You are on page 1of 7

Sistim Pakasaban

Ku Kelompok: 6
1. Ai Sri Winarti : 2000912
2. Chatur Prasetyo Aji : 2004156
3. Fajri Aliansyah : 2007033
4. Laily Salsabila : 2006695
5. Zelline Nurintanawaty D.D : 2004216
Wangenan Sistim Pakasaban
Numutkeun Sutanto dina Djahir jeung Pratista (2015:6), sistim nyaéta kumpulan
atawa grup tina subsistim atawa bagean komponén fisik jeung nonfisik nu aya
patula-patalina antara hiji jeung lianna sacara harmonis pikeun ngawujudkeun
tujuan anu tangtu.

Sedengkeun numutkeun Mulyani (2016:2) nétélakeun yén sistim bisa diartikeun


sakumpulan sub sistim, komponen anu gawé bareng nu miboga tujuan sarua pikeun
ngahasilkeun output anu geus ditangtukeun saacanna. Sedengkeun Pakasaban
nyaéta pagawéan anu dilakonan ku manusa pikeun nyumponan pangabutuh
kahirupan sapopoé. Sistim pakasaban téh nyaéta kumpulan subsistim, komponén
anu pada miboga tujuan nu sarua pikeun ngahasilkeun output anu geus ditangtukeun
sangkan nyumponan pangabutuh kahirupan sapopoé.
Tujuan Ayana
Sistim Pakasaban
Pakasaban miboga tujuan nya éta: pikeun
nyumponan kahirupan sapopoé, sangkan hirup
raharja, sangkan hirup bagja, jeung pakasaban
minangka alat pikeun urang ngamumule
kabudayaan tur kasenian ku cara urang diajar
jeung ngawanohkeun éta pakasabn téh ka
nonoman ngora, sangkan kabeungharan budaya
pakasaban urang téh salawasna aya.
Pangaruh Kabudayaan Kana
Kinerja Sistim Pakasaban
Kabudayaan téh gedé pangaruhna kana kinerja sistim
pakasaban. Utamana dina analisis ékonomi néoklasik
lantaran kabudayaan téh miboga peran anu cukup
penting dina ngarojong kinerja ékonomi sabab aya
patalina jeung kabentukna kapercayaan di jero
kelompok sangkan ngurangan biaya transaksi.
Kagiatan nu Kaasup Kana Sistim Pakasaban

Pakasaban nu
ngahasilkeun jasa

Patani, Pamayang,
tukang mebeul

Guru, dokter, pulisi,


tantara, supir, jeung
sajabana

Pakasaban nu
ngahasilkeun barang
Hal-hal nu Cenderung Bakal Ngarobah kana Sistim
Pakasaban
• Rasa teu puas kana kaayaan jeung situasi nu aya,
• Sadar kana ayana kakurangan-kakurangan,
• Sababaraha usaha nu nyaluyukeun jeung parobahan
jaman,
• Ningkatna pangabutuh,
• Ayana kahayang pikeun ningkatkeun taraf hirup,
• Sikep anu terbuka kana hal anyar (inovatif).
Pustaka Rujukan
Isna Januar, M. (2014). TRADISI NGARUAT COBLONG DI KAMPUNG CIRATEUN KELURAHAN ISOLA
KECAMATAN SUKASARI KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI
SMA KELAS XII (Doctoral dissertation, Universitas Pendidikan Indonesia).

Rahayu, R. (2013). Ajén éstétika kasenian toléat di kabupatén subang pikeun bahan pangajaran nulis ésséy
di sma kelas xii (Doctoral dissertation, Universitas Pendidikan Indonesia).

Effendi, R. & Malihah, E., 2007. Pendidikan Sosial, Budaya dan Teknologi (kaca: 106). Bandung: CV.
MAULANA MEDIA GRAFIKA

Pratikto, Adji. (2012). PENGARUH BUDAYA TERHADAP KINERJA PEREKONOMIAN (Universitas Katolik
Indonesia Atma Jaya)

https://repository.bsi.ac.id/index.php/unduh/item/1269/10.-BAB-
https://dspace.uii.ac.id/bitstream/handle/123456789/10803/BAB%202a.docx.pdf?
sequence=3&isAllowed=y#:~:text=(1)%20Pekerjaan%20mengacu%20pada%20pentingnya,ditingkatkan
%20dari%20waktu%20ke%20waktu.

You might also like