You are on page 1of 12

NGARANG CARITA PONDOK

Pikeun lilinggeran dina diajar ngarang carpon, ieu di handap minangka gurat badag ngarang carpon.

Nangtukeun palaku jeung


Neangan Ide/ilham Nangtukeun Jejer
watekna

Nangtukeun puseur
Nangtukeun latar (setting) Nangtukeun galur
sawangan

Nangtukeun amanat Basa nu digunakeun Nangtukeun judul


NANGTUKEUN IDE/ILHAM
Biasana sok hese neangan ide keur karangan teh. Sabenerna
teu kudu jauh-jauh neangan ide, cokot we tina pangalaman
pribadi. Tapi, kudu diolah deui jeung nuliskeunana ge ulah
siga “curhat” dina buku diary. Sabisa-bisa kudu jadi anu
matak ngirut.
NANGTUKEUN JEJER
(TEMA)
Jejer teh inti carita ti awal nepi ka ahir. Rea tema nu bisa dijadikeun bahan
ngarang carpon tina kahirupan sabudeureun, diantarana tema kulawarga,
kaagamaan, social, Pendidikan, jrrd. Alusna nangtungkeun jejer teh matak
ngirut nu maca, masalah nu mindeng kapanggih dina kahirupan sapopoe, luyu
jeung kahirupan kiwari atawa nu keur rame dipasualkeun (actual), milih
masalah nu sakirana kakawasa, jeung boga rarangka karangan atawa tujuan
pikeun cecekelan sangkan karangan puguh awal ahirna.
NANGTUKEUN
PALAKU JEUNG WATEKNA
Palaku teh jalma nu ngalalakon dina carita. Unggal palaku
boga watek nu ngagambarkeun pasipatanana sewing-sewangan
luyu jeung temana. Aya palaku utama nu watekna hade
(protagonist), palaku nu watekna goreng (antagonis), jeung
palaku tambahan (tritagonist).
NANGTUKEUN LATAR
Latar teh lingkungan nu ngadadasaran lumangsungna hiji
kajadian dina carita, pikeun ngantebkeun gambaran kaayaan
nu keur dicaritakeun. Latar dibagi tilu nyaeta tempat, waktu,
jeung suasana.
NANGTUKEUN GALUR

Galur nyaeta runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Rupa-rupa


galur bisa digunakeun pikeun ngarang carpon, bisa ngagunakeun galur maju
atawa merele, mundur, jeung mobok tengah atawa campuran.
NANGTUKEUN
PUSEUR SAWANGAN
Puseur sawangan teh tilikan carita naha nurutkeun gaya jalma
kahiji atawa pangarang nyaritakeun langsung ngagunakeun
palaku carita (biasana make palaku “kuring”, jalma kadua
(manehna), atawa pangarang saukur nyaritakeun palaku-
palaku carita atawa gaya ngadalang.
NANGTUKEUN AMANAT
Amanat teh pesen nu hayang ditepikeun pangarang ngaliwatan
caritana ka pamaca. Bisa ditepikeun langsung (tersurat)
ngaliwatan ungkara atawa kalimah nu kapanggih dina
pungkasan carita, bisa teu langsung (tersirat) tina gemblengna
carita.
BASA NU DIGUNAKEUN
Basa teh pakakas/alat utama dina ngarang. Ngarang carpon
tangtuna pakakasna ge basa Sunda. Sakumaha nu disebutkeun
di luhur yen ngarang teh kudu boga pangalaman mindeng
maca heula. Tujuana pikeun ngabeungharan kecap jeung
ngabanding-banding carpon nu hade pikeun inspirasi dina
ngarang carpon.
NANGTUKEUN JUDUL
Judul teh minangka panto carita pikeun pamuka lawang
kapanasaran nu maca. Nangtukeun judul karangan teh hadena
ku dua atawa tilu kecap nu luyu jeung tema, pikaresepeun,
jeung ngahudang kapanasaran.
HATUR NUHUN
Bilih aya nu kirang ngartos, mangga tiasa
ngapungkeun patarosan dina komentar atawa
Whatsapp.

You might also like