You are on page 1of 16

NOVEL

Ku : Rena Anggraeni, S. Pd,Gr


Wangenan Novel
Kecap novel asalna tina basa laten nyaeta
novellus, tina kecap novus anu hartina anyar. Pangna
disebut anyar teh lantaran novel gelarna anyar di
dunya sastra umumna, upama dibandingkeun jeung
wangun sastra Sunda lianna, saperti puisi jeung
carpon.
Novel teh carita rekaan/fiksi wangun lancaran
(prosa) jeung kaasup karya sastra sampeuran,
umumna panjang sarta galur caritana ngarancabang
(loba tur kompleks). Disebut karya sastra sampeuran
teh lantaran datangna tina sastra bangsa deungeun,
lain asli pituin sastra Sunda.
Ciri-ciri Novel
Lamun diwincik novel teh miboga dalapan ciri,
diantarana nyaeta:
1. Novel teh mangrupa carita rekaan
2. Nyaritakeun kajadian dina kahirupan sapopoe
3. Palakuna ku jalma
4. Jumlah palakuana leuwih ti hiji
5. Caritana panjang, adeganna leuwih lengkep
6. Mangsa kacaturna lila
7. Kaasup kana wangun sastra modern
8. Kajadian caritana leuwih ti hiji kajadian, tapi
ngawangun hiji carita
Unsur Intrinsik Novel
Unsur intrinsik novel nyaeta:
1. Téma/Jejer (Inti carita ti awal nepi ka ahir)
2. Latar/Setting (lingkungan nu ngadasaran
lumangsungna hiji kajadian dina carita, pikeun
ngantebkeun gambaran kaayaan nu keur dicaritakeun.
Latar dibagi 3 nyaeta tempat, waktu, jeung suasana)
3. Galur/Plot (runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal
nepi ka ahir), dibagi jadi 3 nyaéta:
 Galur maju/merele, saluyu jeung rangkaian
kajadian nu urutanna saluyu jeung urutan waktu
kajadian/gerakna kahareup.
 Galur mundur/flashback, rangkaian kajadianna
teu saluyu jeung urutan waktu kajadian/gerakna
mundur.
 Galur campuran/bobok tengah
4. Palaku (jalma anu ngalakonan dina carita), unggal palaku
boga watek sewang-sewangan, watekna dibagi jadi 4
nyaéta:
 Protagonis/hade

 Antagonis/goreng

 Tritagonis/palaku panengah
 Figuran

5. Puseur sawangan/ point of view (tilikan carita naha


nuturkeun gaya jalma kahiji atawa pangarang nyaritakeun
langsung ngagunakeun palaku carita biasana make palaku
‘kuring’, jalma katilu biasana make palaku ‘manehna’,
atawa pangarang saukur nyaritakeun wungkul palaku
palaku carita atawa gaya ngadalang)
6. Amanat (pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang
ngaliwatan carita ka pamaca)
Unsur Ekstrinsik Novel
Unsur ekstrinsik novel patali jeung eusi karya
jeung kamekaran jaman, kabiasaan masarakat, sarta ajen
moral dina kahirupan.
Sajarah jeung Kamekaran Novel Sunda
Novel disebut karya sampeuran teh pedah novel kaasup
karya sastra moderen. Lahirna dina sastra Sunda abad ka-20,
sabada dunya kasusastraan di urang kapangaruhan ku Barat,
pangpangna Inggris, Walanda, jeung Prancis.
Buku novel munggran dina sastra Sunda nyaeta Baruang
ka nu Ngarora karya Daeng Kanduruan Ardiwinata, wedalan Bale
Pustaka taun 1914. Leuwih tiheula medal batan novel munggaran
dina sastra basa Indonesia nyaeta Azab dan Sengsara karya
Merari Sirega, nu medal taun 1920.
Novel Sunda terus medal, caritana ge luyu jeung
kamekaran jaman. Taun 1926 medal novel Agan Permas karya
Joehana, taun 1928 medal novel Rusiah nu Goreng Patut karya
Sukria jeung Juhana, jeung novel Mantri Jero karya R. Memed
Sastrahadiprawira, taun 1932 medal novel Lain Eta karya Moh.
Ambri, taun 1940 medal novel Laleur Bodas karya Samsu, taun
1951 medal novel Gogoda ka nu Ngarora karya M. A. Salmun,
jrrd.
Aspek Kabasaan Novel
Kalimah Langsung nyaeta kalimah nu langsung
diucapkeun atawa diomongkeun ku panyaturna dina wangun
kalimah. Kalimah langsung aya di antara kekenteng (“…….”).

Titenan conto kalimah ieu di handap!

1. Dewi : “Naha kamari teu sakola, Mad?


2. Ahmad : “Kamari teh pun Aki ngantunkeun. Kumaha
pancen kelompok beres?”
3. Dewi : “Innalillahi…Dewi ngiring sungkawa.
Pancen kelompok beres Mad.”
Aspek Kabasaan Novel
1. “Naha kamari teu sakola, Mad? Dewi nanya.
2. “Kamari teh pun Aki ngantunkeun. Kumaha pancen
kelompok beres?” tembal Ahmad.
3. “Innalillahi…Dewi ngiring sungkawa. Pancen kelompok
beres Mad,” ceuk Dewi.

1. Dewi nanya, “Naha kamari teu sakola, Mad?


2. Tembal Ahmad, “Kamari teh pun Aki ngantunkeun.
Kumaha pancen kelompok beres?”
3. Ceuk Dewi, “Innalillahi…Dewi ngiring sungkawa. Pancen
kelompok beres Mad.”
Cara nuliskeun kalimah langsung diantarana, nyaeta :
a.Awal kalimah dimimitian ku aksara gede/kapital.
b.Upama katerangan nu nyaritana aya di hareup,
nuliskeun omongan dina jero kekentengna dimimitian ku
aksara gede jeung ditungtungan ku titik (.).
c.Upama katerangan nu nyaritana aya di tukang,
nuliskeun omongan dina jero kekentengna dimimitian ku
aksara gede jeung ditungtungan ku koma (,).
d.Upama omonganana teh kalimah pananya, kudu
ditungtungan ku tanda tanya (?), upama omonganana teh
kalimah wawaran atawa mere nyaho, kudu ditungtungan
ku titik (.), sarta upama omonganana teh kalimah
parentah, kudu ditungtungan ku panyeluk (!).
Aspek Kabasaan Novel
Kalimah teu Langsung nyaeta kalimah nu teu langsung
diucapkeun atawa diomongkeun ku panyaturna. Kalimah teu
langsung kaasup kalimah wawaran. Eusina teh omongan batur
nu diomongkeun deui, ku cara ngarobah kalimah langsung jadi
kalimah teu langsung.

Titenan conto kalimah ieu di handap!

1. Dewi nyarita, yen pancen kelompokna geus beres.


2. Dewi nyarita ka Ahmad, yen pancen kelompokna geus
beres.
3. Ahmad nyarita, yen pancen kelompokna oge geus beres.
Cara nuliskeun kalimah teu langsung
diantarana, nyaeta :
•Dina kalimah teu langsung omongan teh henteu make
kekenteng (“……”).
•Kecap gaganti ngaran kahiji dina kalimah langsung, jadi kecap
gaganti ngaran kadua dina kalimah teu langsung ( kuring atawa
abdi jadi manehna atawa anjeunna).
•Diantara nu nyarita jeung omonganana diselapan ku kecap
panyambung yen atawa sangkan.
•Kecap yen dipake upama kalimah teu langsung asalna tina
kalimah langsung nu wangunna kalimah wawaran, ari kecap
sangkan dipake upama kalimah teu langsung asalna tina
kalimah langsung nu wangunna parentah.
•Awal kalimah dimimitian ku aksara gede/kapital jeung
ditungtungan ku titik (.).
•Diantara nu nyarita jeung omonganana (samemeh kecap yen
atawa sangkan) ditandaan ku koma (,).
Conto Novel Sunda

Judul : Pipisahan
Pangarang : RAF(Rahmatullah Ading Affandie)
Pamedal : PT Kiblat Buku Utama
Citakan : Citakan ka-1,Pustaka Jaya 1977- Citakan ka-
2, Kiblat Buku Utama, Shafar 1433 H/
Januari 2012
Kandel : 110 kaca
Sempalan :
Emin nyaeta salah surang kaum istri sunda nu
dilahirkeun ti kulawarga nu hirup di pakampungan Jawa
Barat. Sapertos kaum istri sunda umumna Emin disiapkeun
jadi kaum istri nu pinter mawa dirina jeung dina waktuna
jadi hiji indung nu bi sa ngatik jeung ngadidik anak anakna.
Emin teu dididik jadi kaum istri pikeun nyiar pakasaban nu
bisa nyubadanan dirina sacara ekonomi, sabab dina
jamanna memang teu lain pikeun kaum istri nyiar
pakasaban.
Emin ditikah ku saurang lalaki pilihanana sorangan,
nu dina awal rumah tanggana hirup kalayan bagja sok
sanajan pinuh ku kasederhanaan. Ngan maranehna
kaganggu ku kadatangan mitohana Emin nu sering menta
duit pikeun mayar hutang. Hutang mitohana nu di lakukeun
sababaraha kali teh dina kanyataanana teu pernah
dibayarkeun padahal kahirupan kulawarga Emin nu hirup
saderhana jeung geus boga tilu urang budak, pamentaan
duit ti mitohana mangrupa hiji hal nu ngabeuratkeun.
Akhirna ku pamenta mitohana Emin di
serahkeun ku salakina jeung mawa anakna nu
pangleutikna balik ka imah indung bapana di kampung.
Teu lila ti harita salaki Emin kawin deui jeung hiji
awewe pilihan nu jdi kolotna. Emin pernah gering
nangtung ngalanglayung kusabab pipisahanna tea ngan
ku ayana dukungan kolotna ngajadikeun Emin jadi kuat
jeung teger.
Kubogana modal kapinteran ngaput jeung
dagang Emin nyiar kipayah pikeun ngagedekeun anak-
anakna. Ku kapinteran manehna dina ngajait Emin beki
maju dina harta banda. Dina hiji waktu anak ka dua nu
diurus ku urut salakina dianteurkeun. Kadatangan
anak kaduana ngajadikeun hate Emin beuki tenang
jeung nimbulkeun sumanget pikeun nyiar kipayah.
Waktu urut salakina gering ripuh Emin ku
ningali kaayaanana ngarasa prihatin. Emin pinuh
kaikhlasan pikeun ngabantuan kabeungbeuratan nu
jadi urut salakina, nepi ka urut salakina nu masih
dipikacinta tilar dunya
Hatur Nuhun

You might also like