You are on page 1of 24

DONGENG

Abigail Xyla Kirana


XI-Tata Boga 2
Pengertian Dongeng

Dongeng nyaeta carita anu teu asup akal


jeung teu bener-bener kajadian,
biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian
zaman baheula.
Sajarah Kamekaran Dongeng

Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-


kira dina zaman buhun anu dicirian
ku ayana pangaruh Hindu.
Dina ieu zaman, sastra anu aya,
teu kapanggih ngaran pangarangna
(anonim).
Wangenan Dongen Basa Sunda
Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian – kajadian jaman
baheula.
Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad
karangan anu henteu kajadian saenyana. Dongéng mangrupa
carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok.
Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti
hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna
atawa anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan, téks dongéng
babari robah atawa leungit.
Unsur-Unsur Dongen Basa Sunda

TEMA

Tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang


dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu
baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu
sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
GALUR (PLOT)

Galur atawa osok disebut ogé jalan carita


atawa runtuyan carita, kajadian anu
sambung-sinambung pikeun ngawangun
jadi hiji lanjeureun carita.

Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta


galur merélé,
galur mabok tengah,
jeung galur campuran.
TOKOH

Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma


atawa pihak anu ngalalakon dina hiji
carita.
LATAR

Latar (setting), nyaéta waktu


jeung tempat kajadian hiji carita
dongéng.
AMANAT

Amanat nyaéta pesen pangarang nu hayang


ditepikeun ka pamaca.
Umumna amanat dina dongéng mah tara
nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca
atawa ngadéngékeun hiji carita nu
sagemblengna.
Ciri-Ciri Dongeng 1.
Caritana pondok, lanjeuran carita dina
dongéng biasana basajan jeung pondok.
Ari nu jadi alesanana nyaéta carita
dongéng osok didongéngkeun ka barudak,
nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa
2. jeung caritana kawatesanan.
Aya bagian anu
pamohalan.
Ciri-Ciri Dongeng 5.
Mibanda fungsi jeung kagungan
3.
salaku alat pikeun atikan,
Asup kana wangun
hiburan, protés sosial, atawa
lancaran jeung ugeran.
kahayang nu di sidem. Sanajan
dongéng ditepikeuna sacara
4. malibir tapi miboga atikan anu
Anonim atawa teu utama ngeunaan kaluhungan budi
kapaluruh saha nu jeung pieunteungeun.
ngarangna.
Ciri-Ciri Dongeng
8.
Pola ngadongéng
6. sok angger.
Sipatna pralogis, nya
éta mibanda logika anu
béda jeung logika 7.
umum. Sipatna tradisional, nya
éta sumebarna turun-
tumurun.
Pungsi Dongeng

Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman


masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina
asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana
kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun
ngabobodo budak céngéng.
Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero,
kalungguhan dongéng téh lain wates keur
ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi
ngabogaan tujuan séjén lamun nu
ditétélakeun ieu di handap:
1.
2.
Ngarah anak incu
Ngarah anak
urang nyaho kana
incu urang
turunan.
nyaho kana
3. pancakaki.
Ngarah anak incu
urang nyaho kana
asal muasalna
tempat.
4.
Ngarah anak incu urang nyaho
kaayaan lemburna boh kaayaan
alamna boh kaayaan tali parantina.

5. 6.
Ngarah anak incu Ngarah pagawéan
urang manggih luang beurat karasa leuwih
tina pangawéan hampang.
karuhun pikeun bekel
hirupna.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku
Bambang Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng tiasa
ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak.

Budak kakeunaan ku Virus Ach, nyaéta virus nu ngamotipasi budak


sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun
ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal
préstasi kalayan optimal.
dongéng bisa méré kani’matan, kasugemaan batin jeung
ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana.
Papasing Dongeng
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa
carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral 1. Dongéng Sasatoan
atawa atikan budi, ku kituna carita téh (Fabél)
ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung
Bénteun jeung dongéng
budi manusa, tapi diperankeun ku sato.
anu palakuna sato séjén.
Contona dongéng
Sakadang Peucang,
hirupna dina sastra téh
mangrupa pangaruh ti
sastra Jawa.
2. Dongéng Babad (sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun
kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah.

Contona Prabu Siliwangi, Dipati


Sagé mangrupa carita Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
peperangan di jaman baheula,
umumna nyaritakeun tokoh nu
légendaris sarta panjang tur
eusina kapahlawanan, jalma
sohor, atawa lalampahan nu
pikaseurieun.
3. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa
(Parabél)
Dongéng Parabél
nyaéta dongéng anu
eusina nyaritakeun
lalampahan hiji jalma
anu dianggap mahiwal
ti batur.
Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda
nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan.
Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina
sastra deungeun, upamana dongéng Abu
Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.
4. Dongéng Mite
Dongéng mité nya éta
dongéng anu nyaritakeun
lalampahan hiji jalma anu
dianggap karamat ku
masarakat.

Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas


sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-
tanda alam. saperti sangu, jagong,jsté.
Contona : Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi
Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng
Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.
5. Dongéng Pieunteungan

Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina


mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa.
Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi
Legok.
6. Dongéng Pamuk

Dongéng pamuk nya éta dongéng anu


nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén
hiji jalma tur biasana aya patalina jeung
tokoh atawa kajadian sajarah.
7. Dongéng
Légénda
Dongéng légénda nyaéta dongéng anu
nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang,
sasatoan, atawa tutuwuhan.
HATUR
NUHUN

You might also like