You are on page 1of 19

MATERI BIANTARA

MAMANIS BASA
- Kelompok 2 -
MAMANIS BASA
01 DEFINISI

02 TUJUAN & FUNGSI

03 BENTUK

04 ANALISIS
01. DEFINISI
Mamanis basa nyaeta kalimah atau ungkara anu
dipake dina biantara, bisa mangrupa babasan jeung
paribasa, gaya bahasa jeung purwakanti. Anu
ilahar, sering dipake nyaeta gaya bahasa jeung
purwakanti.
01. DEFINISI
Mamanis basa nyaeta kekecapan pikeun
pamanis anu ditambahkeun kana kalimah anu
biasana diucapkeun dina biantara, khotbah, atawa
oge ditulis dina paribasa atawa karya sastra lian.
02. TUJUAN & FUNGSI
Tujuan mamanis basa supaya
kekecapan anu ditepikeun dina
kalimat biantara leuwih merenah
tur endah kunu ngadanguna
02. TUJUAN & FUNGSI
Fungsi mamanis basa dina basa sunda
saheunteuna mibanda 2 fungsi nyaeta :
1. Fungsi komunikatif
2. Fungsi estetik
MACEM – MACEM
MAMANIS BASA

GAYA BASA PURWAKANTI BABASAN PARIBASA PAPARIKAN


Gaya Basa
Gaya basa nyaeta rakitan basa (kalimah) anu dipake angkan bisa
nimbulkeun pangaruh (efek) anu leuleup karaosna kanu ngaos atawa nu
ngupingkeun, kujalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang sanesna.

Conto: “sakitu nu kapihatur, boh bilih langkung saur, bahe carek, bobo
sapanon carang sapakan, hapunteun anu kasuhun”. Hartina teh menta
dihampura bilih aya ucapan anu teu merenah kadanguna.
Purwakanti
Purwakanti nyaeta padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah. Ayana
kamiripan sora diakhir kecap atawa kalimah.
Conto:
1. Pondok nyogok panjang nyugak (omongan anu matak nyentug hate, matak
teu resep ngadengena)
2. Paamprok jonghok patepang raray (tiasa pependak deui)
3. Bobo sapanon, carang sapakan (aya kakurangan tina tata krama)
4. Tiluhur sausap rambut, tihandap sausap dampal (menta dihampura tina
sagala kalepatan)
BABASAN

Numutkeun R. Satjadibrata dina


Numutkeun kamus umum basa
kamus basa sunda (1954):
sunda beunang LBSS (1976),
Babasan nyaeta sawatara kecap
nyaeta “ucapan matok nu dipake
nu disusun nu hartina teu sarua
dina harti injeuman, supados
jeung harti sawajarna, ngan
gede hulu, panjang leungeun,
basana geus kapaham
legok tapak jsdb.
kusarerea.

Conto:
1. Beurat birit (jalma anu hese dititah)
2. Bodo Kataloyo (bodo tapi teu daek tatanya)
3. Handap Asor (hormat ka batur)
4. Jauh dijugjug anggang diteang (didatangan)
Paribasa
Paribasa numutkeun Ama Satja teh nyaeta kecap-kecap anu disusun jadi
omongan nu hartina piluangeun atawa jadi pituah.
Conto:
1. ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak (runtut raut sauyunan akur
babarengan.)
2. Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas (meunang milik anu
teu disangka sangka)
3. Kudu tungkul ka jukut, tanggak ka sadapan (kudu junu aro digawe
ulah kabengbat ku nu lain)
4. Mapatahan ngojay ka meri (
Sisindiran
1. Paparikan
Paparikan nyaeta jenis sisindiran sunda anu diwangun ku cangkang jeung eusi,
anu padeukeut sorana sarta murwakanti (sora tungtung ) dina unggal
padalisanna.
Conto:

Ulah waka dialeuangkeun


Ka Banten Jalanna Muter
Mun can aya gantina
Jalan Tol mah kudu mayar
Teu aya mu disuhunkeun
Lamun anjeun hayang pinter
Hapunteun kasadayana
Kudu getol diajar
Sisindiran
2. Wawangsalan
Wawangsalan nyaeta sisindiran anu dibangun ku cangkang sapadalisan jeung
eusi sapadalisan. Bagian cangkang mangrupa keterangan ngeunaan hiji hal
atawa barang. Dina bagian eusi aya salahsahiji anu jadi jawabanna
Conto:

Tutut gunung keong rema


Sumangga geura gek calik
04. ANALISIS MAMANIS BASA

Pamuda Hebat Anti Narkoba

…Tuduhkeun yen urang lain generasi ngora anu pondok pikiran. Lain genereasi anu teu boga
visi, oge lain generasi anu prustasi. Urang generaasi anu sadar yen hirup kudu dieusi ku pikiran sehat,
hirup kudu dieusi ku gawe rancage, hirup kudu dieusi ku amal sholeh, samemeh urang cumpon
ngemban pancen jadi jadi manusa di alam dunya minangka mahluk Alloh Swt. Hayu! Hayu! Hayu!
Perangan Narkoba!
Sakitu nu kapihatur, boh bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang
sapakan, langkung bahe carek, hapunten anu kasuhun jembar pangampura anu diteda.
Saninten buah saninten
Saninten di parapatan
Hapunten abi hapunten
Bilih seeur kalepatan
(Penggalan Biantara “Pamuda Hebat Anti Narkoba”)
04. Analisis Mamanis Basa
... Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu
ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngaréndékéh kawas séréh. Sing ayem
tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobot
sapihanéan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka darat sing getol
solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti rasa
kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacéngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur
sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.
Sumber: dokumen pribadi
Bapa miwah Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupi-na pisanggem sim kuring urang
cekapkeun sakitu waé. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung saur
bahé carék. Bobo sapanon carang sapakan. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu
kacandak ti padésaan. Bilih aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabéntar taar,
kababuk punduk kapangkék kélék, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna
anu kasuhun.
(Sumber: Buku Paket Bahasa Sunda Kelas IX)
HATUR
NUHUN
“This is a quote, words full of
wisdom that someone important
said and can make the reader get
inspired.”
—Someone Famous
Icon pack
Alternative resources

You might also like