You are on page 1of 1

NAMA : FASYA KHOERONISA

KELAS : 8.1

“TATAKRAMA DINA SOSIAL”

Assalamualaikum wr wb

Bapak ibu guru anu dipika hormat sareng rerencangan anu dipikacinta,
sateuacanna hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka allah swt, anu tos
masihan rohmat sinareng hidayahna ka urang sadaya, anu allhamdulillah
ayeuna urang tiasa kempel di iyeu tempat.

Sateuacanna hatur nuhun ka bapak ibu guru anu tos masihan waktos
ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna ‘’TATAKRAMA DINA
SOSIAL’’.

Sapertos anu kuurang sadaya terang upami tatakrama teh penting


pisan dina kahirupan sapoena. Aya macem-macem dina jenis tatakrama teh,
contona, tatakrama anu dipake ku palajar. Tatakrama anu dipake kupalajar
teh kudu aya etika nu sae, leuwih-leuwih ka jalmi nu dipihormat nyaeta
kolot, guru, jeung sjb. Upami kanu saluhureun mah kedah nage bahasa
hormat. Beda deui sareng ka rerencangan, upami sareng rerencangan mah
ngangge bahasa loma oge wios, langkung sae ngangge bahasa hormat
supados urang sadaya saling mihormat .

Hadirin sadayana, tatakrama teh mangrupakeun modal awal urang


tiasa di tarima dina makhluk social. Tatakrama oge seueur pisan manfaat na
salahsahijina bakal gampil dina pergaulan di masyarakat pon kitu deui sareng
rerencangan.

Hadirin sadayana, sakitu anu kapihatur anu tiasa ku simkuring


didugikeun kirang sareng langkung na nuhunkeun di hapunteun

Wassalamualaikum wr wb

You might also like