You are on page 1of 2

KEUYEUP DINA TONGGONGNA AYA TAPAK NINCAK MUNDING Ku kapinteranana, Sakadang Peucang jadi raja, di leuweung ganggong simagonggong

jeung di tegal nu lega, sampalan banteng, munding, kuda, uncal jeung mencek. Dina hiji poe, peucang leutik anak raja ulin di sisi tegal, mulungan buah malaka asak kabeukina. Keur ngeunah-ngeunah ngahakanan buah malaka di anu iuh handapeun tangkal nu meuhpeuy buahna, ana breng the birat sato-sato ti tegal lalumpatan. Banteng sapi jeung pedetna, kuda jeung belona, munding jeung enengna, uncal jeung kopongna paburu-buru ka leuweung tingcaringeus, sabab aya pikasieuneun, nya eta papatong hihiberan luhureun tegal. Satp-sato lumpatna awahing sieun, balangah teu nenjo tincakeun. Leye bae munding pelen gede nincak anak Raja Peucang, nu keur tumaninah depa ngahakanan buah malaka asak tea. Anak peucang ngadengek nyerieun, matak reuwas sakur anu aya, sarta tuluy bapana dibejaan. Raja peucang, bapana, karunyaeun ka anak, tuluy marentah supaya munding ditewak dibawa ka pangadilan. Raja Peucang teu suka, ka Hakim menta supaya Si Munding dihukum, bongan balangah. Hakimna Singa, panghuluna Banteng, jaksana kuda, rengrenganana mah rupa-rupa sato sejen. Saayana sato kabeh aya dina siding pangadilan. Ceuk Singa,Naon sababna maneh munding, lumpat teh nyilakakeun anak raja ? Ceuk Munding, Kula lumpat teh, lantaran sieun ku papatong. Sabab hihiberan bae diluhureun tegal, tempat kula nyatuan, kawas-kawas arek nyambar kula. Kula sieun dibawa ka luhur. Ceuk Singa, Ku naon maneh papatong make arek nyamber munding ?. Ceuk papatong, Kula mah ngalayang soteh lain arek nyamber munding, tapi ngigel ngeunah ditabeuhan ku belentuk. Kang-king-kung dina balungbang ! Ceuk Singa, Naha maneh belentuk, make nabeuhan papatong ?. Ceuk Belentuk, Na, da kaula mah lain nabeuhan papatong, tapi nabeuhan keong jeung tetenggek, ka mana-mendi the mamawa bae imah. Ceuk Singa, naha maneh keong, tetenggek, mamawa bae imah ? Matak bae ditabeuhan belentuk !. ceuk Keong jeung tetenggek, Dibawa soteh imah, lain haying

ditabeuhan belentuk, tapi sieun kasundut cika-cika mamawa bae obor, seuneuna ucasacos matak hariwang batur. Kumaha mun imah kula kahuruan ? Ceuk Singa, Naha maneh cika-cika mamawa bae obor, matak ngahariwangkeun batur. Tuh geuning, keong jeung tetenggek mamawa bae imahna ka mana-mendi teh, da sieuneun karerab ku obor maneh !. Ceuk cika-cika, Da kula mah mawa obor soteh lain dek ngaduruk imah batur, tapi sieun tiporos kana liang keuyeup. Saparapat galengan, liang keuyeup bae. Mun kula tiporos teh saha nu baris nulungan ? Ceuk singa, Naha keuyeup maneh gagabah teuing. Nyieun liang the meakkeun tincakeun batur ? Heug bae cika-cika kapaksa mamawa obor ari indit-inditan teh, sabab sieun tiporos ! Ceuk keuyeup, Nyieun liang-liang soteh kula mah sieun ku hurang, sieun kacolok panon. Da kumisna cararang sukuna raranggoas. Ceuk singa, Naha Hurang maneh teh, ku matak rungkangeun batur ? Tuh, keuyeup oge rungkangen ku kumis maneh, mana nyumput ge nyieun liang ! Ceuk hurang, Kumis-kumis kula, dibawa-bawa ku kula. Sakadang Keuyeup bae eta mah salah sorangan make borangan. Ceuk Singa, Tah, atuh keuyeup anu salah teh, sarta kudu dihukum. Pek ayeuna tincak tonggongna ku munding, cara anak Raja Peucang tea ! Tuluy tonggong keuyeup the ditincak ku munding. Tug tepi ka ayeuna, dina tonggong keuyeup aya nu siga tapak urut ceker munding.

You might also like