You are on page 1of 10

DONGENG

Anis Manthiasari, S.Pd.


Naon ari Dongeng teh?
Dongeng nyaeta carita rekaan dina wangun lancaran
nu sifatna pamohalan (teu asup akal).
Ciri-ciri Dongeng
 Sumebarna sacara lisan
 Pangarangna tara kanyahoan (anonim).
 Ngagunakeun bahasa lancaran
 Eusi caritana mangrupa rekaan, malah rea anu
pamohalan
 Ukuranana ilaharna pondok.
Mangrupi-rupi dongeng :
1. Dongeng sato (fabel)
 Dongeng nu palakuna sasatoan. Dina dongeng ieu
sasatoan bisa ngomong. Conto dongeng sato
(fabel) : 
1) sakadang kuya jeung monyet
2) peucang nu licik
3) beurit nu kacida bedegong na
4) kuya silihduruk jeung maung
2. Dongeng Mite
 Dongeng raket patalina jeung kapercayaan
masarakat kana bangsa lelembut atawa hal nu
goib. Conto dongeng nyaeta :
1) "Dewi Sri"
2) "Munjung“
3) “Nyi Roro Kidul”
3. Sage
Dongeng anu eusina nyaritakeun hiji kajadia atawa
hiji jalma anua aya patalina jeung sajarah
 Contona dongeng:

1) Sunan Permana di Puntang


2) Raden Kian Santang
4. Dongeng legenda (sasakala)
 Dongeng anu eusina nyariotakeun kajadian atawa asal-muasal
hiji hal.
Conto dongengna nya eta:
1) Sasakala Tangkuban Parahu
2) Asal-muasal Hayam Kongkorongok
5. Parabel
Dongeng jalma biasa. Nyaritakeun kahirupan
jalma biasa, nu sok mahiwal, pikaseurieun (karakter
luar biasa).
Conto dongeng :
1) Si Kabayan Ngala Nangka
2) Si Kabayan Ngadeupaan Lincar
Struktur Carita dina Dongeng :
 Jejer (tema) nyaeta ide dina hiji carita.
 Palaku nyaeta pihak atawa tokoh anu ngalakon dina hiji
carita
 Galur nyaeta leunjeuran carita atawa runtuyan kajadian
anu patarema nepi ka ngarakit jadi lalakon anu gembleng.
 Latar (setting) nyaeta gambaran waktu, kaayaan,
patempatan dina hiji carita.
 Amanat nayeta hal nu rek ditepikeun ku pangarang dina
karyana.

You might also like