You are on page 1of 16

DRAMA SUNDA

Oleh

Nama : -Safa salsa billa

-nur ilham bachtiar

-delvan catur A

-yurma latifah

-salsabila salwa

-vany elya

-nadya Anastasya

Kelas : XII IPS 1

SMA NEGERI 1 CIBITUNG


Kata Pengantar

Puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin rahmat sareng karunia-Na
sahingga abdi tiasa ngaréngsékeun makalah ieu

Penyusunan ieu makalah téh ditujukeun pikeun nyumponan salah sahiji pancén mata
pelajaran Basa Sunda semester genap taun 2024.

Nu nulis ngahaturkeun nuhun ka para guru. ti mata pelajaran basa Sunda anu parantos
ngabimbing, oge ka rekan-rekan anu parantos aub dina eta makalah, supados ieu makalah
tiasa disusun.

Bekasi, November 2023


PENDAHULUAN

Drama

Drama nu asal kecapna téh ti bahasa Yunani, nyaéta dramoi, nu hartina téh salah sahiji
wangun kasenian anu ngebréhkeun bubudén jalma ku tingkah laku, ucap réngkak, tata peta
anu bobodoan. Drama sok dipaénkeun di panggung. Drama ku M.A Salmun digolongkeun
kana Kasenian Mindocipta (herschepping), maksudna léngkah kadua sanggeus ayana naskah
drama.

Naskah Drama

SASAKALA SITU BAGENDIT

(Naskah Drama)

Kacaritakeun di hiji desa anu leutik. Aya hiji awewe anu katelahna Nyi Nendita,
manehna teh keur mondar-mandir di buruan lantaran bingungeun ku kakayaana anu
sakitu lobana. Kumaha carana meakeun harta bandana anu sakitu lobana, padahal
disagedengeun imahna loba tatanggana anu kalaparana, tapi manehna teu haying
nyaho saeutik-eutik acan.

Babak I

Nyi Nendita :Aduh mani bararingung teuingnya hirup téh! nya malumlah ari jadi
jalma pangbeungharna di lembur mah, lamun ceuk paribasana téa mah éstuning bru
di juru bro di panto ngalalayah di tengah imah! sawah satungtung deuleu, aprtement
papencar dimamana! Pokona mah, bingung euy méakeun duit téh!!!

éh ké..ké ari si Papih geus balik acan nya ti London? Da rarasaan mah poe ayeuna
balikna the!

Papih : Assalamu’alaikum Wr. Wb.……..,mamih….mamih….! Papih geus


mulang yeuh!! buruan ah, geura siapkeun cai panas ka si Zijach, keur papih mandi!
maklum, AC di mobil ruksak yeuh!!

Nyi Nendita : Zijach…Zijach….!!

Zijach : nya, Gan…..?

Nyi Nendita : éta pangnaheurkeun cai keur si Papih…..

Zijach : mangga, Gan……!

Nyi Nendita : Pih, kumaha di London téh? bérés teu ténder jeung si Michael
téh?

Papih : Nya atuh, sanés Papih ngaranna lamun teu suksés mah! malahan
mah, tuan Michael memperpanjang deui kontrak kerja jeung urang, cenah Burger
jéngkol nu diproduksi ku urang loba peminatna!

Nyi Nendita : Wah, alus atuh Pih! teu hanjakal mamih kawin jeung papih téh
atuh….

Zijach : gan itu caina parantos siap!!!

Papih : mih papih mandi heula nya,, eh jah sakalian pang cokotkeun anduk
di lantai 7 make lift we nyokotna

Zijach : mangga gan!!

Miemoda : Assalamu’alaikum Wr. Wb.…………., mamih…..3x. Miemoda tos


mulang sakola yeuh..!

Nyi Nendita : Éh, anak mamih nu panggantengna tos mulang gening!! kumaha
tadi di sakola téh?

Miemoda : Ih……mamih….!tadi Miemoda di lédék ku babaturan Miemoda,


cenah sapatu Miemoda mah geus katinggaleun jaman….babaturan Miemoda
ayeuna boga sapatu buatan Amerika.

Nyi Nendita : Aduh….., kurang ajar pisan éta barudak téh! geus tong sieun ké ku
Mamih dipangmeulikeun sapatu buatan ti Cibaduyut tina kulit buaya. éh, ké heula
kétang! apan korét téh pangkal kaya! can jebol mah moal pang meulikeun ku
Mamih,paké heula wé nu éta! tuh si Papih geus mulang ti London!

Miemoda : Oh, Papih tos mulang ti London, mih? asyik….pasti nyandak


oléh-oléh nu loba euy!!

Miemoda : Papih…….3x, meunang naon ti London téh? aya oléh-oléh teu


keur Miemoda?

Papih : Ah…, di Londonna gé euweuh nanaon! sarua wé jeung di


Indonésia, euwueuh nu anéh. Kalah wé hargana nu mararahal!

Miemoda : Jadi Papih mawa naon atuh?

Papih : Nya éta wé mawa jéngkol London sakarung.

Miemoda : Jéngkol deui….jéngkol deui! cenah wé jalma beunghar! ari dahar


jeung jéngkol!

Papih : Éh, manéh tong ngomong kitu! mun euweuh jéngkol manéh moal
bisa sakola.
(Nyi Nendita nyampeurkeun).

Nyi Nendita : Aya naon ieu téh? gawé téh guntreng waé!

Miemoda : Mih, maenya jauh-jauh ka London gera! ari oléh-oléhna jéngkol


deui, jéngkol deui!

Nyi Nendita : Eh, tong salah! jéngkol London téh ngeunah pisan…..! ké ku
Mamih pang nyieunkeun semur jéngkol special rasa strawberi keur Miemoda.

Miemoda : Ah, mamih mah saruana jeung si papih!

(si Miemoda ngaléos).

Papih : Eh, rék kamana deui? kakara datang langsung indit deui!

Miemoda : rék ulin ah ka babaturan!! lieur di imah waé!! bau jéngkol!!

Papih : Budak téh ulin wéh jeung ulin waé!! lain ngabantuan kolot!

Babak II

Di jalan, si Miemoda panggih jeung si Sungkarr, Nantri, jeung Vitrie keur arulin catur
di pinggir jalan.

Vitrie : A Miemoda!

Sungkarr : Mod, rék kamana manéh?

Miemoda : rék ulin wéh, néangan batur!

Sungkarr : cenah Bapa manéh karék balik ti London euy! mawa oléh-oléh
atuh?

Miemoda : nya geus tangtu atuh! urang dipangmeulikeun sapatu buatan


London asli……….

Sungkarr : wah, pasti alus pisan atuh!

Nantri : Miemoda mah bagja pisan nya boga kolot nu benghar!

Miemoda : Nya geus tangtu atuh, iyéy……..!

Nantri : mana atuh oléh-oléh kanggo Nantri?

Miemoda : ah…, hilap! pami hoyong mah, tuh di bumi seueur jéngkol
London.
Sungkarr : aduh, hayang atuh urang, Mod! pasti pééd pisan meureunan
nya?!

Miemoda : tapi keur manéh mah sasiki baénya?

Sungkarr : Ah, manéh mah dasar korét.

Miemoda : Manéh tong loba-loba dahar jéngkol euy! bisi jéngkoleun!!

Miemoda : nya geus atuh urang rek balik heula, nyiapkeun hadiah keur
Nantri.

Miemoda : Sungkarr kadieu heula, kumaha geus disalamkeun acan ka si


Nantri teh?

Sungkarr : beres atuh mod!!

Babak III

Si Miemoda balik ka imah. Manéhna ka dapur néangan jéngkol keur Nantri. Tuluy
manéhna ngérésékan jéngkol nepi ka adina datang.

Munaroh : keur naon manéh?

Miemoda : keur ngérésékan jéngkol.

Munaroh : jéngkol keur saha?

Miemoda : keur Nantrilah……

Munaroh : rék naon manéh bura-béré ka si éta! Pikasebeleun jelema na


gé! Béjakeun ka si Mamih, siah! Mamih…..mamih…..( si Munaroh ngageroan
indungna).

Nyi Nendita : Naon Munaroh….? siga di leuweung waé ngomong téh!

Munaroh : Eta gera tingali si Aa, ngérésékan jéngkol mani loba keur si
Nantri.

Nyi Nendita : Eh….budak téh! Ulah….ulah………! sia mah barang béré ka


batur! Batur gé tara méré ka urang!sing inget atuh! Korét pangkal kaya…….!

Miemoda : baé atuh mih, da loba lin?

Nyi Nendita : loba-loba ogé, béak mun dibikeun ka batur mah!

Miemoda : ah, si Mamih mah korét!


Nyi Nendita : mun teu kitu mah! Sia ogé moal bisa dahar! Sing inget…korét téh
pangkal kaya! Eh..eh! geus éta kaluarkeun deui jéngkolna!

( Nyi Nendita mangkat, bari kukulutus : ’dasar budak leutik teunyaho apan? Korét téh
pangkal kaya!)

Babak IV

Disagédéngeun éta, aya hiji kulawarga anu kaayaanana patukang tonggong jeung
kulawarga Nyi Nendita. Imahna ogé mung saukur imah leutik, nu témbokna ogé can
ditémbok-témbok acan. Pokona mah jauh ti imah nu layak ditempatan.

Ma Ipah : Bah….kumaha atuh ieu téh? Ema mah mani aréra ka guru si
Jamilah. Ayeuna si Jamilah geus tilu bulan nunggak can bayaran, terus hutang
kasasaha. Can deui anu diwarung bi Kokom mah!

Abah : Nya kumaha atuh, Ma? Da kabeneran usaha Abah keur tiiseun,
komo ayeuna mah keur usum hujan! Pan Es Cendol Elisabet mah teu cocok dijualan
mangsa keur usum hujan, lin? Nya urang ihtiar sakuat tanaga heula wéh!

Ma Ipah : Kudu ihtiar naon deui atuh, Bah? Ingon-ingon geus béak dijualan,
keur dahar sapopoé. Boga tatangga beunghar teu bisa di andalkeun. Sigana téh Nyi
Nendita sakulawarga mah meureun teu boga haté nya, bah? Maenya aya tatangga
kalaparan teu naglieuk-ngalieuk acan! Boro-boro méré, ngahutangkeun gé teu méré!

Abah : geus atuh ambu, urang téh keur mah geus susah dunya téh, tos
nepi susah ahérat atuh! Geus, ulah ngomongkeun batur, keun wé da éta mah keur
maranéhanana sorangan.

Jamilah : Assalamu’alaikum Wr. Wb.………., Ma….Abah….! Jamilah


meunang surat ti sakola.

Abah : surat naon, neng?

Ma Ipah : ah, si Abah mah sok pura-pura baé! Nya pastina ogé surat nitah
mayar atuh! Pan apal meureun, si Jamilah geus tilu bulan nunggak SPP.

Jamilah : Ma….Bah…., Jamilah éra ku babaturan. Jamilah sok di lédék waé


ku babaturan, cenah mah geus wé teu boga duit mah tong sakola!

Ma Ipah : Innalillahi…Abah, nya kudu kumaha atuh? Ema mah geus teu
sanggup deui ngalakonan kahirupan téh! Duh, meuni kieu-kieu teuing hirup téh,
Bah!hiks…hiks….

Abah : Istigfar.., ambu….istigfar…..! yeuh, dimana-mana ogé Gusti mah


moal ngantepkeun mahlukna sangsara, insyaAlloh pasti rejeki mah bakal datang ti
panto nu moal disangka-sangka. Tapi urang kudu usaha anu sakuat tanaga heula.

Ma Ipah : nya usaha naon dieu atuh, bah? Pan apal meureun abah gé! Urang
ayeuna geus teu boga nanaon deui keur jualkeuneun!

Abah : ké, ambu! Abah rék nyobaan ngalamar gawé ka Ny Endit., sugan
wé butuheun tukang kebon.

Ma Ipah : atuh éta sarua baé jeung bohong! Pan apal meureun sifat meditna
ogé euweuh nu nandingan?

Abah : Atuh, Ambu! Urang téh ’ulah kuméok saméméh dipacok’, sok
sanajan Abah geus apal ka Nyi Nendita kumaha, nya sugan wé jeung sugan aya
hidayat ti Gusti Alloh.

Ma Ipah : nya éta mah terserah Abah wé lah!

Jamilah : Ma, Bah, geus waélah mémang Jamilah geus kudu eureun sakola,
Jamilah mending milu jeung mang iwan ka Jakarta. Lumayan jadi pembantu-
pembantu ogé, pan di Jakarta mah gajihna gedé. Sugan mun balik jadi jalma
suksés!

Abah : Eh entong! Sok sanajan Abah jeung Ema teu boga duit, tapi Jamilah
kudu tetep sakola. Kumaha baé carana. Baé tong dipikiran masalah duit mah, keun
ku Abah ditarékahan. Sok sanajan sirah dijadikeun suku, suku dijadikeun sirah.
Peupeujeuh Abah jeung ema mah teu lulus-lulus acan, nya Jamilah sugan atuh bisa
leuwih ti Ema jeung Abah.

Abah : Ambu!!

Abah : Ambu…du’akeun abah nya…. Ayeuna Abah rék ka imah Nyi


Nendita rék ngalamar gawé.

Ambu : mangga Bah…ngan omat wé lamun rék datang ka Nyi Nendita mah
kudu nyiapkeun méntal nu ékstra.

Abah : Jamilah…du’akeun Abah nya..! Ngarah Jamilah bisa sakola deui


saperti biasa.

Jamilah : Muhun Bah…

Si Abah ninggalkeun imah anu leutik. Saléngkah, dua léngkah nepi ka teu kaitung
deui sabaraha léngkah Abah leumpang. Ahirna nepi ka imah Nyi Nendita.

(Tok…tok…tok… bari ngetrok panto si Abah datang pinuh ku harepan)

Nyi Nendita : Miemoda…! (3x). Éta pangnempokeun di luar aya saha meuni
gandéng ngetrok panto téh! Cukup ku sakali wé atuh! Meni lebay pisan! Tapi inget
nya Mod! Lamun éta di luar téh pangemis, langsung wé usir tong dibageuran nya!
Hiji deui, yén korét téh pangkal kaya hahaha…(Nyi Nendita seuri kuatka geunah)

Miemoda : Siap Mih! (bari leumpang nyampeurkeun panto)


Abah : Dén, dupi mamah na aya?

Miemoda : Oh…aya mang. Dupi aya peryogi naon nya? Mangga atuh
kalebet heula, ké ku abi diwartosan heula si Mamahna…

Abah : Oh..muhun mangga atuh (bari di haténa ”ieu budak téh sopan pisan
nya, patukang tonggong pisan jeung indungna”)

Miemoda : Mih…tuh aya tamu, cenah mah aya perlu ka Mamih.

Nyi Nendita : emang saha kitu Mod? (mamih nanya panasaran)

Miemoda : Duka atuh…da Miemoda ogé teu apal.

Nyi Nendita : saha nya? Rék naon ka dieu?!!

Abah : Kieu Gan…kaleresan abdi téh nuju peryogi pisan bantosan ti Agan,
kaleresan abdi ayeuna nuju nganggur sedengkeun kabutuhan hirup kudu terus
dicumponan, intina mah…abdi dongkap ka dieu téh badé ngalamar gawé.

Nyi Nendita : Oh…rék ngalamar gawé? Sugan téh rék nginjeum duit! Nyaho
teu? Di dieu mah euweuh lowongan gawé keur baramaen!!!

Abah : tapi gan abdi butuh pisan bantosan ti Agan!!

Nyi Nendita : yeuh teu beunang diomongan maneh mah, kaditu mantog siah!

Abah : Nya atuh ari kitu mah, hatur nuhun pisan Gan…. Punten pisan tos
ngarépotkeun…

Nyi Nendita : Heueuhlah jug geura indit tong loba bacot!

Sabenerna di jero haté Abah, hayang ceurik. Ceuk pikirna kieu pisan jadi jalma
miskin téh, hirup mung jadi saukur mangandeuh nu bisana nyusahkeun batur
wungkul.

Léngkah anu tadina karasa hampang ngadadak jadi karasa beurat, pikirna deui
kumaha jadina mun tepi di imah ngomong naon ka Jamilah jeung ka Ambu. Léngkah
beuki beurat, harepan geus leungit kamana, di imah Ambu jeung Jamilah geus
ngarep-ngarep kabar naon nu rék dibawa ku si Abah, sok sanajan si Ambu geus
apaleun yén pasti moal mungkin meunang kabar nu alus. Teu pati lila, Abah nepi ka
imahna.

Sanggeus kajadian éta, Abah mulai usaha dagang cingcaw. Dina hiji peuting Abah
kakara balik dagang cingcaw.

Abah : Assalamu’alaikum Wr. Wb.…


Ambu : Wa’alaikumsalam…

Abah : kamana si Jamilah?

Ambu : Tos peureum Bah ti sanggeus isya. Kumaha dagang cingcaw teh
Bah? (bari ngasongkeun sacangkir kopi )

Abah : Hampura nya…céndol téh teu pati payu, itu aya kénéh sabuleng…

Ambu : Oh…. Teu ku nanaon atuh Bah, meureun emang sakitu rizkina. Ari
tadi Abah mawa sabaraha sabuleng?

Abah : sabuleng…(pasemon nu tiis)

Vitrie : Abah Fit, hoyong emam!

Abah : kutan, ambu si neng teu acan emam?

Ambu : Fit pan tadi teh entos emam?

Vitrie : atuh ambu da masih lapar kenenh.

Ambu : Fit entos atuh pan itu aya sapiring oge keur si abah!

Abah : neng kadieu atuh dihuapan ku abah!

Aambu : abah pan abah can dieusian nanaon ti isuk oge, ngan ngaleueut cai
herang wungkul sagelas.

Abah : ah keun wae ambu abah mah masih kuat, ieu karunya si Vitrie bisi
teu tibra bobona.

Abah : anggursi, ambu itu pang mindahkeun dagangan abah ka jero imah
nya!

Babak V

Kacaritakeun di Imah Nyi Nendita, si Miemoda jeung Munaroh keur balakecrakan


dahar. Nya maklum da poé harita téh poé minggu. Sok sanajan biasana poé minggu
téh dipaké beberesih imah, tapi ku sabab Nyi Nendita mah boga pembantu jadi
gawé sakulawarga téh senang-seneng waé. Teu pati lila datang si Sungkarr jeung si
Nantri babaturanna si Miemoda.

Sungkarr : punten..punten..punten

Miemoda : mangga, eh Sungkarr asup kar!

Sungkarr : kieu mod, kamari téh hadiah keur si Nantri geus di bikeun ku
dewék tapi….
Miemoda : terus..terus…! (motong omongan si Sungkarr)

Sungkarr : sabenerna mah si Nantri ogé jigana aya hate ka Miemoda téh.
Ngan si Nantri ngahanjakalkeun naha maké nitah batur sagala, heunteu ku
sorangan.

Miemoda : atuh kumaha jang, pan apal meureun Miemoda eraan, komo
lamun deukeut jeung awéwé mah, sok ngadadak kaluar kesang badag kesang
lembut.

Sungkarr : Ah maneh mah nanaon ogé perlu kawani, da lamun teu kitu mah
mana atuh anu ngaranna pangorbanan. Komo ieu mah keur jalma anu dipikanyaah
jeung nu dipadeudeuh ku Miemoda.

Keur serius ngomongkeun neng Nantri antara Miemoda jeung Sungkarr, kadengé
sora panto aya nu ngetrokan!

Baramaen : Sampurasun, sampurasun….. Sampurasun….

Miemoda : Munaroh, itu pangbukakaeun panto jigana mah aya tamu!

Munaroh : Ih, si aa mah nitah, bi Zijach tuh pang mukakeun panto!!!

Zijach : mangga gan,,,

Baramaen : neng..pasihan neng…!, ema tos tilu dinten teu acan ngadahar
sangu!

Miemoda : bi, saha nu datang téh? (si Miemoda nyamperkeun)

Zijach : baramaen den!!!

Miemoda : oh nya keun ke ku Miemoda urang pasihan,,,

Miemoda : punten, mak mung sakieu hatur lumayan!

Baramaen : hatur nuhun pisan den!!!

Munaroh : ih ari si aa nanaonan mere ka baramaen, ke bisi deudeuieun


datang ka imah urang deui.

Munaroh : awas ah….. ku Munaroh di bejakeun ka si mamih geura!!!


Lamun aa geus méré ka anu ngemis. (bari nyampeurkeun Nyi Nendita, rék laporan
ceunah mah).

Sungkarr : tah Miemoda, ieu anu alus dimanéh téh!!! Sok sanajan indung
manéh meditna geus kasohor ka manca nagara, tapi manéh mah béda pisan jeung
indung manéh téh! Jigana hal éta anu ngalantarankeun si Nantri reuseupeun ka
émod téh!

Miemoda : ah,,, manéh mah bisa waé jang!!!

Nyi Nendita : Heh…. Miemoda ari manéh nanaonan méré duit ka nu ngemis?
Kawas bisa ngala duit baé. Apal teu yeuh ari jaman kiwari mah neangan duit hésé.
Apan ceuk mamih ogé korét téh pangkal kaya, inget teu?

Miemoda : atuh mih,,, da Miemoda mah teu téh tega nempo Emak-emak
meni geus teu walakaya kitu. Da bari na ogé duit anu dibikeun ku Miemoda mah éta
téh duit jajan Miemoda.

Nyi Nendita : pokona mah teu hayang nyaho, awas lamun sakali-kali deui
méréan kanu ngemis! Duit jajan manéh ku Mamih bakal dipotong.

Papih : aya naon atuh, asa mani raribut kieu!

Nyi Nendita : éta geura Papih, si Miemoda méré duit ka nu ngemis, kawas bisa
ngala duit waé.

Papih : Alah…sugan téh aya naon. Baé waé atuh Mamih! Itung-itung
sedekah… Pan urang téh jarang méré sidekah ka pakir miskin.

Nyi Nendita : Euleuh-euleuh ari si Papih! Kaasupan jurig naon??? Kuat ka


hayang sidekah sagala! Geus ah!! Mamih rék ka salon heula geus tilu poé yeuh can
di pédi-médi. (bari indit ngaléos)

Papih : Dasar awéwé! Gawé téh teu ka emol balanja, nya ka salon!
Méakkeun duit waé!!!

Babak VI

Isuk-isuk keneh geus aya bi Eha, keur sasapu di pakarangana, manehna teh katelah
si ratu gosip, pas aya bi juju langsung wae manehna ngajak ngagosip jeung bi juju!!!

Warga 1 : kokom, kokom,,,

Warga 2 : aya naon bi Eha?!

Warga 1 : eh hayang gosip anu hot teu???

Warga 2 : emang gosip naon kitu, bi Eha mah masih isuk keneh geus
ngagosip,,,,

Warga 1 : ih,,, atuh lain bi Eha ngarana lamun henteu ngagosip mah, hehe…

Warga 2 : heueuh lah, da maneh mah ratu gosip sadunya! Mang gosip naon
kitu???
Warga 1 : eta, salaki Nyi Nendita mang Jana!!!

Warga 2 : nya kunaon kitu mang Jana???

Warga 1 : kamari basa kuring balik ti pasar ningali mang jana dicarekan beak
karep ku Nyi Nendita, ceunah mah mang Jana teh rek ngalamar gawe ka Nyi
Nendita, tapi apal teu di kumahakeun ku Nyi Nenditana??

Warga 2 : emang di kumhakeun kitu bi? Nanya panasaran

Warga 1 : eta mang jana geura disebut baramaen ku Nyi Nendita!!!

Warga 2 : eleuh mani tega pisan nya eta Nyi Nendita.

Warga 2 : alah siah, urang poho keur masak pindang di dapur, urang balik
heula atuh bisi katutungan…

Babak VII

Isukanana, di imah Nyi Nendita aya acara sukuran mangrupa pésta nu meriah. Ngan
tamu anu beunghar hungkul nu bisa datang ka pésta éta.

Tuluy, dina poé nu sarua, Jamilah teu bisa barangdahar nanaon ku sabab euweuh
dahareun saeutik-eutik acan. Kacida patukang tonggong jeung pésta nu diayakeun
ku Nyi Nendita. Abah nu teu téga ningali anakna nu kalaparan maksakeun datang ka
Nyi Nendita.

Saacan indit, Ambu nanya ka Abah nu geus dihina ku Nyi Nendita, tapi abah nékad
ménta tulung ka Nyi Nendita demi anakna nu dipikanyaah.

Di imah Nyi Nendita, Abah papanggih jeung salakina Nyi Nendita.

Papih : Eh Abah, kumaha damang?

Abah : Alhamdulilah séhat, tapi…

Papih : Tapi naon Bah?? (nanya panasaran bari kerung)

Abah : Saleresna abdi téh isin upami ngdugikeun kaayaan ayeuna téh,
kumargi ayeuna pun bojo jeung pun anak téh geus sababaraha poé teu kaparaban.
Dagang céndol teu pajeng waé. Ku kituna, isin teu isin abdi hoyong neda pitulung ka
Bapa sangkan pun anak jeung pun bojo tiasa ngaraosan deui nu namina sangu.

Ngadangu kitu si Papih éra ningali sasamana teu bisa dahar sabaraha poé
sedengkeun salila ieu kulawargana miceunan duit sangeunahna. Tuluy manéhna
ngaléos mawa dahareun keur si Abah. Nalika kitu, Nyi Nendita datang ningali si
Abah.

Nyi Nendita : Rék naon deu manéh ka dieu? Apal teu, ieu acara téh keur jalma-
jalma nu beunghar hungkul. Manéh mah teu pantes datang ka dieu.
Eh..eh..eh..nincakkeun suku ogé geus haram hukumna!

Abah : Astagfirullah…meni téga Agan nyarios sapertos kitu! Naha Agan


téga ningali kulawarga abdi teu tuanng sababaraha dinten? Ayeuna anak jeung pun
bojo téh nuju ngantosan di bumi bari ngaharepkeun abdi nyandak tuangeun kanggo
ngaganjel patuangan.

Nyi Nendita : Dasar baramaen! Bisa na ngan ménta-ménta! Abong jalma teu
gableg ka éra! Naha éta boga kulit beungeut téh meni kandel-kandel teuing!!!

(Nalika Nyi Nendita ngahina Abah, si Papih datang bari mawa sangu jeung
sapuratina nu geus dibungkus)

Nyi Nendita : Tuh geningan dahareun manéh geus datang! Tah lebok ku sia!!!
(Nyi Nendita ngalungkeun dahareunana)

Abah langsung ninggalkeun imah Nyi Nendita bari mawa batin nu kanyenyeri.
Sapanjanng jalan Abah istighfar bari ngado’a ka Gusti sangkan kabeungharan nu
dipiboga ku Nyi Nendita bisa méré hidayah ka manéhna.

Babak VIII

Dua poé sanggeus éta, halodo panjang ngadatangan lembur éta. Sawah gararing,
taneuh bareulah nepi ka euweuh tatangkalan anu héjo deui.

Di imah Abah, nalika abah jeung Ambu ngobrol, aya anu keketrok. pas di buka aya
saurang aki-aki.

Aki-aki : Assalamu’alaikum Wr. Wb.…

Abah : Wa’alaikumsalam…, mangga calik ki, aya kaperyogian naon nya?


dupi tiasa dibantos?

Aki-aki : Kieu, aki téh tos mapah tebih pisan…dina hawa nu panas kieu aki
téh ngaraos capé jeung haus dupi aki nyuhunkeun cai kanggo ngicalkeun kahaus
ieu?

Abah : Muhun…muhun mangga atuh aki… Ambu…punten


pangnyandakkeun cai kanggo aki.

Ambu : (ngaharéwos) Ari si Abah, pan ayeuna téh keur halodo jeung cai téh
keur hésé, eukeur mah hésé ieu di dapur tinggal satéko deui.

Abah : Ambu…dangukeun abah nya…ari rizki mah moal kamana da


sagalana ogé geus aya nu ngatur urang pasrahkeun baé wé ka Gusti Alloh. Sok
atuh énggal candak, karunya aki tos hauseun urang mah engké wé deui…

Ambu : Enya atuh Bah…mangga (ngeluk tungkul bari indit mawa cai)
(teu lila Ambu datang bari mawa cai nu ukur satéko leutik deui)

Ambu : Aki,,,ieu mangga nyanggakeun, hapunteun mung aya cai wungkul,,


ma’klum di dieu mah katuangeun téh hésé.

Aki : Hatur nuhun teu sawios-wios. kieu nya…Aki datang kadieu téh lain
nganjang wungkul, tapi aki rék ngabéjaan yén ieu halodo téh masih panjang.

Abah : alus atuh nya Ki!! lamun kitu mah céndol téh bakal payu terus atuh…

Aki : éh…ari manéh, pan nanaon téh merlukeun cai. ari manéh rék ngala
cai dimana pan ngaranna ogé usum halodo?!!

Abah : Oh…heueuh nya? (abah tungkul)

Aki : Ceuk aki mah, mening ayeuna mah pindah ti ieu tempat ka anu
leuwih genah tuluy néang pakasaban séjén. tah kitu wé ayeuna aki rék neruskeun
deui lalampahan aki. Assalamu’alaikum Wr. Wb.…

Abah : Wa’alaikumsalam… ambu…

Sanggeus aya aki ka imahna abah teu bisa sare sapeupeuting terus mikiran
uucapan si aki tadi berang, poe isukanana.

Ambu : aya naon bah, gawe teh ngan huleung jentul bae?

Abah : ambu kamari teh si aki ngomong yen di kampung urang teh bakal
kacadian halodo anu kacida panjangna, ku kitunasanggeus dipikaran ku abah
ayeuna mah urang balik we ka lembur urang nu baheula.

Jamilah : abah, ambu kumaha SPP Jamilah teh. Jamilah er ku babaturan


Jamilah sok ngledekan bae.

Vitrie : ambu hayang jajan!

Abah : Jamilah, Vitrie dangukeun abah. Sigana mah yrang kedah pindah ti
ieu lembur kusabab aya nu mere beja yren usum halodo teh masih panjang pisan.

Abah : ambu geura ajakan tah barudak beberes di kamer, abah rek
ngaberesan parabotan.

Ambu : nya bah!

Abah sakulawarga pindah di lembur aslina di legok hangseur. sedengkeun di imah,


Nyi Nendita nyalsé ngani’matan hartana.

Babak IX
(Munaroh nu keur di tukangeun imah ngageroan Nyi Nendita)

Munaroh : Mamih…(3x)

Nyi Nendita : Naon Munaroh? meni gogorowokan wéh pagawéan téh!

Munaroh : Ari itu saha nu keur ngala cai ti sumur urang?

Nyi Nendita : hey…aki-akin péot, keur naon di dinya?

aki : Aki ngan ménta cai saeutik. aki haus geus jalan jauh.

Nyi Nendita : Ah! saha nu paduli. (ngadorong si aki nepi ka labuh ngagudubrag)

(Aki hudang deui bari jag-jag)

Aki : tinggalikeun Nyi Nendita naon nu rék katarima ku kalakuan manaéh


salila ieu (aki bari nunjuk ku iteuk nu di bawana)

Teu lila ti dinya sumur jadi pinuh, cai terus mudal.

Nyi Nendita : Aki, meni bageur méré cai loba hahaha…(aki geus ngaleungit)

Munaroh : Mih, si Aki ngaleungit!

Nyi Nendita : ah baé teu paduli. ayeuna nu penting mah urang boga cai loba
jeung moal kahalodoan deui.

Munaroh : oh…heueuh nya?!

(Nyi Nendita jeung Munaroh seuseurian)

Munaroh : Mih…naha éta cai téh teu eureun-eureun? beuki dieu beuiki
loba?!

Nyi Nendita : Eh, heueuh nya? alah siah Roh! kumaha kalahka jadi banjir kieu.
Aduh….itu korsi mahal jeung stok jéngkol ti gudang jadi kakeueum… alah…kotah
emas tina lomari kumaha…?

You might also like