You are on page 1of 8

SISINDIRAN

Kelas XI
Tujuan Pangajaran
Sanggeus kagiatan pangajaran sisndiran rѐngsѐ, dipiharep siswa
bisa:
1. Nengetan wangun sisindiran pikeun maham eusina;
2. Nyebutkeun wangun sisindiran;
3. Ngabedakeun wanda sisindiran
4. Nyebutkeun unsur-unsur basa dina sisindiran;
5. Nyusun sisindiran dumasar kana kaѐdahna;
6. Midangkeun sisndiran kalawan bener kaѐdahna dina wangun
tѐmpas sindir.
Pengertian sisindiran
• Sisindiran teh asalna tina kecap sindir, hartina omongan atawa
caritaan anu dilabirkeun atawa heunteu togmol;
• Dina sastra Indonesia mah sisindiran teh sok disebut oge
pantun;
• Sisindiran mangrupa karya sastra wangun ugeran anu
diwangun ku opat jajaran, tiap jajaran diwangun ku dalapan
engang. Jajaran kahiji jeung kadua mangrupa cangkang,
jajaran katilu jeung kaopat mangrupa eusi.
Jenis-jenis sisindiran
• Rarakitan • Wawangsalan

• Paparikan • Tatarucingan
Rarakitan
Tengetan conto sisndiran di handap!
Ka mana jalan ka Yogya, (a)
Ka ditu ka Pangrumasan.(b)
Ka mana jalan kaSurga, (c)
Kaditu ka pangaosan. (d)
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun rarakitan. Disebut
rarakitan lantaran kecap mimiti (ka mana) dina padalisan (a)
sarua jeung kecap mimiti dina padalisan (c). Kitu deui kecap
mimiti dina padalisan (b) saruang jeung (d)
Paparikan
Tengetan conto sisindiran di handap!
Katumbiri di Cigeulis (a)
Ti Citeureup ka Ciamis (b)
Kaciri seuri nu geulis (c)
Mun diteuteup beuki geulis (d)

Dina paparikan di luhur, kecap Cigeulis dina padalisan (a), sorana


padeukeut jeung kecap geulis dina padalisan (c). Kitu deui kecap
Ciamis dina padalisan (b) sorana padeukeut jeung kecap manis
dina padalisan (d).
Wawangsalan
Wawangsalan nyaeta sisndiran anu diwangun ku sindir jeung eusi.
Anu dijieun wangsalna teh tara ditetelakeun, tapi kudu diteangan
di bagian eusi, wangsal teh biasana murwakanti jeung salah sahiji
kecap anu aya dina bagian eusi.
Contona:
Monyet hideung sisi leuweung (sindir)
Susah nu taya tungtungna (eusi)
Wangsalna: Lutung

Mesin ketik elektronik (sindir)


Dipakena ku nu pinter (eusi)
Wangsalna: Komputer
Tatarucingan
Tatarucingan teh kaasup kana kaulinan anu mangrupa pananya
anu jawabanana kudu diteguh. Kalimah pananya anu diajukeun
teh jawabanana heunteu langsung , tapi kudu di teguh heula.
Contona:
Budak leutik ngambay peujit?
Jawabanana: jarum jeung benang
Budak dugul ditato?
Jawabanana: endog puyuh
Hayam rintit ngacung ka langit?
Jawabanana: danas/ganas

You might also like