You are on page 1of 9

PURWAKANTI BASA

Basa Sunda
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah,
bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina
puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan,
bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu
disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan
(ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan
Purwakanti pangluyu
Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti
antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa
wianjana dina kecap-kecap.

Contona:

• diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)


• disawang ti tukang lenjang (a, ang)
• ditilik ti gigir lenggik
Purwakanti maduswara
Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.

Contona:

• Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)


• ambek nyedek tanaga midek (e)
• kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)
• lalaki langit lalanang jagat (i,i;a,a)

Purwakanti cakraswara
Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu
padeukeut contona:

Contona:

• hirup-hurip
• anjuk hutang
• ngumbar napsu
Purwakanti laraspurwa
Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh
rantayan boh runtuyan

Conto laraspurwa wianjana:

Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)


Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)
Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)

Conto laraspurwa engang:

• palataran pasini pati


• sakadar sabrang salaya
• nu nyaksrak nyaliara
• ngaruksak ngaraksuk
• kaniaya kamanala
• mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat
Purwakanti larasmadya
Purwakanti larasmadya téh nyaéta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan.
Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.

Contona:

Sok hayang nyaba ka Bandung


Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna

Purwakanti laraswekas
Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara
(sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.

Contona:

Pecat sawed bati ewed


tengah dalu ngan hanjelu
mo humandeuar ku kadar
teu rék lumpat ku nu ngupat
Purwakanti mindoan kawit
Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal
padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.

Contona:

Lain bangban lain pacing,


lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna kitu deui

Purwakanti mindoan wekas


Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung
padalisan atawa ungkara.

Contona:

Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding


teu diturut ka carogé maling-maling
carogéna keur goréng ulaheun ginding
samping goréng bajuna teu maké kancing.
Purwakanti Mindoan Kecap
Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti
mindokecap sarua jeung diapora.

Contona:

Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.


Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.

Purwakanti margaluyu
Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan
deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Contona:

Sukingki haté sukingki


sukingki paselup bungah
Bungah kagiridig simpé
Simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa.
HATUR NUHUN
SABARI DICATET PILARIAN DEUI CONTO NU SANESNA!

You might also like