You are on page 1of 12

Biantara

Esya Endah Lathifah, S.SiT


• Biantara nya éta hiji kagiatan nyarita di
hareupeun balarea/umum pikeun hiji
WANGENAN maksud atawa informasi anu penting.
(PENGERTIAN)
BIANTARA • Jalma nu ahli biantara sok disebut
orator, upamana wae Ir. Soekarno jeung
Ir. Otto Iskandar Dinata.
TUJUAN BIANTARA

Biantara mibanda sawatara tujuan-tujuan nu bisa dihontal. Di antarana :


1. Tujuan Instruktif : pikeun maréntah atawa méré instruksi

2. Tujuan Informatif : pikeun méré informasi atawa pangaweruh

3. Tujuan Persuatif : pikeun mangaruhan nu ngadangu

4. Tujuan Rékréatif : pikeun ngahibur atawa ngabungahkeun nu ngadangu

5. Tujuan Simpatif : pikeun meunangkeun pangwelas atawa pangarunya.


STRUKTUR
BIANTARA BUBUKA

MUKADIMAH NGAHATURKEUN
SALAM BUBUKA NUHUN
Contona: PANGWILUJEUNGAN
Contona: Puji sinareng sukur Contona:
Contona:
- Assalamu’alaikum kasanggakeun ka hadirat Teu hilap sim kuring ogé
Bapa miwah Ibu Guru anu ngahaturkeun nuhun ka
Warahmatullahi ilahi Robbi, nu parantos
ku sim kuring dipihormat, panata calagara, anu
Wabarakatuh, maparinkeun rewu-rewu
ni’mat, utamina ni’mat iman Réréncangan sadayana anu parantos maparin
- Salam Sejahtera, kasempetan ka sim kuring
sareng Islam. Solawat sami-sami ku sim kuring
- Wilujeng enjing, kanggo cumarios di ieu
sinareng salam, mugi tetep dipihormat.
- Sampurasun, dilimpahkeun ka jungjunan
tempat.
- Jrrd. alam, nabi Muhammad
SAW.
BAGIAN EUSI

NEPIKEUN TUJUAN NEPIKEUN EUSI


Contona : Contona:
Dina ieu kasempetan sim Hadirin anu sami-sami linngih,
kuring wawakil ti Kls X asa cikeneh urang diajar
sasarengan di ieu sakola. Ayeuna
jeung XI bade siswa kelas XII tos kedah
ngawilujengkeun ka kelas paturay deui. Kedah miang deui
XII anu dinten ayeuna ngahontal cita-cita anu langkung
lulus ti ieu sakola. Jst. luhur. Jst
PANUTUP
1.NYINDEKKEUN
Pamungkas, pamugi sadaya alumni tiasa neraskeun deui ka sakola anu leuwih luhur.
2. DOA
Rupina sakitu bae anu kapihatur, wilujeng ngahontal harepan jeung cita-citana sewang-
sewangan.
3. SANDUK-SANDUK
Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah, bilih aya kalimah anu teu raos kana manah.
Bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.
4. SALAM PANUTUP
Wasalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Salam sejahtera untuk kita semua
Metode Biantara

Dadakan (Impromptu)
1 Metode ngabiantara anu spontan atawa langsung tanpa ayana
naskah biantara jeung kudu pinter improf.

Catetan Ringkes (Ekstemporan)


2 Metode ngabiantara kalawan nyiapkeun gurat badag hungkul
ideu poko biantara
Metode Biantara

Naskah (Manuskrip)
3 Metode ngabiantara kalawan maca naskah atawa teks biantara.

Talaran/Hafalan (Memoriter)
4 Metode ngabiantara ku cara ngapalkeun naskah biantara anu
geus disusun.
Padika / Aturan
Nepikeun Biantara

➔ Parigel muka biantara, sing teges nepikeun jejer biantara


➔ Eces nepikeun eusi biantara, biasana direumbeuy ku babasan
jeung
paribasa
➔ Nyarita sing ngaruntuy
➔ Rengkak, pasemon jeung lentong nyarita sing merenah
➔ Sorot panon diusahakeun sumebar ka pamiarsa
➔ Gaya basa kudu pikatajieun biasana ku cara nyelapkeun
banyol atawa
humor
➔ Parigel dina nutup biantara, biasana sok dipungkas ku menta
hampura
Padika
Ngaregepkeun
Biantara

➢ Kudu saregep tur daria ngaregepkeun biantara


➢ Catetkan hal-hal nu dianggap penting
➢ Teu meunang ngobrol
➢ Bisi poho, hadena biantara
anu ditepikeun ku batur teh direkam
GAYA BIANTARA
• Lagam Religius (gaya agamis, eusina ngeunaan kaagamaan)
• Lagam Agiator (gaya politis kalawan agresif, sangkan bisa mangaruhan batur)
• Lagam Konversasi (gaya nu ditepikeun kalawan eces, jentre tur ngentep seureuh)
• Lagam Didaktik (gaya atikan, eusina ngabejaan, ngajar atawa ngalatih)
• Lagam Sentimentil (eusina ngajen atawa meunteun kaunggulan jeung kahengkeran hiji
hal)
• Lagam Teater (eusina disaluyukeun jeunng pasemon atawa lentong)
Hatur Nuhun

You might also like