You are on page 1of 1

Seureuh Ubar Kampung Urang Sunda

Nepi ka kiwari daun seureuh mindeng dipake ubar kampung atawa tradisional, pangpangna
di pakampungan anu jauh keneh ka tempat praktek dokter. Lamun seureuh dipakeubar, biasana
sok dicampuranku bahan bahan sejenna, kayaning apu, uyah, gula beureum, jeruk nipis jeung nu
lain lainna deui. Ku lantaran resepna asalna ti pakampungan, biasana ubar tradisional model kieu
teh sok disebut ubar kampung. Urang Sunda geus ti baheula wawuh jeung serureh (piper betle).
Seureuh teh aya rupa rupa, nya tea seureuh Jawa, rupana hideung sarta leuwih lada; seureuh nu
rada beureum uratna, ngaranna tikuhur; jeung seureuh nu hejo uratna.
Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipake nyeupah jeung
dipake ubar. Sanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi seureuh masih aya keneh
dijarualan di tukang rampe. Seureuh bisa dimangpaatkeun atahna, oge bisa diolah heula jadi
minyak. Lamun aya nu raheut, bisa dibalurak ku minyak seureuh atawa bisa oge daun seureuhna
dirieus, dicampuran apu saeutik, tuluy ditaplokkeun ka nu raheutna. Pikeun ubar nyeri panon,
seuruhna sabada dikumbah beresih, tuluy digelang ditinyuh ku ciatah. Eta cai seureuh teh dipake
meresihan panon nu nyeri tea. Pikeun ubar batuk, daun seureuhna dirieus dicampuran apu, tuluy
dibalurkeun akana beuheung. Anu nyeri dada oge bisa diubaran ku seureuh nu meunang ngarieus
kira kira lima lambar, dicampuran ku minyak hades, apu, cai jeruk nipis, kina tipung, jeung
bawang beureum sapotong.
Seureuh matak kuat kana huntu. Ku kituna, nu sok rajin nyeupah mah langka anu nyeri
huntu. Jadi, pangaruhna gede pisan. Dina iklan odol (pasta gigi) aya anu make daun Seureuh
minangka salahiji bahanna. Kitu deuhi seureuh sok dipake paranti kekemu (obat kumur). Lian ti
eta, nu bau baham oge bisa dikurangan ku seureuh, ku cara meuweung salambar atawa dua lambar
seureuh. Mun bisa mah seureuh nu dibeuweung tadi teh terus diteureuy. Mangpaat daun seureuh
bisa oge keur ngubaran sariawan. Panyakit sariawan dina istilah urang Sunda, biasana sok
ditandaan ku kaluarna getih tina liang pangambung. Dina basa Indonesia mah disebut mimisan.
cara ngubarana, daun seureuh dipintel pintel, jiga aki urang nu sok leukeun keneh ngaroko make
daun kawung. Daun seureuhna ge dipintel pintel jiga kitu. Tuluy daun seureuh nu meunang mintel
mintel tea teh dicocokkeun kana pangambung. Insya Alloh, moal lami deui oge getihna bakal saat.
Kiwari geus langka wanoja Sunda nu nyeupah. Kitu ge geus karolot pisan. Ku kituna, seureuh
geus teu pati dipikawanoh mangpaatna ku nu ngarora. Padahal dina seureuh teh loba zat nu aya
mangpaatna pikeun awak urang.

You might also like