You are on page 1of 9

Rangkuman Bahasa Sunda

Tema 2: Hirup Sauyunan


B. Karangan Arguméntasi
Karangan Arguméntasi nyaéta karangan
anu eusina ngajéntrékeun bener henteuna
hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat.
Karangan Arguméntasi biasana nerangkeun
katerangan-katerangan nu dibarengan ku
alesan-alesan nu dumasar kana fakta.
Tujuan Karangan Arguméntasi
Tujuan karangan arguméntasi
nyaéta pikeun ngawawarkeun
perkara anu manjing akal ( logis)
sangkan nu maca percaya kana
naon anu ditepikeun dina
karangan.
C. Rarangkén tukang –ning/-ing
Rarangkén –ning /-ing nyaéta rarangkén nu
sok ngabarengan atawa napel di tukangeun
hiji kecap.
Rarangkén –ning bakal napel kana kecap-
kecap anu ditungtungan ku aksara hirup
(vokal, nyaéta a, i ,u , é, o.
Rangkenangkén –ing bakal napel kana kecap-
kecap anu dituntungan ku aksara konsonan.
Fungsi Rarangkén –ning/-ing
Fungsi Rarangkén –ning/-ing
nyaéta ngawangun kecap
pancén anu hartina
ngantebkeun.
Conto Rarangkén –ning
Eusining eusi + ning
Jabaning jaba + ning
Piraning pira + ning
Rupaning rupa + ning
kersaning kersa + ning
Conto Rarangkén -ing
Bakating bakat + ing
Anaking anak + ing
Tariking tarik + ing
Mungguhing mungguh + ing
Kalimah Aktif
Kalimah Aktif nyaéta kalimah pagawéan anu jejerna
nuduhkeun panglaku pagawéan anu kaungel Dina
unsur caritaanna.
Kalimah Aktif osok disebut kalimah migawé.
Contona.
1. Dinda maca novel.
2. Ika mérésan buku.
3. Kang Mumuh niup suling.
4. Bu Sari melak tomat
Kalimah Pasif
Kalimah Pasif nyaéta kalimah pagawéan anu jejerna
nuduhkeun nu ngarandapan Atawa nu kakeunaan
pagawéan.
Kalimah Pasif osok disebut kalimah dipigawé.
Contonatona:
1. Hayam diparaban ku Pa Dedi.
2. Kembang dicebor ku Asih.
3. Buruan disapuan ku Bi Janah.
4. Runtah dipiceun ku Ujang.
5. Bonéka dibajuan ku Asih.

You might also like