You are on page 1of 7

SISINDIRAN 

I. Warsita, S.PdI
SISINDIRAN 

• Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa
caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda
 anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa
 kalawan padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran
(puisi). Sisindiran téh wangunna mibanda cangkang jeung eusi. Upama dina
tradisi Malayu mah disebutna pantun. Sisindiran téh dina Kamus Umum
Basa Sunda nyaéta basa anu diréka, lolobana murwakanti sarta bisa 
dikawihkeun.
UPAMA DITILIK TINA WANGUN JEUNG CARA NGÉBRÉHKEUNANA,
SISINDIRAN DIBAGI JADI TILU GOLONGAN NYAÉTA:

1 Rarakitan
• Rarakitan téh nyaéta salah sahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna
(mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan
 (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal
padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi.
Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.

2 Paparikan 
• Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku
cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina
sapadana, kudu jeung kep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi.
Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.

3 Wawangsalan 
• Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu
dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap
 anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan
deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta
atawa birahi. 
DITILIK TINA EUSINA, RARAKITAN TÉH BISA DIGOLONGKEUN KANA
TILU GOLONGAN, NYAÉTA:

Rarakitan silihasih Rarakitan piwuruk Rarakitan sésébréd.

• Nyaéta anu eusina • Nyaéta rarakitan anu • Nyaéta rarakitan anu


ngeunaan silihasih, eusina piwuruk atawa eusina banyol, lulucon,
cinta, atawa birahi; naséhat; contona: atawa cawad (kritik);
contona: • Sing getol nginum jamu, contona:
• Sapanjang jalan • nu guna nguatkeun urat. • Rarasaan ngala mayang,
Soréang, • teu nyaho cangkeuteuk
• Sing getol neangan
• moal weléh diaspalan. leuweung.
élmu, • Rarasaan konéng
• Sapanjang tacan • nu guna dunya ahérat.
umyang,
kasorang, • teu nyaho cakeutreuk
• moal weléh diakalan.
hideung.
UPAMA NILIK KANA EUSINA,
PAPARIKAN DIPASING-PASING JADI:

Paparikan silihasih Paparikan piwuruk Paparikan sésébréd.


• Paparikan silih asih • Paparikan piwuruk • Paparikan sésébréd nyaéta
paparikan anu eusina banyol,
nyaéta paparikan nu nyaéta paparikan nu lulucon, jeung cawad (kritik).
eusina ngeunaan eusina piwuruk atawa Contona:
silihasih, cinta, atawa naséhat. Contona: • Daun hiris dibeungkeutan,
birahi. Contona: • Ka kulah nyiar kapiting, • dibawa ka juru leuit.
• Meuncit meri dina • Anu geulis ngadeukeutan,
• ngocok endog
• hayangeun dibéré duit.
rakit,  bobodasna.
• boboko wadah bakatul • Ulah sok liar ti peuting, • Sapanjang jalan Cirebon,
. • osok loba gogodana. • jalan butut diaspalan.
• Lain nyeri ku panyakit, • Sapanjang dijajah Nipon,
• kabogoh direbut batur. • baju butut tatambalan.
CONTONA WAWANGSALAN

• Belut sisit saba darat,


• Kapiraray siang wengi.
• (Maksudna: oray)

• Jukut jangkung pipir gunung,
• Haté abdi panas peurih.
• (Maksudna eurih)

• Teu beunang dihurang sawah


• Teu beunang dipikame umeut
• (Maksudna: Simeut)
HATUR NUHUN

Wilujeng patepang deui…

You might also like