You are on page 1of 9

HEUBEUL

BAHEULA BUHUN KUNO

LAWAS
Carita
Wawacan
Naskah

Carita Gugurita
Wayang n

Dongeng
Carita Carita
Buhun Pantun
WAWACAN
Carita anu didangding, ditulis dina puisi pupuh. Eusina
ngalalakon, tur umumna caritana paranjang, sarta mindeng
gunta-ganti pupuh. Ganti pupuh téh sok jadi pananda ganti
épisode (babak).
Wawacan téh pangaruh Jawa. Mimitina mah nyebar dina
wangun manuskript . Tapi sabada aya téknologi percetakan loba
carita wawacan anu dicitak mangrupa buku.
Maca wawacan sok dihariringkeun. Sawaréh carita wawacan
sok dipidangkeun dina beluk.
Conto carita wawacan anu sohor di antarana: WAWACAN
PuRNAMA ALAM, WAWACAN SYEH ABDUL KODIR JAéLANI,
WAWACAN KIDUNG SUNDA, WAWACAN DALEM BONCEL,
WAWACAN KIAN SANTANG, WAWACAN AHMAD
MUHAMMMAD, Jsb.
Wawacan Panji Wulung

Mimiti terbit taun 1876. Kandelna 131 kaca,


ngawengku 1018 bait pupuh. Kungsi
ditarjamahkeun kana basa Jawa jeung Malayu,
sarta jadi bacaan wajib barudak di sakola di Pulo
Jawa jaman kolonial.
R.H. Muhammad Musa
Lahir di Garut 1822. Anak Patih Limbangan.
Taun 1855 dijenengkeun jadi Panghulu di
Limbangan. Lian ti éta Muhammad Musa
ogé dipikawanoh minangka sastrawan.
Kalawan dibantuan ku Karel Frederik Holle,
Juragan Kebon Entéh di Waspada Cikajang,
Muhammad Musa nerbitkeun rupa-rupa
karya tulis. Utamana keur bacaeun barudak
di sakola. Di antarana karya tulisna:
Wawacan Panji Wulung, Wawacan
Wulangkrama, Wawacan Sacanala jeung
Dongeng-dongeng Pieunteungeun.
Palaputra Muhammad Musa ogé aya
sawatarana anu jadi pangarang kasohor, di
antarana Radén Ayu Lasminingrat jeung
Radén Kartawinata.
Cutatan Wawacan Panji Wulung
ASMARANDANA

Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah, enggeus


dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah
manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu nampik dosa.

Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeun geus


nepi baé, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah, tina
watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa.

Ku Ki Patih geus kajudi, yén dijerum ku maruna, sanajan Ajar gé


bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang
dongdonan, nu matak Ajar sakitu, diupah ku Praméswara.
Cutatan Wawacan Panji Wulung
PANGKUR

Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan kori, henteu


puguh nu dijugjug, balik Paman sadaya, nu ti mana tiluan semu
rarusuh, lurah bégal ngawalonan, aing ngaran Jayapati.

Cikénéh mentas ngabégal, tujuh jalma modar taya nu kari, bangkéna


tujuh patumpuk, balik manéh ayeuna, lamun manéh masih kéné
hayang hirup, ka dieukeun banda sia, ku aing moal dipeuncit.

Rahadén Panji ngandika, bari mésem Paman takabur teuing, pati batur
dihahangu, mangké caralik heula, ieu catang nu malang sumangga
panggul, lamun kapanggul ku Paman, kaula sumeja ngiring.
CEMPA

LALAMPAHAN
KELING
PANJI WULUNG

PATANI

BUGIS

SOKADANA BLANGBANGAN
Daptar Kekecapan
• galideur, teu galideur = henteu sieun, • maténi = maéhan (Ind. membunuh)
henteu éléhan. • ngalajur, ngalajur napsu = nurutkeun
• ijid = geuleuh, cua (Ind. benci) napsu (Ind. melajur nafsu)
• nelasan = maéhan • ngawawadian = nganaséhatan,
ngélingan, mapatahan
• newek = nusuk, nubles • aleutan = abringan, rombongan
• jengkar = indit, miang • rundayan = turunan, katurunan
• ajar = pendéta, biksu (ind. petapa) • mapalangan = ngahalangan
• sorati = pawang gajah • ngangres = sedih, nalangsa
• kagagas = kasuat-suat, inget ka hiji • ngistrénan = ngalantik, ngesahkeun
kajadian dina jaman baheula • sungkawa = Ind. duka cita
• nibanan = (Ind. menjatuhkan); nibanan • talajak = kalakuan, (Ind. Perbuatan)
hukuman = menjatuhkan hukuman • diranjah = Ind. dijarah
• ngabolaykeun = ngagagalkeun, • diéstokeun = dipentingkeun,
ngabatalkeun diperhatikeun
• kajugalaan = Ind. kebesaran, • katut = jeung, sareng
kaagungan, kasuksésan, kaasaktian • Adil palamarta = Ind. adil sejahtera
• Sailon = sakongkol (Ind. Sekongkoll)

You might also like