You are on page 1of 7

BIANTARA

KELAS IX
Ku Tita Nurmaya
Buku Sumber Gapura Basa
Biantara

Nyarita di hareupeun
balaréa.
1. Bubuka
Bismillahirrohmanirrohim
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Sadaya puji sinareng sukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu
Maha Murbéng Alam, Anu Maha Welas tur Maha Asih, hengteu
aya pilih kasih ka sugri anu kumelip di ieu bumi. Rohmat
sinareng salam mugia didugikeun ka jungjunan urang sadaya,
kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka parasohabatna,
kulawargina, sareng ka jalmi-jalmi anu tumut ka mantenna.
 
Langkung ti payun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka
panata calagara anu parantos maparin waktos ka sim kuring
kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun
upami dina ieu biantara pamapag téh aya pisanggem anu
kirang merenah, boh basana boh tatakramana.
2. Eusi Biantara
Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta bade miéling
dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika. Nembé ogé ku sadérék Pupuhu
Panata Calagara parantos didadarkeun, naon margina sakola urang
diayakeun ieu acara. Rupina ku sim kuring teu kedah dipedar deui
perkawis éta mah, margi katerangan anu kakuping mung bade
ngadugikeun pamapag kana lumangsungna ieu acara, minangka wawakil
ti sakumna siswa.
....
Diayakeun ieu acara téh minangka tawis panghormat sareng pangajén ka
Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageing jasana, utamina dina widang
atikan. Jalaran kitu, sim kuring umajak ka sadayana, sumangga ieu
kagiatan téh urang mangfaatkeun kanggo ngarojong cita-cita sareng
udagan urang sadaya. Ka sakumna patandang dina acara pasanggiri, sim
kuring ngadugikeun wilujeng tandang makalangan. Hanas éta aya hasil
janten juara sareng aya anu teu acan hasil, teu kedah dipasualkeun,
anggap baé éta hiji prosés latihan. Sanaos kitu, ari daria mah tangtos baé
tos kedahna. Kitu deui ku diayakeunana paméran, rupina ku urang tiasa
dijantenkeun bahan évaluasi, anu tiasa dijantenkeun dadasar kanggo
ngaronjatkeun préstasi ka payunna.
3. Panutup Biantara

Sakitu anu kapihatur, boh bilih langkung saur bahé carék, bobo
sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
Pancén !

BAGIAN WINCIKAN
………………………………………………………

Pék ku hidep téangan


conto naskah pidato
Bubuka ………………………………………………………

……………………………………………………..
basa Sunda, tuluy
tuliskeun bagian ………………………………………………………

bubuka, eusi jeung ……………………………………………………..

panutupna ! Eusi biantara ……………………………………………………..

……………………………………………………..

………………………………………………………

Panutup ……………………………………………………..

……………………………………………………..
HATUR NUHUN
SUMANGET !

You might also like