You are on page 1of 12

Tujuan

Pangajaran:
 Bisa mikawanoh rupa-
rupa carita buhun.
 Bisa mikapaham eusi
carita buhun nu dibaca.
 Bisa ngomentara kana
rupa-rupa aspek carita
buhun nu dibaca.
 Bisa nyindekkeun téma
jeung amanat carita
buhun nu dibaca.
HEUBEUL

BAHEULA BUHUN KUNO

LAWAS
Carita
Naskah
Carita
Pantun Wawacan

Dongeng Carita Guguritan


Buhun
WAWACAN
Eusina ngalalakon, tur umumna caritana paranjang, sarta
mindeng gunta-ganti pupuh. Ganti pupuh téh sok jadi pananda
ganti épisode (babak).
Wawacan téh pangaruh Jawa. Mimitina mah nyebar dina
wangun manuskript. Tapi sabada aya téknologi percetakan loba
carita wawacan anu dicitak mangrupa buku.
Maca wawacan sok dihariringkeun. Sawaréh carita wawacan
sok dipidangkeun dina beluk.
Conto carita wawacan anu sohor di antarana: WAWACAN
PURNAMA ALAM, WAWACAN SYEH ABDUL KODIR JAELANI,
WAWACAN KIDUNG SUNDA, WAWACAN DALEM BONCEL,
WAWACAN KIAN SANTANG, WAWACAN AHMAD
MUHAMMMAD, Jsb.
awacan Panji Wulung

Mimiti terbit taun 1876. Kandelna 131 kaca,


ngawengku 1018 bait pupuh. Kungsi
ditarjamahkeun kana basa Jawa jeung Malayu,
sarta jadi bacaan wajib barudak di sakola di
Pulo Jawa jaman kolonial.
R.H. Muhammad Musa
Lahir di Garut 1822. Anak Patih
Limbangan. Taun 1855 dijenengkeun jadi
Panghulu di Limbangan. Lian ti éta
Muhammad Musa ogé dipikawanoh
minangka sastrawan. Kalawan dibantuan ku
Karel Frederik Holle, Juragan Kebon Entéh
di Waspada Cikajang, Muhammad Musa
nerbitkeun rupa-rupa karya tulis. Utamana
keur bacaeun barudak di sakola. Di
antarana karya tulisna: Wawacan Panji
Wulung, Wawacan Wulangkrama,
Wawacan Sacanala jeung Dongeng-
dongeng Pieunteungeun. Palaputra
Muhammad Musa ogé aya sawatarana anu
jadi pangarang kasohor, di antarana
Radén Ayu Lasminingrat jeung Radén
Kartawinata.
Cutatan Wawacan Panji Wulung
ASMARANDANA

Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah, enggeus


dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah
manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu nampik dosa.

Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeun geus


nepi baé, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah, tina
watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa.

Ku Ki Patih geus kajudi, yén dijerum ku maruna, sanajan Ajar gé


bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang dongdonan,
nu matak Ajar sakitu, diupah ku Praméswara.
Cutatan Wawacan Panji Wulung
PANGKUR

Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan kori, henteu


puguh nu dijugjug, balik Paman sadaya, nu ti mana tiluan semu rarusuh,
lurah bégal ngawalonan, aing ngaran Jayapati.

Cikénéh mentas ngabégal, tujuh jalma modar taya nu kari, bangkéna


tujuh patumpuk, balik manéh ayeuna, lamun manéh masih kéné hayang
hirup, ka dieukeun banda sia, ku aing moal dipeuncit.

Rahadén Panji ngandika, bari mésem Paman takabur teuing, pati batur
dihahangu, mangké caralik heula, ieu catang nu malang sumangga
panggul, lamun kapanggul ku Paman, kaula sumeja ngiring.
CEMPA

LALAMPAHAN
KELING
PANJI WULUNG

PATANI

BUGIS

SOKADANA BLANGBANGAN
Conto Koméntar
Salah sahiji anu narik dina carita Panji Wulung nyaéta
ngaran-ngaran tempat. Di antarana disebutkeun yén
Panji Wulung téh asalna ti Sokadana. Ari Sokadana
deukeut-deukeut ka Sukadana atawa Sukadanu,
ngaran tempat nu réa kapanggih di wewengkon Garut.
Boa-boa Panji Wulung téh asalna ti Garut. Disebutkeun
ogé Blambangan, Patani, Keling, Bugis, jeung Cempa.
éta ngaran singhoréng bisa dipapay tina ngaran-
ngaran tempat kabaheulaan. Contona, Blambangan
aya di Jawa. Bugis aya di Sulawesi, Keling ayeuna
disebut India, Cempa ayeuna wewengkon antara laos
jeung Thailand. Ku hal éta, ieu carita téh saenyana
multikultur lantaran ngalibetkeun jalma ti rupa-rupa
wewengkon atawa naagara anu adat jeung
kabudayaanana béda-béda.
TUGAS URANG
 Baca téks ringkesan carita wawacan Panji Wulung sing
nepi ka kaharti.
 Mun aya kecap-kecap nu kurang kaharti tanyakeun ka
guru atawa téangan hartina dina kamus.
 Urang kudu nyieun koméntar pondok patali jeung rupa-
rupa aspék nu kakandung dina carita. Upamana
ngeunaan:
- Kapamingpinan - Moral carita
- Logika carita - Hubungan antar étnis
- Kabudayaan/tradisi - Intrik politik
- Sistem pamaréntahan - Karakter palaku, jsb.
 Tepikeun koméntar urang di hareupeun kelas.
Daptar Kekecapan
 galideur, teu galideur = henteu sieun,  maténi = maéhan (Ind. membunuh)
henteu éléhan.  ngalajur, ngalajur napsu = nurutkeun
 ijid = geuleuh, cua (Ind. benci) napsu (Ind. melajur nafsu)
 nelasan = maéhan  ngawawadian = nganaséhatan,
ngélingan, mapatahan
 newek = nusuk, nubles  aleutan = abringan, rombongan
 jengkar = indit, miang  rundayan = turunan, katurunan
 ajar = pendéta, biksu (ind. petapa)  mapalangan = ngahalangan
 sorati = pawang gajah  ngangres = sedih, nalangsa
 kagagas = kasuat-suat, inget ka hiji  ngistrénan = ngalantik, ngesahkeun
kajadian dina jaman baheula  sungkawa = Ind. duka cita
 nibanan = (Ind. menjatuhkan); nibanan  talajak = kalakuan, (Ind. Perbuatan)
hukuman = menjatuhkan hukuman  diranjah = Ind. dijarah
 ngabolaykeun = ngagagalkeun,  diéstokeun = dipentingkeun,
ngabatalkeun diperhatikeun
 kajugalaan = Ind. kebesaran,  katut = jeung, sareng
kaagungan, kasuksésan, kaasaktian  Adil palamarta = Ind. adil sejahtera
 Sailon = sakongkol (Ind. Sekongkoll)

You might also like