You are on page 1of 12

Bedog Gedebul

1. Rozak asup nyonyoo bedog


2. Nayaga: weissweisss.
3. Rozak: (ngasah bedog)
4. Nayaga: weiss weisskangkang nuju naon atuh kang meni anteng kitu..
5. (Rojak teu ngawaro, nembongkeun bedog ka nayaga, backsound cring..cring..)
6. Nayaga: Wiiiiiih, mencrang barudak!!!
7. (Nayaga maju, mawa bedog jeung batu ali)
8. Rozak: naon siah?
9. Nayaga: kang gosok batu ali
10. Rozak: ai sia! Dewek lain tukang batu ali! (Langsung nyerang rek ngadek nayaga)
11. Nayaga: Weeeh ampun-ampun kang. Sugan the tukang batu alimeni cingogo
sisieun jalan bari gogosokan
12. Rozak: eh ai sia, dewek the keur ngasah bedog sakti keur mungkas garong
durjana! Begal! Koruptor! Jeung caroge salingkuh! Jaman ayeua mah loba jelema
teu baleg! Kudu diamankeun yeuh ku jelema jiga dewek
13. Nayaga: naha kang emang bisa bedog kitu ngalibas koruptor? Emang bisa naon
eta bedog?
14. Rozak: yeuh ieu the bedog sakral! Maneh mun hayang meunangkeun bedog ieu,
kudu ngojay meuntas selat sunda
15. Nayaga: ah kang biasa wae eta mah! Yeuh nayaga oge gaduh kang, batu ali
ieu batunya meunangkeun na kudu ngaliwatan selat bali kang!
16. Rozak: wah nyaan? Baleg siah! Naha euy maneh sakti bisa ngojay ngaliwatan
selat bali
17. Nayaga: weh si akang, kacape2 ngojay, ngaliwatan selat bali the da di deliperi ti
online shop kang!
18. Rozak: siah! Wawanian nipu dewek! Yeuh bedog dewek mah asli sakti! Ngan
jawara jiga dewek nu bisa meunangkeun! Jelema balangsak jiga maraneh mah
maol mungkin bisa! Geus lah tong ngaganggu dewek keur dines, si uloh mana
deuih nya euy wayah kieu can balik patroli wae!
19. Nayaga: weh kang saha kang si uloh the?
20. Rozak: si uloh the anak buah dewek
21. Nayaga :
woooh si akang boga anak buah, bos mafia akang the?
22. K Rozak
:
lain ai sia!, dewek the pupuhu karang taruna! Matakna
kudu boga anak buah! Keur ngarojong visi dewek uloooooooh uloooooh
23. Uloh : booooooooooooos SIAP!
24. K Rozak
:
euh! Kamana wae sateh?
25. Uloh : siap bos! Uloh tos kukurilingan patroli ngurilingan 2 RW
26. K Rozak
:
wahhahaha alus-alus ieu karek anak buah dewek (nepakan
pundak) belah mana wae 2 rw eta teh?
27. Uloh : siap bos! Ti kantor lurah nepi ka warung beas
28. K Rozak
:
ai sia! Eta mah kari nyebrang! Sanajan beda RW tapi da
babatasan, teu baleg siah!
29. Uloh : nya pan kumaha bos na
30. Rozak : eh siah
(atep asup)
31. Atep : samlekum! Nuk nu manuuuk manuuk!
32. Nayaga :
kang! Icalan manuk!?.........
33. Atep : muhun kang teh! Manga manuk na! Manuk nu ageung, manuk nu alit, nu
mohek, nu kribo! Manga manuk na mangga!
34. Nayaga :
aya manuk naon wae kang?
(bikin tawaran manuk sorangan) nu cangehgar lobananya bari jeung teu meuli
35. Atep : seueur nayaga, ngan nu ayeuna di candak mah manuk kenari hungkul.
Yeuh aya kenari koneng, kenari bodas, kenari coklat jeung KENARI JAIPONG
36. Nayaga :
alaaah nu kumaha kang kenari jaipong teh? Asa nembe ngadangu
nayaga mah.
37. Atep : hahahah, nteu atuh nayaga eta mah heureuy hungkul

38. Nayaga : aaah sugan the heueuh, padahal mah tos bade meser. *tambah
bodoran
39.
40. Nayaga : mang eta nu jambul na jiga nyere sabarahaan?*
41. Atep : oh nu mohek? 200 rebu mang!
42. Nayaga :
weits!? Naha euy mahal kitu!? Kamari wae saya meuli manuk
cingkleung ngan dua las limaan
43. Atep : wes benten mang! Manuk saya nu ieu jago nembang mang! Tos kaciri tina
buuk na oge tos world class! Sapertos artis-artis nu di hollywood mang! Jiga urang
mang!
44. Nayaga :
woaaaaaaah (kagum),
45.
Sementara itu
46. Rozak : loh, eta saha? Asa tara ningali?
47. Uloh : eta? Tukang manuk bos!
48. Rozak : ai sia! heueuh apal eta mah, ngan tapi saha!? Dewek mah asa tara ningali
budak kampungan jiga kitu, curiga euy! Kudu dewek introgasi, tapi ku maneh
heula loh
49. Uloh : muhun bos, urang teh kudu waspada! Bisi si akang nu itu teh ternyata
Garong!.... pan ayeuna teh keur usum pergarongan... minggu kamari wae spion
motor na pa asep leungit di paok ku garong
50. Nayaga
: atuuh, pira ge spion kang, meser deui weh atuh da mirah nu kitu
mah
51. Uloh : masalahna nya, motorna the napel keneh ka spion, jadi weh leungit jeung
motor-motorna
52. Nayaga :
heuuuuuh atuh eta mah garong motor eta mah
53. Rozak : heuh euy! Mencurigakan! Ku dewek libas siah eta budak! Tapi mimiti
maneh heula nu ngacek eta garong lain!
54. Uloh : naha uloh!?
55. Rozak : soalna maneh kacung urang!
56. Uloh : oh heueuh benermun jadi kacung kudu nurut nya ka dunungan? Kudu
pisan nya bos?
57. Rozak : heueuh geuwat tong loba tatanya
(uloh nyampeurkeun)
58. Uloh : kang garong nya?
59. Atep : sanes a
60. Uloh : sanes cenah bos!
61. Rozak : ai sia! Tong nanyaan langsung si eta garong atawa lain! Tanyaan heula si
eta teh saha? Urang mana? Rek naon kadieu! Periksa bisi eta manuk2 teh
meunang ngagarong!
62. Uloh : siap bos siap.. (nyampeurkeun). kang, icalan manuk? Eta manukna
meunang ngagarong sanes?
63. Atep : sanes a
64. Uloh : sanes cenah bos
65. Rozak : ai sia! Geus ah dieu ku dewek weh! (nyampeurkeun).heh! garong
nya..
66. Nayaga: weh ai si akang gening saruana jeung anak buah na
67. Rozak: gandeng siah! uloh siah! Gara2 maneh dewek jadi katularan belegug!
68. Uloh: naha
69. jadi uloh nu salah..
70. Rozak: soalna maneh anak buah dewek! Geus ah..woy! saha maneh!
71. Atep : tukang manuk kang..
72. Rozak : heueuh apal!... saha ngaran maneh saha!? Imahna dimana!? Budak saha?
73. Atep : ooh haha punten atuh kang, tepangkeun atuh abdi teh atep, abdi teh
tukang manuk ti kampung sukamanuk,abdi teh putrana pa sumardi mung pun
bapa teh tos teu aya, tos ngantunkeun, kukituna abdi teh icalan manuk kanggo
menyambung hidup
74. Rozak : hah siah! Naha jelema sangsara jiga maneh bisa boga manuk, meunang
maoknya?

75. Atep : weh kang,ieu mah insya Alloh halal kang teu haram, da saur pun bapa ge
hirup mah teu nu penting barokah, teu ngarugikeun anu sanes, teu jiga koruptor
nu kenging artos ti duit rahayat. Insya Allah kang jujur abi mah.
76. Rozak : ah siah! Loba alibi maneh! Tingalikeun weh awas mun maneh sagawayah
di kampung ieu, dewek jadi nu pangheulana nu newak maneh!
77. Atep : Insya Alloh kang abdi mah moal kukmaha, eh, akang palay manuk? Ieu
kang aya manuk nu cocok kanggo akang!
78. Rozak : ah moal, keur naon miara manuk, jiga jelema euweuh gawe wae
79. Atep : oh moal nyaatos atuh kang abdi tipayun bade ngalajengkeun icalan manuk
na, assalamualaikum.(indit)
80. Rozak : loh dewek mah teu percaya keneh ka eta tukang manuk!
81. Nayaga
:
eh kang teu kenging suuzon, bilih weh eta manuk teh
modalna meunang ti bisnis narkoba!
82. Nayaga :
ai maneh! Teu meunang kitu! Bisi weh eta manuk teh modalna
meunang ti nyegik jadi bagong ngepet
83. Nayaga :
ai maneh! Teu meunang suuzon kitu bisi weh eta manuk teh
modalna meunang ti. nya ulah suuzon weh pokona mah!
84. Rozak : lain suuzon ai sia, dewek teh lain suuzon! Sieun aya nu mengancam
keselamatan desa ieu! Ti paripolah namah eta tukang manuk teh mencurigakan,
mamawa kandang badag ditutupan kitu, bisa weh eta kandang teh eusina duit
meunang ngagarong! Hayu loh! Urang laporkeun eta tukang manuk ka pa rt,
ameh warga dieu teh waspada (ceuk saha suudon, dewek mah paduli ka desa
dewek, mun aya garong siga si eta didieu mending ku dewek kadek tiheula, bisi
kaburu aya korban)
85. Uloh : siaaaap bosss siaaap!
86. Nayaga:..enya euy, ayeuna mah usum garong, kamari oge di deukeut imah
urang
Babak 2
87. Pa RT
:
fuiit fuiit (nyoo manuk)
88. Nayaga :
pa nuju naon pa?
89. Pa RT
:
ah ieu biasa lah cep
90. Nayaga :
biasa naon pa? asa titadi teh bapa meni anteng, teu
nyarios2, ngan heheotan jeung kandang wae
91. Pa RT :
ieu cep, bapa teh nuju ngalatih manuk bapa kanggo lomba
manuk di IMC
92. Nayaga :
IMC teh naon bapa? Nayaga mah terang na ge ITC, BTC,
sareng BEC
93. Pa RT
:
IMC teh international manuk competition, kaleresan ieu
manuk bapa teh atlit nayaga, Alhamdulillah atos kenging seueur medali
94. Nayaga :
medali.tos ngajuaraan naon wae bapa manuk bapa teh?
95. Pa RT
:
ieu manuk teh geus meunang lomba manuk pang alusna
sora, pang geulisna bulu, jeung pang mandirina..
96. Nayaga : hah..mandiri kumaha pa?
97. Pa RT
:
eh nayaga, manuk ieu the saking mandirina, daftar ulang
lomba oge sorangan, malahan nu sok nyokot rapot budak urang ka sakola
ge sakola ge manuk urang
98. Nayaga :
wooh abdi oge hoyong atuh pa manukna mandiri? Meh
tiasa ngomean motor, ngomean mobil jeung ngomean hirup abdi pa!
99. Pa RT
:
ah lieur maneh mah nayaga
100. Bu RT :
bapaaaaaa gusti nu agung meni nyoo manuk wae! Ieu teu
ningali kitu pamajikan beuteung geus melentung kieu angger weh teu
diurus, dicampakan demi manuk! lamun kieu mah gusti aduuuh hayati mah
tak kuasa!
101. Pa RT :
eh mah pan sami atuh mamah oge tos ku bapa paraban
sami sareng si manuk, jadi pan bapa teh tos jadi caroge nu adil!
102. Bu RT :
heh siah! Nyaruakeun aing jeung manuk!? Sungguh
teganya dirimu, sedih euy hayati mah sedih ternyata janji-janjimu itu hanya
omong belaka!

103. Pa RT :
janji nanahaon? Rarasaan mah janji teh baheula ngan janji
moal poligami, eta ge bersyarat lamun mamah masih keneh sexy jiga desy
ratnasari
104. Bu RT :
teung teuingngeun siah kardun teung teuingeun, manya
ngapohokeun janji manismu, baheula teh, ngajanjikeun, iros teh only one,
hanya iros yang kusayang, tiada cinta selain iros, mana kardun manaaa?
105. Nayaga
:
bu rt, abdi salaku kaum hawa, ngaraos naon anu
dipikaraos ku bu rt, memang bu, lelaki ayeuna mah buaya darat, hidung
belang. Panon karanjang! teu tiasa dipercaya
106. Nayaga:.(dan pendapat2 negatif lainnya)
107. Pa RT:eh si nayaga mah provokatoif ah,sanes litu mah, leres mamah teh
only one, leres mamah teh hiji2 na, na mung eta teh hanya berlaku, lamun
mamah teh sexy keneh sapertos desi ratnasari. emut mah desi
ratnasiari.
108. Bu RT : ah siah dasar lelaki ayeuna mah, ningalina kana pisik hungkul
109. Pa RT :
eh sanes pisik hungkul mah, kumargi manuk mah sora na
ge alus, jaba parab na mirah ngan sakedik teu saloba mamah
110. Bu RT :
HEEEEEE SIAAAAH!
(Neng aya asup)
111. Neng aya
:
apa emaa
112. Pa RT bu rt
: muhun geulisss
113. Bu RT :
meni tos rapi kieu neng, tos bade angkat sakola?
114. Neng aya
:
muhun ma, supados teu telat ka sakolana
115. Bu RT :
atuh padahal mah enjing keneh.
116. Neng aya
:
muhun mah, supados aya teu telat angkat enjing2
teh, oh enya ema apa, nembe aya tos nyiapkeun sarapan kanggo ema
sareng apa, enggal di emam atuh nya bisi kaburu tiis, komo kanggo ema,
soalna kanggo si dede oge *bari ngusapan beuting bu RT
117. Bu RT :
ah si neng mah tiasa wae
118. Pa RT : tuh tingali ma si eneng mah meuni rajin, kumaha weh bapa na
119. Bu RT : heueuh rajin maneh mah, rajin maraban manuk.
120. Neng Aya:
ih atos ema, apa, ulah parasea wae. Isin ka tatanggi.
121. Bu RT :
tah si apa, nu sok neang masalah wae mah (buang muka
dari pak RT)
122. Neng Aya : (ngarerepeh) Nya tos ma, pa, ayeuna mah aya bade angkat
*salim*
123. Bu RT : sok nya cing pinternya diajarna, cing sukses, cing jadi jelema,
tong sapertos bapa unggal dinten weeeh nyonyoo manuk
124. Pa RT :
eh mah ieu nyoo manuk teh jadi sumber penghasilan, keur
tuang sapopoe
125. Bu RT :
ah gandeng ah!, pokona mah sing jongjonnya sok diajar na
126. Pa RT :
muhun geulis sok didoakeun ku bapa oge,eh ai neng
kumaha diajar disakolana? Tiasa?
127. Neng aya
:
nya aya mah pas-pasan nilaina bapa
128. Nayaga
:
neng neng, da nayaga oge sok pas-pasan neng, teu
kedah isin
129. Neng aya
:
pas kumaha nayaga
130. Nayaga
:
pas di hate neng, (dan gombalan lainnya)
131. Pa RT :geus ah cicing nayaga, pas pasan kumaha geulis?
132. Neng aya:
nya pas weh bapa, pas 100 wae nilai na
133. Pa rt :
walah hebring euy, ieu karek anak bapa, sok cing pinternya,
mugia neng teh tiasa janten dokter, supados tiasa ngubaran manuk bapa
mun manuk bapa nuju teu damang
134. Bu RT :
siah! Manuk deui manuk deui, manuk weh diurus! Ai anak
jeung pamajikan henteu!
135. Pa RT :
eh ceuk saha, si neng bisa pinter tur geulis kieu teh pan
pedah bapa na
136. Neng aya
: bah atos ah emak bapa, aya jadi isin, aya angkat heula
atuh nya,emang tong hilap landong darah tinggi na diemam supados teu

ngagulingkeun roda si emang sayur deui pedah harga leunca naek, bapa
oge tong hilap landong sarap na dileueut. ass
(Papanggih rozak)
137. Rozak :
eh neng aya, bade kamana neng?
138. Neng aya
:
bade..angkat sakola kang
139. Rozak :
dianteurkeun ku akang atuh neng
140. Uloh :
bos! bos! Pan kadieu teh rek laporan ka pa rt ngeunaan
gerak gerik mencurigakan tukang manuk tea!
141. Neng aya
:
teu kedah kang, bilih akang aya kaperyogian nu
sanes
142. Rozak :
oh enya janten hilap akang teh kadieu aya kaperyogian,
143. Neng aya
:
kaperyogian naon kang?
144. Rozak :
nganteurkeun neng sakola
145. neng aya
:
ah teu kedah kang, aya mah langkung resep nyalira
146. Rozak :
oh muhun atuh sok, aduh meni reueus ningali neng nu
mandiri, meni binangkit pisan eneng teh
(neng aya indit)
147. Rozak :
assalamualaikum pa rt!
148. Pa RT :
waalaikumsalam zak
149. Rozak :
weeh kumaha pa rt? Sehat?
150. Pa RT :
nya alhamdulillah zak, aya naon kaperyogian naon zak
kadieu teh?
151. Rozak :
ah biasa pa laporan rutin
152. Pa RT :
kumaha kumaha, aya naon wae kamari?
153. Rozak :
yeuh pa saya teh geus ngalibas preman-preman nu
malakan di pal tilu
154. Pa RT :
naha emang aya kitu? Laina belah dinya mah tukang parkir
hungkul nya?
155. Rozak :
weh aya pa, eta teh pemalakan terorganisir pa!
156. Pa RT :
wooh nembe apal saya mah
157. Rozak :
sareng hoyong laporan ieu teh, mun aya gerak-gerik
mencurigakan ti orang asing ieu teh
158. Pa RT :
mencurigakan kumaha ieu zak
159. Rozak :
aya jelema mencurigakan anu mamawa kandang manuk
pa, ceuk cenah mah si eta teh rek jualan manuk, tapi saya mah teu yakin
pa mun eta teh nyaan tukang manuk, sanesna suujon nya pa, tapi saya
mah hawatos manuk bapa teh digarong
160. Pa RT :
wah atuh kade zak eta rada diamankeun, sieun atuh bapa
oge manuk bapa leungit
161. Bu RT :
keun we ah sina leungit sina dibawa ku garong, ameh teu
ngalieurkeun wae
162. Pa RT :
eh ulah atuh mah, ieu manuk teh jiwa raga bapa
163. Uloh :
p a rt, resep manuk? Saya aya di markas manuk anu sora
na sae bulu na endah tur mulus teh, bilih bade ngagaleuh 1juta weh teu
sawios
164. Bu RT :
heeeh siah, urang geus lieur ku hiji manuk terus maneh rek
nambahan deui siah, dieu siah can nyobaan ngarasaan peureup urang? heh
Rozak siah kalakah mawa masalah maneh mah kadieu teh
165. Rozak :
muhun bu rt, punten the, teu maksad, abdi kadieu teh ngan
bade laporan hungkul, Uloh! Aii sia! Urang teh didieu teh rek laporan lain
rek bisnis!
166. Uloh :
muhun siap bos
167. Pa RT :
jang, manuk naon eta teh euy? Meni mahal2 teuing
168. Uloh :
manuk piit pa, pami bade kirang teu sawios..
169. Bu RT :
heh siah, indit teu ayeuna mun henteu kuurang
bantingkeun ieu tempat popoean ka maneh, awas siah kardun mun maneh
meuli manuk deui maneh sare di luar siah jeung manuk
170. Rozak :
muhun bu rt muhun hapuntennya bu, ai sia uloh! Geus ah
hayu ah indit, punten nya bu rt abdi angkat heula

171. Uloh :
pa rt mah
172. Bu RT :
173. Nayaga:

siap bos! 500rebu weh pa rt teu sawios atuh special kanggo


heh!

BABAK 3
174. Neng aya
:
nayaga, aya teh nuju bingung
175. Nayaga
:
aiiih aiih bingung naon atuuh neng, bingung mencari
pendamping hidup? Sareng nayaga weh atuh neng, nayaga siap antar jaga
176. Neng aya
:
iih sanes nayaga, aya teh nuju bingung kedah
kamana milarian parab manuk?
177. Nayaga
:
waah kanggo naon neng milarian parab manuk? Dari
pada milarian parab manuk, mending maraban hate nayaga nu haus akan
kasih sayang
178. Neng aya
:
kieu nayaga, apa teh nuju tepang taun, aya teh
hoyong mang meserkeun parab manuk kanggo hadiah, pan bapa teh resep
pisan ka manuk, sugan weh papah janten langkung bagja manukna sehat
da diparaban wae
179. Nayaga
: euleuh2 si neng, tos geulis, pinter, bageur, berbakti deui
ka tuang rama, wah idaman pisan lah pokona mah, neng upami neng kersa
ka nayaga, ku nayaga mah dipasihan 2 ton parab manuk ge
180. Neng aya
:
alim ah, nayaga mah cunihin
(Atep asup)
181. Atep :
nuuk nuuk manuuk nuuuuk manuuuk, neng manuk na
neng?
182. Neng aya
:
akang teh icalan manuk?
183. Atep :
muhun neng, tepangkeun abdi teh atep the manux si
penjual manuk, teu ngan saukur manuk na neng! Abdi ge icalan parab,
suplemen, vitamin, aksesoris, modif, variasi, sareng sajabana
184. Neng aya
:
ih Kaleresan! Akang-akang, meser parab manuk
185. Atep :
mangga neng, bade nu mana parabna?
186. Neng aya
:
aya nu kumaha wae kitu kang?
187. Atep :
aya nu syalala syululu(kreasikan sendiri yah)
188. Neng aya
:
bade nu pang sae na weh kang, special kanggo
papah
189. Atep :
oh nu ieu atuh neng nu pang sae na mah
190. Neng aya
:
yeeee aya bungah, hatur nuhun pisan nya kang,
lamun teu aya kang, meureun aya teh masih keneh galau mikiran parab
manuk, pokona mah hatur nuhun pisan nya kang, akang pahlawan aya
dinten ieu
191. Atep : ah teu sababarah ieu mah atuh neng, justru akang nu
ngahaturkeun nuhun pisan ka neng kumargi tos meser ka akang, salian ti
eta, akang teh bungah pependak wanoja sapertos neng, anu.(Gombal)
(padahal neng aya n amah tos ngaleos balik ka imah)
192. Nayaga
:
muhun kang akang teh pahlawan neng (sabari
nangkeup si atep ti tukang)
193. Atep :
aduh neng, meni nepi ka kieu na, akang jadi isin,
194. Nayaga
:
muhun akang pahlawan
195. Atep :
(sadar)eh siah! Gening maneh nayaga! Geuleuh ah ditu2,
sugan teh si neng aya! Aing mah euy!
(Atep tetap di ujung nyonyoo manuk jualan na)
(Bu RT asup, sabari moe baju)
196. Bu RT :
hiks.hikshuaaa (ceurik)
197. Bu RT :
hikshikshuaaa (ceurik)
198. Nayaga
:
eeeeh kunaon bu rt? meni saeutik2 ceurik, saeutik2
ceurik, moal kaasupan jurig bu RT teh?
199. Bu RT :
Lain ai maneh! urang teh keur sedih ieu teh huhuhuhu
200. Nayaga
:
sedih kunaon bu rt? Meni jiga di telenovela wae

201. Bu RT :
ah maneh mah da teu ngarti rarasaan urang, teu ngarti
kumaha peurih nadicandung
202. Nayaga
:
hah dicandung kusaha bu rt? ku pa rt? Ato ku
simpenan bu rt?
203. Bu RT :
hah!? Sugan maneh urang nyandung oge? Urang mah satia
atuh! Nya si bapa nu nyandung mah!
204. Nayaga
:
hah!? Ieu teh nyaan bu rt? Sanes hoax? Da lamun
ningali pa RT nu jiga toren cai mah, asa teu logis pa rt bisa nyandung, saha
nu daekeun? Sareng saha bu?
205. Bu RT :
sareng.sarengsareng.sareng manuk huhuhuhu
206. Nayaga
:
BU RT, nayaga salaku perwakilan ti perserikatan
pelindung hak wanoja ngiring bersedih ku nasib bu rt, tos bu rt, ceraikeun
weh! Masih banyak ikan di luar sana, yang lebih baik dari saukur torrent cai,
cerai! Cerai!
207. Bu RT :
geus cicing, atuda, rek kukumaha oge, nyaah ka sibapa teh,
kumaha atuuh, huuuhuhuhuh
208. Nayaga
:
ato piceun weh manuk na bu rt!
209. Bu RT :
hayang sih, tapi urang sieun salaki urang gelo
berkepanjangan lamun manuk na nyaan leungit,aduh kkumaha nya nayaga,
tapi mun kieu terus teu kuat hayati, Cik atuh sahenteuna salila urang
ngandung weh tong aya manukna, ieu sieun budak dina beuteung
kunanaon pedah indungna rieut!
(Atep ngadeukeutan)
210. Atep :
bu, palay ngagaleuh manuk?
211. Bu RT :
heh siah! Teu apal urang keur lieur ku manuk! Rek
nambahan masalah urang maneh teh!? (sabari nyekek)
212. Atep :
sanes bu rt, sanes bade nambihan masalah abdi mah, abdi
teh kadieu bade icalan manuk!
213. Bu RT :
heueuh eta nu nambahan masalah urang teh (dicekek deui)
214. Atep :
nyaatos atuh bu rt, pami bu rt tos gaduh mah, manawi
bade meser parabna supados manuk ibu langkung sehat, sareng sorana
langkung Tarik
215. Bu RT :
ai maneh! Urang mah ngadagu sorana hungkul ge ieu ceuli
teh geus asa rek ngabeledag, komo deui mun manuk na beuki gandeng!
(dicekek deui)
216. Atep :
oh nyaatos atuh bu, panginten manuk ibu teh butuh dilatih
soantenna supados sae sapertos taylor swift, tiasa bu dititipkeun we ka
abdi, engke ku abdi dipanglatihkeun
217. Bu RT :
ai maneh!....eh keheulanaon tadi ceuk maneh?
Dititipkeun?
218. Atep :
muhun bu RT, abdi teh biasa nampi privat ngalatih manuk
supados manuk na jawara lomba manuk, ke manuk na di karantina kitu jiga
di Indonesian idol
219. Bu RT :
jadi ke manuk na dibawa ku maneh sababaraha lila?
Dikarantina?
220. Atep :
muhun bu rt! Dikarantina bu sabulan!
221. Nayaga
:
tah bu rt , kasempatan emas bu rt, tos weh upami
bu rt alim miceun manuk mah, manuk na tititipkeun weh, dikarantina,
supados manuk aman, ibu senang, ke mun bu rt tos borojol cokot deui
manuk na
222. Nayaga
:
eh keheula, naha maneh pinter euy?
223. Nayaga
:
teuing atuh, da urang mah ngan hawatos ka si ibu
224. Bu RT :
heueuh oge nya, sabaraha jang eta ngarantina manuk?
225. Atep :
ah gope weh gope, tos sareng parabna eta bu
226. Bu RT :
sok atuh lah, ieu manuk bawa
227. Atep :
siap bu, eh punten, dupi ieu teh manuk gaduh ibu?
228. Bu RT :
nya enya atuh, manya boga batur mah!
229. Atep :
ke sakedap abi parios heula atuh nya, bilih manuk na teu
gaduh talenta, janten percuma rek dikarantina ge

230. Nayaga
:
aduuh karunya si bapa nya manuk na dicandak
231. Bu RT :
heh siah nayaga, maneh tong bebeja nya ka salaki urang
manuk na urang titipkeun, beja weh kabur
232. Nayaga
:
wes teu tiasa kitu bu rt, nayaga mah menegakan
kejujuran, berani jujur hebat!
233. Bu RT :
hayang sabaraha siah maneh? Hah? Yeuh sarebu!
234. Nayaga
:
Weiss nayaga mah tidak menerima suap bu!
235. Bu RT :
yeuh 5rebu
236. Nayaga
:
aduh nayaga mah sanes nanaon bu, ngan sieun
dosa
237. Bu RT :
10 rebu yeuh
238. Nayaga
:
siap bu rahasia terjamin
239. Atep :
bu oke bu! Manuk na bertalenta! Abdi candak atuh nya bu,
sasih payun saya uihkeun, insya Alloh manuk na tos tiasa seriosa
240. Bu RT : heueuh jug jug sok bawa
241. Atep : assalamualaikum
242. Bu RT : waalaikumsalam
(Bu RT asup ka imah, atep berpapasan dengan jang uloh yang sedang
patrol)
243. Uloh : eh eta nahanya manukna si pa rt dibawa si tukan manuk eta?
Nayaga apal teu? Eta manuk naha dibawa?
244. Nayaga
: ooh eta teh
245. Nayaga
: ssst jempe ai maneh, pan ceuk bu rt oge, ulah bebeja
sasaha, duka atuh jang uloh
246. Uloh :
waaah mencurigakan yeuh, pas pisan uloh keur patroli,
kanyahoan gerak gerik mencurigakan
Keur kitu pa rt kaluar imah:
247. Pa RT :
manuk? Manuk? Mana euy manuk urang euy? Manuk urang
leungit! Huhuhuhuhu ayaaa mamaaah ningali manuk bapa teuu (bari asup
kajero)
248. Uloh :
tuh pan ceuk uloh oge, eta manuk teh digarong si tukan
manuk tadi, wah uloh kudu laporan ka bos rozak ieu mah, boooos boooos!
(lumpat ka si rozak)
249. Nayaga
:
alah siah, kumaha euy, dilaporkeun ka si rozak, eta
tukan manuk bisa dikadek
250. Nayaga
:
ah keun lah, apanan urang teh kudu nyepeng
amanah ti bu rt
251. Nayaga
:
heueuh nya, nyanggeus lah
Babak 4
252. Aya: (neangan manuk)
253. Nayaga: neng milarian abdi?
254. Nayaga: ato milarian abdi?
255. Nayaga: neng manawi neng the nuju milarian rerencangan kanggo ka
plaminan?
256. Aya: iiih..
257. Rozak asup
258. Rozak: eh aya si neng aya euy! Keur naon nya? Jigana mah keur butuh
bodygard, cik ah dewek deukeutan
259. Rozak: neng.nuju naon neng.sapertos nuju milarian sesuatu..manawi
neng the milarian rerencangan ka plaminan?
260. Nayaga: AAAAAAAAAAAHHHHH kang cik atuh cing kreatif ngaggombal
the, meni ngerakeun pisan tuturut nayaga
261. Rozak: heh siah! Wani siah maneh ka dewek? Yeuh dewek boga gombalan
nu anyar..
262.
***
263.
Sesi gombal versus nayaga

264.
265. Rozak: janten neng the kunaon atuh?
266. Aya: aya the nuju milarian manuk apa kang, aya the sedih ningali apa ti
kamari uring2an wae,
matakna aya the kadieu milarian manuk apa,
manawi akang ningali manuk warna hejo kayas, beureum euceuy sareng
koneng caang hiber kadieu?
267. Rozak: wah henteu neng, dupi eta manuk the ical na kunaon neng?
Digarong ato kumaha?
268. Aya: duka..
269. Rozak: wah neng tenang weh, aa ojak pilarian neng, tingalikeun weh neng
mun eta manuk the digarong, ku aa ojak garong na dilibas neng!
270. Aya:..
271. Aya: nyaatos atuh kang, aya bade ka kebon jukut, bade neraskeun
milarian
272. Rozak: bade dianter teu neng?
273. Aya: ah teu kedah kang
274. Rozak: yakin neng..yakin moal dianteur ku aa, bilih aya begal neng,
meh aman
275. Aya: muhun kang teu kedah, aya tiasa nyalira, tipayun nya kang
assalamualaikum
276. Rozak: waalaikumsalam
277. Rozak:tuh tingali nayaga, bener pan ceuk dewek ge, ieu kampung the
geus teu aman, ieu kampung the butuh pahlawan pambela kaadilan sige
dewek!
278. Nayaga: kang lamun loba kriminalitas mah butuh pulisi, sanes preman
kang!
279. Rozak: ai sia! Dewek the jawara siah jurig! Lain preman! Hayang ku
dewek kadek siah!
280. Nayaga: tuh pan, kudak kadek pan, tos kang tarima weh kanyataan,
akang the preman
281. Rozak: siah!
282. Nayaga: eh eh eh geus cicing maneh (ka nayaga deui) muhun kang leres
akang the pelawan tua
283. Nayaga: eta mah perawan ai sia
284. Nayaga: geus cicing, da teu nyadareun
285. Rozak: huahaha dewek tea atuh
286. Uloh :
bossssss bosssssss
287. Rozak :
uloooooh ai siaaaa, nanaoonan maneh teeh! Gararandeng!
288. Uloh :
aduuh aduuh hapunten boss hapunten teeeh, siap bos
289. Rozak :
aya naon?
290. Uloh :
siap bos!
291. Rozak :
heueuh aya naon sateh! Siap bos! Siap bos wae! Tong sok
jiga awewe lah sok hayang ditebak wae eusi hate na, ngomong langsung
aya naon sateh!
292. Uloh: uloh aya laporan bos!
293. Rozak: heueuh laporan naon?
294. Uloh: aya BREAKING NEWS! Berita peupeus!
295. Rozak: breaking news naon euy?
296. Uloh: breaking news GARONG! Bos
297. Rozak: garong? Mana garong dieu ku dewek bedog! Wawanianan pisan
nincak wilayah dewek! Mana?
298. Uloh: itu bos
299. Rozak: mana!? Cing atuh sateh ngomongna cing jelas! Rengsekeun
kalimat na! tong sakata2 kieu! Urang jadi cape reuwas na! saeutik2 jet2
300. Uloh: jadi kieu bos, uloh teh pan keur patroli, pas di jalan, uloh ningali si
tukang manuk tea mamawa manuk pa erte, pas uloh rek ka imah pa rt,
uloh ningali pa rt ceurik manuk na leungit!
301. Rozak: hah siah! Ceuk dewek ge naon! Eta tukang manuk teh garong
terselubung! Dieu siah ku dewek sikat! Modar siah tukang manuk!

302. Pa rt asup
303. Pa rt: cuiit cuiit cuiit (heheotan neangan manuk) betii maria susanan?
Kamarana geulis? (ngaran manuk pa rt)
304. Pa rt: tah kabeneran, jak gawat jak,beti maria jeung susan ngaleungit
305. Rozak: alah budak saha eta pa
306. Pa rt: budak na ati jeung tanti
307. Rozak: waalaah saha deui eta the?
308. Pa rt: manuk urang jak! Manuk urang!
309. Rozak: euuuh, sugan the saha
310. Nayaga: muhun ah, si pa rt mah ngareureuwas wae
311. Nayaga: pa rt! Sapertos na mah abi ningali pak manuk bapa, tadi
dicandak ku si udin
312. Pa rt: alah saha eta siah!? wawanianan maok manuk urang
313. Nayaga: budakna mang aep pak
314. Pa rt: halah saha deui eta the?
315. Nayaga: ucing abi pak(dadangdangdang)
316. Rozak:ah wadul siah nayaga, nahahah pas pisan euy aya pa rt, loh
bejakeun ka pa rt saha garong manuk na!
317. Uloh: siaaap bosss
318. Ngadeukeutan pa rt
319. Ceuk uloh mah nya pa rt! Ceuk uloh mah! Gentos weh manuk na! uloh
aya manuk di markas, sok 500rebu weh pa rt
320. Pa rt: huhuhuhuh embung gantii, eta manuk kesayangan urang!
321. Rozak: ai sia uloh, naha jadi bisnis? Duit weh siah jeung duit nu dipikiran
teh!
322. Uloh: hehehe nya atuh bos kanggo sesuap kejo mah
323. Rozak: jadi kieu pa rt, tadi dewek aya laporan ti anak buah dewek si uloh
ieu, basa si eta keur patroli ngaliwat payun bumi pa rt, si uloh ningali lamun
manuk pa rt teh dibawa ku si atep tukang manuk tea! Garong manuk pa rt
ternyata si eta teh!
324. Pak rt: ah cing bener jak? Bener si eta ngagarong manuk bapa?
325. Rozak: moal salah pa rt! Ti awal oge dewek geus curiga jeung kalakuan
eta tukang manuk!
326. Pak rt: euleuh..teu nyangka gening si atep eta teh nyaan garong manuk
327. Rozak:geus pa rt, hayu ayeuna mah urang tewak eta garong! Urang sikat,
urang arak ngurilingan kampong meh arapaleun wargi kampong mun eta
jelema teh garong, meh kapok, meh teu meraja lela deui
328. Uloh: duruk weh duruk!
329. Pak rt: enya atuh, hayu urang geuwat tewak eta garong manuk! Awas siah
atep balikeun manuk urang! Berangkat kemon!
330. Nayaga: haduh siah, kumaha eta euy si kang atep rek diduruk
331. Nayaga: maneh sih daek2na narima suap haram siah
332. Nayaga: ah sia oge kamari lah ..
333. (saling buka aib)
334. Nayaga: ah geus geus lah lieur silih nyalahkeun, pokona mah nayaga mah
lamun ditaros kompakan nya duka atuh da nayaga mah teu terang

Babak 5

335. Aya: hiks


336. Aya: amah..
337. Bu rt: naon geulis.
338. Aya: amahnuju seueur pepesereunnya?.
339. Bu rt: ah nya biasa weh neng, aya naon kitu..
340. Aya: amah.nuju teu gaduh artosnya?
341. Bu rt: ah aya wae neng artos mah, kunaon geulis? Hoyong acuk enggal?
Hoyong nu kumaha sok ku amah dipangmeserkeun
342. Aya: hoyong meser manuk enggal kanggo bapa
343. Bu rt: eh!...alim neng ah meser manuk deui mah, lieur mamah mah ku
manuk the

344. Aya: ih atuh mah, karunya si apa..ti kamari teh asa sedih waeteu tega
aya mah ningal na
345. Bu rt: atuuh neeng, keun weh ah meh si bapa the
346. sadar ku leunngitna manuk the, meh langkung ngurus neng, meh
langkung nyaah ka neng
347. Aya: tapi mah atuh ih..da karunya.
348. Bu rt: ah ke oge moal kitu deui da, tos ah neng, amah nuju lalieur yeuh,
amah bobo heula nya (asup ka imah)
349. Aya: ah amah mah.
350. Aya: hiks
351. Atep: eh nayaga! Aya si neng aya euy! Naha asa jiga nu keur sedih nya
euy, urang sampeuran ahneng
352. Aya: hikshikshuaaaaaa
353. Nayaga: tuh kang! Gara2 akang si neng aya jadi ceurik! Geus kang! Tong
deukeut2 neng aya lah! Lamun wani2 keneh liwatan heula bugang
urang!....cekelan urang atuh euy cekelan
354. Atep: eh nayaga, tong cemburu kitu atuh, da saya mah ngan hoyong
terang si neng aya the kunaon, hawatos, bisi kunanaon..neng aya
neng aya the kunaon?
355. Aya: eh kang atep.aduh aya jadi isin.
356. Atep: eh teu sawios neng, tong isin sareng abdi mah, neng aya the
kunaon?
357. Aya: aya the sedih kang ningali bapa ceurik wae pedah manuk na ical
358. Atep: euleuh.ical na iraha neng? Dimana? Kamana hiber na?Keun aa
atep si detektif manuk pilarian!
359. Aya: kamari kang, di bumi, duka saha nu nyandak na
360. Atep: wah sesah atuh neng mun kitu mah
361. Aya: eh akang eta manuk nu hejo kayaskenging ti mana?
362. Atep: oh eta mah teu diical neng, eta mah manuk nu dipihapekeun bu rt
kanggo saya latih
363. Aya: ih eta manuk bapa kang atep! Naha tiasa di akang?
364. Atep: kieu neng, kamari the basa akang nuju ka bumi neng, bu rt the
nitipkeun manuk na ka akang, sapertosna eta the manuk pa rt nya nu
dititipkeun the, manawi bu rt the hilap nyarios ka pa rt manukna bade
dikarantina ku abdi
365. Aya: wooohmanawi leres amah the hilap, da amah the nuju lieur seueur
pikiran, dimana kang ayeuna manukna?
366. Atep: aya neng ieu hiji di kandang, 2 deui aya di markas akang,
367. Aya: oh kitu kang, upami dicandak ayeuna tiasa teu kang? Kumargi aya
mah tos teu kiat ningali apa hawatos kana manukna
368. Atep: oh nya wios atuh neng, tapi da teu acan beres dilatih manukna
369. Aya:wios kang, aya mah hawatos apa kunanaon upami lami teuing
manukna teu kapendak
370. Atep: nyaatos atuh neng, hayu urang candak heula
(Atep aya pergi mengambil manuk)
371. Lalu geng pos ronda datang (rozak uloh pa rt)
372. Uloh: boss boss itu tingali bos aya kandang manuk si atep, pasti eta si
garong manuk teu jauh ti dieu
373. Rozak: heueuh euy, ku dewek kadek siah eta garong manuk, pa rt cik
tingali eta di kandang aya manuk pa rt teu?
374. Pa rt: wah aya jak, bener euy, ternyata manuk urang the digarong ku
tukang manuk ieu
375. Rozak: nahahah siah, geus ayeuna mah clear jelas kabeh, geus aya
buktina yeuh manuk pa rt nu digarong, tingalikeun siah atep, maneh geus
wani2 nyieun masalah di wilayah dewek, ku dewek sikat siah ku dewek
bedog eta jelema
376. Nah ieu ge kandang manuk haram nu dipake ngagarong ku dewek
ancurkeun siah, kudewek bubuk keun, ku dewek jadikeun pangorek ceeuhil
siah! (diancurkeun)

377. (atep dan aya kembali)


378. Rozak: hah siah beunang siah maneh atep! Teungteuingeun siah maneh
teungteuingeun! Geus maok manuk pa rt masih keneh wani2 ngadeukeutan
si neng aya anak na pa rt!
379. Uloh: sikat bos sikat!
380. Pa rt: atep siah kacida maneh! Wani-wani na jadi garong manuk di
kampung ieu! Jak tewak si atep!
381. Atep: eh pa rt abdi mah teu ngagarong manuk pa rt, kieu abdi jelaskeun
heula
382. Rozak: ah gandeng siah! Tong loba bacot! Rasakeun siah yeuh jurus
urang!
383. (gelut)
384. Aya: atos atuh atos tong garelut! Manawi ieu the salah paham! Da kang
atep mah bageur! Ieu oge bade masihan manuk kanggo bapa! Teu
percanten aya mah kang atep the garong
385. Rozak: tong percaya neng ka si atep! Eta garong the culas! Eta so bageur
ka neng the keur mengelabui neng meh bisa ngagarong deui! Kade neng!
Bisi dibegal! Dieu siah atep ku urang kadek maneh!
386. Aya: atos atuh atooshuaaaa.
387. Bu rt asup
388. Bu rt:heh siah! aya naon ieu the! Aing keur ngeunah2 sare
389. Rozak: ieu bu, si atep ieu the garong bu, budak ieu nu ngagarong manuk
na pa rt the!
390. Pa rt: enya mah, ieu si rozak the bener, arurang the rek newak! Garong nu
maok manuk bapa! Tong dihalangan mah!
391. Bu rt: hah!? Garong!? Asal maneh apal nya kardun! Manuk maneh the lain
digarong! Tapi ku urang titipkeun heula ka si atep! Bonganan ngalieurkeun
ieu manuk teh
392. Rozak: geus bu RT tong ngahalangan saya lah, apal naon ibu kana
masalah ieu! Ieu mah masalah lalaki! Geus lah tong ngahalangan dewek
bu!
393. PLAK
394. Rozak: naon maksud ieu the euy! Dewek keur gawe maneh wawanianan
ngahalang dewek!
395. Bu rt: cicing heula siah maneh! Yeuh eta manuk bisa aya di si atep the
urang ttipkeun! Bonganan maneh the jadi salaki the meni teu peka!
Pamajikan keur lieur hamil 9 bulan, masih keneh weh nyonyoo manuk! Teu
apal kitu kumaha beuratna jadi indung, urang mah ngan hayang maneh
jadi conto nu bener keur urang jeung si neng, da maneh the pamingpin
kaluarga
Maneh deuih sia rozak, cik atuh jadi ketua karang taruna the cing baleg!
Laina ngajaga katentraman, kadamaian, kalakah nyieun ribut siah! Cik
atuh, rek nanaon the dipikir heula, ulah asal kadek..

You might also like