You are on page 1of 20

KABASAAN

VOKAL, KONSONAN, JEUNG ENGANG


A. Vokal
a. Perkara Vokal

éta sora basa anu diwangun ku sora tina bayah


Vokal atawa aksara hirup nya
(paru-paru) anu kaluarna ngaliwatan tikoro teu kahalangan ku alat ucap
saperti biwir, huntu, létah, lalangit, jeung elak-elakan. Sora anu dikaluarkeunana gumantung kana tilu
hal, nya éta :

1) luhur-handapna létah;

2) Maju-mundurna létah; jeung


3) Wangun biwir.

Upamana baé, waktu urang ngucapkeun vocal i, posisi létah aya diluhur
jeung dihareup, sarta wangun biwir kawas nu nyengir. Sedengkeun waktu ngucapkeun vokal u, posisi
létah di luhur jeung ditukang, sarta biwir buleud kawas nu manyun. Tangtu
waé baris di béda jeung waktu urang ngucapkeun vocal a, o, é, e, jeung eu.
Upama nilik kana luhur-handap jeung maju-mundur létah, cara ngahasilkeun vocal téh bisa dijieun bagan
kieu:
LUHUR- MAJU-MUNDUR
HANDAP
Hareup Tengah Tukang

Luhur i eu u
Sedeng é e o
Handap a
b. Vokal dina Basa Sunda

Dina aksara Sunda, vocal téh


disebut aksara macakal, nya éta aksara anu ngarobah sora.
Masing-masing mibanda istilah anu mandiri, nya éta:
1) Panghulu, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora i;
2) Panyuku, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora u;

3) Panéléng, aksara pikeun ngarobah sora é (téléng);


4) Pamepet, aksara pikeun ngarobah sora jadi e (pepet);
5) Panolong, aksara pikeun ngarobah sora jadi o;
6) Paneuleung, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora eu.
Salian ti éta, aya deui aksara atawa bisa disebut tanda-tanda anu ngarobah sora, tapi lain vokal. Upamana
waé: pangwisad, panglayar, pamingkal, panyecek, pamaéh, jeung panyakra. Pangwisad nya
éta tanda sora h (eh) dina tungtung kecap; panglayar, tanda sora r (er) dina tungtung kecap;
pamingkal, tanda sora ya (ya) dina tungtung kecap; panyecek, tanda sora ng (eng) dina tungtung kecap
pamaéh, tanda pikeun maéhan sora engang; jeung panyakra, tanda pikeun
nyelapkeun aksara r (er) dina engang.

Kiwari aksara Sunda téh geus teu diparaké deui. Upama nulis jeung maca,
urang Sunda geus ngagunakeun aksara latén. Ku kituna, anu disebut vocal urang Sunda
ayeuna, aksarana atawa tandana henteu béda jeung anu disebut vokal ku sélér bangsa
séjén. Iwal dina basa Sunda aya vokal eu, anu euweuh dina basa
Indonésia jeung Jawa, upamana.
Vokal atawa aksara hirup dina basa Sunda aya tujuh, nya éta: a, i, u, é, o, e, eu. Distribusina dina
kecap, bisa nyicingan tempat dihareup (awal kecap), ditengah, atawa di tukang (tungtung kecap).
Vokal Cicing dina Kecap
Di hareup Di Tengah Di Tukang
a abdi batu kuda
agama biaya paria
amprok mandi tibra
i indit pita sapi
ibu sair cai
istri pindah patri
u untung Kupa paku
ulin Laun cau
unggal anduk tambru
é éntog Kaléci lélé
éléh Paéh sué
émbrat dompét lotré
o oncom roti bako
omong soang bao
ompong pondok gebro
e entong peti are
elap siem -
embung asem -
eu eunteup peuyeum sampeu
eureun sieun bieu
eusleum embreuk nyentreu
B. Konsonan
a. Perkara Konsonan

éta sora basa anu kaluarna tina bayah meunang panghalang tina alat ucap.
Konsonan atawa wianjana nya
Dina ngalafalkeun konsonan aya tilu hal anu kalibet, nya éta:
1) Kaayaan pita sora;
2) Paantelna atawa padeukeutna sawatara alat ucap; jeung

3) Cara éta alat ucap téa paantel atawa padeukeut.


éta : biwir, huntu, gugusi, létah,
Alat ucap nu paantel atawa nu padeukeut pikeun ngawangun sora basa disebut articulator, nya
lalangit, jeng elak-elakan. Tempat pateupungna dua articulator waktu ngalafalkeun konsonan disebut
daérah artikulasi.
Sawatara istilah daérah artikulasi, nya éta:
4) bilabial, upama dua biwir (biwir handap jeung biwir luhur) paantel atawa rapet. Konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan bilabial, ngawengku:
p (ep), b (eb), m (em), w (ew);

5) Labiodéntal, upama biwir handap paantel jeung tungtung huntu luhur. Konsonan anu
dihasilkeunana disebut konsonan labiodental, nya éta : f (éf), v (vé);
6) Déntal-alveolar, upama tungtung létah paantel atawa patepung jeung huntu atawa gugusi. Konsonan
anu dihasilkeunana disebut konsonan dental-alveolar, kayaning: d (ed), l (el), n (en), r (er), s (és), t (et), z (zét);
7) Palatal, upama tungtung létah antel kana lalangit teuas. Konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan
palatal, nya éta : e (ec), j (ej), ny (eny), y (ey);
4) Vélar, upama bagian tukang létah antel atawa ngadeukeutan lalangit hipu. Konsonan anu
dihasilkeunana disebut konsonan velar, saperti : k (ek), g (eg), x (éks), ng (eng);
5) Glotal, upama pita sora dideukeutkeun atawa rapet nepi ka hawa anu kaluar tina bayah t éh kacandet. Sora anu kaluarna téh sora
glotal atawa hamjah, saperti sora anu misahkeun sora u kahiji jeung sora u kadua dina kecap suuk. Ari konsonan anu dihasilkeun disebut
konsonan glottal, nya éta : h (eh).

Upama nilik kana cara kaluarna sora, konsonan téh bisa dibagi dua nya éta :
1) Konsonan sora bahan (oral), upama sora basana kaluar tina bahan, saperti: b, c, d, f, g, h, j, k, l, p, r, s, t, w, y;
2) Konsonan aora irung (nasal), upama sora basana kaluar tina irung, kayaning: m, n, ny, jeung ng.
b. Konsonan din Basa Sunda

Dina aksara Sunda, konsonan atawa wianjana téhditandaan ku aksara ngalagena. Abjadna sok disebut cacarakan,
runtuyanana: ha na ca ra ka da ta sa wa la pa (dha) ja ya nga ma ga ba (tha) nga. Aksara dha jeung tha, carang dipaké dia basa Sunda.
Ku lantaran kiwari urang Sundana ogé geus umum nulis jeung maca ngagunakeun aksara Latén, tangtu baé
abjad anu dipakéna ogé alpabét (susunan aksara Latén). Sanajan kitu, ari sora basa anu kaluarna
(tina bayah) mah, méh taya bédana jeug mangsa urang Sunda ngagunakeun cacarakan.
Nurutkeun susunan alpabét, konsonan dina basa Sunda téh nya ét: b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, u, w, y. ditambah
ku konsonan ng jeung ny, anu sanajan di wangun ku dua aksara tapi hiji sora. Lantaran pangaruh basa kosta (asing), konsonan f, q, v, x, jeung z. Utamana
élmu pangaweruh jeung téknologi. Dina urusan ngaran baé, upamana, apan ayeuna mah
lantaran pangaruh kamekaran
geus teu aneh upama aya urang Sunda ngarana Evié, Novié, Farid, Rizka, Zaki, Iqbal, atawa Aléx.
Sarua jeung vocal, konsonan ogé distribusina dina kecap basa Sunda bisa nyicingan tempat di hareup
(awal), di tengah, atawa di tukang (tungtung). Iwal konsonan e jeung ny anu teu bisa nyicingan tempat di
tungtung kecap.
Sangkan leuwih tétéla, perhatikeun bagan di handap!
KONSONAN DISTRIBUSI KONSONAN DINA KECAP
di Hareup Di Tengah Di Tukang
b Bata Loba Teurab
Bray Tubruk Naib
c Cau Kaca -
Clak Kecrék -
d Daun Kuda Babad
Dreum Bandrék Baud
g Gado Dagé Runtag
Gram Segruk Awug
h Hadé Bahé Wadah
Hui Bohlam Buah
j Jidar Bajigur Mi’raj
Jaat Gejlig -
KONSONAN DISTRIBUSI KONSONAN DINA KECAP
di Hareup Di Tengah Di Tukang
k Kacapi Toko Kotak
Klakson Jangkrik Tamplok
l Lila Bulu Témbal
Lauk Pulpén Paul
m Mandi Loma Salam
Moal Témpé Saum
n Nagara Ganti Jalan
Niat Hanca Sieun
p Palu Kupa Cukup
Pribumi Tamplok Setrip
r Raja Baraya Batur
Roay Semprong Luar
s Saté Basa Baris
Srigunting Késrék Komprés
t Taman Batu Butut
Tresna Satria Potrét
KONSONAN DISTRIBUSI KONSONAN DINA KECAP
di Hareup Di Tengah Di Tukang
w Waja Bawa Cowaw
Waos Wawuh Kacow
y Yakin Bayar Lalay
Yuni Wahyu Heuay
ng Ngaran Bangku Kembang
Ngéwa Sangu Soang
ny Nyata Ponyo -
Nyemplu Manyun -
f Fakta Éféék Négatif
Frksi Konflik Pasif
q Quo Aqua Infaq
v Vitamin Kavaleri -
x Xérox éxpo -
z Zodiak Lazuardi -
c. Kluster
Perhatikeun kalimah di handap!
1) Ceu Tati keur nyieun gemblong

2) Mang Jaja dagang bandrék

3) Bu Inda rék nyieun ampyang


4) Kang Zaki keur nyieun skripsi

Dina kalimah-kalimah di luhur, aya kecap-kecap gemblong, bandrék,


ampyang, jeung skripsi. Upama
ditengetan, dina éta opat kecap téh aya konsonan anu ngaréndéng nya éta bl dina gemblong, dr
dina bandrék; py dina ampyang, jeung skr dina skripsi . Anu kitu téh disebutna kluster, nya éta
gabungan dua konsonan atawa leuwih anu diucapkeun babarengan tur sawaktu dina hiji engang, bari teu kaselapan ku vokal.

Upama nyoko kana wangenan di luhur, kluster t éh


lain ngan ukur gabungan dua konsonan wungkul.
Tapi ogé kudu aya dina hiji engang, nu matak konsonan m dina kecap gemblong,
upamana, henteu asup kluster (bl), sabab misah engang. Upama kecap gemblong dirucat
jadi gem-blong. Kitu deui konsonan n dina kecap bandrék jeung konsonan m dina kecap
ampyang.
Umumna kluster dina basa Sunda di wangun ku dua konsonan. Upama aya nu leuwih ti dua biasana mangrupa pangaruh tina basa
kosta (asing), saperti kluster skr dina kecap skripsi. Salian ti éta konsonan kadua dina kluster basa Sunda nya
éta I, r, atawa y.
Kluster dina basa Sunda, diantarana :
Kluster basa Sunda nu mangrupa pangaruh
 bl : blug, tambleg, gemblong
basa asing, di antarana:
- fr : frase, frékuénsi, konfrontasi
 cl : clak, kéncléng, benclang-benclang - ps : paseudo, psikologi
 gl : jengglong, jenggléng - sp : special, inspéksi, transport
 jl : jleg, génjlong
- st : status, stimulus, instan
- str : struktur, stratégi
 kl : éngklé, cengklik
- skr : skripsi, transkrip
 pl : plong, tamplok, démplon, kempléng

 br : bras, nambru, gambréng, nombro

 cr : crungcréng, kancra, kencring, pencrong

 dr : dreum, bandring, condré, saléndro


 gr : kianggrit, sanggray, pasanggrahan
 jr : genjring, ténjrag, anjrek
 kr : congkrang, dongkrak, ankrék

 pr : pribumi, kamprét, ompréng, namprak


 sr : sripanggung, angsrod, nyingsring
 tr : tresna, strika, santri, pentrung
 by : byur, gembyung
 py : ampyang, kempyang
C. Engang
a. Perkara Engang

Engang téh
nya éta bagian kecap nu diucapkeun dina sakali ngaluarkeun hawa (napas) tina
baham. Kecap saperti abdi, dikedalkeun ku cara dua kali ngaluarkeun hawa (napas). Sakali
waktu ngedalkeun ab, sakali deui waktu ngedalkeun di. Tah, ab jeung di disebut engang jadi, kecap abdi
diwangun ku dua engang.

Éta puncer engang téh dipiheulaan atawa


Engang dina basa Sunda umumna mibanda vokal nu jadi puncerna.
dituturkeun ku hiji konsonan atawa leuwih. Ngan umumna tara leuwih ti dua konsonan. Iwal
dina kecp-kecap serepan tina basa asing. Sanajan kitu, aya ogé engang anu di wangun ku hiji
vocal. Tapi euweuh engang (basa Sunda) anu di wangun ku hiji konsonan wungkul.
Sawatara conto engang :
Aya - a-ya
Balik - balik

Bandrék- ban-drék
Sakola - sa-ko-la
Engang anu ditungtungan ku vokal, disebut engang buka, contona : ba-pa, sa-ko-la. Ari engang nu ditungtungan ku konsonan disebut
engang tutup, contona: ban-téng,
kam-pak. Kecap basa Sunda, bisa diwangun ku engang buka kabéh ,
engang tutup kabéh, atawa kombinasi engang buka jeung engang tutup.
b. Adegan Engang
Kecap dina basa Sunda bisa diwangun ku hiji engang atawa leuwih, contona:
 Hiji engang : bray, jung, pok, cing
 Dua engang : a-ya, du-a, ba-lik, pen-crong
 Tilu engang : a-yeu-na, sa-la-met, ka-la-pa, ma-ngan-deuh
 Opat engang : ka-la-mé-ro, ba-la-ngan-trang, ta-la-wéng-kar, bi-bi-lin-tik
 Lima engang : ba-la-ga-dig-deug, bé-lé-ké-té-pé, ma-ra-ka-yang-an, me-re-ke-de-
weng, mo-ro-ko-dok-dok

Sakumaha panjangna ogé kecap, engangna mah mibanda adegan anu basajan. Engang dina basa Sunda
bisa di wangun ku hiji vocal atawa gabungan vocal jeung konsonan. Tapi euweuh nu di wangun ku hiji
konsonan wungkul. Sangkan leuwih tétéla,
perhatikeun bagan di handap! Vokal
ditandaan ku V, konsonan ditandaan ku K, sarta conto-conto kecap nu
ngandung éta adegan engang, di hareup, di tengah, atawa di tukang.
NO ADEGAN CONTONA DINA KECAP
. ENGANG
di Hareup di Tengah di Tukang

1. V A-ya Bi-a-sa Sa-ti-a


I-ra-ha Ka-u-la Ca-u
2. VK Ab-di Su-ang-kung Pi-ta
Im-bit Sa-ém-ba-ra Sa-ur
3 KV Ba-pa Ka-la-pa War-ga
Ti-isuk An-ti-eum Dang-ka
4. KVK Ban-da Ka-wen-tar Ba-tuk
Cen-tok Pa-ran-ti Tum-pak
5. KKV Pra-bu Sém-pra-ni San-tri
Sri-pang-pang Han-tri-wé-li Tam-bru
6. KKVK Tres-na Kon-trak-tor Ban-drék
Brang-ta In-stan-si Kem-pléng
7. VKK Ons - -
Éks - -
8. KVKK Téks - Mo-dérn
Pérs - La-téks
NO. ADEGAN CONTONA DINA KECAP
ENGANG
di Hareup di Tengah di Tukang

9. KKKV Stra-té-gi In-stru-mén -


Stra-ta - -
10. KKKVK Struk-tur In-struk-si Tran-skrip
Skrip-si - -
11. KKVKK - - Kom-pléks
12. KVKKK Krops - -
c. Ngarucat Engang

Ngarucat engang téh nya éta misahkeun kecap dumasar kana engangna. Tangtu baé henteu sagawayah. Salian
ti kudu luyu jeung adegan engangna téh, kudu luyu jeung éjaan deuih. Aturan ngarucat engang dumasar kana Palanggeran Éjahan Basa Sunda,
nya éta :
1. Ngarucat engang dina kecap asal

1) Lamun di tengah kecap aya dua vokal anu ngantét, misahkeunana kudu di antara éta dua vocal. Contona: sa-ir, da-
un, bi-a-ya, su-a-sa-na.

2) Lamun di tengah kecap aya konsonan di antara dua vokal, misahkeunana kudu saméméh éta konsonan.
Contona : a-ya, ha-yang, ka-la-pa, lé-lé-wo-déh, a-yeu-na
3) Lamun di tengah kecap aya dua konsonan atawa leuwih anu ngant ét, misahkeunana di antara konsonan kahiji jeungg konsonan kadua.
Contona: tib-ra, seg-rok, ban-drék, in-struk-si, kom-pléks
2. Ngarucat engang dina kecap rundayan

4) Rarangkén hareup, rarangkén tukang, jeung partikel anu biasa ditulis dihjikeun jeung kecap
dasarna dipisahkeunana kudu mandiri. Contona: pi-in-dung, ti-lu-an, kum-bah-eun, di-ba-lang-keun, ka-ta-lan-jur-an
5) Rarangkén hareup, rarangkén tukang, jeung partikel nu ngalaman parobahan wangun di tulis saperti kieu: pa-na-nya, pa-nga-la, pa-nga-
we-ruh, da-har-eun-a-na, ti-lu-an-a-na

6) Rarangkén tengah nu ditulis ngantét jeung kecap asalna, ngarucatna saperti ngarucat kecap asal.
Contona: da-la-har, gu-meu-lis, ba-ra-la, gi-nan-jar, si-na-reng
7) Rarngkén tengah anu robah jadi rarangkén hareup dianggap rarangkén hareup. Contona : um-a-mis, ar-u-lin, ar-ang-kat, al-u-dur,
um-am-bon
3. Ngarucat engang serepan
Ngarucat engang serepan diluyukeun jeung katangtuan diluhur. Contona : in-struk-si, kon-truk-si, kon-
fék-si, a-ku-a-ri-eum, ko-a-li-si.
WILUJEUNG MACA JEUNG MAHAM

You might also like