saparantos kitu, brek eta jalma teh gering anu kalintang repotna,
sahingga dokter-dokter oge henteu aya nu sanggemeun ngubaran. Tidinya aya sahiji ulama hikmah,
saurna: “Ieu panyakit moal cageur lamun henteu di ubaran ku hate kuda 40, sarta kudana anu kieu
sipatanana”. Ceuk jalma-jalma: “Moal aya anu kagunganeun kuda anu sarupa kitu mah, sarta sakitu
seueurna jabi ti Sayyid Abdul Qodir, tapi coba-coba bae urang suhunkeun, da anjeunana mah kalintang
barahanana teh”. Tidinya teras eta kuda teh disaruhunkeun. Unggal-unggal poe dipareuncitan, diarah
hatena, dugi ka seep sadayana. Saparantos eta kuda seep, anu teu damang teh teras damang, sareng
teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir bade nganuhunkeun. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Lamun
maneh henteu terang, eta kuda teh, pangna dibeuli ku kami, keur nyawisan maneh, sabab kami nyaho,
yen maneh datang kadieu samata-mata resep ka kami, jeung bakal meunang panyakit, moal aya
piubareunana jaba ti 40 hate kuda nu kitu sipatna, tapi maneh henteu nyaho, buktina nyemah oge dinu
sejen. Tidinya teras eta jalma teh tobat, sareng dilereskeun patekadanana.

MANQOBAH KA 28 NYARIOSKEUN SAKABEH JIN IPRIT AYA DINA BAWAHAN KAKAWASAANANA

Dicarioskeun, Kangjeng Nabi Sulaeman dina hiji waktos kagungan manah melang ka jalma-jalma di akhir
zaman, margi bangsa jin kalintang barengalna, sarta carulangungna. Saurna: “Kumaha engke saenggeus
henteu aya aing eta bangsa jin jeung syetan? Mana teuing moal ngahargaanana ka bangsa manusa.
Cacak ayeuna oge keur aya keneh aing sakitu barengalna”. Tidinya aya sora tinu ghoib: “Anjeun entong
melang, sabab engke aya panutup Nabi, nyaeta Nabi Muhammad SAW. Salah sahiji putrana aya anu
jenengan Abdul Qodir. Tah eta anu bakal dipaparin kakawasaan ngabawah bangsa Jin sareng syetan.
Moal aya hiji jin atawa syetan anu henteu turut ka anjeuna”.

MANQOBAH KA 29 NYARIOSKEUN NGAHAMPURA RAJA JIN KA JALMA ANU MAEHAN PUTRANA

Dicarioskeun ku ulama Baghdad, di Baghdad aya hiji alim. Saba’da jum’ah anjeuna angkat ziarah ka
kuburan diiring ku santri-santrina. Barang di jalan, mendak oray hideung, teras diteunggeul ku
tungkedna dongkap kapaeh. Saparantos maehan oray, reup poek ku mega. Les alim teh teu aya. Santri-
santrina kalintang karageteunana, teras pada milari, tapi weleh henteu kapendak. Kinten-kinten sajam ti
waktos henteu aya, eta alim teh sumping deui, sarta ginding luar biasa. Teras ku santri-santri dibarujeng
sareng ditaros. Saur ulama: “Tadi teh basa poek, kaula dibarawa ku pirang-pirang jin ka hiji pulo. Tuluy
dibarawa ka jero laut, ka nagara jin. Tuluy kaula dideuheuskeun ka rajana. Kasampak rajana keur ngadeg
dina kartil karajaan. Dipayuneun raja aya mayit dijolopongkeun dina luhur dipan anu kacida alusna.
Sirahna beulah. Getihna ngucur keneh kana awakna. Tidinya tuluy mariksa ka jin anu mawa kaula.
Saurna: “Saha ieu teh?”. Saur balad2na: “Ieu teh jalma anu maehan putra Gusti tea!”. Tidinya tuluy eta
raja ningali kakaula. Ningalna bangun pohara benduna. Saurna: “Naha maneh make maehan anak kaula
henteu kalawan dosa? Piraku maneh henteu nyaho dosana maehan? Kapan maneh kasebut ajengan?”.
Dijawab ku kaula: “Perkawis maehan tuang putra, jisim abdi henteu pisan-pisan. Sumawonten maehan,
pependak oge henteu!”. Saur raja: “Maneh moal bisa mungkir, sabab tah saksi sakitu lobana”. Dijawab
deui ku kaula: “Sadayana oge bohong, fitnah wungkul”. Sanggem saksi-saksi: “Cobi ku Gusti parios getih
anu aya dina iteukna”. Saur raja: “Ari eta dina iteuk maneh getih naon?”. Jawab kaula: “Ieu mah getih
tina maehan oray”. Saur raja: “Maneh jalma pangbodo-bodona. Mun teu nyaho, tah oray teh anak
kaula”. Tidinya kaula bingung henteu bisa ngajawab deui. Bumi alam asa rapet tina bawaning ku susah.
Tuluy raja ngalieuk kapanghulu. Saurna: “Ieu jalma geus ngaku maehan anak kaula, geura bere putusan
hukum pati!”. Tidinya tuluy panghulu mere putusan, yen kaula kudu dipaehan. Tuluy kaula dipasrahkeun
ka logojo. Barang kaula rek disabet ku logojo, kaula ngajerit dina hate, nyuhunkeun tulung ka Sayyid
Abdul Qodir. Barang kaula ngajerit, jol aya hiji lalaki anu mancur cahayana. Ceuk eta lalaki: “Ieu jalma
ulah dipaehan, sabab muridna Sayyid Abdul Qodir. Lamun ku anjeun dipaehan, kumaha pijawabeun
anjeun ka Sayyid Abdul Qodir upami anjeuna bendu?”. Saur raja: “Ajengan, kulantaran kaula
ngagungkeun ka Sayyid Abdul Qodir, dosa anjeun anu sakitu gedena dihampura kukaula, ngan memeh
mulang, pangimamkeun heula nyalatan anak kaula jeung pangmacakeun istighfar”. Tuluy kaula dibere
papakean. Sanggeus beres nyalatan, tuluy kaula dianteurkeun deui kadieu.

MANQOBAH KA 30 NYARIOSKEUN TAMBANA JALMA ANU DIHEUREUYAN JIN

Dicarioskeun ku Syekh Jalalul Bukhori: Saha-saha jalma anu diheureuyan jin,baca tompokeun kana
ceulina: “yà hadlrotasy syekh quthbul ‘àlami muhyil haqqi waddìnis sayyid ‘abdul qòdiril kailànì”, Insya
Allah cageur. Jeung saha-saha jalma anu sieun kurampog atawa kumusuh,tuluy nyokot taneuh
hideung,baca jenengan SAQ dina eta taneuh,tuluy awurkeun kajihat anu dipikasieun tea,Insya Allah
diraksa ku Gusti Allah. Jeung saha-saha anu meunang kasusahan atawa kahesean,tuluy tawasul ku SAQ
tangtu ku Gusti Allah kasusahanana diganti kukabungahan, kaheseanana diganti ku kagampangan.

MANQOBAH KA 31 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NYIUM PANANGAN KANGJENG NABI


WAKTOS ZIARAH

Hiji waktos anjeuna angkat ziarah ka eyangna ka Madinah. Barang sumping ka Hujroh Syarifah,
Pakuleman Anu Mulya, anjeuna ngadeg di payuneunana kenging 40 dinten. Panangan duanana di kana
dadakeun, bari munajat ku ieu 2 bet: “Dzunùbì kamaujil bahri bal hhiya aktsaru, kamitslil jibàlits tsummi
bal hhiya akbaru. Walàkinnahà ‘ingdal karìmi idzà ‘afà, janàhum minal bu’ùdli bal hhiya ashghoru”.
Hartosna: “Ari dosa sim abdi ibarat budah laut, ibarat gunung luhur, malihan langkung ageung. Nanging
upami Gusti nu loman ngahampura, ibarat jangjang rametuk, malih kirang”. Teras anjeuna munajat deui
ku ieu 2 bet: “Fì hàlatil bu’di rùhì kungtu ursiluhà, tuqobbilul ardlo ‘annì wahya nà-ibanì. Wa hhàdzihhì
naubatul asybàhi qod hadlorot, famdud yamìnaka kay tuhzhò bihhà syafatì”. Hartosna: “Waktos tebih ti
Gusti, ruh sim amdi dijurung, ngadeuheusan ka dampal Gusti wawakil abdi. Dupi ayeuna abdi pribadi
dumeuheus, mugi panangan Gusti kaluarkeun ka abdi”. Barang parantos kitu, jol panangan anu mulya
kaluar tina Hujroh Syarifah. Teras ku Sayyid Abdul Qodir dicepeng, sareng diambung, sareng disimpen
dina luhur mastakana.
MANQOBAH KA 32 NYARIOSKEUN BOBORANANA DI 70 BUMI MURIDNA DINA HIJI WAKTOS

Dicarioskeun, dina hiji waktos sasih siyam, Sayyid Abdul Qodir diundang boboran ku 70 murid. Masing-
masing palay disumpingan kabumina, sareng itu-ieu henteu tarerangeun pada ngundang ka Sayyid Abdul
Qodir. Barang dongkap kana waktos boboran, eta nu 70 bumi, kasumpingan, kasubadanan ku Sayyid
Abdul Qodir, sareng anjeuna aya boboran di bumina. Hal kajadian ieu kalintang pisan masyhurna di
Baghdad.

MANQOBAH KA 33 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN HIJI ISTRI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR TINA
KHIANATNA HIJI LALAKI PASEK

Di Baghdad aya hiji istri kalintang geulisna. Eta istri memeh lebet kana golongan muridna Sayyid Abdul
Qodir, dipikahayang ku hiji lalaki pasek, sareng kahayangna ku eta istri henteu dilayanan, tapi eta lalaki
teh henteu eureun neangan jalan supaya laksana maksudna. Barang dina hiji dinten, eta istri aya
kaperyogian angkat ka hiji guha nyalira. Henteu gaduh sangka eta lalaki nuturkeun pungkureunana.
Barang parantos dongkap kana guha, terus eta lalaki rek khianat, rek ngarumpak kahormatan istri tea.
Tidinya eta istri ngagero ka Sayyid Abdul Qodir. Waktos harita Sayyid Abdul Qodir nuju abdas di
madrosahna, teras gamparan anjeuna duanana dibaledogkeun ka jihat guha. Barang si lalaki pasek bade
maksa ka eta istri, gedag-gedag gamparan anu dua teh narenggeulan ka lalaki tea tepi kapaeh harita
keneh. Saparantos kitu, eta dua gamparan dicandak ku eta istri, disanggakeun ka Sayyid Abdul Qodir,
sareng nyarioskeun lalakon di payuneun jalma seueur.

MANQOBAH KA 34 NYARIOSKEUN NULUNGAN HIJI WALI ANU DILEPAS TINA KAWALIANANA

Dicarioskeun di zaman Sayyid Abdul Qodir aya hiji wali anu dilepas tina kawaliyanana. Teras eta wali
nyuhunkeun pertulungan wali-wali anu sanes supaos tiasa diangkat deui kana pangkat wali. Saur wali:
“Kaula geus nyuhunkeun ka Gusti Allah supaya salira diangkat deui jadi wali, tapi paneda kaula henteu
aya anu ditarima. Ayeuna henteu aya deui pamuntangan sadayana oge ngan Sayyid Abdul Qodir”. Teras
eta wali angkat ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, sareng nyuhunkeun syafa’at. Tidinya teras Sayyid
Abdul Qodir nyuhunkeun syafa’at ka Gusti Allah pikeun eta wali. Tidinya teras sumping dawuhan tinu
Ghoib. Dawuhanana: “Geus loba pisan wali-wali anu nyuhunkeun syafa’at pikeun eta wali, tapi henteu
aya saurang-urang acan anu diijabah. Ayeuna maneh oge entong menta syafa’at pikeun eta wali anu
dilepas teh”. Barang Sayyid Abdul Qodir ngadangu eta dawuhan, teras anjeuna nyandak sajadahna bade
angkat ka tegalan. Barang jut turun nembe salengkah, aya anu nyaur tinu ghoib. Saurna: “Heh Ghoutsul
A’zhom, heh Abdul Qodir, eta jalma teh jeung 1000 nu bangsa kitu geus dihampura ku Aing”. Barang
ngalengkah deui kaduana, aya deui anu nyaur. Saurna: “Eta jalma jeung 2000 bangsa kitu geus
dihampura ku aing”. Barang Sayyid Abdul Qodir ngalengkah katiluna, aya deui anu nyaur. Saurna: “Heh
Abdul Qodi, eta jalma jeung 3000 bangsana, ku aing geus dihampura karna arah-arah maneh”. Tidinya
teras Sayyid Abdul Qodir nganuhunkeun ka Gusti kana nugrahana, sareng eta wali nu dilepas tea,
kenging deui pangkat kawalianana.
MANQOBAH KA 35 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI JADI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR
KALAWAN PITUDUH GURUNA

Kacarioskeun hiji waktos Syekh Ahmad Kanji nuju abdas, aya kereteg dina manahna yen thorekatna
Sayyid Abdul Qodir leuwih dipikaresep tibatan thorekat-thorekat sejena. Kereteg Syekh Ahmad Kanji kitu
teh kauninga ku guruna, Syekh Abi Ishaq Maghribi. Saur guruna: “Nyaho maneh martabatna Sayyid
Abdul Qodir?”. Saur Ahmad Kanji: “Henteu !”. Saur guruna: “Sayyid Abdul Qodir teh kagungan 12 sifat.
Lamun lautan dijieun mangsina, tatangkalan dijieun kalamna, manusa jeung jin jeung malaikat anu
nuliskeunana, tangtu moal katuliskeun sahiji sifat oge”. Barang Syekh Ahmad Kanji ngadangu cariosan
guruna kitu teh, anjeuna banget mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir, sareng banget ngarep-ngarepna
palay ulah waka pupus upama teu acan lebet kana thorekatna. Tidinya teras anjeuna angkat ka Baghdad.
Barang nembe dongkap ka hiji gunung di jajahan Ajmir, anjeuna mendak hiji wahangan, teras abdas.
Saparantos abdas teras netepan. Saparantos netepan anjeuna teras kulem. Dina kulem anjeuna
kasumpingan Sayyid Abdul Qodir nyandak makuta beureum sareng sorban hejo, teras Syekh Ahmad
ngadeg ngahurmat ka Sayyid Abdul Qodir. “Kadieu sing deukeut”, saur Sayyid Abdul Qodir. Teras Syekh
Ahmad Kanji nyaketan, teras makuta beureum sareng sorban hejo teh dianggokeun ka anjeuna. Saur
Sayyid Abdul Qodir: “Heh Ahmad Kanji, ayeuna maneh geus jadi anak murid kaula, jeung maneh geus
jadi tina satengahna Rizalulloh”. Les deui Sayyid Abdul Qodir teh henteu aya. Barang Syekh Ahmad Kanji
gugah, makuta sareng sorban aya dina mastakana, teras Syekh Ahmad Kanji syukur ka Gusti Allah,
sareng teras mulih deui ka guruna, nyarioskeun lalakona sareng ningalikeun makutana. Saur guruna:
“Heh Ahmad Kanji, ieu makuta jeung sorban kaberkahan pikeun maneh. Pohara maneh dipikaasihna ku
Sayyid Abdul Qodir, jeung ayeuna maneh jadi pangunjulna wali”. Teras Syekh Abi Ishaq Maghribi ngalap
berkah, nganggo makuta sareng sorban tea. Tidinya dipasihkeun deui ka Syekh Ahmad.

MANQOBAH KA 36 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI NGALA SULUH BARANG BADE DISUHUN
SULUHNA NGAPUNG KALUHUREUN SIRAH SYEKH AHMAD

Syekh Ahmad Kanji teh khidmahna atanapi padamelanana ngala suluh kangge masak roti faqir-
faqir.Barang saparantos nganggo makuta ti SAQ,saur guruna: “Ahmad Kanji,ayeuna mah maneh henteu
layak,ngewa ngala suluh,sabab sirah maneh geus dimakutaan ku makuta mulya”. Tidinya Syek Ahmad
Kanji maksa nyuhunkeun widi ti guruna,saur guruna: “Nya ari keukeuh mah,jig bae”. Tidinya teras Syekh
Ahmad Kanji angkat ka gunung,teras ngempelkeun suluh,tidinya teras dibeungkeut.Barang bade
disuhun,suluh teh jung ngapung kana luhureun sirah Syekh Ahmad,cicing di awang-awang kira-kira
sahasta tina sirahna syekh Ahmad. Tidinya teras Syekh Ahmad mulih ka guruna.Beungkeutan suluh teh
ngalayang bae di awang-awang nuturkeun Syekh Ahmad. Barang sumping ka guruna,nyaeta Syekh Abi
Ishaq Maghribi tea,saur guruna: “Tah Syekh Ahmad,tadi ceuk kaula kumaha,sirah maneh henteu pantes
dipake nyuhun suluh,sabab geus ditetepan makuta jeung sorban anu mulya,ti waktu ayeuna meugeus
entong deui-deui ngala suluh,maneh ku SAQ geus ditepikeun kana pangkat Rijalulloh”.
MANQOBAH 37 NYARIOSKEUN HIJI ISTRI KAGUNGAN PUTRA 7 KUPANGDU’ANA SAYYID ABDUL
QODIR

Dicarioskeun dina kitab Mungtakhob Jawahiril Qola-id: Aya hiji istri ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir
nyuhunkeun du’a palay kagungan putra. Barang ditingali dina Lauhilmahfuzh, eta istri teh henteu aya
tulisanana bakal kagungan putra. Teras Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun ka Gusti Allah supaya eta istri
dipaparin putra 2. Tidinya aya timbalan: “Kapan kumaneh katingali dina Lauhil Mahfuzh,1 oge henteu
aya tulisanana, ayeuna maneh menta 2”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Muga dipaparin 3, Gusti”. Tidinya
aya deui timbalan: “Kapan 1 oge geus henteu aya, ayeuna maneh menta 3?”. Saur Sayyid Abdul Qodir:
“Nyuhunkeun 4, Gusti”. Aya deui timbalan: “1 oge henteu aya tulisanana”. Saur Sayyid Abdul Qodir:
“Nyuhunkeun 5,Gusti”. Kitu bae nyuhunkeun naek-naek dugi ka 7. Barang dugi ka 7, aya timbalan deui:
“Cukup, heh Abdul Qodir, ulah leuwih ti 7. Ayeuna diqobulkeun pamenta maneh”. Teras Sayyid Abdul
Qodir nganuhunkeun kana eta paparin, sareng teras nyomot taneuh, teras dipaparinkeun ka eta istri,
teras eta taneuh didamel gagantel kongkorong, dibungkus ku perak. Henteu sabaraha lamina ti waktos
harita, eta istri kagungan putra 7. Sadayana pameget sareng mulus dugi ka arageung. Barang lami-lami
eta istri teh robah kapercayaanana. Sanggeumna: “Ieu taneh make digantelkeun dina beuheung, asa
henteu aya gunana. Ayeuna boga anak eunggeus?!”. Kumargi eta istri ngomong sakitu, eta putrana anu
7 teh maraot sadayana. Saparantos kitu, teras eta istri ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, ceurik
sareng tobat. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Jig geura bali. Kumaha bae paniatan maneh tangtu kapanggih
kumaneh”. Teras eta istri mulih. Barang dongkap ka bumina, putrana anu parantos maraot teh,
sadayana hirup deui.

MANQOBAH 38 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN HIJI MURIDNA TINA SIKSA MUNGKAR WA NAKIR

Aya hiji jalma kacida bodona kana agama, tapi kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir. Barang eta
jalma maot, di kubur disual ku Mungkar wa Nakir. Saur malaikat: “Saha Pangeran maneh? Saha Nabi
maneh? Naon agama maneh?”. Jawabna: “Duka henteu terang, da katerang abdi mah guru abdi bae,
Sayyid Abdul Qodir!”. Kumargi eta jalma ngambat-ngambat ka Sayyid Abdul Qodir, malaikat Mungkar wa
Nakir teh bingung, teras unjukan ka Gusti Allah. Saurna: “Gusti langkung uninga kana jawaban hiji abdi si
anu. Kumargi eta sadaya-sadaya, kumaha kersa Gusti”. Dawuhan Gusti Allah: “Siksa sakumaha mistina!”.
Barang eta jalma rek disiksa, sumping Sayyid Abdul Qodir sareng ngadawuh: “Heh Malaikat Mungkar wa
Nakir, eta jalma ulah disiksa, kulantaran eta jalma kana agama euweuh pisan kanyahona. Kanyahona teh
ngan ka kaula. Ayeuna kaula anu bakal mangjawabkeun. Kaula anu nyaho kana pertanyaan anjeun. Prak
rek nanya masalah naon?”. Malaikat Mungkar wa Nakir beuki bingung. Teras unjukan deui ka Gusti
Allah. Saurna: “Gusti langkung uninga kana kaayaan abdi Gusti anu tea”. Dawuhan Gusti Allah: “Siksa
sakumaha perluna!”. Tidinya malaikat teras nyandak gada. Barang eta jalma rek ditinggang kumalaikat,
gadana direbut ku Sayyid Abdul Qodir, bari ngadawuh kieu: “Nyalingkir, sabab kamahabbahan dina batin
kaula henteu aya keur nyaruakeun. Lamun ieu jalma keukeuh rek disiksa, tangtu surga jeung naraka
diduruk ku kaula”, hartosna di naraka moal ripuh, di surga moal senang. Tidinya sumping dawuhan:
“Heh Mungkar wa Nakir, Aing geus ngahampura ka eta jalma karana arah-arah kakasih Aing, Abdul
Qodir. Keun eta jalma entong disiksa!”.
MANQOBAH KA 39 NYARIOSKEUN UNGGAL DATANG TAUN ANYAR SOK ULUK SALAM KA ANJEUNA
JEUNG SOK NYARITAKEUN NAON-NAON NU BAKAL KAJADIAN DINA TAUN ETA

Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalayang di awang-awang di
luhureun mangrebu-rebu jalma di majlis anjeuna, bari sasauran kieu: “Henteu bijil mata poe anging
mere salam ka kaula. Jeung unggal datang taun anyar, kudu bae mere salam ka kaula jeung nyaritakeun
naon barang anu bakal kajadian dina eta taun. Jeung datang bulan, mere salam ka kaula jeung
nyaritakeun naon barang nu bakal kajadian dina eta bulan. Jeung datang minggu jeung poena, mere
salam ka kaula jeung nyaritakeun naon-naon barang anu bakal kajadian dina eta minggu jeung poe.
Demi kamulyaan Pangeran kaula, jalma-jalma anu bagja anu cilaka, kabeh diasongkeun ka kaula. Jeung
jejelmaan panon kaula aya dina Lauhilmahfuzh, jeung kaula teuleum dina lautan elmuna Allah jeung
lautan musyahadah, jeung kaula hujjahna Allah ka maraneh. Jeung kaula nu jadi gagantì Rosululloh SAW.
Jeung kaula ahli warisna di bumi. Manusa aya guruna, jin aya guruna, malaikat aya guruna, ari kaula
guruna kabeh”.

MANQOBAH KA 40 NYARIOSKEUN ANJEUNA DIPAPARIN BUKU PIKEUN NULISKEUN MURID-MURIDNA


DUGI KA YAUMIL KIAMAH

Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir ngadawuhkeun kieu: “Kaula dipaparin buku,
ari gedena satungtung paningali, nyaeta pikeun nuliskeun ngaran murid-murid kaula nepi ka poe
kiamah, jeung eta murid dipasrahkeun ka kaula, geus jadi kaboga kaula. Lamun murid kaula henteu alus,
kaula anu alus. Demi kamulyaan Pangeran kaula, leungeun kaula henteu lesot tina sirah murid kaula,
sanajan kaula aya di masyrik, murid kaula aya di maghrib. Lamun murid kaula katembong oratna, tangtu
ditutupan ku kaula. Demi kamulyaan Pangeran kaula, dina poe kiamah, kaula rek nangtung dina lawang
jahanam, bisi aya murid kaula anu diasupkeun kana jahanam, karana Gusti Allah maparin ka kaula, yen
murid kaula moal diasupkeun kana jahanam. Saha-saha nu ngaku Guru jeung mahabbah ka kaula, tangtu
ditarima ku kaula, jeung tangtu kaula nyanghareup ka eta jalma. Malaikat Mungkar wa Nakir geus jangji
ka kaula, di kubur moal mere pikareuwaseun ka murid kaula.

MANQOBAH KA 41 NYARIOSKEUN HIJI JALMI NGENYOT RAMONA TERAS HENTEU PALAY BARANG
TUANG

Dawuhan Syekh Al-Arif Abu Muhammad Syawir As-Sibti: “Kaula hiji waktu ngajugjug ka Baghdad, ziarah
ka Sayyid Abdul Qodir, sarta terus kaula ngarencangan kenging sawatara zaman. Barang kaula rek balik
ka Mesir, teras unjukan ka guru kaula, Sayyid Abdul Qodir. Saurna: “Jig, didu’akeun ku kaula, moal
manggih naon-naon”, sareng anjeuna maparinkeun ramona miwarang dikenyot, sareng anjeuna wasiat:
“Di jalan ulah rek jajaluk”. Teras kaula indit ti Baghdad, teu mekel naon-naon. Ti sabarang kaula indit ti
Baghdad, tepi kadatang ka Mesir, kaula henteu ngarasa hayang barang dahar atawa ngarasa dahaga,
tapi kakuatan kaula, kajagjagan kaula henteu kurang naon-naon”.
MANQOBAH KA 42 NYARIOSKEUN SYEKH SHON’ANI KUMARGI HENTEU TUMUT KANA DAWUHAN
SAYYID ABDUL QODIR DUGI KA MUPUNGGU ANAK BAGONG

Waktos Sayyid Abdul Qodir nampi dawuhan yen dampal sampeanana nincak kana pundukna wali-wali,
teras eta dawuhan diembarkeun kasadayana, sareng teras sadayana wali-wali anu hadir anu goib pada
nendeun dampal sampean Sayyid Abdul Qodir kana pundukna karana ngahurmat sareng ngagungkeun,
mung aya sahiji wali jenengan Syekh Shon’ani,saurna: “Kaula oge mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir, tapi
ari ditincak punduk mah henteu kudu”. Eta cariosan Syekh Shon’ani kitu teh kauninga ku Sayyid Abdul
Qodir. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Dampal suku kaula bakal nincak kana pundukna tukang ngangon
bagong”. Henteu sabaraha lamina ti waktos harita, Syekh Shon’ani angkat ziarah ka Mekkah, diiring ku
400 santri-santrina. Kalawan kapastian tinu Maha Agung, barang Syekh Shon’ani ngalangkung ka nagara
kafir, di hiji warung anjeuna ningali hiji istri bangsa nashroni tukang ngajual arak. Eta istri pilih tanding
kageulisanana, jarang pameget anu henteu kagendam ku eta istri. Syekh Shon’ani oge geus henteu isin
ku santri-santrina anu ngiring ka anjeuna, teras babantu ka eta istri, sareng kalintang suhudna, sagala
pagawean dicabak tara kungsi dipetakeun, sareng pohara senangna sareng gumbirana. Barang hiji
dinten eta istri miwarang ngangon bagong ka Syekh Shon’ani. Anakna anu leutik keneh kudu dipanggul,
bisi katincak ku indungna. Syekh Shon’ani dipiwarang ngangon bagong teh henteu ngarasa hina, atoh
bae dipiwarang kunu geulis. Teras saban-saban dinten ngagiring-giring bagong, ana mulih manggul anak
bagong anu leutik keneh. Barang santri-santrina ningali kaayaan kitu teh teras naringgalkeun. Anu
ngiring sareng Syekh Shon’ani kantun duaan, nyaeta Syekh Fariduddin sareng Syekh Mahmud Maghribi.
Saur eta dua murid: “Beu,ieu urusan moal bisa beres deui lamun henteu diomean ti huluwotannana. Ieu
teh moal salah deui panyapaan Sayyid Abdul Qodir”. Saur Syekh Fariduddin: “Ayeuna jisim kuring rek
ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, ari anjeun tungguan di dieu Syekh Shon’ani”. Teras Syekh Fariduddin
angkat ka Baghdad. Barang sumping ka Baghdad, teras milari padamelan di Sayyid Abdul Qodir, nanging
henteu aya lowongan. Tidinya teras anjeuna ngabantu padamelan anu kacida hinana, nyaeta miceunan
kokotor ti kakus. Barang hiji dinten katingali sareng kauninga ku Sayyid Abdul Qodir, Syekh Fariduddin
keur waktos hujan nyuhun hiji tong anu pinuh ku kokotor, atuh nyurucud kana salirana. Tidinya teras
disauran ku Sayyid Abdul Qodir sareng ditaros jenenganana. Saur Syekh Fariduddin: “Jisim abdi teh
Fariduddin, rencangna Syekh Shon’ani”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Maneh hayang naon, pek geura
menta?”. Saur Syekh Fariduddin: “Tuan langkung uninga kana pakarepan jisim abdi”. Saur Sayyid Abdul
Qodir: “Heug, maneh dipaparin maqom anu luhur jeung dihampura guru maneh”. Saur Syekh
Fariduddin: “Henteu aya maqom anu luhur tibatan dihampura dosa guru abdi”. Dawuhan Sayyid Abdul
Qodir: “Enya, geus dihampura dosa guru maneh karna arah-arah maneh !”. Dina menit harita Sayyid
Abdul Qodir ngahampura, menit eta keneh Syekh Shon’ani ngorejat, eling tina lalina, teras istighfar,
sareng dina manahna banget cumantel sareng mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir, teras anjeuna angkat
ka Baghdad, tobat ka Sayyid Abdul Qodir. Ari eta istri nashroni teras ngiring ka Syekh Shon’ani lebet
agama islam.
MANQOBAH KA 43 LAUK WAHANGAN DAJLAH NGADAREUHEUSAN NYARIUMAN KANA DAMPAL
SAMPEANANA

Ngandika Syekh Sahal Bin Abdillah At-Tastari r.a. dina mukasyafahna: “Hiji poe urang nagara Baghdad
kaleungitan Sayyid Abdul Qodir, teras ditareangan. Kapendak keur calik diluhureun cai wahangan Dajlah,
keur digimbung ku lauk mani pagulung-gulung, paboro-boro nyariuman panangan sareng sampeanana.
Saur Syekh Sahal: “Kaula henteu bosen-bosen ningali pagulung-gulungna lauk anu rupa-rupa tingkahna
reujeung beda-beda kaayaanana, jeung warnana, nepika manjing waktu zhuhur. Tidinya kaula ningali
sajadah hejo disulam ku benang emas jeung perak ditulisan dua jajar. Ka 1: “alå inna auliyå allòhhi là
khoufun ‘alaihim wa là hhum yahzanuun”. Ka 2: “salàmun ‘alaikum ahhlal baiti innahù hamìdum
majìdu”. Eta sajadah ngampar di awang-awang luhureun wahangan Dajlah. Teras Sayyid Abdul Qodir
calik dina eta sajadah. Henteu lami burubul pirang-pirang pameget karasep sareng matak isin matak
ajrih ngiringkeun hiji pameget anu pinunjul tinu sanesna kasepna sareng hebatna. Sadayana pada
ngadeug payuneun sajadah kalawan adab. Tidinya Sayyid Abdul Qodir netepan berjama’ah, ngimaman
kasadayana. Nya kitu deui sadayana wali Baghdad ngiring netepan. Samangsa-mangsa Sayyid Abdul
Qodir maca takbir ingtiqòl, malaikat anu ngagotong ‘arasy oge takbir. Sayyid Abdul Qodir maca tasbeh,
malaikat anu aya di langit oge ngiring maca tasbeh. Saparantos netepan, teras anjeuna ngadu’a supaos
murid-murid anjeuna istri pameget, maotna dina jero tobat. Diaminan ku malaikat. Tidinya aya timbalan
tinu Agung: “Heh Abdul Qodir, ayeuna du’a maneh geus diijabah”.

MANQOBAH KA 44 NYARIOSKEUN WALI MARDUD DIDAMEL WALI MAKBUL

Kacarioskeun di zaman Sayyid Abdul Qodir, aya hiji wali anu dikaluarkeun tina pangkat kawalianana,
sareng jalma-jalma anu ageung anu alit pada terang yen eta wali teh wali anu ditolak ku Robbul ‘Alamin.
Tidinya teras eta wali muntang nyuhunkeun syafa’at ka 360 aulia, supaos anjeuna didamel wali deui.
Teras aulia-ulia sadayana nyuhunkeun syafa’at ka Gusti Alloh supados eta wali anu mardud didamel
makbul deui, nanging henteu aya hiji-hiji acan anu diijabah du’ana. Tidinya teras naringali ka Lauhil
Mahfudz. Barang ditaringali, tetela jenengan eta wali teh parantos ditulis dihijikeun sareng golongan anu
cilaka. Tidinya teras eta wali dipiwarang nawiskeun kahinaan, teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir.
Barang jol sumping, saur Sayyid Abdul Qodir: “Heh Ki Anu, kadieu maneh sing deukeut. Maneh ku Gusti
Alloh geus dimardud, dikaluarkeun tina kawalian, tapi kaula bisa ngajadikeun maneh sing jadi makbul,
ditampi deui jadi waliyulloh kalawan idzin ti Gusti Allah”. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun
supaos eta wali mardud didamel wali makbul deui. Tidinya aya timbalan tinu Agung: “Heh Abdul Qodir,
naha maneh henteu terang aya 360 aulia anu pada nyuhunkeun syafa’at pikeun eta wali mardud, tapi
henteu aya hiji oge anu diijabah, sabab ngarana eta jalma geus dituliskeun dina Lauhil Mahfudz jalma
cilaka”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Gusti, kapan Gusti kawasa. Naon pamenganana anu mardud
didamel makbul, anu makbul didamel mardud. Naha atuh letah abdi ku Gusti sina nyanggupan
ngajadikeun makbul upami ku Gusti moal didamel makbul mah?”. Tidinya aya timbalan: “Heh Abdul
Qodir, heug bae kumaha karep maneh. Anu dimakbul kumaneh, jadi makbul. Anu dimardud kumaneh,
ku Aing oge dimardud. Jeung Aing masrahkeun kamaneh ngajenengkeun atawa ngaluarkeun tina
kawalian”.
MANQOBAH KA 45 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN MURIDNA TINA SEUNEU DUNYA AKHERAT

Ngadawuh Syekh Miyan ‘Uzhmatulloh, imamna ulama bangsa ‘arifin: “Di nagara kaula Burhaniun, kaula
boga tatangga bangsa hindu. Kabeungharanana teu wudu. Ari ibadahna kana seuneu. Tapi eta hindu teh
kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir. Geus teu euleum-euleum ngaku jadi muridna Sayyid Abdul
Qodir teh. Saban-saban taun eta hindu teh osok ngadamel riungan tuang anu peryogi pisan ngondang
bangsa ulama-ulama, menak-menak, somawonten bangsa fakir mah. Tempatna sok di pucuk nganggo
kekembangan sareng minyak anu sareungit. Pangna ngadamel kitu, cenah mahabbah ka Sayyid Abdul
Qodir. Barang eta hindu maot, teras dipulasara ku bangsana numutkeun sacara agama hindu, teras
diduruk. Barang diriksakeun, salirana katut ka rambut-rambutna oge henteu teurak salambar-lambar
acan. Tidinya teras mufakat kaom-kaomna kudu dipalidkeun, teras dibobontot dipalidkeun. Tidinya aya
hiji wali di eta nagara kasumpingan Sayyid Abdul Qodir. Dawuhanana: “Si Anu bangsa hindu, eta
satengah tina murid kaula. Ku kaula dingaranan Sa’dulloh. Kusabab kitu, gancang hanjatkeun ti
wahangan, tuluy pulasara sakumaha kawajiban Islam, karna Gusti Allah maparin jangji ka kaula moal
ngaduruk murid kaula ku seuneu dunya jeung ku seuneu akherat”.

MANQOBAH KA 46 NYARIOSKEUN IEU WUJUD WUJUD AKI KAULA LAIN WUJUD ABDUL QODIR

Kacarioskeun putrana Sayyid Abdul Qodir anu jenengan Abdul Jabbar cacarios ka ramana. Saurna:
“Mama, Kangjeng Rosululloh SAW upami kabeuratan, kahampangan, sok teras kokotorna diseuseup ku
bumi. Sareng cikaringetna seungit minyak kasturi. Sareng laleur tara daekeun eunteup kana salirana. Tah
ieu sadayana waktos ayeuna buktos di mama”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Satemen-temena Abdul
Qodir geus fana, geus tetep dina dzat eyana SAW. Jadi ieu wujud teh wujud eyang, lain wujud Abdul
Qodir qs”.

MANQOBAH KA 47 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR DICOBA DIGODA SETAN

Hiji waktos anjeuna ditojo ku cahaya anu pohara, dugi ka ngagebray caang sakuriling bungking. Tina eta
cahaya jol aya rupa anu kacida alusna sarta nyaur ka Sayyid Abdul Qodir: “Heh Abdul Qodir, ieu kaula
Pangeran maneh. Ayeuna kaula kamaneh geus ngawenangkeun migawe sakabeh paharaman!”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “A’ùdzu billàhi minasy syaithònir rojìm, mantog siah syetan!”. Reup
cahaya jadi poek. Belegedeg rupa anu alus teh jadi haseup. Jerit syetana ngajerit bari ngomong:
“Salamet maneh Abdul Qodir. Kaula geus nyilakakeun kutipu bangsa bieu 70 kaom anu keur ngambah ka
Pangeran”. Santri-santrina naros: “Kumaha katawisna eta anu nyarios teh syetan?”. Saurna: “Kami
nyaho yen eta syetan tina omonganana, ngawenangkeun migawe paharaman”.
MANQOBAH KA 48 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NYABOK SETAN

Hiji waktos dongkap hiji syetan ka Sayyid Abdul Qodir, kacida goreng patutna. Pakeanana rudin bararau.
Ceuk eta syetan: “Jisim abdi numawi dumeuheus seja ngakhodaman kasalira, muga kersa nampi”.
Henteu diwalonan naon-naon, gaplok bae dicabok ku Sayyid Abdul Qodir. Les syetan teh leungit, ilang
tampa lebih. Na ari datang deui teh mawa seuneu ngagugudag rek ngaduruk ka Sayyid Abdul Qodir.
Sayyid Abdul Qodir nyandak pedang. Kakara serepet pedang dicabut, syetan geus kabur. Teu kungsi lila,
eta syetan jol deui datang, ceurik bari ampun moal deui-deui ngagoda, bari nembongkeun rupa-rupa
parabot, rupa-rupa akal tarekah paranti ngagoda manusa. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Nyingkir siah
syetan, datang deui datang deui bae. Aing mah moal beunang kagoda!”. Teras parabot-parabotna
syetan ku anjeuna diruksak, dirampung-rampungkeun. Syetana kabur.

MANQOBAH KA 49 NYARIOSKEUN RAJA HADIAH ARTOS JADI GETIH

Dicarioskeun, satemen-temena Yusuf Abil Muzhoffar, raja Baghdad ngintunkeun artos 10 karung
digotong ku 10 jalma. Eta artos ku Sayyid Abdul Qodir henteu ditampi. Tidinya sumping raja ku anjeun.
Saurna: “Kaula hadiah artos 10 karung ulah henteu ditampi”. Tidinya Sayyid Abdul Qodir nyandak 2
karung, teras dipencet kupananganana. Ari burusut teh getih ngocor tina karung. Saur Sayyid Abdul
Qodir: “Tuh tingali, karung teh eusina getih jalma, kenging anjeun meresan ti jalma-jalma, mangkaning
kudu ditarima?”. Raja kalintang isineunana ku Sayyid Abdul Qodir. Pameunteuna reup beureum ray pias.
Saur Sayyid Abdul Qodir: “Demi kamulyaan Dzat Allah, lamun nasabna henteu teras ka Rosululloh SAW,
tangtu ieu getih teh ngawahangan ngocor kabumina”.

MANQOBAH KA 50 NYARIOSKEUN RAJA NYUHUNKEUN BUAH APEL DINA LAIN WAKTUNA

Hiji waktos, raja sumping kabumina. Saurna: “Cing nyuhunkeun karomah nu sakinten jadi katentreman
kana hate”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Palay naon atuh?”. Saur raja: “Hoyong buah apel”.
Mangkaning harita teh sanes usumna. Tidinya teras panangan Sayyid Abdul Qodir diangkatkeun ka
awang-awang. Ari dikahandapkeun deui, dina pananganana aya buah apel dua. Anu hiji dibeulah
kuanjeuna, anu hiji deui disanggakeun ka raja. Ari nu dibeulah ku raja dijerona pinuh kubilatung. Saur
raja: “Naha ieu mah pinuh kubilatung?”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Margi eta mah parantos dicabak ku
panangan anu zholim”. Tidinya eta raja teras istighfar tobat dipayuneun Sayyid Abdul Qodir, sareng teras
ngarencangan dugi kapupusna Sayyid Abdul Qodir.
MANQOBAH KA 51 NYARIOSKEUN WASIAT SAYYID ABDUL QODIR

Anjeuna parantos wasiat ka putrana anu jenengan Abdur Rozàq kalawan pirang-pirang wasiat. Sapalihna
nyaeta: “Heh anak mama,maneh kudu sieun ku Allah. Jeung kudu tho’at ka Allah. Jeung kudu nyekel
kana syara’. Jeung kudu ngaraksa kana bates-batesna syara’. Jeung kudu alus hate. Jeung kudu barahan
tangan. Jeung kudu daek tulung tinulung kana kahadean. Jeung ulah bedegong. Jeung kudu wayahna
kana pilara. Jeung kudu ngaraksa kana kahormatan guru-guru. Jeung kudu ngahampura kana kasalahan
batur. Jeung kudu nyaah ka fakir-miskin. Jeung kudu alus reureujeungan jeung batur-batur. Jeung kudu
daek nganasehatan kanu gede kanu leutik. Jeung ulah papaduan anging dina perkara agama. Jeung kudu
nyaho ari hakekatna faqir eta butuh kabangsa maneh, ari hakekatna sugih eta henteu butuh kabangsa
maneh. Jeung kudu nyaho ari tashowwuf eta tingkahna jalma anu henteu loba omong. Jeung upama
nenjo jalma faqir ulah dimimitian kalawan elmu sabab matak lingas, sabalikna kudu dimimitian ku
kanyaah sabab matak lindeuk. Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena tashowwuf eta
diadegkeunana kana 8 perkara:

Barahan, Ridlo, Shobar, Isyarah, Ngumbara, Make pakean bangsa bulu. Leuleuweungan, Faqir.

Ari barahan eta dipaparinkeun ka Nabi Ibròhhìm as, ari ridlo ka Nabi Ishàq as, ari shobar ka Nabi Ayyùb
as, ari isyarah ka Nabi Zakariyyà as, ari ngumbara ka Nabi Yùsuf as, ari make bangsa bulu ka Nabi Yahyà
as, ari leuleuweungan ka Nabi ‘Isà as, ari faqir ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Jeung kudu
tembongkeun kumaneh kagagahan kabaranian maneh upama reureujeungan jeung anu beunghar.
Jeung kudu rendah upama reureujeungan jeung faqir. Jeung maneh kudu ikhlas. Jeung kudu langgeng
nenjo ka Allah. Jeung ulah salah sangka ka Allah tina sakabeh sabab. Jeung kudu pasrah ka Allah dina
sakabeh hal sakabeh tingkah. Jeung ulah tatagenan ka hiji jalma lantaran baraya atawa sobat. Jeung
kudu ngakhodaman fuqoro kalawan 3 perkara. Ka 1: Tawadlo.

Ka 2: Alus budi pekerti.

Ka 3: Bersih hate.

Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena anu pangdeukeut-deukeutna ka Allah eta nu pangalusna
budi pekertina. Ari pangutamana amal nyaeta ngaraksa hate tina ngaleret kasalian Allah. Jeung lamun
kumpul jeung fuqoro kudu wasiat kalawan shobar jeung haq. Jeung cukup kamaneh tina dunya 2
perkara.

Ka 1: Reureujeungan jeung faqir

Ka 2: Ngahormat wali,

Jeung ulah dipake sugih hiji perkara salian ti Allah. Jeung kudu nyaho upama gagah kasasama eta dlo’if,
tegesna henteu kasebut gagah. Upama gagah kasaluhureun eta kumuluhung. Jeung kudu nyaho
satemen-temena tashowwuf jeung faqir eta duanana perkara sabener-benerna, lain heureuy, kusabab
kitu ulah dicampuran heureuy. Tah sakitu wasiat mama teh. Muga-muga Gusti Allah maparin taufiq
kamaneh jeung kasakabeh murid-murid. Jeung anu ngadenge wasiat mama ieu sing barisa
ngamalkeunana kalawan ka-Agungan Gustina sakabeh utusan. Amin”. ***
MANQOBAH KA 52 NYARIOSKEUN SHOLAT HAJAT SARENG NYUHUNKEUN TULUNG KA SAYYID ABDUL
QODIR

Dicarioskeun tina kitab Bahjatul Asror, dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Saha-saha anu menta tulung ka
kaula dina kasusahan, mangka dileungitkeun kasusahanana. Jeung saha-saha anu ngagero nyebut
ngaran kaula dina kapayahan, tangtu dibungahkeun. Jeung saha-saha anu tawasul ka kaula dina
ngahasilkeun pangabutuhna, tangtu dihasilkeun maksudna. Jeung saha-saha anu Sholat Sunnat Hajat 2
rakaat, dina unggal-unggal ba’da fatihah maca surat Al-Ikhlas 11x, ari geus salam tuluy ngalengkah ka
jihat Iroq 11 lengkah jeung sebut ngaran kaula jeung hajatna dina unggal-unggal salengkah, mangka
dihasilkeun maksudna”. Ari pertingkahna sholat hajat: “ushollì sholàta qodlò-il hàjati taqorruban ilallòhi
ta’àlà wang qithò’an ‘an ghoirihhi ilà jihhatil ka’batisy syarìfati allàhu akbar”. Tuluy maca fatihah, tuluy
maca qulhu, maca sholawat sabelas-sabelas kali, tuluy ruku sujud biasa. Rakaat kadua cara bieu bae.
Sanggeus salam tuluy sujud, maca ieu 11x: “yà syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robbànì, yà ghoutsash
shomadànì, ya mahbùbas subhànì, yà muhyaddìn aà muhammad as sayyid ‘abdul qòdiril jailànì aghitsnì
wa amidnì fì qodlò-i hàjati hhàdzihhì yà qòdliyal hàjàti”. Tuluy nangtung. Tuluy ngalengkah salengkah ka
jihat Iroq (ari jihat Iroq teh ti urang mah, ti pulo jawa, tina qiblat sholat teh ngaler keneh, ampir nyela
bumi, ampir antara kulon sareng kaler), tuluy maca: “yà syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robbànì, ya
ghoutsash shomadànì, ya mahbùbas subhànì abà muhammadìn as sayyid ‘abdul qòdir al-jailànì”. Kitu
bae bacaanana tepi ka 11 lengkah, tuluy dampal sukuna anu katuhu tumpangkeun kana suku kenca,
tuluy maca sholawat 11, fatihah,qulhu, idzàja anashrulloh sabelas-sabelas kali, tuluy maca: “yà
junùdallòhhi wa yà ‘ibàdallòhhi aghìtsùnì wa amiddùnì fì qodlò-i hàjatì hhàdzihhì yà qodliyal hàjati, amìn,
amìn, ya syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robànì yà ghoutsash shomadànì, yà mahbùbas subhànì, yà
muhyaddìn abà muhammadin as sayyid ‘abdul qòdir al jailànì”. Sanggeus kitu tuluy diuk dina
pangsholatan kalawan muroqobah, hadirkeun hate ka Allah sarta maca: “là ilàha illallòh” 108x, tuluy
sujud deui bari maca: “yà rùhal qudùs, wa yà junùdallòhhi wa yà ‘ibàdallòh, aghìtsùnì wa amiddùnì fì
qodlö-i hàjati hhàdzihhì yà qòdliyal hàjat, amìn, amìn”. Jeung memeh prak sholat, kudu ngukus heula
anu seungit, jeung kudu sidkoh ka sabelas faqir, ku sidqoh naon bae

MANQOBAH KA 53 NYARIOSKEUN PUPUSNA SAYYID ABDUL QODIR

Barang parantaos caket kana pupusna Sayyid Abdul Qodir, sumping Malaikat ‘izroil dina waktu surup
mata poe nyandak tulisan, addresna: “yashilu hhàdzal maktùbu minal muhibbi ilal mahbùbi”. Hartosna:
“Datangna ieu tulisan tinu mikaasih kanu diasih”. Teras eta serat ku malaikat disanggakeun ka putrana,
Abdul Wahàb. Barang putrana ningali eta serat, teras nangis. Tidinya teras lebet sareng anjeuna ka
Sayyid Abdul Qodir. Ari pupusna dina malem senen ba’da isya, kaping 10 atanapi 11 Silihmulud taun 561
Hijriyyah. Barangna bade pupus, nimbalan ka putra-putrana: “Sing jarauh maraneh ti kaula, sabab kaula
zhohirna jeung maraneh, bathina jeung lian maraneh, jeung legaan ieu tempat, sabab geus hadir lian
maraneh, jeung kudu aradab maraneh”. Sareng dina sadinten sawengi henteu liren-liren ngaos: “wa
‘alaikumus salàm wa rohmatullòhhi wa barokàtuh, ghofarollòhu lìwalakum, tàballòhhu ‘alayya wa
‘alaikum, bismillàhi ghoiro mawdi’ìna”. Sareng ngaos: “tùbù wad khulù fìsh-shoffil awwali idzan ajì-u
ilaikum”. Sareng ngaos: “rifqon rifqon wa ‘alaikumus salàmu ajì-u ilaikum”. Sareng ngaos: “qifù atàhul
haqqu wa sakarotul mauti”. Sareng dawuhanana: “Ulah aya nu nanyakeun ka kaula hiji perkara saba’da
kaula bulak-balik dina elmuna Allah”. Sareng ngaos: “ista’angtu bilà ilàhha illallòhu subhànahhu wa
ta’àlà wal hayyil ladzì là yahsyàl ghoutsu subhàna mang ta’azzaza bilqudroti wa qohhharo ‘ibàdahhù

DU’A MANQOBAH

ilà hadlroti sulthònul auliyå-i wa qudwatil ashfiyà-i quthbir robànì wal ghoutsush shomadànì sayyidì
assayyid ‘abdul qòdir aljailànì -alfàtihah- allòhhumma sholli wa sallim ‘alà sayyidinà wa habìbìna wa
syafi’ìnà wa maulànà muhammadiw wa ‘alà àlihhì wa ashhàbihhì ajma’ìna. -àmìn- allòhhumma bi asmà-
ikal husnà wa bi-asmà-i nabiyyikal mushthofà wa bi-asma-i waliyyika ‘abdul qòdiril mujtabà thohhhir
qulùbanà ming kulli washfiy yubà’idunà ‘ang musyàhhadatika wa mahabbatika wa amitnà ‘alàs sunnati
wal jamà’ati wa syarrih bihhà shudùronà wa yassir bihhà umùronà wa farij bihhà hhumùmanà waksyif
bihhà ghumù manà waghfir bihhà dzunùbanà waqdli bihhà duyùnanà wa ashlih bihhà ahwàlanà wa
balligh bihhà åmàlanà wa taqobal bihhà taubatanaa waghshil bihhà haubatanà wangshur bihhà
hujjatanà waj ‘alnà bihhà minal muttabi’ìna lisyarì’ati nabiyyikal muttashifìna bimahabbatihhìl
muhtadìna bihhadyihhì wa sìrotihhì wa taffanà bihhà ‘alà sunnatihhì wa là tahrimnà fadl-la syafà’atihhì
wahsyurnà fì zumrotihhì wa atbà’ihhìl ghurril muhajjalìna wa asy-yà’ihhis sàbiqìna wa ash-hàbihhil
yamìni yå arhamar ròhimìna.
MANAKIB KANJENG TUAN SYEIKH
ABDUL QADIR AL-JAELANI

You might also like