Professional Documents
Culture Documents
Sajak
Sajak
I. WARSITA, S.PDI
WANGENAN SAJAK
Hidep kungsi nempo penyair anu ngagalantangkeun sajak? Hidep kungsi ngilu pasanggiri ngagalantangkeun sajak? Lamun
enggeus, tangtu hidep boga pangalaman anu mandiri. Lamun acan, tangtu hidep bisa diajar. Memeh prung
ngagalantangkeun sajak, ayeuna urang guar heula perkara sajak.
Naon ari puisi? Dina sastra Indonesia, nu disebut puisi teh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina sastra Sunda,
puisi teh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak, mangrupa bagian tina puisi.
Leuwih jelasna, nu dimaksud dina puisi dina sastra Sunda nyaeta wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh
ku wirahma, kauger ku wangunana jeung ku diksina: lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoe atawa cara mangun
prosa. Puisi Sunda teh rea rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya nu kagolong kana puisi
anyar. Puisi heubeul aya nu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita; rupa-rupa
puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampe, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan) , kakawihan (barudak),
sa’ir (pupujian, sawer, jst), pupuh (dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar nyaeta sajak.
Cindekna, sajak nyaeta salah sahiji sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). sanajan ditulis dina wangun
ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina
saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.
KAMEKARAN SAJAK SUNDA
Sajak nyaeta karya sastra nu umum tiasa di bentenkeun janten tilu : puisi, prosa, jeung drama. Sacara
etimologis istilah sajak asalna tinu basa Yunani nyaeta “Proesis”. Nu hartosna ngabangun, ngabentuk,
atanapi ngajieun.
Dumasar kana asal-usulna, sajak teh mangrupa karya sampeuran anu jplna tina sastra deungeun, nyaeta pangaruh tina sastra Eropa.
Eta karya teh asup tur jadi banda sastra Sunda di mimiti kira-kira taun 1946, nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora,
mimiti kasengsrem tur mikaresep ngareka basa dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaeta Kis WA.
Sabada ditaratas ku Kis WS, sajak Sunda terus mekar nepika kiwari. Lian tina rea sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa
Sunda, saperti Mangle, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, oge rea karya anu geus dibukukeun mangrupa antologi. Sababaraha
judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna, diantarana : Lalaki di Tegal Pati karya sayudi (1963), Jante Arkidam karya Ajip
Rosidi (1967), Tepung di Bandung karya Rahmat M.Sas. Karana, Wasiat konglomerat karya Taufik Faturohman, Lalaki Langit karya
Juniarso Ridwan, Jagat Langit karya Godi Suwarna, Maung Bayangan karya Etti R.S, Jamparing Hariring karya Dedy Windyagiri, Aya
Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya karya Retty Isnendes, Katiga karangan Yayat Hendayana
(1957), Gondewa karangan Etty RS (1987), Jiwalupat karangan Godi Suwarna (2007), jeung rea deui.
ADEGAN (STRUKTUR; UNSUR) SAJAK
Nada teh sikep pangayak ka n maca. Tina sikep pangayak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu
macca. Geura titenan pada sempalan sajak “Tanah Sunda” ieu di handap.
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Dumasar pada sajak di luhur, katangen sikep pangajak teh hayang ngabejaan ka nu maca yen najan
tanah Sunda teh endah, tapi tetep hendteu tengtrem tur loba ancaman. Tina sikep eta urang salaku nu
maca bisa ngarasa keueung jeung ngahanjakalkeun ku kaayaan kitu.
c. Rasa
Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana teh
digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero hate. Sajak “Tanah Sunda”
upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero hate. Sabalikna baris kapanggih tur
karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokeun atawa digalantangkeun.
NGAGALANTAKEUN SAJAK
IEU DIHANDAP AYA TEKS SAJAK. PEK KU HIDEP NGAGALANTAKEUN
TANAH SUNDA
DI HAREUPEUN BABATURAN SAKELAS. BAGILIR WAE SAURANG- KARYA : AJIP ROSIDI
SAURANG, ANU SEJENNA NGAREGEPKEUN SING DARIA.