You are on page 1of 2

Judul Novel : patepung di Bandung

Pangarang : Taufik Faturahman


Panerbit : CV.Geger sunten
Taun Medal : Desember 1995
Tema : Kaluwarga
Latar :
Tempat : Imah Bapa, imah Ema, kontrakan kang Odong, sakola, kebon, sawah, panggilingan pare,
pasar Ciroyom, LP, pabrik Aci
Waktu : Isuk-isuk, siang, sonten, wengi, tengah peuting, pasosore
Suasana: Pikasediheun, piambekeun, pibungaheun, pikarunyaeun
Alur : Maju
Tokong sareng watak :
- Kondi : Bageur, henteu isinan, kerja keras
-Bapak : Bageur, sok ngelehan, sabar
-Kang Odong : Hese dipapatahan, bangor, gede ambek, kadang bageur ,teu nurut
- Ema : Gede ambek, kadang bageur kadang galak, teu bisa sabar, kadang sok mere nasehat
1.
2.
3.
4.
5.
6.
7.
8.
9.
10.
11.
12.
13.
14.
15.
16.
17.
18.
19.
20.

Palaku/tokoh tambahan :
Ceu Iti
Anakna ceu Iti
Uwa Alkasan
Mang Mahmud
Mang Janta
Pa Mantri
Ma Emot
Bu RT
Pa RT
Ustad Yaya
Pa Lebe
Sapaat
Encur
Mandor Erom
Entam
Enci
Bi Narmi
Asep Dodoy
Bi Jenab
Jana

21.
22.
23.
24.

Sule
Ahid
Haji Sukria
Bi Manah

Amanat : Jadi jalma teh ulah sok pantang nyerah kudu semangat , jeung kudu bisa nurut sareng hormat ka
Kolot tong jadi budak anu bantagor
Sinopsis: Dicaritakeun aya saurang budak, ngarana Kondi. Baheula mah keur jaman Bapana keur

jaya mah, kahirupan kulawargana Kondi teh leuwih ti cukup. Tapi ayeuna sanggeus usaha motret
kapilembureun Bapana ka elehkeun ku si Tokeh anu muka toko potret, bangkrut bae usaha
motret Bapana teh. Bapana ganti jadi tukang dagang baso, ngan Bapana jeung babaturan
dagangna anu dagang di buruan sakola diusir ku kapala sakola eta sakola.Dina hiji poe mang
Janta ngajak Bapana ka Jakarta, ngadon jadi kuli nembok di salah sahiji pausahaan bangunan.
Lima poe ti Bapana mangkat ka Jakarta, ka imahna aya surat ti Bapana, anu eusina pondok pisan.
Teu disangka-sangka dua poe ti harita, kira-kira tabuh lima sore, aya ambulan anu mawa Bapana
kahareupeun imahna. Bapana dina blankar ceuk baturmah Bapana Kondi teh jatuh basa keur
nembok di tingkat dua, Bapana Kondi lumpuh. Ti sanggeus eta kapaksa wae ngajual barangbarang jang ngabanjel kaperluan sapopoe, da wawarungan Indungna oge jadi teu laku deui.
Nempo kaayaan jadi kitu, Indungna Kondi jadi ngambek jeung kadang ngaremehkeun Bapana.
Akhirna Indungna Kondi menta papisah, Sanggeus ditinggalkeun ku Indungna, karasa pisan
ripuhna ngerjakeun sagala pagawean di imah teh. Ari kang Odong, lanceukna Kondi, kalah beki
bangor, ayeuna mah kang Odong jadi gede ambek. ti ngurusan Bapana, meresan imah, jeung
sakola oge ayeunamah ku Kondi. Mun aya waktu, Kondi sok ngahajakeun ulin ka imah
Indungna, gawe sapopoe indungna teh ayeuna mah kana nganyam. Dina hiji waktu basa Kondi
main ka imah indungna, katimu jeng lalaki. Kondi nyarita ka Bapana, Bapana jadi katempo
kerung. Ti harita, Bapana jadi sok ngalamun, teu lila ti harita awak Bapana nyebret panas.Kang
Odong nu teu bisa diandelkeun ku kaluwarga akhirna kawin. Ti waktu Indungna kawin deui,
Beuki kadieu panyakit Bapana jadi katempo beuki parah.Dina hiji poe, kuring meunang beja yen
kang Odong dieureunkeun tina gawena lantaran ngaleungitkeun duit setoran. Dina hiji peuting,
kang Odong gegedor menta tulung ka Kondi lantaran ceu Iti rek ngalahirkeun. Gewat wae, kang
Odong jeung Kondi ka imah ma Emot, ngan hanjakal ma Emotna keurteu aya diimahna, jadina
mah ka bi Manah. Anakna kang Odong jeung ceu Iti teh lalaki.Dina hiji poe, Kondi meunang
beja anu pikareuwaseun pisan, nyaeta kang Odong dibawa ku pulisi terus dibawa ka Kacamatan
kusabab ngabongkar toko Haji Isak. Kondi teu nyaritakeun hal eta ka Bapana, tapi ahirnamah
Bapana oge apaleun. Dina hiji peuting basa Kondi rek ngaganti cai dina gelas, Bapana geus teu
usik malik, Bapana ninggalkeun Kondi. Dina hiji waktu Kondi ditawaran digawe ka Kota ku
mang Mahmud. Gawe ka Kota ku Kondi ditarima. Di Bandung Kondi jadi tukang jaga Jongko
beas mang Mahmud. Dina hiji poe, Kondi jeung mang Mahmud neangan kang Odong, ceuk
patugas LP mah kang Odong teh geus dibebaskeun geus lila. Ayeuna Kondi jeung lanceukna
papanggih deui. Kang Odong jadi robah ayeuna mah, jadi leuwih dewasa. Isukna Kondi jeung
kang Odong balik ka lembur. Isukna kang Odong balik ka Bandung. Sateu acan mangkat ka
Bandung kang Odong nitah Kondi maturan Indungna anu jadi janda deui di lembur, bari
neruskeun sakola deui ceunah,biaya mah ditanggung ku kang odong. Ahirna mah Kondi sakola
deui.

You might also like