You are on page 1of 10

Tema 2

Hirup Sauyunan
Buka buku basa sunda rancage halaman
28
A. Maca teks Argumentasi

Judulna “Ngahontal Tujuan Dina Kabhinekaan”


Latihan 1
Rarangken tukang ning/ing
1. Rarangken tukang ning
Conto:
Eusi + rarangken tukang ning jadi eusining
Jaba + rarangken tukang ning jadi jabaning
Pira + rarangken tukang ning jadi piraning
2. Rarangken tukang ing
Conto:
Bakat + rarangken tukang ing jadi bakating
Tarik + rarangken tukang ing jadi tariking
lebet + rarangken tukang ing jadi lebeting
Latihan 2
1. Teangan 5 kecap anu ngagunakeun rarangken tukang ning dina teks
argumentasi “Ngahontal Tujuan dina Kabhinekaan”!
2. Teangan 1 kecap anu ngagunakeun rarangken tukang ing dina teks
argumentasi “Ngahontal Tujuan dina Kabhinekaan”!
Kalimah aktif jeung kalimah pasif
1. Kalimah aktif
Kalimah aktif nyaeta kalimah pagawean anu jejerna nuduhkeun panglaku
pagawean anu kaungel dina unsur caritaanana.
Kalimah aktif osok disebut kalimah migawe.
Conto:
Alkautsar keur nyieun kliping
Jejer Caritaan Udagan

- Syifa maca novel


- Nyoman nyieun janur
2. Kalimah pasif
Kalimah pasif nyaeta kalimah pagawean anu jejerna nuduhkeun nu
ngarandapan atawa nu kakeunaan pagawean.
Kalimah pasif osok disebut kalimah dipigawe.
Conto:
Manggah dipesek ku Zaki
Jejer Caritaan Udagan

- Ranginang dipoe ku Bu Nani


- Hayam diparaban ku Pa Dedi
Latihan 3
Tengetan kalimah-kalimah di handap ieu. Tulis make huruf P pikeun
kalimah pasif tulis make huruf A pikeun kalimah aktif!
1. Dayu keur nulis puisi. ( . . . )
2. Baju diseuseuh ku bi Ani. ( . . . )
3. Cengek dipelak ku Mang Dedi. ( . . . )
4. Meli keur meresihan buruan sakola. ( . . . )
5. Edo jeung Beni keur ulin ucing sumput. ( . . . )

You might also like