You are on page 1of 6

Kecap Sabalikna

1.Kitu deui di jalan atawa di gang anu poék.


poék >< caang
Ari ngapalkeun mah kudu di tempat anu caang atuh.
2.Lampu ulah sina terus hurung ari geus teu dipaké mah.
hurung >< pareum
Kompor téh terus pareum, sabab gasna béak.
3. Lampu anu hurungna maké listrik gé sarua waé
kitu.
sarua >< béda
Nya béda atuh ari bohlam jeung néon mah.

4. Nya tangtu wae jadi hambur.


hambur >< hémat atawa irit
Urang kudu hémat kana duit ku cara nabung.
5. Gunana kipas angin sangkan teu hareudang.
hareudang >< tiris
Di Lembang mah hawana karasa tiris, teu kawas
di Karawang.
6. Tangtu waé anu kudu dibayar ka PLN téh jadi
nambahan.
nambahan >< ngurangan
Pantes pulsana ngurangan, apan bieu HP téh
dipaké nelepon.
7. Kitu nu sok remen kajadian, lamun lalajo acara
televisi peuting-peuting.
remen >< langka
Ayeuna mah geus langka anu sok maké kompor
minyak tanah téh.
8. Atawa pulsa listrik jadi gancang séép.
gancang >< lila
Ulah lila indit ka pasar téh, di bumi teu aya
sasaha.
PUPUH BALAKBAK
Kadé urang kudu hémat kana listrik – teu hésé
Lampu hurung saperluna sabutuhna – dipaké
Mun geus bérés, mun geus bérés ulah haben sina caang –
rék saré

Ngahurungkeun televisi ulah asal – ngajetrék


Pék pilihan acarana nu aralus – jeung ramé
Ulah poho, ulah poho televisi pék pareuman – mangkadé

Nga-és-ém-és jeung nelepon babaturan – ku hapé


Lamun lila henteu singget hambur pulsa – kacocéng
KAMUS ALIT

1. Teu hésé = gampil (gampang)


2. Ulah haben = ulah terus-terusan (jangan terus-menerus)
3. Mangkadé = ulah hilap (jangan lupa)
4. hambur = boros (boros)
5. Kacocéng = ngurangan (berkurang)
6. Wayahna eureun = waktosna liren (saatnya berhenti)
7. barabé = riweuh (ribet)

You might also like