You are on page 1of 15

Kompetensi Dasar

3.4 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan cerita pendek


4.4 Menulis cerita pendek dengan memperhatikan struktur dan
aspek kebahasaan

Tujuan Pangajaran
1. Siswa bisa maham eusi carpon kalawan bener.
2. Siswa bisa ngaanalisis struktur carpon kalawan bener.
3. Siswa bisa nyaritakeun deui eusi carita pondok nu dibacana
maké basa sorangan.
Carita pondok, wangun caritana kaitung pondok sarta
mangrupa carita rékaan (fiksi) dina wangun lancaran (naratif).

Umumna mah panjang caritana téh 4-10 kaca di A4/ 5.000-7.000 karakter.

Palakuna henteu réa, galur caritana ogé basajan


lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, jeung museur kana kajadian utama.
Ciri-ciri carpon :
1. Wangun karanganna pondok.
2. Sifat caritana naratif jeung fiktif.
3. Eusina kaharti ku akal atawa
realistis.
4. Biasana nyaritakeun hiji kajadian,
henteu kompkes siga novel.
5. Jumlah tokohna kawates, henteu
rea kawas novel.
6. Eusi carita numuwuhkeun sikep
positif.
Carpon téh karya sastra sampeuran.
Disebut sampeuran téh lantaran pangaruh ti sastra Éropah,
pangpangna mah ti bangsa Walanda.

Harita mah istilah carpon téh acan jelas,


malah sok disaruakeun jeung dongéng.

Tapi, béda jeung dongéng unsurna pamohalan,


taya pangarangna, jeung nyebarna sacara lisan.

Ari carpon mah diolah tina kajadian nyata kawas nu enya-enya kajadian,
aya pangarangna, jeung nyebarna sacara tinulis.
Buku kumpulan carpon anu munggaran dina basa Sunda téh judulna ”Dogdog Pangréwong” karangan G.S., terbit taun 1930.
Ari carpon anu munggaran ditulis mah béda deui.
Ceuk catetan Darpan mah (Sundalana, 2012)
carpon anu mimiti ditulis téh judulna "Hibat" jeung "Santri Gagal" karya Moehamad Moesa.
Sanajan geus ti baheula aya, tapi harita mah kaitung jarang nu nulis carpon téh.

Kakara sanggeus merdéka,


nu narulis carpon téh beuki réa, malah réa nu dibukukeun sagala,
di antarana ”Papacangan” (1960) karya Rusman Sutiasumarga;
“Hujan Munggaran” (1960) karya Ayatrohaédi;
“Dongéng Énténg ti Pasantrén” (1961) karya R.A.F;
“Néangan” (1962) karya Caraka;
jeung réa-réa deui.
Nepi ka kiwari nu narulis carpon téh teu ngurangan, malah nambahan.
Carita pondok téh kaasup karangan lancaran (naratif).

Ari karangan lancaran umumna téh boga struktur carita atawa sok disebut ogé unsur intrinsik.

Anu kaasup unsur intrinsik dina carpon téh, nyaéta…


TÉMA, ALUR, PALAKU, JEUNG LATAR.
STRUKTUR CARPON

1. Téma téh sarua jeung inti carita,


biasana téma minangka talatah atawa kereteg anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca.

2. Galur atawa plot téh runtuyan peristiwa-peristiwa anu nyambung,


nepi ka ngawangun runtuyan carita anu gembleng.
Alur téh sok dibagi kana tilu jenis, nyéta alur maju, alur mundur, jeung alur campuran.

3. Palaku atawa tokoh téh nu ngalalakon dina carita, palaku téh biasana patali jeung pasipatan atawa karakterna.

4. Latar téh tempat lumangsungna peristiwa dina carita.


Latar téh kabagi kana tilu bagian, nyaéta latar tepat, latar waktu, jeung latar sosial.
AYA TUGAS CARPON!

Pahami eusi carpon nu aya di GC!


Analisis carpon eta!

Kumpulkeun dina bentuk poto


dikerjakeun di buku tulis Basa sunda.
Kerjakeun sewang-sewangan.
TAMBAHAN MATERI : kalimah aktif jeung pasif

Titenan kalimah di handap ieu!

1.Ema bet nyakolakeun abdi.


2.Abdi bet disakolakeun ku ema.
Ema bet nyakolakeun abdi. (Kalimah Aktif)
Ema (subjek/jejer),
bet nyakolakeun (predikat/caritaan),
abdi (objek/pangrandap)

Abdi bet disakolakeun ku ema. (Kalimah Pasif)


Abdi (subjek/jejer),
bet disakolakeun (predikat/caritaan),
Ku ema (objek/pangrandap)
LATIHAN SOAL

1. Mang Kurdi digégél anjing. (pasif)


2. Anjing budug ngégél Mang Kurdi. (aktif)
3. Néng Rika nuju maca buku di Perpustakaan. (_________)
4. Kuring dipangmeulikeun buku ti Gramédia. (_________)
5. Siti keur sasapu di jero kelas. (________)
6. Bu Guru dipaparin kado ku Jang Ahmad. (_________)
7. Susi jeung Tanti keur ngetik surel. (________)
8. Pa Usman disuntik ku dokter Hérman. (________)
9. Bi Titi unggal isuk dagang sorabi. (________)
10.Buku Fisika anu Ani dipangmawakeun ku Ahmad. (_______)

You might also like