You are on page 1of 9

SMA NEGERI 3 SUBANG

NAMA : IWAN KURNIAWAN, S.S.


NO. HP/WA : 085353332994
EMAIL : iwankurniawan31@sma.belajar.id
ALAMAT : PERUM GARDEN VIEW BLOK F4/11
BUNIHAYU – JALANCAGAK - SUBANG
BIANTARA
Kagiatan nyarita di
hareupeun jalma réa nu
tujuanana pikeun nepikeun
hiji hal (perkara).
SAWATARA PERKARA NU DIPEDAR DINA

BIANTARA:
• EUSI BIANTARA
• TUJUAN BIANTARA
• BASA NU DIPAKÉ DINA BIANTARA
• STRUKTUR BIANTARA
• JENIS BIANTARA
HAL-HAL NU KUDU DIPERHATIKEUN SAUPAMA
RÉK BIANTRA:

Sayaga
SayagaMéntal
Méntal

Nangtukeun
NangtukeunTujuan
TujuanBiantara
Biantara

Milih
MilihJejer
Jejeratawa
atawaPoko
PokoPasualan
Pasualan

Maluruh
MaluruhJalma
JalmaNu
NuBakal
BakalHadir
Hadir
Ngumpulkeun
NgumpulkeunBahan
Bahan

Nuliskeun
NuliskeunGurat
GuratBadag
BadagPicaritaeun
Picaritaeun

Ngadadarkeun
NgadadarkeunEusi
Eusi
Biantara jeung Latihan
Biantara jeung Latihan
STRUKTUR BIANTRA :
DINA NEPIKEUN BIANTRA AYA
SABABARAHA FAKTOR NU KUDU
DIPERHATIKEUN :

NU BIASA SOK DISINGGET T-A-M-A-N


 TATAG NYARITANA
 AKTUAL TÉMANA
 MUNEL EUSINA
 ALUS BASANA
 NGANDUNG WIRAHMA
CONTO TEKS BIANTARA :

Biantara Laporan Ketua Panitia dina Bubuka Pasanggiri


Assalamu’alaykum Warahmatullahi wabarakaatuh
Para wargi anu sami-sami linggih, anu dipihormat.
Puji sinareng sukur, mangga urang sanggakeun ka Alloh Subhanallahu wa Ta’ala, anu parantos maparinan
kaséhatan ka urang sadaya dugi ka tiasa kempel di ieu rohangan kalayan aya dina kaayaan séhat wal’afiat.
Solawat sinareng salam mugia salamina nganteng ka jungjunan alam Nabi Muhammad Shallalahu ‘alaihi
wassalam.
Hadirin anu dipihormat, sateuacan sim kuring neraskeun sasanggem, langkung ti payun seja ngahaturkeun
nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo nyanggem dina ieu mimbar.
Teu hilap, abdi ogé ngahaturkeun nuhun ka Bapa Kepala Sakola, Bapa sareng Ibu Guru, ogé ka réréncangan
sadaya anu parantos ngabantos sareng ngarojong kana ieu kagiatan.
Salajengna, sim kuring neda widi seja ngalaporkeun sawatara hal anu aya patalina sareng ieu kagiatan anu
badé dilaksanakeun.
Hadirin, kanggo ngareuah-reuah milangkala ieu sakola anu ku urang sadaya pada mikacinta, réngréngan
pangurus OSIS badé ngayakeun kagiatan Pasanggiri Biantara dina Basa Sunda. Ngabantun ieu kagiatan téh
ku margi langka, basa sunda dianggap teu modéren sareng tinggaleun jaman ku masarakat umumna.
Nanging kanggo OSIS di urang mah, ti ngawitan danget ayeuna, ieu kagiatan téh kedah janten primadona
sakola anu diantianti ku sakur siswa di ieu sakola. Malih taun payun mah kedah ngulem pamilon pasanggiri ti
sakola sanés. Urang buktoskeun ka balaréa yén sakola urang téh sajabi ti janten sakola unggulan dina
widang akademik sareng olahraga, ogé janten sakola anu teu lali ka purwadaksi, anu mikacinta sareng
mikahéman basa katut budayana.
Alhamdulillah, ieu kagiatan kénging pangbagéa anu kalintang saéna ti sadaya siswa. Kabuktosan, geuning
unggal kelas, ti kawit kelas X dugi ka KELAS XI ngintunkeun wawakilna.
Jejer biantara anu dipasanggirikeun téh aya dua rupi, nya éta perkawis 1) “Miara Lingkungan Sabagian tina
Iman sareng 2) “Tarékah Ngamumulé Basa Sunda di Sakola”
Tujuan dilaksanakeunana ieu acara téh taya sanés kanggo ngaronjatkeun kacinta katut kareueus para siswa
kana basa katut budaya Sunda. Sajabi ti éta, kanggo ngamalirkeun minat sareng bakat siswa SMA urang
dina widang kaparigelan nyarita. Dipiharep, saréngséna ieu kagiatan lumangsung baris aya siswa di sakola
urang anu parigel nyarita dina basa Sunda. Tangtos urang reueus saupami aya siswa réréncangan urang anu
mahér ngagunakeun basa Sunda, sajaba ti mahér basa Indonésia, basa Inggris atanapi basa asing séjénna.
Peryogi kauninga, para pamilon dina ieu pasanggiri antar kelas téh sadayana aya tilu puluh genep urang.
Pamilon pameget aya dalapan belas urang, pamilon istri aya dalapan belas urang. Éta para pamilon téh
utusan ti kelas X aya dua belas urang, kelas XI aya dua belas urang, sareng KELAS XI aya dua belas urang.
Ku seueurna pamilon sareng ayana wawakil ti unggal kelas ieu téh cicirén yén basa Sunda dugi ka kiwari
masih kénéh dimumulé ku
siswa di sakola urang.
Hadirin, ieu kagiatan téh baris lumangsung dua dinten. Dinten ieu kanggo kelompok pameget, dinten énjing
kanggo kelompok istri. Para piunggul baris ditangtukeun ku Girang Pangajén. Kaleresan anu jadi jurina téh
Ibu Bapa Guru anu ngawulang basa Sunda tur anu dipikareueus ku urang sadayana. Simkring ngahaturkeun
nuhun ka Ibu Bapa Guru anu parantos sayogi janten girang pangajén ieu pasanggiri biantara.
Kanggo para piunggul boh pameget boh istri, masing-masing baris dilélér hadiah tropi sareng beasiswa ti
Bapa Kapala Sakola.
Ku margi kitu, abdi ngahaturkeun wilujeng tandang ka para pamilon Pasanggiri Biantara Basa Sunda. Hayu
urang mumulé basa sareng budaya Sunda ku urang sadayana.
Rupina laporan anu tiasa didugikeun ku sim kuring salaku pupuhu panitia dicekapkeun sakieu. Tangtos waé
lancarna ieu acara teu leupas tina bantosan sareng pangrojong Bapa miwah Ibu Guru, sareng réréncangan
sadayana. Ku margi kitu, sakali deui sim kuring ngahaturkeun réwu-réwu nuhun, sareng mugia janten amal
ibadah anu baris kenging ganjaran ku rupi-rupi kasaéan ti Alloh Subhanallahu wa Ta’ala.
Pamungkas, sim kuring seja nyuhunkeun dihapunten bilih salami tatahar sareng ngalaksanakeun ieu
kagiatan masih kénéh katawis aya kakirangan sareng kalepatan. Ku margi kitu sim kuring miharep saran
sinareng pangajarna ti Bapa atanapi Ibu Guru.
Kalih ti éta, sim kuring seja agung nya paralun neda jembar pangaksami saupami salami sasanggem
ngadugikeun laporan aya tata titi tindak tanduk anu kirang sapagodos, aya saur anu teu kaukur aya sabda
anu teu kaungang, sareng tutus langkung képang halang mugia kersa ngahapunten.
Sakitu anu kapihatur.
Wassalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakaatuh.
HATUR NUHUN

You might also like