You are on page 1of 55

Pangajaran

Basa Sunda
DEDE TATANG SUNARYA
I. SAJARAH, KALUNGGUHAN JEUNG FUNGSI
BASA SUNDA
1. Asal-usul Kecap Sunda
A. Basa Sansekerta
1. Ngaran DewaWisnu = ngaran buta anakna Nikumba ; ngaran hiji monyet.
2. Sunda jangkar kecapna sunda hartina caang ; moncorong.
3. Nurutkeun hipotesis Prof. Berg, sunda teh asalna tina euddha, hartina ‘bodas’ nya eta rupa
gunung sunda disawang ti kajauhan nu dihapit kugunung Burangrang jeung gunung
Tangkubanparahu.
B. Basa Kawi (Jawa Buhun)
Istilah sunda hartina cai, pangkat, tumpukan, waspada.
C. Basa Jawa
Istilah Sunda hartina numpuk, nyusun, ngarangkep, tuda, tumpukan, susunan,
panundaan.
D. Basa Sunda
Dina basa sunda buhun, kecap sunda teh dieceskeun kieu:
4. Sa-unda, satunda hartina nunda, panundaan.
5. Sonda hartina alus, payu, punjul, senang, sugema.
6. Sundora hartina geulis, kasep, pangkasepna.
7. Sunda hartina ‘endah’ ku kituna dipake ngaran salah sahiji prameswari Prabu Siliwangi nya eta
Mantri Manik Mayang Sunda. Dina carita pantun nyai Kentring Manik Mayang Sunda.
8. Dipake ngaran Walungan kiduleun dayeuh Bandung, di Ciwidey nya eta Cisondari; jeung
9. Sunda hartina punjul tur alus minangka gambaran tanah sunda anu dipikaresepeun. 
2.1 Sajarah Basa Sunda Mangsa Bihari (memeh taun 1600 Masehi).

Ciri basa sunda mangsa ieu, umumna nembongkeun taat susunan kosmos
Buhun, pangaruh animisme/dinamisme heung agama Hindu. Leuwih deukeut kana
basa sanksakerta jeung aksara Pallawa.
Bukti-bukti kapanggih tina naskah-naskah buhun, prasasti batu tulis jeung sastra lisan.
Basa Sunda memeh taun 1600 M boga pancen jadi basa nagar di karajaan
Salakanagara. Tarumanagara, sunda, Galuh, Kawali jeung Pajajaran.
Karajaan Salakanagara ngadeg (kurang leuwih taun 130-362) di daerah
Pandeglang ayeuna. Puseur dayeuhan Rajatapura. Rajan anu mimiti Prabu
Darmalikapala Dewawarman Haji Raksagapurasagara, ari anu pamungkas jeung
Prameswarina Rani Spatikarna warmandewi. Ieu katerangan teh kapanggih tina
naskah buhun Raja-raja Ibhuni Nusantara, Parwa V sargah, kaca 55 jeung naskah
nagara Kretabhumi, anu disusun ku apingan Pangeran Wangsakerta di Cirebon (Atja,
194:14). Basa sunda alam harita geus dipake dina widang kanagaraan, kaagamaan,
kasenian jeung kahirupan sapopoe. Tumali jeung kaagaman, loba kitab suci anu ditulis
ku basa Sunda kayaning: Darmasiksa, Sikakandang karesian, Pasukpata, Kadenaan,
Mahaprawita, Siksaguru, Dasasila, Pancasiksa ,jst.
Dina widang kasusastraan, urang sunda wanoh kana carita saperti Kunjakarna,
Babakcatra, Ciungwanara, Prabu Siliwangi, carita Parahiyangan jeung carita Ratu
Pakuan.
2.2 Sajarah Basa Sunda Mangsa taun 1600- 1800 M

Pajajaran runtag taun 1579 dirurug ku balad Islam ti Banten. Harita


daerah Pajajaran nungtut ragrag ka balad Islam, saperti : Banten girang
(1526) Sunda Kalapa jeung Cirebon (1552-1813). Saterusna muncul
karajaan anyar saperti Mataram (1559) Ukur (1624). Cianjur jeung Cirebon
(1619) sarta Sumedang larang (1620)
Basa Sunda mangsa ieu terus dipake dina kahirupan masyarakat tapi
kandaga kecapna loba kapangaruhan ku bahasa Arab jeung Jawa. Basa Arab
hirup dilingkungan pasantren, basa Jawa hirup di lingkungan sakola jeung
padaleman, ari basa Sunda dipake dina kahirupan masarakat padesaan.
Undak-unduk basa, waktu harita dianggap basa hormat, basa sakola jeung
basa mewah.
Kabudayaan Sunda mangsa ieu ngandung kapercayaan anu didasaran
ku kaimanan Islam, tapi pacampur jeung kapercayaan anu geus aya sipatna
religius, magis, jeung dinamis. Karya sastra lolobana dianggit winangun
dangding (pupuh).
2.3 Sajarah Basa Sunda Mangsa Taun 1800-1900 Masehi
Ti taun 1800 M. bangsa urang ngalaman rupa-rupa pangjajah. Sapanjang gunta-ganti
pamarentahan teh, nyorang gunta-ganti aturan. Kakara dina taun 1871 eta kakawasaan teh
ngurangan sabada paregen (bupati) dijadikeun amtenar (pagawe nagri).
Dina mangsa ieu, basa Sunda mimiti meunang paniten, pangpangna ti bangsa deungeun
pikeun kaperluan studina. Upamana bae Raffles dina bukuna History of Java. Urang Sunda oge
henteu tinggaleun nyusun kamus, saperti nu dipilampah ku Dalem Pancainti jeung Rd. Kartawinata.
Ayana eta kamus netelakeun yen basa Sunda dina mangsa harita geus dipake ku masrakat sunda.
Malah basa sunda miboga dialek-dialek saperti nu diebrehkeun ku Meyer.
Tumali jeung karya sastra anu gelarna dina mangsa ieu, parapanulis leuwih museur kana
karya sastra sajarah, upamana wae; sajarah Bogor, Babad galuh Imbanagara, babad Panjalu, Carios
Prabu Kancana, Sajarah Cikundul, jst. Sastra anu gelar mangsa ieu loba kapangaruhan ku sastra
Arab jeung jawa. Wanguna mangrupa babad, guguritan jeung syair.

2.4 Sajarah Basa Sunda taun 1900-1945 Masehi


Mangsa ieu muncul rupa-rupa pergerakan nasional pikeun ngalawan panjajah. Basa Sunda
terus dipake, tapi kulantaran jepang teh musuh walanda, urang sunda anu marake basa Sunda
campur walanda diwajibkeun make basa Malayu, jadi urang Saunda jaba ti make basa Sunda nya
make basa Malayu (Indonesia)
Karya sastra anu geular mangsa ieu kawilang ceuyah. Muncul rupa-rupa novel saperti :
Baruang Kanu Ngarora, (Ardiwinata,1914), Agan Permas (Yuhana,1926), Mantri Jero (R. Memed
Sastrahadi-prawira,1928), jst.
Dina mangsa ieu geus mimiti medal pustaka mangsa kayaning Papaes Nonoman (1915)
Pasoendan (1917), Padjadajaran (1918), Siliwangi (1918), Poesaka Sunda(1923), jst.
 
2.5 Sajarah Basa Sunda Mangsa Kiwari (1945- ayeuna)

Tradisi Kalawarta dina mangsa ieu beuki mahabu kayaning Lingga(1950), Madan
Basa Sunda(1950) ,Warga (1951) Sunda(1952) Sawawa(1954) Tjandra(1957) jeung rea-
rea deui. Kabeh dieunakeun muncul sababaraha media di antarana: Galura,
Giwangkara, Kania, Katumbiri, cakakak, jst. Dina eta majalah baris kasaksen kumaha
kahirupan kabudayaan basa jeung sastra Sunda.
Dina taun 1952 diayakeun komperensi ngeunaan basa Sunda anu ngahasilkeun
Lembaga Basa Sastra Sunda (LBSS). Ieu lembaga kapapancenan pikeun miara,
ngamumule, jeung mekarkeun basa katut sastra Sunda. Garapan anu kungsi
dilaksanakeun di antarana bae ngayakeun Kongres Basa Sunda I (1954) , II (1956), III
(1958) jeung ka IV (1961) medalkeun majalah Kalawarta, nyusun buku-buku
pangajaran basa sunda, sarta medalkeun deui kamus Umum basa Sunda.
Rupa-rupa kagiatan anu patali jeung basa Sunda kayaning: sawala
ilmiah,seminar,panataran,jst. Terus dilaksanakeun anu puncakna Kongres Basa Sunda
di Cipayung Bogor. Hasilna mangrupa putusan perluna basa Sunda dina rupaning
kagiatan kabudayaan jeung aspek-aspek pakumbuhan urang sunda.
3. Kalungguhan jeung Fungsi Basa Sunda

Kalungguhanana:
1. Basa resmi kanagaraan.
2. Basa resmi dina ngalkasanakeun pangwangunan jeung pamarentahan.
3. Basa nu dipake miara jeung mekarkeun budaya alam harita, jeung
4. Basa panganteur (resmi) di paguron-paguron harita.
Fungsina:
5. Lambang kareueus daerah.
6. Lambang identitas daerah
7. Pakakas gaul dilingkungan kulawarga, jeung masarakat daerah.
8. Basa panganteur di Sakola Dasar timimiti kelas 1 nepi ka kelas III
9. Pangrojong basa nasional
10. Pangrojong jeung pamekar kabudayaan nasional
 
 
II. WANGUN BASA
1. Wangun Basa Tulis
Syarat-syarat wangun basa tulis:
1. Jentre kalayan jelas maksud nu ditulis.
2. Ngalarapkeun tanda baca, tata sora / fonologi, tata wangun kecap, warna
kecap, kecep serepan, jeung ngalarapkeun aksara geude.
3. Eusi tulisan kudu bisa nembrakeun gagasan atawa kahayang nu nulis ka
batur ku basa tulis.
4. Adegan tulisan singket, jelas teu ngayayay gampang kaharti.

2. Wangun Basa Lisan


Syarat-syarat wangun basa lisan nu alus nyaeta:
5. Kecap atawa kalimah nu diucapkeun kudu ngaruntuy sangkan kaharti
maksud naon nu dicaritakeun.
6. Kecap atawa runtuyan kalimah nu diucapkeun kudu jelas tata sora /
fonologina,
7. Basa nu digunakeun disaluyukeun jeung pamaksudan, naon, iraha, jeung
dimana oge cacarita teh.

Di handap aya sababaraha conto wangun basa lisan nu geus biasa dipake ku:
patani, pasantren, padagang, basa kulawarga, jst.
3. Wangun Sastra
Mantra, kakawihan, carita pantun, sisindiran, jst.

4. Wangun Basa Lulugu jeung Wangun Basa Non Lulugu


 
1) Wangun Basa Lulugu
Wangun basa baku atawa lulugu nya eta basa anu jadi patokan dina ngagunakeun basa.
Ciri ciri basa lulugu: otonomi, vitalitas, historis, kultural, jeung sistim ortografis.

2). Basa Non Lulugu


Nu kaasup basa non baku nya eta dialek, idiolek, jeung sosiolek.

III. KECAP (MORFOLOGI)


A. WANGUNANAN
Nurutkeun para ahli basa, kecap-kecap basa Sunda jeung basa-basa sejena di Indonesi,
nu tacan dirobah, rereana diwangun ku dua engang. Lamun aya kecap asal nu 3 enggang atawa
leuwih, biasana eta kecap teh asalna tina basa asing ( basa kosta ) saperti :
1. Tina Bahasa Sangsakerta: naraka, sawarga, agama, puasa, bahasa, nagara, rasiah,
prameswari, widadari, laksana, jst.
2. Tina basa Kawi: Pohara, uninga, merenah, kawasa, karana, kuriling, catukrami, carita,
pahugi, jst.
3. Tina bahasa Arab : mupakat, sajarah, salamet, sidekah, aherat, alamat, alketip, walurat,
kalimah, kalipah, jst.
4. Tina basa Ajam ( Persi) : sudagar, sahbandar, kalasi, pahlawan, astana, jst.
5. Tina basa Portugis : kameja, calana, bandera, gareja, almari, armada, lantera, mantega,
tarigu, sapatu, jst.
6. Tina basa Cina : tauco, taoji, takoah, taotcang, tapekong, kelenteng, tiongkok, jst.
7. Tina basa Tamil : cameti, manikeun, gurinda, katuncar, jst.
8. Tina basa Walanda : pangsiun, pulisi, telegram, radio, telepon, soldadu, kumpeni, residen,
kontrolir, kumetir, jst.

Upama ditetanan, swarabakti teh aya 3 rupa:


1. Swarabakti- awal ( Praswarabakti , Prothesis ):
istri-istri, stal-istal, kool-engkol, thee-eteh, rem-erim, stuurman-istriman.
2. Swarabakti-tengah ( Madyaswarabakti, Epenthesis): spoed-seput, grendel-
gerendel, trommel-torombol, blok-belok (....suku genteng belokeun).
3. Swarabakti-ahir ( Antaswabakti, Paragoge) : boek-buku, bank-bangku, pomp-
pompa, das-dasi, pet-petji.
Sabalikna, nu asalna 3-4 enggang sok dipiceun : lessenaar-lesnar, machinist-masinis, examen-
samen, benzine-bengsin, bahagia-bagja, dunia-dunnya, bersahaja-basajan, manusia-manusa,
partikulier-kulir, pepermunt-permen, dommekracht-dongkrak. Jst.
Gejala ieu, mondokkeun kecap, bisa disebut wancahan, sanajan dasarna beda jeung naon anu
disebut kecap-wancahan .
Gejala leungitna ( sirnana) sora oge aya 3 rupa:
1. Sirnapurwa ( Aphaeresis ) : examen-samen, ksatrya-satria, umilu-milu.
2. Sirnamadya ( Syncope ) : Lessennar-lesnar, machinist-masmis, banderol-banrol, kolonel-
kornel, officier-opsir.
3. Sirnawekas ( apocope ) : benzine-bengsin, band-ban, ons-on, complex-komplek, regent-
regen (=bupati).
Nilik wangunanana kecap-kecap teh bisa dibagi 6, kieu:
Kecap –asal
Kecap -rajekan
Kecap -kantetan
Kecap -memet
Kecap -wancahan
Kecap- rundayan
Kecap-Rekaan
1. Kecap Asal
Kecap asal nya eta kecap anu can diropea boh dirarangkenan, boh dirobah wangunna.
Kecap asal teu meunanng dipondokeun deui, tanpa leungit hartina, saperti: jalma, budak, sangu,
lumpat, bodas, kuda , jalma, jrd.
Sakapeung tina sawatara kecap asal sok bisa keneh dikanyahokeun ngeunaan kecap sajangkar,
sasora, jeung sawanda.
a) Sajangkar :Contona; meuntas, reuntas, mentas, getas, jangkarna tas. Balem,
kalem ,tilem,kulem, jangkarna lem, jrd.
b) Sasora: Contona; ompong, lemong, kosong, kobong, nu boga
pangaruh sora o jeung ng.
c) Sawanda: Contona; kobong, kubang, kubung sora k,b,ng.
Lowong,lewang, liwung, lawang sora l,w,ng jrd.
2. Kecap Rajekan
Kecap rajekan nya eta kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagian atawa
sagemblengna
Kecap rajekan aya opat: dwipurwa, dwilingga, dwiwasana, jeung trilingga.

3. Kecap Kantetan

4. Kecap Memet
Kecap memet nya eta kecap nu asalna tina hiji omongan tuluy dicokot sawatara engangna nu
dianggap penting contona : comro, misro. Salain ti kecap memet aya deui basa kirata nyaeta dikira-
kira malah mandar nyata .
Conto : Ari gek diuk sor disuguhan = geksor
Kadaharan anu make oncom di jero = comro
Kadaharan anu amis dijerona = misro
5. Kecap Wancahan
Kecap wancahan nya eta kecap nu asalna meunang mondokkan tika sakecap atawa leuwih tapi lain
tina kalimah.
Gelarna ku lantaran:

1. Dedeuh atawa rasa geus kacida lomana. Sawareh deui bisa jadi ku lantaran pangoloan
Contona:Sumarni jadi : Sum, Cum, Encum, Mar, Marni, saterusna
2. Rusuh teuing ngomong, nepi ka aya sawatara aksara atawa enggang nu tetela
kaucapkeunana atawa., diterus” samasakali:
Atuh da atuda ; kumaha dinya kuma- dinya;
a. u-a jadi o : karatuan- karaton, paturunan-
6. Kecap Rundayan
Kecap rundayan nya eta kecap asal nu dirarangkeun. Rarangkeun aya lima rupa nurutkeun cara
nempatkeunana Rarangken Hareup (prefiks), Rarangken Tengah (infiks): Rarangken Tukang (sufiks) ,
Rarangken barung (konfiks), Rarangken Gabung (simulfiks).
 
B. WARNA KECAP
 
Warna kecap dina Basa Sunda aya 12 nya eta:
1. Kecap Barang
2. Kecap Pagawean
3. Kecap Sulur
4. Kecap Sipat
5. Kecap Bilangan
6. Kecap Panyambung
7. Kecap Pangantet
8. Kecap Sandang
9. Kecap Panganteb
10. Kecap Keterangan
11. Kecap Anteuran
12. Kecap Panganteur Pagawean  

IV. KALIMAH
Bagian-bagian kalimah
1. Kalimah ditilik tina jumlah klausana:
a . Kalimah salancar:
- Kalimah salancar basajan
- Kalimah salancar jembar
b. Kalimah ngantet:
 Kalimah ngantet satata :
 Kalimah ngantet Satata anu satujuan
 Kalimah ngantet satat anu lalawana
 Kalimah ngantet satat anu nerangkeun
sabab musabab.
 Kalimah ngantet teu satata (sumeler)
 Kalimah seler mangrupa jejer
 Kalimah seler mangrupa obyek
 Kalimah seler mangrupa keterangan

Bagian-bagian kalimah
1. Kalimah ditilik tina jumlah klausana:
a . Kalimah salancar:
- Kalimah salancar basajan
- Kalimah salancar jembar
b. Kalimah ngantet:
 Kalimah ngantet satata :
 Kalimah ngantet Satata anu satujuan
 Kalimah ngantet satat anu lalawana
 Kalimah ngantet satat anu nerangkeun
sabab musabab.
 Kalimah ngantet teu satata (sumeler)
 Kalimah seler mangrupa jejer
 Kalimah seler mangrupa obyek
 Kalimah seler mangrupa keterangan
2. Kalimah ditilik tina fungsina:
a. Kalimah wawaran:
- Kalimah wawaran tunggal
- Kalimah wawaran jembar
b. Kalimah pananya:
- Anu make kecap pananya
- Anu teu make kecap pananya
c. Kalimah parentah:
- Kalimah parentah panitah
- Kalimah parentah pangajak
- Kalimah parentah pangjurung
- Kalimah parentah pangharepan
3. Kalimah ditilik tina ngawangun caritaan:
- Kalimah barang
- Kalimah pagawean
- Kalimaah kaayaan atawa sifat
- Kalimah bilangan
4. Kalimah ditilik tina cara ngebrehkeun (nyaritana)
- Kalimah langsung
- Kalimah teu langsung
5. Kalimah ditilik tina unsur nu ngawanguna
- Kalimah aktif
- Kalimah pasif
- Kalimah transitif
- Kalimah intransitif
- Kalimah Sampurna
- Kalimah teu sampurna
Undak-usuk Basa

Rupa-rupa Undak-usuk basa:


1. Basa Cohag
2. Basa Kasar/ Basa Loma
3. Basa Panengah
4. Basa Sedeng
5. Basa Lemes

1. Cara Gelarna Basa Lemes


a) Dirobah engang panungtung,
b) Dirobah sorana, saperti:
c) Dirobah sagemblengna,
d) Dibalibirkeun atawa diterangkeun:
e) Diganti ku kecap tina basa dulur, basa buhun, atawa basa asing.
BABASAN JEUNG PARIBASA
Babasan
Babasan nya eta ucapan ku basa saeutik patri ulah dihartikeun sacerewelena. Atawa babasan
mah ngan ukur basa anu ulah dihartikeun sajalantrahna.
Contona:
Beurat birit = ngedul
Bongkok meongeun = jalma anu rada bengkung
Gede hulu = adigung
Hampang birit = daekan
Hampang leungeun = sok gampang tunggal-teunggeul
Hulu peutieun = jalma anu sirahna leutik, tapi awakna gede
Hejo tihang = teu betahan, sok pundah-pindah tempat
Laer gado = careraman, teu kaop batur barang dahar sok
kabita
Murag bulu bitis = teu daek cicing
Taktak korangeun = jalma anu tak-takna leway
Panjang leungeun = sok daek cukat-cokot barang batur
Bengkok tikoro = teu kabagean
Lanjangjekekan = parawan anu keur sesedengna
Kokolot begog = sayong
jst.
Paribasa
Paribasa nya eta ucapan kubasa saeutik patri nu ngandung siloka lakuning hirup. Atawa paribasa mah
mangrupa gambaran kahirupan.
Contona:
Adam lali tapel = poho ka elamah cai (asal)
Agul ku payung butut = agul ku turunan
Adean ku kuda beureum = ginding ku barang meunang
nginjeum
Asa mobok manggih gorowong = gampang milampahna
Dagang oncom rancatan emas = modalna gede batina saeutik
Ngajul bulan ku asiwung = pamohalan (lalampahan anu moal kapigawe)
Nyeungeut damar di suhunan = jalma anu hayang katanggar
ku batur
Mamatahan ngojay ka meri = mamatahan ka ahlina
Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = pamohalan ( jalma leutik
hayang meunangkeun nu beunghar)
Pacikrak ngalawan merak = nu leutik ngalawan anu gede
Anjing ngagogogan kalong = pagawean anu pamohaloan
Jogjog neureuy buah loa = pamohalan
SISINDIRAN

SISINDIRAN
Papasingan sisindiran nya eta :
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Sisindiran mibanda ciri :
Diwangun ku opat padalisan
Ngabogaan sajak a,- b,– a,– b atawa a,-a,-a,-a
Ahir engang padalisan kahiji sarua jeung ahir eungang padalisan
katilu, padalisan kadua sarua jeung padalisan kaopat.
Diwangun ku duacangkang dua eusi
Pasipatan eusina, aya silih asih , piwuruk , jeung lulucon / sesebred.
1. Rarakitan.
Ciri- ciri rarakitan
Aya opat padalisan
Padalisan ka 1 sareng ka 2 , disebut cangkang, ari
padalisan ka 3 sareng ka 4 disebut eusi.
Kecap awal dina jajaran ka hiji sok dibalikan deui dina
jajaran katilu.
Eusina ngandung sifat : silih asih , piwuruk jeung lulucon.
Conto rarakitan silih asih
Sapanjang jalan soreang
Moal weleh di aspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weleh di akalan
 
Conto rarakitan piwuruk
Lamun urang ka cikole
Moal hese tumpak kahar
Lamun urang daek gawe
Moal hese barang dahar
 
Conto rarakitan sesebred
Rarasaan ngala mayang
Teu nyaho cangkeutruek leuweung
Rarasaan koneng umyang
Tue nyaho cakeutreuk hideung
. Paparikan.
1. Paparikan lanjaran
Ciri-ciri paparikan lanjaran nyaeta :
Diwangun kuopat padalisan
Aya cangkang, aya eusi, nyaeta padalisan ka 1 jeung ka 2cangkang, padalisan ka 3 jeung ka 4
eusi.
Sajakna ab ab.
Mibanda sifat silih asih, piwuruk, lulucon / sesebred.
Conto paparikan silih asih
Rincikrincang- rincikrincang
Cabe beureum di kantongan
Sidik pisan- sidik pisan
Da meureun ka popotongan

Conto paparikan piwuruk


Kakulah nyair kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar tipeuting
Osok loba gogodana
Conto paparikan lulucon / sesebred
Poe saptu poe kemis
Salasa heuleut-heuleutan
Saha anu muril kumis
Leumpangna uget-ugetan
2. Paparikan dangding
2.a Paparikan dangding Asmara
 
Kinanti
Kukupu tilu kulawu
Harimumu hideung deui
Cat mancat ka bale pulang
Ngait mayang ku kareubi
Badoang manuk badoang
Eunteup dina paku haji

Lucu ku nu bodas huntu


Mun imut sok tuluy seuri
Hanjakal ku tereh mulang
Pikir ngait ti pandeuri
Dagoan engkang dagoan
Dagoan engkang rek jangji.
2. b. Paparikan dangding piwulang
Asmarandana
Bungbulang dina kelewih
Pacar sereh kaanginan
Suuk melentung di kebon
Akar pandan diruasan
Kendang di pakauman
Bendungan di sisi situ
Peusing saha dipanjara.

Dunungan gera jung mulih


Bilih tereh kaunina
Sok matak buntu lalakon
Lamun agan luluasan
Emut kana hukuman
Jungjunan ulah rek kitu
Masing emut ka salira.
2.1.3 Wawangsalan
1. Bangbalikan Lanjaran:
1.a. Bangbalikan Lanjaran Asmara;
Contona:
1. Teu beunang di hurang sawah
teu beunang dipika meumeut
2. Teu beunang di tiwu leuweung
teubeunang dipikasono
 
1.b Bangbalikan Lanjaran Piwulang;
Contona:
1.Teu beunang diopak kembung
teu beunang dientong-entong.
2.Beulit cingir simpang rema
ulah lali ka simabdi.
1. c. Bangbalikan Lanjaran Lulucon;
Contona:
1. Bet japilus ngembang jengkol
Geus kolot merekenyenyen
Deukeut-deukeut anak taleus
Nu mewok teu kanyahoan.
2. Bangbalikan dangding
2.a. Bangbalikan Dangding Asmara
1. Sinom
Samping batik anu panjang
Agan teu nyambat ka abdi
Peti leutik disakuan
Agan mah sok api-api
Tutut leutik panjang lancip
Kawas jeung abdi teh musuh
Wadah kembang disukuan
Diri abdi put-pot teuing
Randu leutik napas bati humandeuar.
2. Kinanti
Puter putih saba lembur
Engkang seja bela pati
Kacang panjang gegeberan
Mun aya darajat diri
Untun tipung tambang beas
Kalaksanakeun ka Eulis.

2.b Bangbalikan Dangding Piwulang


1. Kinanti
Sering kalampah kapungkur
Nu teu nurut ka weweling
Nyukcruk dungus nyandak tumbak
Kawin ka bujeng ku asih
Sekin alus tuturunan
Kaduhung datang pandeuri.
 
Gera manahan sing tutug
Ulah enggal maseuk beusi
Geus baku bangsa urang mah
Cakcak gede kadal bilik
Kawin pake lalawora
Estu kaburu ku asih.
 PUPUH
Pupuh nya eta karangan pondok anu disusun make patokan pupuh.
Pupuh kaasup wangun ugeran, anu kauger ku patokan- patokan, nya eta:
Lobana padalisan
Lobana engang tiap padalisan
Sora kecap panungtung tiap padalisan
Watek pupuh (karakter anu tangtu)
Tiap- tiap pupuh ngabogaan watek anu beda, jadi lamun ngarang pupuh, lain bae kudu
merhatikeun patokannana tapi oge perhatikeun watekna.

Jumlah pupuh aya 17. Aya anu disebut pupuh sekar ageung, aya nu disebut sekar alit.
Jumlah sekar ageung aya 4 nya eta :
1. Kinanti
2. Sinom
3. Asmarandana
4. Dangdanggula
Sesana disebut pupuh sekar alit lobana aya 13 nya eta :
1. Balakbak
2. Durma
3. Gambuh
4. Gurisa
5. Jurudemung
6. Ladrang
7. Lanbang
8. Maskumambang
9. Magatru
10. mijil
11. Pangkur
12. Pucung
13. Wirangrong
Ngaran Pupuh Kasiatna Anggitan

1. Kinanti Prihatin, nganti, ngadago K.Sultan Adi Erucakra


2. Sinom Gumbira, kasenangan K.Snn Giri Kadaton
3. Asmarandana Asmara, kakasih K.Snn Giri Kadaton
4. Dangdanggula Kabungahan, kaagungan K.Snn Giri Kadaton
5. Balakbak Bobodoran, pikaseurieun ....?
6. Durma Anbek, pasea, gelut R.I. Adiwijaya
7. Gambuh Bingung, tambuhlaku, samarpolah P.Natapraja

8. Gurisa Bingung, tambuhlaku,samarpolah P.Natapraja

9. Jurudemung Kaduhung, hanjakal ....?


10. Ladrang Banyol, heuruey, gogonjakan ....?
11. Lambang Banyol, heureuy, gogonjakan ....?
12. Magatru Prihatin, lulucon ngeusi K. Snn Giri Parapan
13. Maskumambang Prihatin pisan K. Snn Majagung
14. Mijil Sedih, cilaka tapi ihtiar K. Snn Geseng
15. Pangkur Napsu, ambek, sadia rek perang K Snn Muryapala
16. Pucung Piwuruk, pepeling K. Snn Gunungjati
17. Wirangrong Wirang, apes, rugi ...?
Ieu di handap disayagikeun daftar conto, pupuh,
guruwilangan, gurulagu jeung wirahma.

Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA


1. KINANTI
Dodol gula disusuhun 1-8u 4-4
Engkang ge sieun pamali 2-8i 4-4
Tablet landong nu nyenyepan 3-8a 4-4
Sanes rek ngahina diri 4-8i 4-4
Sorog beusi pamukaan 5-8a 4-4
Sae enden nyandak saksi 6-8i 4-4

2. SINOM
Kutamaya mawa beja 1-8a 4-4
Gunung Kunci jadi ciri 2-8i 4-4
Pangadegan palih Wetan 3-8a 4-4
Ngaeg ajeg sabihari 4-8i 4/3-3/4
Jadi ciri nagari 5-7i 4-4
Nagarana nu kapungkur 6-8u 4/3-3/4
Mangsa Sumedanglarang 7-7a 4-4
Nanjung wawangian seungit 8-8i 4-8
Kakoncara sakuliah Indonesia 9-12a 4-4
Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA
3. ASMARANDANA 4-4
Eling-eling mangka eling 1-8i
2-8a 4-4
Rumingkang di bumi alam 4-4
Darma wawangan bae 3-8e/o
4-8a 4/3-3/4
Raga taya pangawasa 4-4
Lamun kasasar lampah 5-7a
6-8u 4-4
Napsu nu matak kaduhung 4-6
Badan anu katempuhan 7-8a

4. DANGDANGGULA
Palasari jadi ciri 1-10i 4-6
Sari endah dayeuhna 2-10a 4-4
Sumedang 3-8e/o 4/3-3/4
Tebeh kaler jiga benteng 4-7u 4-5
Tampomassemu unggul 5-9i 4/3-3/4
Unggul dumeh ngarasa yakin 6-7a 4/2-2/4
Sumedang muka lawang 7-6u 4-4
Lawang geusan nanjung 8-8a 4-8
Nanjung ngudag kamajuan 9-12i 4/3-3/4
Kaunggulan seuweu- siwi 10-7a 4-8-3
Pertiwi Keur ngudag kabagja
Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA
5. BALAKBAK
Bapa suta tas ngaronda jig 1-15e 4-8-3
ka imah – rek sare    
Nyampak bayak nu keur 2-15e 4-8-3
marondok talibra – karerek    
Teu kawawa banget tunduh 4-8-3
Bapa Suta- nyangkere 3-15e
   
Rumpaka R.I. Adiwajaya    
Nu tas nanjak carapeeun 1-15e 4-8-3
ngariuhan – lalungse    
Heuteu lila tinglaleungut 2-15e 4-8-3
narundutan – sarare    
Bangun ni’mat tingsalegor, 3-15e 4-8
patembalan- karerek
 
 
Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA
6. DURMA
Geus diatur gelarna barisan 1-12a 4-4
perang 2-8i 4-2
Jeung nu jadi titindih 3-6a 4-/3-3/4
Ariya Maganda 4-7a 4-4
Jeung Sang Patih Prahasta 5-8i 2/3-3/2
Gearna asa raseksi 6-5i 4/3-3/4
Bajra panjara 7-7i 4-4
Teguh ngutama  
 

7. GAMBUH 1-8u
Baluweng pikir baringung 4-6
Kieu sundu kitu ogge sundu 2-10u 4-8
Hate lewang kumalayang    
jeung parusing 3-12i 4-4
Mikir- mikir nasib buruh 4-8u 4-4
Ku harga dialung boyong 5-8o 4-4
Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA
Rumpaka Bapa Mahyar
Anggakusumah  
1-8u 4-4
Kaduhung abdi kaduhung
Kaduhung sagede gunung 2-8u 4-4
Teu tumut kana pepeling 3-8i 4-4
Piwurukna bapa guru 4-8u 4-4
Diajar teu atos- atos 5-8o 4-4
 

8. GURISA
Rumpaka M.A Salmun 1-8a 4-4
Hayang teuing geura beurang 2-8a 4-4
Geus beurang rek ka Sume-  
dang  
Nagih kanu boga hutang 3-8a 4-4
Mun meunang rek meuli soang 4-8a 4-4
Tapi najan henteu meunang 5-8a 4-4
Teu rek buru- buru mulang 6-8a 4-4
Rektuluy diajar nembang 7-8a 4-4
Jeung diajar nabeuh gambang 8-8a 4-4
Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA
Rumpaka Emung Purawinata  
Gurisa lagu gurisa 1-8a 4-4
Gurisa lagu baheula 2-8a 4-4
Pusaka karuhun Sunda 3-8a 4-4
Nu ahli seni suara 4-8a 4-4
Mangga urang pulasara 5-8a 4-4
6-8a
Sangkan Sunda tetep jaya   4-4

9.JURUDEMUNG
Badan anu katempuhan 1-8a 4-4
Da bongan ngalajur napsu 2-8u 4-4
Da bongan ngalajur napsu 3-8u 4-2
Peurihna kapanggih 4-6i 4-2
Peurihna kapanggih 5-6i 4-4
Rek bongan- bongan kasaha 6-8a 4-4
Ayeuna bati kaduhung 7-8u 4-6
Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA
10. LADRANG 4-4
Uclang- aclang jang Adang, 1-10i
   
neng Entin 4-4
2-8a
Suka bungah- suka bungah 3-8i 4-8
Suka seuri ting cirihil 4-4
4-12a
Silih udag hareureuy ucing-
ucingan

11. LAMBANG
Hayu batur ka Sumedang 1-8a 4-4
Tandang midang nyiar luang 2-8a 4-4
Kajeun urang korban uang 3-8a 4-4
Asal pinter loba luang 4-8a 4-8
 
Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA
12. MAGATRU 4-4
Aeh- aeh di Sumedang loba 1-12u  
gunung   4-4
Gunung Merak sisi cai 2-8i 4-4
Gunung Puyuh plih kidul 3-8u 4-4
Mipir-mipir Sukahaji 4-8i 4-8
Molongpong jalan kagedong 5-8o  
    4-4
Peuyeum sampeu dagangan ti 1-12u  
Rancapurut   4-4
Dijual dua saduit 2-8i 4-4
Dibungkusan daun waru 3-8u 4-4
Dituruban daun jati 4-8i 4-8
Katuangan anu ompong 5-8o

13. MASKUMAMBANG
Aduh-aduh naha bet telenges 1-12i 4-2
teuing    
Teu aya rasrasan 2-6a 4-4
Ngaruksaak leeuwih timisti 3-8i 4-4
Imah batur didurukan 4-8a 4-6
Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA
14. MIJIL 4-2
Aduh Gusti jajantungning ati 1-10i
Jungjunan nu abot 2-6o 4-6
Raja Anglingdarma buah hate 3-10e/i 4-6
Ratu Agung di Malawanati 4-10i 4-2
Ngereh nyakrawati 5-6i 4-2
Balad para Ratu 6-6u
4-4

15. PANGKUR
Seja nyaba ngalalana 1-8a 4-7
Ngitung lembur ngajajah    
milangan kori 2-11i 4-4
Henteu puguh nu dijugjug 3-8u 4-3
Balik paman sadaya 4-7a 4-8
Nu timana tiluan semu rarusuh 5-12u 4-4
Lurah begal ngawalonan 6-8aa 4-4
Aing ngaran Jayapati 7-8i 4-8
Conto Pupuh UGERAN WIRAHMA
16. PUCUNG
Sora tambur kungsi kadenge 1-12u 4-2
ku musuh    
Yen tangara perang 2-6a 4-4
Ngabereskeun anu baris 3-8i 4-8
Para mantri sinareng para    
ponggawa 4-12a 4-4
 

17. WIRANGRONG
Daun kaliki ditulis 1-8i 4-4
Karinding laguna goyong 2-8o 4-4
Samangka kabeuki ciung 3-8u 4-4
Disuakan awi tali 4-8i 4-4
Meungpeun carang ku ayakan 5-8a 4-4
Api- api kurang awas 6-8a 4-4
 
Guguritan
Guguritan kaasup wangun ugeran anu teu bebas sabab katalian ( kauger ) ku patokan –
patokan. Guguritan nya eta karangan pondok nu ditulis make patokan pupuh. Patokan – patokan
teh sok disebut oge guru lagu jeung guru wilangan.
Antara pupuh jeung guguritan teh reket pisan patalina, sabab pupuh mangrupakeun bagian
tina guguritan. Sedang keun guguritan mangrupa carita pondok nu diwangun ku sababaraha rupa
pupuh, gumantung kana kabutuhan. Saupamana dina guguritan eta keur sedih, nu dipake pupuh
maskumambang, pikeun ngagambarkeun ambek make pupuh durma jeung saterusna.

Pangarang jeung Guguritanana


Guguritan teh geus lila gelarna dina sastra Sunda. Ti abad ka- 19 geus loba anu ngnggit
guguritan, saperti:
R.H. Muhamad Musa: Wulang Krama, Wulang Guru, jeung Wulang Murid.
R.A. Bratadiwijaya: Asmarandana Lahir Batin.
Haji Hasan Mustapa: Asmarandana Babalik Pikir, Sinom Pamulang Tarima, Dangdanggula Panorah
Rasa, jrd.
R. Haji Muhamad Sueb (Kalipah Apo): Dangdanggula Laut Kidul.
Pangarang jeung Guguritanana
Guguritan teh geus lila gelarna dina sastra Sunda. Ti abad ka- 19 geus loba anu ngnggit
guguritan, saperti:
R.H. Muhamad Musa: Wulang Krama, Wulang Guru, jeung Wulang Murid.
R.A. Bratadiwijaya: Asmarandana Lahir Batin.
Haji Hasan Mustapa: Asmarandana Babalik Pikir, Sinom Pamulang Tarima, Dangdanggula Panorah
Rasa, jrd.
R. Haji Muhamad Sueb (Kalipah Apo): Dangdanggula Laut Kidul.
Conto Guguritan;
 
KEMBANG DUPA
Sinom
Aya hiji rupa kembang
Rarnggeuyan tapi leutik
Rupana bodas kacida
Matak lucu liwat saking
Hanjakal teu seungit
Lamun ku urang diambung
Kitu oge ti beurang
Ari seug mungguh ti peuting
Sumeleber nyambuang sapakarang.
 
Seungit lain kaulinan
leleb seungit ngadalingding
matak bungah mamanahan
matak resmi kana pikir
lamun urang ti peuting
seug di buruan ngalantung
keur nuju caang bulan
ngambeu kembang dupa seungit
karasana sumerep saluar badan.
DANGDANG GULA LAUT KIDUL / Kalipah Apo
Laut kidul kabeh katingali
ngembat paul kawas dina gambar
ari ret ka tebeh kaler
Batawi ngarunggunuk
lautna mah teu katingali
ukur lebah-lebahna
semusemu biru
ari ret ka kaler wetan
gunung Gede siga nu ngajakan balik
meh bae kapiuhan.
 
Matak waas pacampur jeung sedih
gunung-gunung kabeh narembongan
gunung Pangrango ngajogo
bangun anu diharudum
ngadagoan nu tacan sumping
nyeri dumeh ditilar
mani alum nguyung
nguyung wuyung karungruman
ngan dijieun pangrango ciciren nagri
nagara Pajajaran.
 
Pajajaran tilas Siliwangi
wawangina nu kari ayeuna
ayeuna ngan dayeuh Bogor
Batu tulis nu kantun
kantun liwung jaradi pikir
mikir nu disadana
henteu surud liwung
teuteuleuman kokojayan
di Cilieung nunjang ngidul Siliwangi
nuus dipamoyanan.
 Wawacan
Wawacan teh carita panjang anu dianggit make patokan pupuh. Jalan caritana loba
bagian-bagianana. Kitu deui palaku jeung tempat ngalalakona loba pisan. Atuh mangsa anu
kacaturna oge lila. Dina wawacan mah umumna sok aya hal-hal anu pamohalan mungguhing cek
akal mah. Upamana palakuna sarakti, lain bae jelema tapi jin, siluman, buta, dewa, jeung
sajaban. Tapi wawacan nu teu ngandung pamohalan oge aya.
Wawacan mimiti nyebarna ku tulisan leungeun, ditulisna aya nu ku aksara Arab, Jawa,
Sunda, ti dinya kakara ku Laten. Eusi caritana wawacan teh rupa – rupa nurutkeun asal – usulna
bisa dibagi kana sababaraha golongan :
Rupa-rupa wawacan jeung pangarangna
Nu asalna tina carita nu geus aya, saperti tina :
Sastra Islam jeung sastra Jawa contona :
Wawacan Amir Hamjah : NN
Wawacan Nabi Para : NN
Wawacan Angling Darma : R.A.A. Martanagara
Wawacan Batara Rama : R.A.A. Martanegara
Wawacan Rengganis : K.H. Abdussalam
 
Dongeng jeung hikayat
Wawacan Langgeng Kencana : Tubagus Jaya Dilega
Wawacan Panji Wulung : R.H. Muh.Musa
Wawacan Purnama Alam : R. Suriadireja
Carita Pantun, contona :
Wawacan Lutung Kasarung : Engkawijaya
Wawacan Ciung Wanara : M.A. Salmun
Wawacan Munding Laya : M.A. Salmun
 
Babad, contona :
Wawacan Babad Cirebon : NN
Wawacan Babad Sumedang : R.A.A.Martanegara
Wawacan Dipati Ukur : M.K. Harjakusuma

e.Anu asalna tina gambaran kahirupan di Masarakat, contona :


Wawacan Rusiah nu Geulis : Candrapraja
Wawacan Rusiah nu Kasep : Hodijah Maktum
Wawacan Sacanala : R. H. Muhamad Musa
 
  SAWER

Sawer atawa nyawer mangrupa salah sahiji tata cara upacara adat Sunda. Sawer aya tilu
rupa, nya eta sawer budak kariaan, sawer panganten, jeung sawer ngistrenan. Eusina mangrupa
amanat atawa papatah. Tata carana nya eta ngawurkeun beas dicampur duit jste. Ka anu disawer
jeung ka nu ngariung bari ngahaleuangkeun rupa-rupa piwulang, tempatna di panyaweran. Sawer
panganten, piwulang ka panganten numangrupa sa’ir, jeung sajabana.
Conto:
Sawer Panganten
 
1. Paralun nyelang pihatur (ks) 2. Diatur diwangun catur
kasadaya nu caralik dirakit dangding pepeling
amit bade nyawer heula direka babaran basa
ngeusian tali paranti ngedalkeun hariring ati
nyumponan kabiasaan gelarna rasa kanyaah
nurut galur nini aki ka nu anyar jatuk rami

3. Malar tinemu rahayu (kd) 4. Piwuruk bareng didangu


pinanggih repeh jeung rapih ka pameget ka nu istri
enggoning rangkep rimbitan dirampidkeun duanana
layeut geugeut silih asih moal rek diwiji-wiji
sing tibra sugema rasa supaya singget waktuna
ngeunah nyandang ngeunah ulah matak kesel calik
nyanding
5. Istri wajib sujud tuhu (lg) 6. Ulah salingkuh salimud
tuhu satia babakti matak camal ajen diri
nyumponan dikaistrian serong mireng jeung karina
rik-rik gemi ati-ati nu kitu kudu dipahing
miara parejekian doraka dunya akherat
teu nyesa ge asal mahi moal pinanggih walagri

7. Sarta kudu bisa ngatur (jt) 8.Pameget jatining pancuh


ibarat jadi kamudi pamatri nu tigin ati
sangkan mulus rumah tangga nyumponan kapamegetan
caroge kudu diaping ngupaya nyiar rejeki
mun nyorang kabalangahan keur napakah rumah tangga
bere wawadi panggeuing teu jejerih ku kapeurih
9. Ulah murugul ngaberug (lg) 10.Tah eta anu sakitu
ngajujur sakarep ati galeuhna nu laki rabi
ka garwa kudu satia pameget pageuh pancuhna
ulah ngadua keun pikir nu istri tuhu babakti
mun garwa aya lepatna tanwande layeut jadina
wurukan sing ririh rintih moal ririwit berewit

 11. Moal katalikung bingung (wn) 12.Ulah nguyung ku nu umum


moal kabeulit ku sulit ulah sedih ku nu galib
lian ti nu geus biasa sarerea ge biasa nyorang
kasusah nu teu mateni bungah jeung kasedih
anu geus jamak ilahar tara suka salawasna
bagian anu kum elip tara sedih unggal dami
13. Asal ulah petot emut (lg) 14.Teu aya gunung pitulung(ks)
bukti puji ka yang widi teu aya gudang rejeki
ulah cul kana agama nu hamo aya beakna
nu jadi tatali asih lian ti gusti yang widi
manusa tukang ibadah mana ulah ditebihan
ku Allah tangtu diasih malah sing dugi kadalit

15. Cekapkeun bae sakitu (kd)


mugia hidep anaking
panjang punjung panjang yuswa
jauh bahla parek rijki
ginanjar kawilujengan
Amin ya Robul alamin
Amin ya Robul alamin
mugi gusti nangtayungan.
BUKA PINTU
 
1. Sinom Degung
Aeh-aeh saha eta
asa kumawani teuing
ketrak-ketrok kana lawang
lain wayah lain wanci
bet jiga jalma rek jail
mun hasud nyingkah cing jauh
teu aya suba sita
sok matak rareuwas teuing
arek naon-arek naon datang teu aya nu ngondang
2 . Bayubud
Aduh enung pupuasan teuing
nyeukseukan teh mani laklak dasar
neda pangapunten bae
rumaos engkang teh gugup
bawaning ku sono ati
hilap ditatakrama
wantun ngetrok pintu
mugi tong disaha-saha
ieu engkang tetela caroge eulis
ku sono hoyong gok tepang.
3. Sinom Degung
Dikintenteh sanes engkang
tobat ararisin teuing
mugi ageung hapuntenna
dumeh abdi kirang yakin
mung abdi bade meredih
moal waka muka lawang
tobat sanes pisan ngatur
nyuhunkeun ridoning galih
mugi engkang mugi engkang ngaoskeun heula sahadat
4. Bayubud
Aduh eulis sumangga teh teuing
pun engkang teh sumejanyumponan
kana kapalay eulis teh
mo enya engkang teu tumut
mangga eulis gera tampi
engkang rek ngaos kapalay
sahadat anu saestu
memang puguh kawajiban
parentah gusti robul ijati
ngucap kalimah sahadat.
 
1. Nu disebut Puisi Mantra
 
JANGJAWOKAN PARANTI NGAGEUGEUS
 
Ramo sapuluh jadi ramo salapan
Ramo salapan jadi ramo dalapan
Ramo dalapan jadi ramo tujuh
Ramo tujuh jadi ramo genep
Ramo genep jadi ramo lima
Ramo lima jadi ramo opat
Ramo opat jadi ramo tilu
Ramo tilu jadi ramo dua
Puhaci!
Puhaci sing jadi hiji
( Bagbagan Puisi matra Sunda Kaca 59)
AJIAN PETAK BAGENDA AJI
 
Kulitku ku kulit wesi
Uratku urat kawat
Babalungku waja maleka
Bumi tuli sagara menga
Teka petak Bagenda Ali
Suaraku gelap kasanga
Rat gurat
Rat gurat
Rat gurat
(Bagbagan Puisi matra Sunda Kaca 83)
 
SINGLAR KA MUSUH
 
Curulung cai ti manggung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si eta
Anaking palias teuing
(Bagbagan Puisi matra Sunda Kaca 91)
RAJAH CITRA KASUNYIAN
 
Hong citra kasunyian
Hong citra kasundulan
Jleg bumi
Jleg langit
Jleg manusa
Jleg setan
Manusa wisesa
Setan sampurna
Sampurna kersaning Alloh
Ashadu alla ilaha illalloh
Waashadu anna Muhammadar Rasululloh

(Bagbagan Puisi mantra Sunda Kaca 102)


 
JAMPE DICOCO KALA
 
Kalaka kaliki
Kala lumpat ka sisi cai
Aing nyaho ngaran sia
Ngaran sia kulit kai
Tawa tawe
Ditawa ku sang indung putih
Tiis ti peuting waras ti beurang
Paripurna hirup waras
(Bagbagan Puisi mantra Sunda Kaca 103)
 
 
SAJAK

Sajak Bebas jeung Sajak teu Bebas


Dina wangunan sajak jeung kakawihan teh sarua. Purwakantina henteu ditangtukeun ku pola nu
matok. Kitu deui wirahmana henteu angger, hal ieu katinggal dina jumlah jajaran jeung jumlah engang
dina unggal jajaran anu henteu tetep. Beda jeung paparikan dina paparikan mah dina tungtung jajaran
geus ditangtukeun polana. Kitu deui wirahma geus angger, sarta jumlah jajaran jeung jumlah engang
dina jajaran geus tetep.
Ku sabab eta sajak sok disebut sajak bebas, ari paparikan disebut sajak teu bebas.

Pangarang jeung Kumpulan Sajakna


Lalaki di Tegal Pati (1963) kumpulan sajak Sayudi.
Ombak Laut Kidul (1966) kumpulan sajak Rahmat M. Sas. Karana .
Jante Arkidam (1967) kumpulan sajak Ayip Rosidi.
Surat Kayas (1967) kumpulan sajak Surachman R.M.
Tepung di Bandung (1972) kumpulan sajak Rahmat M. Sas. Karana.
Katiga (1975) kumpulan sajak Yayat Hendayat.
Nu Ngarongheap (1978) kumpulan sajak Eddy D. Iskandar.
 
CARITA

Carita Pondok
Carita pondok teh aya sasaruaanana jeun dongeng, boh dongeng boh carita pondok
pada-pada carita anu pondok. Ngan bae lamun dina dongeng sok aya babagian anu
pamohalan, dina carita pondok mah umumna euweuh, tegesna eusi caritana teh kaharti ku
akal. Palakuna, jalan caritana, tempat jeung waktu kajadianana, direka lir anu enya kajadian.

Conto judul buku kumpulan carita pondok;


Dogdog Pangrewong (1930) karangan G.S.
Carita Biasa (1959) karangan R.A.F.
Papacangan (1960) karangan Rusman Sutiasumarga
Hujan Munggaran (1960) karangan Ayatrohaedi
Dongeng Enteng Ti Pasantren (1961) karangan R.A.F.
Neangan (1962) karangan Carak
Jurig (1963) karangan Tin Kartini
Di Luhureun Jukut Reumis (1965) karangan Yus Rusyana
Diwadalkeun Ka Siluman (1965) karangan Ki Umbara.
 
b.Novel
Novel teh carita anu panjang dina wangun lancaran. Jalan caritana loba bagian-bagianana. Kitu
deui palakuna loba. Atuh mangsa anu kacaturna oge lila. Dina novel mah langka aya hal anu
pamohalan. Palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadian teh kaayaannana bisa ditarima
ku akal.
Conto novel jeung pangarangna:
Baruang Ka Nu Ngarora (1914) karangan D.K. Ardiwinata
Agan Permas (1926) karangan Yuhana
Rusiah Nu Goreng Patut (1928) karangan Sukria jeung Yuhana
Mantri Jero (1928) karangan R. Memed Sastrahadiprawira
Pangeran Kornel (1930) karangan R. Memed S.
Laleur Bodas (1940) karangan Samsu
Gogoda ka nu Ngarora (1951) karangan M.A. Salmun
Pahlawan-Pahlawan ti Pasantren (1966) karangan Ki Umat
Samagaha jeung Asmara Ngambah Sagara (1967) karangan Aam Amalia
Pipisahan (1977) karangan Raden Ading Affandi.
Dongeng
Dongeng teh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Dina dongeng sok
aya bagian anu pamohalan, upamana dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana.
Nurutkeun susunan basana, dongeng kaasup kana wangun lancaran (prosa), tapi sakapeung sok
aya wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih.
Nurutkeun papasinganana, dongeng teh:
Legenda atawa sasakala nya eta dongeng anu nyaritakeun asalusulna kajadian atawa tempat,
barang, sasatoan, jeung tutuwuhn.
Contona;
Dongeng Sasakala “Gunung Tangkuban Parahu”, “Sasakala Maung Sancang”, sasakala “Pare”, jrd.
Fabel nya eta dongeng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti kuya, monyet, peucang,
tutut, maung ,sero, munding, manuk, jeung, sajabana.contona dongeng “ Kuya jeung Monyet “,
“Peucang jeung
tutut”.
Farabel nya eta dongeng anu nyaritakeun jalma teu lumrah,saperti si Kabayan Abunawas si
Congcorang jeung sajaban.
 
Miteu nya eta dongeng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan, bangsaning jurig jeung siluman. Dongeng
kieu teh sok aya nu dijieun minangka katerangan kana rupa-rupa kajadian, saperti naon sababna pare
di sawah beak ku beurit, naon sababna aya sasalad panyakit, jeung sajabana . upamana dongeng “
Kuntilanak “, Munjung”, jeung dongeng ngeunaan tempat anu saranget.
 
Pantun
Carita Pantun asli kabinangkitan Sunda pangwaris karuhun. Geus aya ti jaman Galuh-Pajajaran
keneh, malah mekar tepi ka kiwari.nu sok dilaksanakaeun dina pantun biasana Raja-raja atawa
satria –satria alam Galuh jeung Pajajaran.
Tukang pantun teh ngagorolang nyarita, galecok pegeuneman, jeung ngahaleuang, bari mirig
maneh ku jentre’ngna kacapi. Carita pantun teh eusina lolobana nyaritakeun lalampahan para
satria putra raja, dina keur ngemban papancen, nyorang rupa-rupa halanga harungan, mindeng
kudu perang jeung musuh. Ahirna papancenna laksana, tuluy dikawinkeun ka putri geulis
bebenena, sarta diistrenan jadi raja. Para satria anu kacaritakeun teh pangpangna mah para putra
Prabu Siliwangi ti Pajajaran. Tempat jeung waktu anu kacatur dina carita pantun lolobana mah nya

jaman karajaan,saperti karajaan Galuh (nurutkeun sajarah ngadeg dina abad ka-8 tepi ka abad ka-
13), jeung karajaan Pajajaran (nyambung Galuh ngadeg tepi ka taun 1579 ).
 
Carita pantun anu kamashur nyaeta :
Lutung Kasarung
Ciung Wanara
Mundinglaya Dikusumah
 
Salian ti eta loba carita pantun sejenna, saperti:
Sri Sadana, atawa Sulanjana
Nyi Sumur Bandung
Parenggong Jaya
Panggung Karaton
Badak Pamalang
Munding Kawati
Budak Manjor
 
 

You might also like